pragmatik 2
-
Upload
anonymous-a2c6ygevf -
Category
Documents
-
view
49 -
download
0
description
Transcript of pragmatik 2
G. Skala Pragmatik
Aya tilu skala anu patali jeung tarap kawijaksanaan nu saluyu jeung situasi ujaran tangtu
nya éta (1) skala untung rugi (2) skala kefakultatifan (3) skala ketaklangsungan nu bisa
diformulasikeun tina sawangan pangregep dumasar panjangna jarak kacindekan nu dipaké
minangka sarana nurunkeun kakuatan tina watesanana.
Sedengkeun skala ketaklangsungan kabagi dua, nya éta pikeun pawicara jeung pikeun
paregep. Kitu deui skala untung rugi. Ilaharna, kadua skala ieu béda, tapi madeg mandiri.Conto
pawicara bisa baé ngusulkeun hiji perbuatan nu di jero ajén pawicara ngarugikeun diri sorangan
jeung nguntungkeun pikeun pangregep. Conto minangka hiji tawaran: “Maukah Anda memakai
sepatu saya? Aya hiji kaitan antara kadua skala ieu, kusabab impositif jeung komisif nawarkeun
hiji tindakan nu ngalibatkeun hiji transaksi antara pawicara jeung paregep. Naon anu
nguntungkeun pikeun pawicara nya éta ngarugikeun pikeun paregep jeung naon anu ngarugikeun
pikeun paregep sarta naon anu ngarugikeun pikeun pawicara éta nguntungkeun pikeun paregep.
Dina impositif misalna, “keberatankah Anda membersihkan rumah itu?” , aya tersirat hiji
transfer “kebaikan”/ pelayanan “ ti paregep ka pawicara. Sedengkeun dina komisif
contona,Apakah Anda menginginkan saya membersihkan rumah itu? Ieu nunjukkeun arah nu
patukang tonggong. Conto ilokusi ekspresif nya éta minta maaf (apologi) nu ngébréhkeun
handeueul ka sawatara palanggaran pawicara ka paregep. Apologi minangka hiji sarana
ngabenerkeun palanggaran kasebut.
Ajén hubungan manusa anu sarua diperelukeun sacara umum, tanpa hal éta urang moal
bisa ngajéntrékeun wangenan verba tindak ujar saperti meminta maaf. Aya sababaraha ma’na –
ma’na tindak ujar contona, mengemis, ngajukeun panuhun, manuhun/ ménta anu sakabéhna
henteu ngandung implikasi tambahan yén dina sababaraha hal pawicara ngaku hutang nu
dibalukarkeun ku panampilan paregep dina tindakan kasebut.
(a) Yudi membujuk saya meminjamkan uang kepadanya
(b) Yudi meminta saya meminjamkan uang kepadanya
(c) Yudi menuntut agar saya meminjamkan uang kepadanya
Menuntut (c), yén pawicara henteu ngaku hiji hutang baris kajadian tina tindakan paregep.
Membujuk (a), menuntut (c) ngagambarkeun pertentangan, sedengkeun meminta (b) sifatna
nétral antara kaduana. Membujuk téh hiji kawajiban, tapi menuntut minangka hiji hak. Ku
kituna, skala untung rugi nimbulkeun kasaimbangan implisit ngeunaan hubungan kakarabatan
pawicara jeung paregep. Tujuan tina sawatara tindak ujar, bisa disawang minangka pamulihan
jeung ngamumulé kasaimbangan.
Brown & Gilman (1960) nangtukeun pikiran antara kecap ganti alamat nu akrab jeung nu
hormat dina sajumlah basa-basa Eropa, misalna pamilihan atawa u”tuan” jeung jij atawa jou
“kamu” dina basa Walanda, pamilihan antara vous jeung tu dina bas Perancis.
Garis vertical ngukur kadar jarak nu aya patalina jeung kakuatan saurang partisipan kana nu
sejénna. Ieu mangrupa ukuran nu asimetris, nepi ka hiji jelema dina otoritasna bisa ngagunakeun
wangun alamat nu biasa ka salahsahiji make wangun nu hormat. Dina pihak lain, garis datar
ngukur factor solidaritas atawa disebut ku Leech, tina sawangan nu béda, jarak social.
