o 0 o 0 ------2-=-(i)--4-=~5----6~~7----8-=~9----1-0~-1-1...

3
o Senin 0 Selasa o Rabu • Kamis o Jumat 0 Sabtu ------2-=-(i)--4-=~5----6~~7----8-=~9----1-0~-1-1--~1~2~--1-3--~~~~------- 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 OJan OPeb o Mar OApr .Mei OJun OJulOAgs OSep OOkt ONov ODes Budaya bisa keur ngungkulan pasualan hirup. Asal, dilarapkeun sagemblengna, Cindekna, kudu gumulung dina kahirupan. Kitu ceuk Prof. Dr. Dadang Suganda, M.Hum., Dekan Fakultas I1mu Budaya (FIB), Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung. P rof. Dadang Suganda, teu bisa nyumputkeun kabungahna, waktu nyaritakeun lobana pihak luar nu ngahaja datang ka Unpad hayaI1g wanoh kana budaya Sunda. "Tangtos we bingah, mung 'susuguh' kanggo tamu mah nembe saaya-aya," pokna mesem. Nu daratang ka FIB, lain wungkul ti Asia, tapi oge ti Amerika jeung Eropa. "FIB dianggapna teh puseur kajian budaya Sunda ku urang luar negeri mah," pokna basa ngobrol di Kampusna di Jatinangor, Sumedang, Jawa Barat, sawatara waktu ka tukang. Lobana nu datang ti luar nagri hayang leuwih wanoh kana budaya Sunda, keur pihak FIB mah jadi nam ba- Mangle 2372 *** han tanaga geusan leuwih mekarkeun Fakultas Ilmu Budaya. Enya, apan samernehna mah FIB teh Fakultas Sas- tra. "Ayeuna mah ambahanana ge langkung lega," ceuk Pa Dekan. Kituna teh, kamaphum, apan unsur kabudayaan nu 'universal' ge aya kana tujuh rupana, saperti basa, sistim pakakas jeung kalengkepan hirup, sis- tim mata pencaharian, sistim kamasarakatan, kasenian, sistim pan- gaweruh, jeung sistim religi atawa kapercayaan. Kitu ceuk Kuntjara- ningrat, ahli Antropologi mah. Atuh, Fakultas Sastra jadi FIB ge, ambahan paelmuanana bakal kacida legana. Cindekna mah, teu ngan ukur Kllplnl Humas Un pad 2012 nu tumalijeung basa katut sastra. RobahWanda Robah ngaran, robah eusi, robah kurikulum deuih. Nya tangtu we aya nu dikeukeuhan lian ti mekarkeun nu .anyar teh. Ari 'ranggeuman' widang garapan mah leuwih lega lantaran teu ngan ukur basa jeung sastra, da aya mata kuliah atawa Program Studi (Prodi) anyar, saperti Seni Pertunju- kan, ceuk Dekan FIB mah. Legana ambahan paelmuan, lulusan FIB ge leuwih laluasa milih tempat keur ngabaktikeun dirina. Lantaran, 'korn- petensi' lulusan ge rupa-rupa, saperti dina widang basa, sastra, budaya 5

Transcript of o 0 o 0 ------2-=-(i)--4-=~5----6~~7----8-=~9----1-0~-1-1...

Page 1: o 0 o 0 ------2-=-(i)--4-=~5----6~~7----8-=~9----1-0~-1-1 ...pustaka.unpad.ac.id/wp-content/uploads/2012/05/mangle-20120503... · kagiatan jeung kajian budaya, terus ngaronjat. Contona,

o Senin 0 Selasa o Rabu • Kamis o Jumat 0 Sabtu------2-=-(i)--4-=~5----6~~7----8-=~9----1-0~-1-1--~1~2~--1-3--~~~~-------17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31OJan OPeb oMar OApr .Mei OJun OJulOAgs OSep OOkt ONov ODes

Budaya bisa keur ngungkulan pasualan hirup. Asal, dilarapkeun sagemblengna, Cindekna,kudu gumulung dina kahirupan. Kitu ceuk Prof. Dr. Dadang Suganda, M.Hum., Dekan Fakultas I1mu

Budaya (FIB), Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung.

Prof. Dadang Suganda, teu bisanyumputkeun kabungahna,waktu nyaritakeun lobana pihak

luar nu ngahaja datang ka UnpadhayaI1g wanoh kana budaya Sunda."Tangtos we bingah, mung 'susuguh'kanggo tamu mah nembe saaya-aya,"pokna mesem. Nu daratang ka FIB, lainwungkul ti Asia, tapi oge tiAmerikajeung Eropa. "FIB dianggapna tehpuseur kajian budaya Sunda ku urangluar negeri mah," pokna basa ngobrol diKampusna di Jatinangor, Sumedang,Jawa Barat, sawatara waktu ka tukang.

Lobana nu datang ti luar nagrihayang leuwih wanoh kana budayaSunda, keur pihak FIB mah jadi nam ba-

Mangle 2372

***

han tanaga geusan leuwih mekarkeunFakultas Ilmu Budaya. Enya, apansamernehna mah FIB teh Fakultas Sas-tra. "Ayeuna mah ambahanana gelangkung lega," ceuk Pa Dekan.

