Naskah Panata Acara

3
Naskah Panata Acara (MC Bahasa Sunda) Pangersa bapa pupuhu sakola anu ku sim kuring dipihormat, Pangersa Bapa ibu guru anu ku sim kuring dipihormat, Pangersa bapa Ibu rawuh teteh oge kakang Alumni SMK Negeri 13 Ban dung anu ku sim kuring dipihormat, Langkung ti payun sumangga urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti nu maha suci Alhamdulillah ku Rahmat sareng Inayah Na , dina danget ieu urang sadaya dipaparin kasehatan sareng ni’mat islam dugi ka urang sadaya tiasa tiasa kempel ngarium, patepung lawung paamprok jonghok di ieu patempatan dina ieu acara anu ku urang sadaya diantos-antos, nyaeta acara tepang sono Akbar SMK Negeri 13 Bandung. Solawat salam mugia salamina ngocor ka jungjunan urang Nabi Agung Muhammad SAW, Ka kulawargina, ka para sahabatna, ka para tabi’in-tabi’ina dugi ka urang salaku umatna mugi di yaumil ahir kenging sapa’at ti manten-Na. Hadirin sadaya hormateun sim kuring! Nepangkeun wasta simkuring Rohman Tri Saputra, wasta simkuring Asni Nuraisyah  Alumni angkatan 2015. Sim kuring d uaan ngadeg cumari os di payuneun hadirin sadaya wireh kapancenan salaku panata acara dina ieu acara, nyaeta acara tepang sono Akbar SMK Negeri 13 Bandung ti kawit sakola ieu ngadeg dugi ka wanci ayeuna. Sim kuring nyanggakeun wilujeng sumping ka hadirin sadaya anu parantos kersa ngaluuhan ieu acara. Sumangga lalinggih dina tempat anu parantos disayogikeun.  Anapon runtuyan acar a tepang sono Akbar, nyaeta : 1. Bubuka 2. Ngaoskeun ayat suci Al-Qur’an dilajengkeun solawat nabi  3. Kedal pa mappag ti pupuhu pa nata calag ara tepang sono Akb ar 4. Biantara pangbagea ti Bapa pupuhu sakola 5. Biantara pang bagea ti pupuhu OSIS SMA N 2 CMS 6. Biantara pangbagea ti wawakil Alumni 7. Nembangkeun Nasyid 8. Do’a 9. Panutup Hadirin bapa ibu rawuh teteh oge kakang Alumni anu ku sim kuring dipiho rmat! Supados teu nyangkolong kana waktos , sumangga ieu acara urang buka ku maos basmallah sasarengan, bismillahirrahmanirrahim..  