Sakabéh kadar kasopanan pikeun situasi ujaran nu tangtu sabagéan gedé gumantung kana
factor-faktor nu relative permanén. Conto saurang dosen baris ngarasa lumrah nyaritana ka mahasiswana, (a) Siapkan dan antarkan makalah itu minggu depan. Nanging teu lumrah lamun nyarita (b) Buatkan secangkir the untuk saya. Katempo yén dosen make wewenangna sacara sah ka mahasiswana(a). Sedengkeun dina (b) dosen puguh baé geus kaluar tina perananna nu sah.
Jadi hak jeung kawajiban kacida penting dina nangtukeun kalungguhan para partisipan dina hubunganna jeung nu lian.
Urang résumekeun kumaha carana berbagai ragam parameter mangaruhan kawijaksanaan saperti dihandap ieu:
(1) Semakin besar kerugian A terhadap penyimak,(2) Semakin besar jarak social horizontal penyimak mengenai pembicara,(3) Semakin besar status kewnangan penyimak mengenai pembicara,(4) Semakin besarnya kebutuhan bagi kefakultatifan, dan sejalan dengan itu bagi
ketidaklangsungan , dalam ekspresi atau pernyataan terhadap suatu impositif, kalau pembicara mengamati atau mengobservasi Ungkapan Kebijaksanaan (atau Tack Maxim). (Leech, 1983:127).
H. Kawijaksanaan jeung sikap ngarendahkeun diri (minder)
Aya sawatara impositif dimana ketidaklangsungan teu méré sumbangan kana kawijaksanaan. Hiji patalékan negative saperti tidak dapatkah Anda diam? Ieu kurang wijaksana salami manéhna ngaleutikan jumlah pilihan nu terimplikasi.Aya conto ketidaklangsungan ngaping urang ka arah penafsiran ironis,contona Haruskan Anda membuat kegaduhan ini? Hiji pingpinan nyarita soméah ka girang serat na(a)Sudikah anda mengetik surat-surat ini?.Penggunan permisif bisa baé dina méré hiji panitah contona dina hiji buku carita barudak, kapala sakola ngahukum ngaliburkeun hiji budak ku nyarita: (b)kamu boleh pergi sekarang, Yudi. Ieu tindakan sopan ku méré kasempetan ngalakonan sesuatu nu memuaskeun,nanging saéstona diperelukeun hiji analisis nu béda kusabab aya na karaguan yén (a)diikuti ku pangetikan surat ogé diikuti ku kaberangkatan anak kasebut (b).Kalimah (a) jelas teu bisa disatujuan kusabab ngandelkeun status kawenangan pawicara.
Didieu kasopanansantunan nu kaleuleuwihi ti pawicara henteu ngamangpaatkeun prinsip ironi sakirana siasat pembayangan atawa strategi sindiran ngawarisi kakuatan:
(a) Pembicara rupanya bertindak sopan dalam menawarkan kepada pen yimak pilihan untuk melakukan A, dalam suatu tatakrama yang menyarankan agar A menyenangkan.
(b) A tidak menyenangkan(c) Akan tetapi, ucapan atau kata-kata pembicara hanyalah dapat relevan kalau pembicara
menginginkan penyimak melakukan A.(d) Selama pembicara mempunyai wewenang atau otoritas terhadap penyimak, maka
penyimak wajib melakukan A. (Leech,1983:128)
Umpama ditilik tina segi pawicara, siasat ieu saakan-akan wajar lamun urang mengandaikan ayana eksistensi kasaimbangan social antara pawicara jeung paregep. Ku cara nempokeun méré pilihan ka pangregep, maka pawicara katempona ngaronjatkeun kasaimbangan pangajén (credit balance) nu nyenengkeun pikeun pawicarana. Tapi, kauntungan éta jadi teu kaharti umpama paregep ngaku yén kawijaksanaan pawicara teu
jujur nu ngabalukarkeun pawicara bisa nyieun pangaruh kana sikep ngarendahkeun diri (minder).