Kituna teh, kamaphum, apan unsurkabudayaan nu 'universal' ge aya kanatujuh rupana, saperti basa, sistimpakakas jeung kalengkepan hirup, sis-tim mata pencaharian, sistimkamasarakatan, kasenian, sistim pan-gaweruh, jeung sistim religi atawakapercayaan. Kitu ceuk Kuntjara-ningrat, ahli Antropologi mah.

Atuh, Fakultas Sastra jadi FIB ge,ambahan paelmuanana bakal kacidalegana. Cindekna mah, teu ngan ukur

Kllplnl Humas Un pad 2012

nu tumalijeung basa katut sastra.

RobahWandaRobah ngaran, robah eusi, robah

kurikulum deuih. Nya tangtu we aya nudikeukeuhan lian ti mekarkeun nu.anyar teh. Ari 'ranggeuman' widanggarapan mah leuwih lega lantaran teungan ukur basa jeung sastra, da ayamata kuliah atawa Program Studi(Prodi) anyar, saperti Seni Pertunju-kan, ceuk Dekan FIB mah.

Legana ambahan paelmuan, lulusanFIB ge leuwih laluasa milih tempat keurngabaktikeun dirina. Lantaran, 'korn-petensi' lulusan ge rupa-rupa, sapertidina widang basa, sastra, budaya

5

Page 2: o 0 o 0 ------2-=-(i)--4-=~5----6~~7----8-=~9----1-0~-1-1 ...pustaka.unpad.ac.id/wp-content/uploads/2012/05/mangle-20120503... · kagiatan jeung kajian budaya, terus ngaronjat. Contona,

sarta masing-masing aya palakubudayana, ku ayana FIB, moal matakpacorok-kokod, lantaran masing-mas-ing gaduh pancen anu mandiri," ceukieu konsultan Kemetrian Pariwisata danEkonomi Kreatif teh,

Budaya mah 'universal', aya jeunghirup di saban tempat. Najan, kitutangtu we ngabogaan ciri mandiri.Unpad nu ayana di Jawa Barat, kalayanaya dina lingkungan budaya Sunda,ngabogaan karep nu eces nu tumalijeung lingkungan budayana. "Sanaoswarga Unpad heterogen, ari kajian bu-daya mah neueul kana budaya Sunda,"ceuk ieu teureuh Ciamis teh, .'

Karep ais pangampih FIB kawaskitu, meunang pangrojong ti sakumnapihak. Lantaran, mernang masing-ma-sing pihak ge sadar, budaya hijiwewengkon teh lian ti 'unik' boga ciri

Budaya misti eces larapna

mandiri age sipatna 'universal'. "Janten,kajian budaya di FIB Unpad mah,neueul kana budaya Sunda," ceuk ieuReviewer Penelitian di UPI teh,

Kari LarapnaNyaritakeun paelmuan, pamus-

tunganana mah, ngalap mangpaatna.Kitu deui nu tumali jeung budaya,karasa soteh mangpaatna, upamabener-bener dilarapkeun. "Tong boro-ning budaya, dalah agama ge upami teusareng larapna mah, moal eces mang-paatna," ceuk Prof. Dadang mesem.

Budaya anu lega ambahananajeungsumarambah din a rupa-rupa kahiru-pan, ceuk Dekan FIB, kudu katarajeungkarasa mangpaatna. Kitu deui kajian-kajian. ilmiah atawa paripolah kaumelmuwan nu ngulik budaya, kudu gedegunajeung mangpaatna. Conto basajan,

upama kasenian hayang diaku jadiwarisan dunya, misalna, apan kudupuguh leunjeuran caritana, puguh asal-usulna, puguh kaayaanana, oge puguhpalsafahna. "Tah, hasil kajian ilmiah dipaguron Iuhur teh tiasa dianggo 'refe-rensi' dina nangtoskeun putusan,"pokna.

Contona, waktu angklungdiusulkeun jadi warisan dunya ti Indo-nesia, nu kabaud kana uras-urus etaangklung teh, kaasup pihak paguronluhur. "Kajian ilmiah paguron luhurmere tatapakan kanggo kamekaranbudaya atanapi salah sahiji unsur buda-ya," ceuk ieu guru besar nu aktip dinakagiatan masarakat di sabudeureunpadumukanana teh,

Katineung FIB kana budaya Sunda,lain ukur kakara lalarnbe. Sawatarawaktu ka tukang, FIB ngabringkeundosenna ka sakuliah Jawa Barat. Jum-lahna, 75 urang. Pancenna, nalungtikbudaya nu aya di masarakat. Hasilna,bisa dipake keur rupa-rupa kapereluan.Dina ngalaksanakeun Tridarrria Pergu-ruan Tinggi (Pendidikan, Panalung-tikan,jeung Pangabdian ka masarakat),butuh rupa-rupa pangrojong, di antara-na waragad. Tah, keur kapentingan nuraket jeung program FIB ge, pihakFakultas teh daria naker. Di antarana,saban taun waragad keur rupa-rupakagiatan jeung kajian budaya, terusngaronjat. Contona, dina taun taun2012, ngocorkeun waragad samilyarrupia. Atuh, dina taun hareupna mah,ceuk Pa Dekan, bakal undak deui.