Transcript of Naskah Panata Acara

Naskah Panata Acara (MC Bahasa Sunda)Pangersa bapa pupuhu sakola anu ku sim kuring dipihormat,Pangersa Bapa ibu guru anu ku sim kuring dipihormat, Pangersa bapa Ibu rawuh teteh oge kakang Alumni SMK Negeri 13 Bandung anu ku sim kuring dipihormat,Langkung ti payun sumangga urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti nu maha suci Alhamdulillah ku Rahmat sareng Inayah Na , dina danget ieu urang sadaya dipaparin kasehatan sareng nimat islam dugi ka urang sadaya tiasa tiasa kempel ngarium, patepung lawung paamprok jonghok di ieu patempatan dina ieu acara anu ku urang sadaya diantos-antos, nyaeta acara tepang sono Akbar SMK Negeri 13 Bandung.Solawat salam mugia salamina ngocor ka jungjunan urang Nabi Agung Muhammad SAW, Ka kulawargina, ka para sahabatna, ka para tabiin-tabiina dugi ka urang salaku umatna mugi di yaumil ahir kenging sapaat ti manten-Na.Hadirin sadaya hormateun sim kuring!Nepangkeun wasta simkuring Rohman Tri Saputra, wasta simkuring Asni Nuraisyah Alumni angkatan 2015. Sim kuring duaan ngadeg cumarios di payuneun hadirin sadaya wireh kapancenan salaku panata acara dina ieu acara, nyaeta acara tepang sono Akbar SMK Negeri 13 Bandung ti kawit sakola ieu ngadeg dugi ka wanci ayeuna. Sim kuring nyanggakeun wilujeng sumping ka hadirin sadaya anu parantos kersa ngaluuhan ieu acara. Sumangga lalinggih dina tempat anu parantos disayogikeun. Anapon runtuyan acara tepang sono Akbar, nyaeta :1. Bubuka2. Ngaoskeun ayat suci Al-Quran dilajengkeun solawat nabi3. Kedal pamappag ti pupuhu panata calagara tepang sono Akbar4. Biantara pangbagea ti Bapa pupuhu sakola5. Biantara pangbagea ti pupuhu OSIS SMA N 2 CMS6. Biantara pangbagea ti wawakil Alumni7. Nembangkeun Nasyid8. Doa9. PanutupHadirin bapa ibu rawuh teteh oge kakang Alumni anu ku sim kuring dipihormat!Supados teu nyangkolong kana waktos , sumangga ieu acara urang buka ku maos basmallah sasarengan, bismillahirrahmanirrahim..Mugia ku ngalangkungan aosan basmallah ieu kagiatan kenging barokah sareng rido Allah SWT.Salajengna, sim kuring ngahaturanan ka saderek .Uswatun Hasanah kanggo maoskeun ayat suci Al-Quran dilajengkeun mingpin solawat nabi. Sumangga dihaturanan!Hatur nuhun ka saderek Uswatun Hasanah anu parantos ngaoskeun ayat suci Alquran sareng mingpin solawat nabi, Tos lami acara tepang sono ieu di antos-antos, urang sadaya paturay tineung saparantos sakola tilu taun lamina nungtut elmu di SMA 2. Emut ka sakola, emut ka rerencangan saparakanca, emut ka bapa sinareng Ibu guru. Tangtos moal hilap.Acara Salajengna nyaeta biantara pangbagea ti ibu pupuhu sakola. Sumangga kersana Ibu Anne. dihaturanan......Hatur nuhun ka Ibu Anne anu parantos ngadugikeun biantara pangbageana. Pamugi rupi-rupi piwejang sareng pepeling anu nembe didugikeun ku anjeuna, sing janten ranggeuyan mutiara, pibekeleun urang sadaya enggoning ngawangun kahirupan anu dipikahoyong.Salajengna sumangga urang ngabandungan deui biantara pangbagea anu bade didugikeun ku pupuhu osis. Sumangga saderek M. Rifai dihaturanan..........Hatur nuhun ka pupuhu Osis SMK n 13 Bandung anu parantos ngadugikeu biantara kalayan singget mung teges maksadna.Acara salajengna nyaeta biantaa pangbagea ti wawakil Alumni. Sumangga kersana bapak M. Alfin, dihaturanan.Hatur nuhun ka Bapak M. Alfin anu parantos ngadugikeun sababaraha kecap anu janten wawakil eusi tina manah alumni.Hadirin sadaya hormateun sim kuring!Saparantos ngabandungan biantara pangbagea, urang kupingkeun hariring nasyid anu bade dipintonkkeun ku group nasyid SMK Negeri 13 Bandung anu janten kareureueusan di sakola SMK Negeri 13 Bandung. ROHIS 13 Sumangga dihaturanan!........

Hatur nuhun ka Rohis 13 anu parantos maparin hariring nasyid anu kacida halimpuna. Mugia group Nasyid SMK Negeri 13 Bandung langkung mekar, nyandak nami SMK Negeri 13 Bandung langkung seungit. Amin ya Allah ya Rabbal alamin.Bapa ibu, kalih hadirin alumni sadaya anu sami rawuh!Alhamdulillah acara demi acara parantos lekasan. Minangka acara pamungkas nyaeta ramah tamah. Nanging sateuacana urang pungkas heula ieu acara ku dua. Sumangga bapa Ustad Ilham dihaturanan kanggo mingpin dua............Hatur nuhun ka kersana bapa Ustad Ilham anu parantos mingpin dua, mugia dua urang sadaya di kobul ku AllaH swt. Amin.Sumangga ieu acara urang pungkas ku maosan hamdalah. Alhamdulillahirabbil alamin.Ti simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka rerengrengan panitia OSIS anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu, mugia kasaean sareng bantosan pangurus OSIS SMA Negeri 2 Bandung di wales ku Alloh SWT. Amin. Hapunten bilih aya basa anu lkirang merenah. Billahi taufik wal hidayah wassalamualaikum wr.wb.