Karep FIBjadi puseur kajian budayaSunda, ceuk Prof. Dr. Dadang Suganda,M.Hum, butuh sarana jeung pang-rojong sakumna pihak. Dina angen-angen Pa Dekan, FIB teh ngabogaanmuseum, pabukon, jeung laboratoriumbudaya Sunda. "Alhamdulillah, kanakarep saperti kieu teh seueur nu ngaro-jong," ceuk ieu dekan nu oge dosenpanguji Program Doktor UPI teh,

Ceuk Prof. Dadang, merenah pisanupama FIB jadi puseur kajiaan budayaSunda. Kitu teh, lantaran budaya Sundateh kacida beungharna. Atuh, palakubudaya saperti seniman ge loba tursumebar di sakulah tatar Sunda. Antarapalaku budaya jeung warga kampus,bisa silihpajukeun jeung sili-huntungkeun. ***

(Tim Mangle)

Salahsahiji kagiatan FIB di luar kampus

7

Page 3: o 0 o 0 ------2-=-(i)--4-=~5----6~~7----8-=~9----1-0~-1-1 ...pustaka.unpad.ac.id/wp-content/uploads/2012/05/mangle-20120503... · kagiatan jeung kajian budaya, terus ngaronjat. Contona,

Sunda, Pariwisata, jeung Diplomasi.Dina kahirupan sapopoe, basa me-

mang ka bula-ka bale. Mangpaatna keurrupa-rupa kapereluan. Ngamang-paatkeun basa, misalna, lain ukurminangka alat komunikasi wungkul,tapi deuih keur diplomasi. "Ku margikitu, lul~san ge kedah leres-Ieresngawasa elmuna," ceuk ieu dekan nulahir taun 1960 teh.

Legana paelmuan, oge ngalegaanambahan geusan ngalarapkeun elmutea. Komo deui da widangna ge leuwihngalegaan. Mun asalna ukur dinawidang basa katut sastrana, ayeunamah nambahan, kana widang diplo-masi, jeung pariwisata. Ambahan nuleuwih lega kawas kitu, gede mang-paatna boh keur mahasiswa boh keurmasarakat. Mahasiswa ge, lian tidibekelan kamampuhan keur jadi pa-

gawe di instansi nu mikabutuh nu ahlidina widangna, oge bisa asup kana'wewengkon' diplomasi, jeung pari-wisata. Malah, dina widang wirausahage bisa leuwih lega ambahanana, da me-mang mahasiswa FIB ge dibekelan'elmu' wirausaha, nu lian ti bisa digawedi batur teh oge bisa nyiptakeun lapa-ngan gawe boh keur dirina boh keurpihak sejen,

Fakultas mekelan mahasiswa keurancrub ka masarakat. Ngan, tangtunage, lulusan teh kudu 'masagi' din a rupa-rupa widang. Contona, dina ngaguna-keun basa asing, kudu bener-benermampuh makena. Kitu teh, deuihdibuktikeun ku sertifikat ti lembagainternasional. Upamana, TOEFL basaInggris ge kudu ngahontal angka 600.Kitu deui basa asing sejenna, sapertiPerancis, Jerman, Arab,jeung sajabana

Ngalegaan ambahan FIB Unpad

kudu nyumponan sarat kalulusan nudumasar kana standar internasional.

Widang budaya, hususna seni rakettumalina jeung dunya pariwisata.Malah, dina kahirupan sapopoe mah,budaya jeung pariwisata teh dalit jeungsilih lengkepan. Fakultas Ilmu Budaya,ceuk H. Dadang, kacida engeuhna kanadunya pariwisata teh. "Ngan, sagalarupi anu dikokolakeun di fakultasmahtangtosna oge luyu sareng dunyana,dunya kampus," pokna.

Maksudna, nu icikibung di kampus,dina miara jeung ngamurnule budayakatut pariwisata teh moal lesot tina'kailmiahanana', saperti nu tumalijeungtiori, metodologis, jeung falsafahna.

Ngurus budaya, memang kudu gem-bleng, kudu sagala rupana. Hartina,hirup-huripna budaya teh, lantaran ayanu make atawa ngalarapkeunana, ayanu nalingakeun, oge mekarkeunana."FIB, janten bagian tin a upayamerkarkeun budaya nu aya di masara-kat," pokna.

Budaya gumulungjeung masarakat.Ayana di masarakat. Parapalaku buda-ya ge sumebar di mana-mana. Kitudeui, nu ngagarap kasenian, nyampakdi saban tempat.

FIB ngalengkepan tarekah miara,ngarnumule, mekarkeun, jeungngalanggengkeun budaya. "Najanbudaya teh sumebar di mana-mana,

Sareng Rektor Unpad

Mangle 237: