Naskah Kabaret - Sunda

14
1 URUT PECANDU NARKOBA ANU TOBAT TERUS JADI USTADZ KONDANG (UJE) Kacaritakeun di hiji tempat aya hiji keluarga anu taat kanu agama. Kaluarga eta ngabogaan 5 budak, diantarana aya anu ngarana Agus. Si Agus anu kacida bantangulna anu beda jeung lanceuk-lanceukna teu sadar-sadar kana kalakuanan.. yen anu dilakukeun kumanehnateh salah. Kubantangul-banatangulna, si Agus nepikeun kangarasaan anu ngarana Narkoba, bahkan nepikeun kadedeuian kanu barang haram eta. Tapi aya peristiwa anu dialaman ku si Agus, anu nyebabkeun si Agus jadi Ustadz anu kondang …. Manga urang simak carita ieu … mudah-mudaha aya manfaatna…. Tempat Kajadian: Imah Agus Bapak : Agus tinggal ieu atos tabuh opat langkung ?? Sok enggal gera angkat sakola agama.. Agus : Ke atuh Pak … ieu film can enggesan.. Ema : Ehhhh ari Agus…dipiwarang leres tekh .. meni hararese …. Ke bu Sifa nyeseulan geraAgus : He’euh atuh Jema … ieu ge dek indit.. ! bari kesel-kesel ge indit Jema da bu Sifa na oge moal ngajar …. Keur Galau cenah… Ari si aa ges indit cant Ma ?? Ema : Atos si Aa makh .. tatadi Agus : Ohhhh …. Assalamu’alaikum?? B+E : Wa’alaikumsalam Wr. Wb. Ema : Bapak nahanya Agus mah .. benteun sifatnateh sareng rakana..? bari gagaro sirah anu teu puguh atelna Bapak : Maksadna kumaha ?? bari ngerutkeun tarang Ema : Enya benten we … Bapak : Enya benteuna lebah mana ??? Ema : Sok ue ku bapak sidiq-sidiq geura… bari ngaleos ka dapur Tempat: Madrasah Ibu Sifa : Assalamu’alaikum ?? Barudak : Wa’alaikumsalam Wr. Wb. Ibu Sifa : Pelajaran saha ayeuna ?? Miftah : Pelajaran Ibu Ilah.. tapi teu aya .. nuju males cenah… bu Nenden ge sami teu aya dikh .. nuju udur saurnamah .. waosna nuju sesuatu.. Ibu Sifa : Oh …kamananya Ibu Ilah tekh .. meni teu aya wae.. enya wios ue.. ke ku Ibu ue nya sadayana .. Ehh Agus kadie sakedap…. Ibu bade nyarios sesuatu.. Agus : Aya naon Ibu Sifa ?? Ibu Sifa Alhamdulillah Agus janteun perwakilan ti Kabupaten Garut kangge lomba MTQ di Provinsi.. Agus : Bener eta teh Ibu ??? bari rewas Ibu Sifa : Leres …ke pelaksanaanna minggon payun…. Kedah seeur latihannya … supados janten juara ka hiji…. Sareung omat ulanh ngisinkeun ie Sakola Agama.. Agus : Teu kudu ah .. bu … da geus bisa Agus makh.. Agus yakin sajuta persen bakal jadi juara kahiji …. Miftah : Ka hiji ti tungtung merent … hahahahahahah Ibu Sifa : Ehhh teu kenging kitu … Miftah.. Kedah ngadukung ka Agus supados janten juara ka hiji… Miftah : Kumaha bu carana ??? kie sanes Bu Ketik REG SPASI AGUS AGUS hahahahahhahaha Bu Sifa Ehh sanes kitu .. emangna kontes Dangdut .. make Reg Reg an.. Tapi kedah ngadukungna ku cara ngado’akeun… supados si Agus janten Juara anu ka hiji… Kitu tah Barudak .. Agus : Sirikkk huy akh ….. Naha Bu lain keur Galau ???? heheheheh Ibu Sifa : Ehhh saur saha eta… ??? Ibu mah nuju Betmen …. Sok ayenamah istirahat .. ke lebet dai pami bade adzan magrib …

description

Ini hanyalah cerita. Maaf apabila ada kesalahan.

Transcript of Naskah Kabaret - Sunda

Page 1: Naskah Kabaret - Sunda

1

URUT PECANDU NARKOBA

ANU TOBAT TERUS JADI USTADZ KONDANG (UJE)

Kacaritakeun di hiji tempat aya hiji keluarga anu taat kanu agama. Kaluarga eta

ngabogaan 5 budak, diantarana aya anu ngarana Agus. Si Agus anu kacida

bantangulna anu beda jeung lanceuk-lanceukna teu sadar-sadar kana kalakuanan..

yen anu dilakukeun kumanehnateh salah. Kubantangul-banatangulna, si Agus

nepikeun kangarasaan anu ngarana Narkoba, bahkan nepikeun kadedeuian kanu

barang haram eta. Tapi aya peristiwa anu dialaman ku si Agus, anu nyebabkeun si

Agus jadi Ustadz anu kondang …. Manga urang simak carita ieu … mudah-mudaha

aya manfaatna….

Tempat Kajadian: Imah Agus

Bapak : Agus tinggal ieu atos tabuh opat langkung ??

Sok enggal gera angkat sakola agama..

Agus : Ke atuh Pak … ieu film can enggesan..

Ema : Ehhhh ari Agus…dipiwarang leres tekh .. meni hararese …. Ke bu Sifa

nyeseulan gera…

Agus : He’euh atuh Jema … ieu ge dek indit.. ! bari kesel-kesel ge indit

Jema da bu Sifa na oge moal ngajar …. Keur Galau cenah…

Ari si aa ges indit cant Ma ??

Ema : Atos si Aa makh .. tatadi

Agus : Ohhhh …. Assalamu’alaikum??

B+E : Wa’alaikumsalam Wr. Wb.

Ema : Bapak … nahanya Agus mah .. benteun sifatnateh sareng rakana..? bari

gagaro sirah anu teu puguh atelna

Bapak : Maksadna kumaha ?? bari ngerutkeun tarang

Ema : Enya benten we …

Bapak : Enya benteuna lebah mana ???

Ema : Sok ue ku bapak sidiq-sidiq geura… bari ngaleos ka dapur

Tempat: Madrasah

Ibu Sifa : Assalamu’alaikum ??

Barudak : Wa’alaikumsalam Wr. Wb.

Ibu Sifa : Pelajaran saha ayeuna ??

Miftah : Pelajaran Ibu Ilah.. tapi teu aya .. nuju males cenah… bu Nenden ge

sami teu aya dikh .. nuju udur saurnamah .. waosna nuju sesuatu..

Ibu Sifa : Oh …kamananya Ibu Ilah tekh .. meni teu aya wae..

enya wios ue.. ke ku Ibu ue nya sadayana ..

Ehh Agus kadie sakedap…. Ibu bade nyarios sesuatu..

Agus : Aya naon Ibu Sifa ??

Ibu Sifa Alhamdulillah Agus janteun perwakilan ti Kabupaten Garut kangge

lomba MTQ di Provinsi..

Agus : Bener eta teh Ibu ??? bari rewas

Ibu Sifa : Leres …ke pelaksanaanna minggon payun….

Kedah seeur latihannya … supados janten juara ka hiji….

Sareung omat ulanh ngisinkeun ie Sakola Agama..

Agus : Teu kudu ah .. bu … da geus bisa Agus makh..

Agus yakin sajuta persen bakal jadi juara kahiji ….

Miftah : Ka hiji ti tungtung merent … hahahahahahah

Ibu Sifa : Ehhh teu kenging kitu … Miftah..

Kedah ngadukung ka Agus supados janten juara ka hiji…

Miftah : Kumaha bu carana ??? kie sanes Bu Ketik REG SPASI AGUS AGUS

hahahahahhahaha

Bu Sifa Ehh sanes kitu .. emangna kontes Dangdut .. make Reg Reg an..

Tapi kedah ngadukungna ku cara ngado’akeun… supados si Agus

janten Juara anu ka hiji… Kitu tah Barudak ..

Agus : Sirikkk huy akh …..

Naha Bu lain keur Galau ???? heheheheh

Ibu Sifa : Ehhh saur saha eta… ??? Ibu mah nuju Betmen ….

Sok ayenamah istirahat .. ke lebet dai pami bade adzan magrib …

Page 2: Naskah Kabaret - Sunda

2

Teu kungsi lila datang lanceuk si Agus nyaeta si Angga..terus nyaritakeun yen

manehna jadi perwakilan ti Garut ker lomba MTQ di Provinsi

Agus : Aa apal teu ???

Agus jadi perwakilan ti Kabupaten Garut.. keur lomba MTQ di Provinsi.

Angga : Apal .. naon kitu ???

Agus : Apal timana A ???

Angga : Panan bie ngomong … ??? Sok ku Aa di do’akeun sing jadi juara kahiji.

Agus : Amiin

Angga : Aa dek ka ibu Sifa heulanya …dek mayar infaq bulan ayeuna..

Ibu-ibu atos malayar Infaq ??? acannya ??

Agus : Jug ue akh.. da anu Agus mah ges Kamari.... ari ibu-ibu atos malayar

cant ?? ke bu Sifa nagihan geura…

Ternyata bener ..anu diomongkeun ku si Agus yen manehna bakal jadi juara

kahiji… kabuktian… ku mawa piala jeung duit.. teu poho oge jeung piagam..

Tempat: Imah Agus

Agus : Tuh pan bener A… anu ku Agus diomongkeun …

Agus jadi juara kahiji lomba MTQ ..di Provinsi…

Angga : Wah dukuna kuat euuy …

Make Eyang Subur merennya ???.. hehehehheheh …. Demiii Tuhan

Enya lah Agus mah adi Aa anu pang pinterna sa Cinari…. Lereus teu A

Isur ???

Surya : Hmmmmm …..

Agus : Naon A Isur mah ..ngan ukur hmmmmmm…. Siga anu dek ngising …..

Bapak : Ehh teu kenging kitu ka raka tekh …nyariosna kedah ku bahasa

lemeus…..

Enya lah murang kalih Bapak sareung Ema mah palalinter….

Agus : Lieur ahk Pa ..bahasa sunda lemes mah … jaba asahana di bawa ku

mang Tama….hehe

Kata kata nateh beda-beda tapi maksudna sarua….

Bapak : Agus …saur bu Sifa , basa dinteun Jum’at teu aya sakola Agama ???

Agus : Bu Sifa mah gede wadul …. Agus aya oge di sangka eweuh cenah ….

Bapak : Angga janten mana anu leres ??? Ibu Sifa atanapi si Agus ….

Agus : Enya Agus atuh Apa tekh

Angga : Teu ketang Pa … Ibu Sifa anu leresmah…

Surya : Muhun Pa … dinteun Jum’ah tekh Agus mah te lebet… malah

nongkrong di jalan gera pa….

Bapak : Astagfirulloh Aguuuuussss ari ti bumi angkat.. ari ka Madrasah teu aya

Bade janten jalmi naon ari Agus.. pami ti alit keneh atos kieu ..???

Bapak miwarang ngaji tekh .. supaya Agus janten jalmi anu seeur ku

pangartos … sanes ieumah nongkrong di jalan… Aa Isur

pangnyandakeun nyere ….

Agus : Ampun Pa …. Agus Janji moal ngulangi deui …. Ampun Pa… ulah di

cepret …

Angga : Cepret ue lakh Pa …. Supados kapokeun…

Surya : Teu aya bapa nyere na oge … di tambut Ku bi Nyai …

Ema : Aya naon ieu… A Isur nembe milarian nyere!!

Naha Agus ku naon .. nangis ? tos yap-yap kadieu … ?? te kenging

nangis akh ..isin atos ageung…

Bapak : Basa dinteun Juma’ah si Agus teu angkat ngaji, malah nongkrong di

Jalan..

Ternyata lereus anu di carioskeun ku Ema tekh ….

Ema : Atos jep jep jep …..

Agus : Cerik bari ngabangingik ….

Page 3: Naskah Kabaret - Sunda

3

Saenggeus lulus ti SD, si Agus jeng lanceukna, ku bapana diasupkeun ka

Pasantren… anu pangalusna di daerah eta da bapana boga niat, yen budak-

budakna kudu lewih faham dina masalah agama. Si Agus jeng lanceukna nyeta si

Angga …lulus ti SD na bareng .. kusabab si Agus ti kelas 4 langsung naek ka kelas

5.. sababna da ngiluan percepatan…atanapi akselerasi. Tapi niat bapana si Agus teu

kalaksanakeun .. sabab si Agus di pasantren na malah teu baleg. Salah sahiji anus

ok dilakukeun ku si Agus nyaeta, dimana santri lain sholat .. manehna malah

sare…jeng sok kabur ti pasantren ngan ukur ker lalajo layar tanceub..

Tempat: Pasantren

N. Sindi : Agus gugah ….. Agus gugah…Aguuuuuuusssss gugah…bari

manjurkeun cai kanu bengeut si Agus… Agus : Hujan-hujan …Eh si Ondon.. gelo suganmah … ieu bengeut urang di

simbreuh ku cai kolomeran…

N. Sindi : Hmmmmmmm …. Guruna bari ngageremmmmm

Agus : Ehhhhh Bu… manawi teuh si ……………….

N. Sindi : Naha Agus tekh teu shalat berjamaah.. sareung anu sanes..

Agus : Mmmmmmmm …. Ka boboan bu…

N. Sindi : Maeunya unggal jadwal sholat kaboboan tekh ???

Sok enggal ka mesjid …

Pami atos sholat … wayahna serat Quran Zuz ka hiji …

Agus : Busheeeeettttt si Ibu……….sebegitu teganya pada diriku yang ganteung

ini dan menggemaskan!!! Bari gagaro sirah…

N. Sindi : Nyarios nao nembe ??

Agus : Teu bu … teu nyarios nanaon … kabuuuuuuurrrrrrrrrrr …..

N. Sindi : Awas siah ….

Si Agus lumpat ngabecir tipaparatit .. kusabab sieunen lamun te gancang-gancang

sholat… lain indit ka Mesjid tapi si Agus malaha indit neangan kamar anu kosong

ker nuluykeun sarena… Teu kungsi lila datang lanceukna si Agus nyaeta si

Angga…

N. Sindi : Ehhh Angga kadie sakedap …

Angga : Aya naont Ibu ???

N. Sindi : Kie Angga ….punteun ingetan si Agus, supados diajar di pasantren ieu

tekh kedah serius… sareung teu kenging sare wae ..komo pami

waktosna sholatmah..

Angga : Oh muhun Ibu … padahal ku Abdi geu sering eta tekh di ingetan… tapi

tetep ue …kitu keneh..duka kumaha carana supados Agus tekh janten

santri anu sae..

Ai Pipih : Assalamu’alaikum ??

Ng+Ag : Wa’alaikumsalam Wr. Wb.

N. Sindi : Oh enya atuh pami kitu mah sae … da Ibu ge sok sering ngingetan …

bahkan ka sadayan santri anu aya di Pasantren ieu..

Ibu bade ka kelas heulanya .. aya jadwal di kelas A ageung..

Angga : Oh muhun manga bu …

Hatur nuhun …

N. Sindi : Sami-sami..

Assalamu’alaikum …

Ag+Ai : Wa’alaikumsalam Wr. Wb.

Ai Pipih : Aya perkawis naon Ga nembe si Ibu ??

Angga : Hoyong terang hungkul atanapi hoyong terang pisan !! hehehe

Ai Pipih : Hoyong terang pisan ieu tekh …atos teu kiat .. enggal bilih pingsan yeuh

Angga : Biasa .. si Agus.. teu aya kapok-kapona.. ??

Ai Pipih : Sing sabar ue nya… teu kenging dikerasan teuing..

Da namina oge jalmi.. pasti aya ue kalepatanmah.. da anu tara lepatmah

iwal ti Gusti Allah.

Angga : Muhun leres kitu tah.. da urang mah jalmi nya.. nabi ge panginten

pernahnya ..

Ai Pipih : Duka atuh nya .. lebah etamah kirang terang.

Di kantun heulanya .. bade ka Neng Anisa.. nambut Buku Piqih.

Assalamu’alaikum ??

Angga : Wa’alaikumsalam Wr. Wb….

Ehh Ai Pipih meni Gelis Kitunya.. ngan hanjakal kurang .. Astagfirulloh

.. teu kenging kitu ah Awon…

Page 4: Naskah Kabaret - Sunda

4

Tempat: depan kelas..

Kusabab sifat si Agus anu bantangul, anus ok ngalakkeun pelanggaran-

pelanggaran anu aya di pasantren…kadua lanceukna jadi boga rasa era ku pihak

pasantren, sabab mineung di papatahan supaya bisa ngajak adina ka jalan anu

bener..

Angga : Oh iya … A Isur

Abdi mah tos isin ku pasantren ieu tekh…

Surya : Emangna kunaon kitu .. kedah isin sagala??

Angga : Eh ari A Isur kumha…. Panan si Agus tekh sok sering ngalanggar

peraturan nu aya di pasantren ieu..

Abdi anus ok kenging teguran ti pihak pasantren tekh … da pedah

rakana panginteun...

Surya : Ohhhh muhun Aa ge sami.. sok isin…

Komo pami ditaros ku Khiyayi makh…

Tapi Aa makh sok ngarasa aneh … padahalmah si Agus tekh juara kahiji

lomba MTQ sareung Adzan… tapi nahanya but banatangul-bantangul

teuing..

Tongdiwartosannya Ema sareng Bapamah

Angga : Iya abdi ge sok bingung ..

Ouh muhun A …

Teing timana datangna… ujug-ujug aya si Anisa jeung si Ai Pipih anu

nyamperkeun ka si Angga jeng si Surya

An+Ai : Assalamu’alaikum …??

A+I : Wa’alaikumsalam Wr. Wb.

Anisa : Hapunteun ngaganggu sakedap … Kang Surya .. ieu buku anu kapungkur di tambutkeun.

Ayeunamah atos rengse …

Surya : Ouh naha atos kitu ???

Padahalmah wios ue kanggo neng Anisa

Anisa : Ouh teu kedah Kang .. ke ue pami aya priyogi di tambut dei…

Ouh enya kang buku Piqih namah teu acant kumargi kamari tekh di

tambut ku Ai Pipih..

Ai Pipih : Punteunya kang di tambut heula.. teu wawartos dih ka Akang.. kamari

tekh hilaf bade wawartos tekh ..

Anisa : Ouh muhn kang .. hapunten pisan te wawartos ka Akang.. bade di

tambutkeun deui..

Surya : Teu sawios-wios kangge Neng Anisa makh.. Ikhlas Akang makh..

Wa’alaikumsalam Wr. Wb. Sambil tersenyum karena gembira telah

bertemu dengan Neng Anisa

Anisa : Hatur nuhun atuhnya kang .. sakali deui hapunten pisan..

Surya : Muhun sami-sami..

Anisa : Di kantun heula nya Kang ?? Mangga Assalamu’alaikum..

Ai Ayo …

Surya : Mangga- mangga .. wa’alaikumsalam Wr. Wb.

Angga : Aa Isur naha akrab sareng murangkalihna Khiyayi ???

Boa-boa A Isur !!!!

Surya : Husttt akh …

Torojol si Agus nyamperkeun ka lanceukna bari seserengehan ninggali awewe anu

dimaksad nyaeta Neng Anisa putrina Khiyayi…

Agus : E cieeeee cieeeee ….. Aa Isur ….wit tuttuittttt !!!!

Emprok barudak … Aa Isur menang gebetan di Pasantren … budakna

Khiyayi dikh .

Surya : Eeeehhh ari Agus ku naont ??? teu gering makh ???

Angga : Ari Agus eta bade kamana tos lamuir kitu ???

Agus : Bade ka mesjid .. panan sakedap dai adzan Ashar …

Surya : Alhamdulillah ya Allah …

Gus ..aa sareng A angga ti payunnya .. bade ka Khiyayi heula …

Agus : Ecieeeeeeee……cieee…. Apuuyyyy …hahahaha

Ah sabari nunggua adzan mending … ngajailan heula batur …

Tapi kaarananya ieu santri tekh eweuh nungalewat sapotong-potong

acant..

Eh mun ay age ketang sieun mereun ihhhhh.. Tah gening Adzan Ashar.

Mumpung para santri jeng ustadz keur di maresjid…mending kaburr

kaluar .. bejanamah ke peting bakal aya layar tanceb…siganamah bakal

rame …kudu keketeyeupan ieumah meh teu kapanggih…

Page 5: Naskah Kabaret - Sunda

5

Samarukan moal aya anu apaleun. Si Agus tetep keteteyeupan ngalengkahkeun

sukuna kaluar ti pasantren anu boga tujuan dek lalajo layar tanceb…

N. Sindi : Agussssss …. Basa weungi timana ??

Agus : Teu timamana Ibu … Agus mah sawewengi ge aya di pasantren..

N. Sindi : Ibu ninggal Agus taguh 11 ngagajleung tinu pager ….

Iman : Muhun ketang Ibu …

Agus : Akh si Imanmah ngarang Bu …

Iman : Teu ketang bu leres.. wengi tekh Agus kaluar ti pasantren sabab di luar

aya film layar tanceb…

Ka Abdi ge ngajak .. ngan ku Abdi tekh teu didangu..

N. Sindi : Tuh gening saur Iman ge … tos tiluar cenah …

Agus : Awas siah Iman … tungguan siah ..ke ku urang dibeubeuk…

N. Sindi : Ehhh atos-atos … sok Agus ngiring ka Ibu …

Angga ; Aya naon Bu ???

N. Sindi : Ie Agus .. basa weungi ka pendak tos ti luar pasantren, ngan ukur

ngabelaan lalajo layar tanceb…

Angga : Astagfirlloh Agus Agus … pantesan kamariteh meni lamuir kitu …

Kadie … goengkeun geura cepilna ..

Agus : A a a a a … nyeri A….

Iman : Wek wek ….Kasian dekh Lo …. Hahahahahah

Matakna ulah kabur wae .. bisi di umumkeun gera.. ku pa Ujang…

N. Sindi : Atos-atos Angga …

Sok Agus ngiring ka Ibu …

Angga : Kesel atuh Bu … ngerakeun wae …

Iman : Agus … oh Agus …. Hhhahhahahah

Sakitu mineng dihukum ku Khiyayi jeng para Guru.. bahkan sirahna nepi

kadibotakan .. tapi tetep si Agus teu kapok-kapok.. malahanmah si Agus jadi tambah

bantangul… teu benang dipapatahan .. boh kulanceukna boh ku guru-guru anu aya

di pasantren. Ngan ukur 4 taun si Agus di pasantren.. teu nepi katamat.. terus pada

akhirna si Agus dipindahkeun ku bapana ka Aliyah.

Tempat: Imah Agus

Ema : Bari cerik indungna ngomong….

Ema mah bener-bener teu kahartos..kanu jalan pikiran Agus mah..

Ema mah haneeul pisan …ema sareng bapa tekh ngalebetkeun Agus ka

Pasantrenteh .. hoyong Agus janten jalmi anu seeur ku pangartos

terutami dina masalah agama.. sanes seeur ku kanyeri …Padahal eta

pasantren tekh anu pangsaena anu aya didinya…Tapi naha Agus tekh

but kaluar..

Cik ema ayeuna bade naros…

Ari kahoyong Agus naont ??? Agus ngan ukur bisa jempe

Ema jeung apa tekh ngabelaan janten kuda umbal …ngabelaan mastaka

janten sampean ..sampean janteun mastaka…

Agus : Bisa kitu Ma ??? Asa Lagu Peterpan eh NOAH ketang …

Pikiranku tak dapat kumengerti .. kaki dikepala .. kepala dikaki oy oy

Ema : Tuh nya manehmah ??? di cariosan tekh …kamana weu ngawalernateh.

Tah bapa akh ..Ema makh taluk ku si Agus mahk…

Bapak : Bapak atos ngahubungi rerencangan, nyaeta pa Danu anu janteun

Kepala Aliyah..ku bapa ayeuna dilebetkeun ka eta sakola… ngan omat

ualh dek wani-wani ngagogoreng ngaran bapak ku kalakuan Agus..sok

timulai ayeunamah robih sikaf Agus tekh … meh si Ema teu janteun

pikiran wae.. mikiran Agus.. teras eta rambutna rapihkeun teu kenging di mehok-mehok ….

Agus : Mohek bapa …

Muhun Pa .. Agus janji moal dek ngulangi dei …

Bapak : Pokonamah rapihkeun ue … bade mehok bade mohek …

Page 6: Naskah Kabaret - Sunda

6

Saatosna lebet ka Aliyah.. Agus gaduh rerencangan anu anyar. Anu sajalan sareng

pikirana, anu sajalan sareng kahoyongna … anu ngakibatkeun Agus lain jadi baleg

.. malah tambah teu baleg … mala tambah bantangul .. bahkan lewih parah tibatan

kerur aya dipasantren.

Tempat: Di lingkungan Aliyah.

Aip : Ka warung si Amih yu akh … !! urang ker Betmen yeuh …

Agus : Dek naont ??

Dion : Modol !!! Hahahhahahahahha

Nya nyatu atukh … nyatu nyatu nyatu ….

dasar Ondon …. Bari nepak sirah si Agus

Agus : Ohh hayu atuh ari dek nyatu makh …

Aip : Ekh bel ulah nyebut ondon … ke ku si Mul dititah maya gera ..

hahahahah

Hampura sadaya akh … da banyol …

Desti : urang ngilu eung …. …

ka warung nya …

Dion : Eh awewemah ulah ngilu Bel …

Desti : Bae atuh Yon … bosen dikelas wae.. jangar otakna..te asup-asup wae

pelajarana…

Komo pelajaran Pa .. Anu itu tuh anu itu tuh .. tiap datang tekh

entetment-entetment ….

Aip : Statement meren manehteh … lain entetment-entetment…

Ah etamah manehna ue anu bloon …!! Matakna daharna ulah jeng

Angen taraje wae … teu angen taraje aya kulit sampe…

Lain Yon, Gus .. basa ker katen si Desti .. sugantemah dina piring tekh

Ati menang ngeretan … pas dicobaan tekh ,,,,… geningan kulit sampe … hahahahha

Agus : Pantesan atuh … teu asup-asup .. dahar na oge jeng nukitu hehehhe

Desti : Nu penting gelis kan … hahahahah turunan JADI Gito Lokh .. hahahah

Hampura ah Pa …..

Dion : Hayu atuh sia the ngarecewis wae … bisi kaburu aya guru …dijawab

secara bersama-sama .. hayu-hayu-hayu ..urang Nyatu …

Teu kungis lila maranehna nepi ka warung !!

Agus : Naont eta !!! Siga susu bubuk??? Naha maneh ker gering nya Ip ?? !!

Dion : Kie yeuh jeng jelema kaluaran pasantren mah …

Ieu tekh Narkoba .. Gus .. akh manehmah kampungan pisan ..

Aip : Maneh hayang ?? ngenah siah … ngarah teu betmen…

Desti : Hahahha naon Aip maneh ker betmen ??? bae lakh urang mah moal

betmen … tapi supermen ue lakh .. hahahahahaha

Agus : Emang kumaha kitu rasana ??mana kadieu …urang nyobaan, Bari

nyokot eta Narkoba terus dirasaan ku si Agus Naha kieu gening rasana

Desti : Kieu kumaha ??? Ngenah nya ???

Dion : Dasar budak pasantrenmah … eweuh kanyaho akh ….

Agus : Tapi ngenahnya ? asa jadi kakalayangannya ?? menang timana ieu

nukieu ??? isuka mawa deui nya ?

Dion : Hahahahaha kadeudeuian …

Aip : Sip lakh ..ke isuk urang mawa dai, tapi bayarnya da barang mahal ieu

mahk..

Stttt Sttt Sttt … sumputkeun aya pa Ujang…heg make baju Hideung….

Baju asupkeun dikh

P Ujang : Nuju naraon eta ??? Naha pelajaran saha, ges diwararung ??

Desti : Ehhh si Bapa meni Afgan pisan ???

P Ujang : Naon Des ? Bapa siga Afgan ???

Desti : Hahahahahahhahhaahah ngarep pa ???

P Ujang : Ongkoh cenah Bapa tekh mirip si Tomy Kurniawan ??? hehehe

Bapa tipayunnya ?? Aya rapat heula ??? bari ngaleos indit dek rapat

Dion : Tumben pa Ujang rada bageur, sangkilang make baju hideung….???

Agus : Naha galak kitu ???

Aip : Lain galak ketang .. tapi tegas …

Desti : Ke ke ke …. Sakedeng … tingali da lain make baju hideung… tapi

make baju koko itumakh … ekh batik ketang .. hehehehhe

Agus : Ohhh kitunya …. Tapi benerenya pa Ujang siga Tomy Kurniawan …

Hayu kabur ahk .. sirang urang lieur yeukh ….

Kantong urang mana ??

Kabeh : Hayu hayu hayu …

Page 7: Naskah Kabaret - Sunda

7

Si Agus ayeuna malah tambah parah, sabab ges kacanduan ku Narkoba.. sakola

nage ayeunamah ges jarang… padahal ti imahnamah sok indit ka saklola..teu

pernah sapoe oge kalewat .. tanpa make Narkoba.. si Agus ngan ukur sataun sakola

di Aliyah ieu ..terus pindah kasakola nu lain..tapi lain jadi bageur, malah beki

parah…lain ngan saukur make Narkoba.. tapi jadi sok ulin tipeting… jaba

ulinatekh ka Diskotik dikh..Anu tempatna jelema anu barantangul.. bahkan si Agus

ayeuna jadi tukang ngahibur di Diskotik.. ti Diskotik ieu si Agus jadi artis anu

terkenal…

Tempat: DISOTIK

Sidiq : Gus ke isukan peting panggentikeun urang nya … ngahibur di Diskotik

Cinari?

Soalna isukan, urang aya acara penting.. dek ngajual motor ka Leles.

Agus : Sip … tapi honorna gedenya ??

Ohhh he’euh .. maneh mawa Narkoba teu ?

Sidiq : Wahhh teu Gus… keu kosong ayeunamah … mun padetomah aya. Ieu

we atuhk ???

Agus : Akh Betmen Lu Akh …

Eta naont kitu ??? botolna oge meni kotor kitu ….?

Siga botol Wa Jumi anu sok dipake ka pasir bekeul ngarit

ieumah…hehehehheheh punten akh Wa Jumi, Aya teu ayeuna didieu? Sidiq : Laint bel eta tekh abokan …merekna topi dengdek…

Oh he’euh urang boga kenalan Sutradara …ker neangan pemain.. terus

pemain eta tekh pas cenah keur manehmah.. daek teu ??

Agus : Bisa bisa .. mana jelemana ???

Memang urangmah pantes jadi artisnya ??siga Dude Herlino ?? hahaha

Secara gua gituh Agus anak pintar dan tampan.. hahahaha

Sidiq : Gede hulu siahk …

Ke urang telephone heula nya … Tuuuuttt tuuuttt tuuuttttt

Agus : Naha sorana kitu … tut tut tan ….

Sidiq : Ieu hp BB bloon …. Hahaahahhah jep … geus di angkat yeuh …

Halooo….Dimana posisi ? bisa kadieu teu ayeuna? Lain kerneangan si

Agus .. ieu si Agus keur jeung urang ..

Encep : Ohhh he’euh bener …

Sidiq : Ekhh si Gelo .. gening aya didieu ..

Encep : Hahahahahaha …Wooyyyy …. Kumaha kabarna ???

Sidiq : Oh iya ieu si Agus ohhhhhhh Agus …

Uje : Agus Kang ….

Encep : Naha ieu makh da Si Andri heheh.. kieu Gus. Urang tekh keur neangan

pemain keur film Pendekar Halilintar …tah maneh pas ker pemain eta

..ayeuna dek nannya maneh daeuk teu?

Pendekar Halilintar … film silat sikh .. pokona honorna gede jeung

moal dianjuk dikh. ,moal siga DEPAG anu nepi ka ayeuna BOS na can

cair-cair.. hehehe

Agus : Sip lakh … satuju !!! ke ke ke .. ari BOS tekh anu beteungna baradag

lin???

Sidiq : Geus cair merent ayeunamah Cep..

Laint Gus..BOS tekh paragi tukang bajigur .. wadah tarigu jeung Gula

bereum anu biye hehehehhe

Encep : Dus atuh etamakh …paragi bapa urang hehehe?

Agus : Ohhh ….. iraha Kang Syutingna ??

Encep : Ke dihubungi dai ku Sayah nya … geus heulanya .. aya awewe geulis

tuh di juru …

Si Agus ayeunamah geus jadi artis, sapopoena diesian ku syuting, jeung syuting..

tapi teu kaliwat oge kadiskotik, abok topi dengdek, jeung make narkoba. Tapi indung

jeung bapana si Agus teu ngadukung .. lamun si Agus jadi artis.. sabab bapana

lewih nyaho kahirupan Artis.. Infoteiment mereunnya. Sanajan mineung

dipapatahan, si Agus keukeuh tengadengekeun caritaan kolotnajeung nepi ka detik

ayeuna .. kolot si Agus teu apaleun yen si Agus sok mabok jeng make Narkoba…

Page 8: Naskah Kabaret - Sunda

8

Tempat: Imah Agus

Bapak : Pokokna bapa teu satuju pami Agus tetep janten Artis. Sabab bapa

terang, kahirupan artis..

Regeupkeun yeuh cariosan bapa ..kahadean bakal ngajajapkeun urang

sadayana kana kabeneran, sareng kabeneran bakal ngajajpkeun ka

puncak pahaman anu ngajnteunken rendah hate.. sok ayeunah di ajar

lereus-lereus heg sakedap dai bade Ujian.

Ema : Naon anu di cariosken ku bapa .. memang leres etateh Gus. Sok

tinggalkeun dunia perfilman tekh sabab eta bakal nyandak pangaruh anu

teu sae kanggo Agus, anu dampakna Agus ke bakal adigung, sombong,

sareng kahirupan Agus bakal kacandak goreng. Umi dan Apih tidak mau

kalau anak-anaknya itu berada di jalan yang salah…

Sok ayeunamah regepkeun yeuh .. cariosan ema sareng bapa. Moal

mendakan di jagar raya ieu, kolot anu ngagaduhan cita-cita, supados

murangkalihna janten jalmi anu teu leres.. moal aya Gus. Sok sanajan

kolotna tukang mabok, tukang puak paok, tukang ngarogok-rogok,

jeung sajabana. Pasti anu namina kolotmah ngagaduhan cita-cita anu

sami sareung ibu jeung bapa.. nyeta hoyong murangkalihna janten jalmi

anu sae, anu leres… ingetkeun eta Agus …

Agus : Moal bisa Ema Apa..ieu tekh kahirupan Agus anu ditutungguan.. Agus

moal bisa ninggalkeun kahirupan ieu. Ti pagawean Agus jadi artis,

menang sagalan. Duit anu loba, kasenangan, kabahagiaan, kamewahan.

Lamunmah ema jeung apa kekeuh nitah ka Agus, kudu ninggalkeun

dunia perfilman. Lewih alus Agus ayeuna indit ti imah ieu jeung moal pernah balikdai ka imah ieu. Jeung moal papanggih dai jeung Ema

atawa Bapa. Sabab Agus yakin diluar ge Agus bakal aya nungampihan..

.. bari mebetkeun panto..

Si Agus indit ti imahna, bari ngarasan bener kanu kaputusana.. papatah tikolotna

saetik geu eweuh anu didenge…

Ema : Bari cerik indungna gogorowokan ngagoroan si Agus.

Agussssss.. tekenging Agussss . Ema moal dek rido pami Agus miang ti

bumi ieu.

Bapak : Ma …. Ema … Ema…. .. dada bapa ieu meni eungap bapana si Agus

ngagubrag.. sabab kena panyakit jantung…

Ema : Bapa .. bapa .. kunaon Bapa …. Aguuuuuuuuussssssss ……

Si Agus ayeuna teu pernah balik-balik ka imahna. Sare oge pipindahan dimah

babaturana. Si Agus ayeuna siga jeleam anu teboga indung bapa, buukna oge

gondrong. Nepikeun si Agus teu apaleun yen Bapana gering parah, jeung te pernah

boga pikiran bahwa bapana bakal balik ka Gusti Allah. Anu aya dipikirana ngan

ukur kasenangan jeung kamewahan. Nepi kahiji poe si Agus menang kabar yen

bapana ker dirawat di rumah sakit Garut.

Tempat: Rumah Sakit

Agus : Si Agus bari cerik menta di hampura ka bapana.. Bapa ..Agus

nyuhunkeun dihapunteun.

Hapunteun bapa.. Agus anu durhaka ieu, anu mineng nganyerihatekeun

bapa, anu mineng ngisinkeun bapa.. anu mineng ngabaikeun cariosan

bapa, ayeuna Agus sadar yeun ieutekh kasenangan anu sesaat.

Bapa hapunten Agus bapa, haputeun kanu kalepatan-kalepatan nu tos

dipidambel ku Agus, agus sadar ayeunamah yen cariosan bapa the leres

pisan.

Bapak : Murangkalih pamegetmah teu kenging nangis. Murangkalih

pamegetmah teu kenging ngaluarkeun cai soca. Bapa atos ngahapunten

sadaya kalepatan anu ku Agus dipidambel. Sateuacan Agus nyuhunkeun

dihapunten oge. Moal aya hiji jalmi oge di dunia ieu anu te pernah

ngalakukeun kalepatan. Sok ue ayeunamah uih ka bumi, tos lami Agus

teu uih ka bumi, bap amah didieu teu sawios-wios, tah ieu ongkos

kanggo uihna.

Agus : Agus moal deuk ninggalkeun bapa, Agus bade didieu dugi ka bapa

sehat.

Bapak : Bapa mah teu nanaon.. sok enggal gera uih ue ka bumi.

Agus : Oh muhun … Agus miang heula atuh Pa. sing enggal damang.

Assalamu’alaikum ???

Bapak : Wa’alaikumsalam Wr. Wb.

Page 9: Naskah Kabaret - Sunda

9

Saengeeusna si Agus nepi ka imah. Ujug-ujug menang kabar yen bapana maot. Si

Agus sangat terpukul sekali dengan kepergian Ayahny. Si Agus kaduhungeun kana

tingkahlakuna sabab salila bapana masih keneh hirup si Agus tara ngadengekeun

omongan bapana.

Tempat: Imah Agus

Agus : Gusti nu Agung hampura kanu sadayana kalepatan abdi…

Abdi anu teu wawuh ka Gusti .. abdi anu ayeuna tebih ti Gusti, abdi anu

sok ngalakukeun kamaksiatan

Abdi anu durhaka ieu … anu teu pernah nurutkeun cariosan bapa..

Abdi nu sok nganyerihatekeun bapa, nu sok ngacewakeun bapa,

Duh gusti tempatkeun pun bapa, ditempat anu paling mulia. Pasihan pun

bapa nikmat kubur . Robbana Atina Pidunya hasanah wafil akhiroti

hasanah wakina adza banner. Amiin ya Robbal Alamin..

Saatosna bapa si Agus maot, ayeuna indung si Agus ngurus lima anakana ku

sorangan. Jeung kahirupan maranehna robah jadi lewih alus. Tapi si Agus rubah

dei kanu kahirupan saacana, balik dai kanu jalan anu goreng, malah beuki parah.

Kaadigungana lewih nambahan kusabab ngarasa loba duit tina hasil gawena jadi

artis. Papatah ti indng jeung lanceukna ges eweuh nu didengekeun. Salian ti eta, si

Agus anu kacanduan ku Narkoba jadi lewih parah nepi ka over dosis. Sanajan si

Agus ngalaman over dosis, tapi si Agus tetep teu kapok-kapok. Nepika si Agus di

coret ti dunia perfilman jeung ku babaturana di jarauhan.

Tempat: DISKOTIK

Sidiq : Cep .. ngadengemah si Agus geus teu dipake maen film.!!

Encep : Terus urang kudu ngomong Wooow kitu! Atawa Masalah ker maneh !!

hehehe He’euh bener .. sabab si Agus pecandu narkoba.

Sidiq : Oh .. Woow saya tekh terkejut .. hehehe

Encep : Et oge da dasarnmah ti penggemar.. pilm. Sabab lamun si Agus terus di

pake .. urang bakal bangkrut atuh .. Breeeewwww…

Sidiq : Terus bejanamah cenah awewena oge naringgalkeun si Agus..

Encep : Bener pisan eta.. dasar biang golosipppp…

Tempat: di Kamar Agus

Hay … jelema burung, jelema tukang mabok, jelama tukang nyandu narkoba,

budak durhaka, tukang nyerikeun kolot, … bapa maneh the maot gara-gara maneh,

ayeuna urang datang ka maneh dek maehan maneh hahahahaahah sabab kalakuan

maneh ges kalelewihan. Tuh tinggali ayeuna, tuh tinggali ayeuna, mana babaturan

maneh?? Mana duit maneh bisa nolongan teu ?? mana awewe maneh, bisa

nolongan teu ?? ayena urang datang dek maehan maneh hahahahaha.

Agus : Saha maneh !!!!

Balik kaitu .. urang embung paeh ayeuna..balik .. balik .. kaitu sing jauh.

Ya Allah hampura ieu simkuring anu seeur ngalakukeun dosa-dosa, anu

sok aya di jalan anu lepat. Simkuring sadar saatos sadayana

ninggalkeun, ti mulai rerencangan, dunia perfilman, kabogoh, ku sabab

kalkuan simkuring. Tapi simkuring sadar sok sanajan rerencangan

naringgalkeun simkuring.. aya gusti anu maha kawasa anu te pernah

ninggalkeun simkuring. Sok sanajan simkuring se’eur ku dosa-dosa.

Mung ka Gusti simkuring nyuhunkeun ampunan.

Si Agus kaluar ti kamarna.. bari cerik .. nyamperkeun indungna.. anu boga niat dek

menta di hampura.

Agus : Ema .. hapunteun sadaya kalepatan Agus Ema.

Agus ayeuna sadar yen anu dilakukeun ku Agus tekh lepat, kaegoan

sareng kasombongan tekh atos ngeleuhkeun abdi. Sakali dai .. Ema hampura Agus anu durhaka ieu anu tara nurutkeun cariosan Ema sareng

Almarhum Bapa.

Ema : Alhamdulillah .. Gusti nu Agung .. atos nyadarken murangkalih abdi.

Ayeuna murangkalih abdi atos ka jalan anu leres.

Gus Ema geus ngahampura Agus.. ema bersyukur. Sabab Agus atos

sadar.. ema bakal terus nyaah ka Agus.. meskipun Agus teu nyaah ka

Ema..sok miggu hareup makh urang indit ka Mekkah urang Umroh.

Page 10: Naskah Kabaret - Sunda

10

Tempat: KA’BAH

Si Agus jeung indungna indit ka Mekka deuk Umroh. Di diditu indungna ngado’a

ka Gusti Allah menta dihampura tina dosa-dosa anu dilakukeun ku si Agus.. jeng

menta supaya bapana si Agus dibere nikmat kubur. Jeung menta supaya budak-

budakna jadi budak anu saroleh. Di Mekkah si Agus menang hidayah. Ujug-ujug

dosa-dosa anu dilakukeun ku manehan nana ka bayangkeun di pikirana. Berebey

cai panon raragragan, anu samemehna eta cai panon can pernah kaluar ku sakitu

lobana. Si Agus sadar yen anu pernah dilakukeun samemeh eta lolobana

kamaksiatan.

Agus : Gusti nu Agung, nu maha kawasa, hapuskeun dosa-dosa anu ku

simkuring pernah dilakonan salila ieu. Boh dosa anu gede boh dosa anu

letik. Ayeuna simkuring sadar yeun hirup simkuring tekh seuseuerna

ngalakonan kamaksiatan.

Ieu simkuring anu dipopohokeun ku kasombongan, simkuring anu hina

ieu, simkuring anu atos mopohokeun gusti nu kawasa, ayeuna simkuring

datang ka payunen Gusti, bade nyuhunkeun di hapunten dosa-dosa

sinareng nyuhunkeun ampunan. Iwal ka Gusti tempat kangge

nyuhunkeun ampunan.

Gusti bilihmah saatos wangsul ti die simkuring ngalakonan deui ka

maksiatan.. sok cabut we nyawa simkuring tekh. Tapi upami aya manfaat kangge jalmi anu sanes, simkuring nyuhunkeun di cagerkeun

tinu sagala kagorengan ieu.

Akhirna si Agus jadi dekeut dai kanu Agama. Usahana jadi jelema anu bener teu

sangampang jeung teu sahampang malikeun lengeun. Saenggeus umrah, si Agus

nyobaan hirup baleg. Tapi anu ngarana gogoda so kaya wae nyamperkeun ka

manehan nana. Hiji waktu si Agus jeng babaturana dek lalajo Dangdut di Garut. Ka

razia ku polisi.

Setting: Di Jalan

Dion : Gus aya NOAH di Alun-alun Garut.

Aip : He’euh eung ges lila teu ulin bareng..

Agus : Hayu.. tapi ulah mawa Narkoba jeung Abokan anu merekna topi

dengdek..

Miftah : Dek kamarana euy ..??

Aip : Ka Garut

Dion : Dek ngilu moal Mif ??

Miftah : Emang dek naon kitu ka garut ??

Agus : Ceuk si Dion mah aya NOAH cenah..

Miftah : Hayu atuh …

Tancap breewwwww …

Aip : Gus Gus .. razia dihareup eung ..

Tapi ketang teu nanaont da te mawa narkoba jeung abokan..

Miftah : Waduhh mangkaning urang mawa narkoba..

Dion : Akhh si Kemif mah nya ..panan geus sapakat ulah mawa barang haram

jeung geus janji moal make dai.

Miftah : Teu ngomong atuh ..

Aip : Belegug akh ..

N. Puji : Maaf Pa .. mengganggu sebentar. SIM dan STNK nya Pa ..

Agus : Ouh iya Bu .. ini SIM dan STNK nya..

Mul : Bu Puji .. saya menemukan ada Narkoba disini..

Dion : Tuhnya si Kemif mah .. benang ue ..

N. Puji : Maaf Pa .. silahkan Ikut kami Ke Kantor Polisi.. Bu Imas borgol mereka

Agus : Tapi bu .. sumpah saya enggak bawa..

Mul : Sudah diam nanti dijelasinnya di kantor polisi.

Page 11: Naskah Kabaret - Sunda

11

Tempat: Kantor Polisi

N. Puji : Karena Kamu bertiga tidak terbukti membawa NARKOBA maka kalian

kami bebaskan.

Dan kamu terbukti membawa narkoba.. dan silahkan nikmati rasanya

penjara yakh…

Bu Mul tolong buka borgol mereka..

Mul : Siap Bu .. perintah dilaksanakan.. oh Sama yang ini juga ??

Agus : Tuh nya bu cek urangge te mawa..

Mul : Apa yang kamu bilang barusan ??

Agus : Ngak .. cuman bilang Ibu cantik buangeettt …

Ag,Dn,A : Terima kasih Bu..

Agus : Assalamu’alaikum …..!!!

Ema ieu Agus … ieu tekh salah paham. Agusmah kabukti teu nyandak

narkoba.

Ema : Punten lepat nyambung.. sabari dipaehan telephone tekh.

Agus : Assalamu’alaikum ..!!!

Ema : Hapunteun abdi mah teu gaduh murang kalih anu namina Agus, komo

deui anus ok mabok sareung ngonsumsi narkoba makh. Panginten lepat

nyambung tanapi lepat ngetik nomor.

N. Puji : Yah silahkan kalian pulang… dan kamu tetap disini karena terbukti

membawa NARKOBA…

Si Agus jeng babaturana baralik iwal si Miftah. Samemeh balik maranehna

nyimpang heula di kadungora, nu boga tujuan dek neangan tukang sangu goreng.

Tah didieu si Agus mulai wawuh jeung awewe anu ngarana Vina Mutiara anu bakal

jadi pamajikana.

Tempat: Warung Nasi Goreng

Vina : Ncak cak … itu siga Agus.. Pemain film pendekar Halilintar..

Rojat : Muhun leres.. itu tekh si Agus. Kumaha kitu ?? Naksirnya ?

Vina : Akh kamana wae.. si Ncak makh. Hoyong kenalan ue..

Rojat : Aduhh teu kenging Vin.. bakal nyandak pangaruh anu kirang sae.

Vina : Eukh teu sawios-wios atuh Cak.. da teu acant tangtos bakal nyandak

pangaruh goreng.

Rojat : Mending uih ueh….. hayu akh ..

Vina : Alim Akh..ke sakedap dai.. sugan ue Agus ninggal ka lebah die.

Naha Cak make teu kenging kenalan sareung Agus ? Emangna Agus ku

naon kitu ??

Rojat : Pokona teu kenging, bakal kacandakeun goreng, pami kenal sareng si

Agus makh.

Gugun : Hmmmmmmmmmmmm ……..

Vina teu gampang eleh, saacan manehna wawuh jeung si Agus. Anu akhirna si

Agus jeung Vina Mutiara dipapanggihkeun di imahna Mang Jaja ohhh Jaja, terus

maranehna jadi dekeut.

Tempat: Imah Mang Jaja

Vina : Assalamu’alaikum!

Agus : Wa’alaikumsalam Wr. Wb.

Vina : Agus nya

Pemain pendekar halilintar !

Agus : Muhun Naha terang !

Vina : Abdi resep pisan film eta tekh.. teras aktingna sae pisan dikh.

Kenalkeun nami abdi Vina Mutiara.

Agus : Ouh muhun .

Vina : Sibuk syuting naon ayeuna kang ?

Agus : Atos lireun syuting ayeunamah …

Vina : Ohhh … manwi tekh masih sok syuting..

Rojat : Panan atos diwartosan.. teu kenging caket sareng si Agus.. tapi teteup ue

nya ..

Agus : Aya naont kang ? ??

Rojat : Oh teu nanaont…

Vin hayu mulang … bilih ka cap goreng dikh.

Page 12: Naskah Kabaret - Sunda

12

Akhirna Agus jeung Vina jadi dekeut, jeung mineng ulin bareng. Sok sanajan ngan

ukur lalajo jeung dahar. Tapi babaturan si Vina teu nyatujuan, lamun si Vina

jadian bahkan ngan saukur deket ge tenyarutujuan.

Tempat: Ditempat Umum

Aini : Vin saurna cenah jadian sereng si Agus !!

Vina : Muhun

Lestari : What !! Naha bisa geuning ??

Aini : Teu terang kitu Vin ?

Vina : Kumaha kitu ?

Aini : Ehh si Agus tekh kan jalmi anu te leres.. tukang mabok, teras sok kanu

Narkoba dikh.

Lestari : Bener eta tekh Vin .. matak teu maen Film deui ge..

Vina : Teras.. upami Agus pecandu narkoba Abdi kedah nyebat Wow Kitu !!!

Lestari : Eh di bejaan tek nya .. ke ge bakal kaduhungen gera..

Vina : Duka kunaon ieu tekh, pami caket sareung anjeuna the sok enakeun

pisan. Upami nuju jalan-jalan tekh sok kacida bungahna. Sadinteun ue te

mendakan anjeuna…. Ieu manah tekh kirang lenkap. Duka kunaon ieu

abdi tekh nya. Saatos wawuh sareng anjeuna abdi sok hoyong aya ue di

gigireuna. Raraina anu kasep, serina anu amis, socana anu sekeut.

Anjeuna panginteun jodo Abdi tekh..

Aini : Wahh Tari ieu rerencangan urang atos ka virusan.. kedah di scan atanapi

di format ieumakh..

Vina : Scan tekh naon Aini ??

Lestari : Ehh ges ges akh .. tingali geura itu aya Raffi Ahmad ?

Aini : Mana Tari… ?? salah ninggal panginteun..

Kan Raffi Ahmad mak di penjara..

Vina : Mana cik lebah mana ?

Lestari : Itu tukh ..

Vina : Alah muhun Raffi Ahmad.. Atos kaluar panginten ti penjarana..

Ke sakedap .. sanes akh .. itu makh Pa …….

Aini : Tuuuhhh .. Vin Agus datang..

Agus : Assalamu’alaikum… !!!!

Semua : Wa’alaikumsalam Wr. Wb.

Agus : Hapunten .. ngaganggu sakedap.. tiasa nambut Vina na ??

Aini : Ouh nya Mangga .. candak ue.. asal teu kenging seep nya ..

Vina : Aya naon Kang ???

Agus : Ka Garut yu ??? urang nonton bioskop

Vina : Ouh mangga .. ke sakedap..

Aini, Tari .. Punteun ti payun nya.. bade Ka Garut heula..

Aini : Yah teu di Ajakan..

Vina : Hapunten pisaaannn ..

Agus : Assalamu’alaikum!!

An+Ls : Wa’alaikumsalam Wr. Wb.

Aini : Nahanya kersaan bobogohan sareung pecandu Narkoba…

Lestari : Geus sengklek mereunan otakna …

Hayu akh balik ..

Aini : Ouh muhun ayo ..

Akhirna si Agus menta izin ka indungna yen manehna dek ngawinan si Vina, jeung

indungna ngizinan si Agus kawin ka si Vina. Anu akhirna si Agus jeung si Vina

kawin.

Irawan :

Agus : Tarima abdi nikah ka Vina Berlian binti Masbuloh kalayan nganggo

maskawin ku Gunung Haruman .. di anjuk.

Semua : Sah sah sah sah

Lebe : Eh sing baleg siakh … sok sakali deui..

Agus : Tarima abdi nikah ka Vina Berlian binti Masbuloh kalayang nganggo

maskawin ku Gunung Letik sareung Saparangkat alat dapur di bayar

kontan …

Semua : Sah sah sah …

Lebe : Ehh cing bener.. ulah dihereuykeun ..tadi gunung haruman naha jadi

Page 13: Naskah Kabaret - Sunda

13

gunung letik…

Agus : Hapunten Pa Lebe .. geumpeur ieu tekh.. seeur anu ninggal, sok

ayeunamah bakal lereus gera..

Tarima abdi nikah ka Vina Berlian binti Masbuloh kalayan nganggo

maskawin ku Gunung Haruman sareung saparangkat alat shalat di bayar

kontan..

Semua : Sah sah sah …

Lebe : Alhamdulillah hiraobbil ‘Alamin… sok ayeunamah atos di halalkeun

..mangga.

Si Agus jeng si Vina ayeuna geus jadi salaki pamajikan, tapi anu ngarana

kahirupanna teu sagampang anu dihareupkeun. Si Agus pernah ngalaman dagang,

diantarana dagang bajigur, cokrim , jeung sakoteng. Tapi teteup eweh perubhan anu

lewih alus ker kahirupana.

Vina : Akang, .. naha nya dagang bajigur tekh meni tiiseun pisan. Ngan tiasa

kapeser dei kanggo boled, sampe sareung kalapa. Sabun ge dugi ka

nambut heula ka warung.

Agus : Akang oge kirang terang iu tekh. Panginteun ieu tekh akibat tina dosa-

dosa akang anu kapungkur. Sok ue Teteh, kieu ue ayeunamah.. pami

teteh atos teu kiat ku kaayaan saportos kie. Sok mangga Teteh milarian

dei anu sanes.

Vina : Moal dugi ka kitu teteh mah Kang. Teteh mah tetep bakal aya di

gigireun akang. Sok sanaos dagang tiiseun wae ge.. ngan tiasa ukur

kapeser beas bulog oge.. teteh mah ridho.. Ku sabab teteh tekh nyaah ka Akang, akang tekh imam kanggo teteh

sareng murangkalih urang kapayun. Teteh makh ridho sok sanaos hirup

sangsara oge.. tapi teteh moal sangsara ku rasa kanyaah ka Akang. Teteh

mah yakin Akang.. yen ieu tekh ngan saukur cobaan ti Gusti.

Agus : Teu lepat akang milih istri tekh.. sok sanaos di candak sangsara oge.

Amiin.. mugia urang sadayana tiasa ngalewatan ieu cobaan. Da Gusti

makh moal rek masihan cobaan di luar bates kamampuan. Wios

enjingmah urang nyobian dagang cokrim eu .. mudah-mudahan eta jalan

kaluarna. Amiin

Laun-laun kahirupan rumah tangga si Agus robah jadi lewih alus, terutama pas

lanceukna nyaeta si Angga maot. Timulai tidinya si Agus jadi tukang ngesian

khotbah jeung caramah di masjid-masjid. Nepikeun ka jadi kondang sa Indonesia

bahkan ka luar negri, sareng si Agus ayeuna ngagaduhan 4 murang kalih. Di

antawisna aya Adiba Kanza Az-Zahra, Mohammad Abdizan Algifari. Tapi anu

ngarana umurmah moal aya anu apal iwal ti Gusti. Si Agus anu ges jadi Ustadz

kondanga nu sateacana urut pecandu Narkoba, di cabut nyawana ku Gusti nu

agung. Anu akhirna si Agus ayeuna ngan ukur jadi kenangan.

Agus : Kanza .. punten pang mukakeun panto. Itu aya semah bade ka Abi. Eta

tehk jalmi anus ok ngajagi Abi

Kanza : Muhun Abbi …

Abi .. di palih mana ?? gening teu aya sasaha !

Agus : Sok piwarang kalebet semahna..

Kanza : Ari Abi tekh ku naonnya ?? teu aya sasaha oge di piwarang lebet..

Agus : Atos di piwarang lebet teu acant ?

Kanza : Atos Abi ..

Agus : Abbi bade ibak heula..sok pasihan heula cai semahna..

Kanza : Bade masihan cai ka saha ari Abi tehk. Jalmi na oge teu aya..

Agus : Kanza .. na Kaman semah tekh ?? tos teu aya dai..

Kanza : Titatadi ge ..teu aya sasah.. iwal Kanza.

Agus : Kanza ari Umi kamana?

Kanza : Nuju di dapur panginteun Bi.

Vina : Aya naon Abi ?

Agus : Abi ayeun aya jadwal ngisi acara, panginteun bakal lami uihna. Punteun

murangkalih di jaginya bilih kumaha onam. Soalna Abi bakal lami

mangkatna sareung uihna oge bakal telat.. Omatnya Mi.. murang kalih

urang kedah di jagi sareng di didk leres-leres supados janten murang

kalih anu soleh sareng soleha. Abi ge nyuhunkeun di hapunten, bilih

salami ieu Abi seeur ngalakuken kalepatan-kaleupatan ka Umi, boh anu

Page 14: Naskah Kabaret - Sunda

14

di sengaja atanapi anu te kahaja.

Vina : Ari Abi kunaon ?? nyariosna but kitu ?

Kanza : Muhun Umi.. tatadi ge .. Abi tekh aneh..

Vina : Ari Abi.. tekenging kitu nyariosna.. Umi janten rarewas ieu tekh. Panan

Abi atos janji bakal ngarawat, ngajagi murang kalih dugi ka janten

murang kalih anu soleh sareng soleha. Kedah na oge Umi anu

nyuhunkeun di hapunten tekh sanes Abi.

Agus : Muhun insya Allah.. pami Allah masihan yiswa ka Abi anu panjang. Abi

angkat heulanya bilih telat. Assalamu’alaikum?

K+V : Wa’alaikumsalam Wr. Wb.

Vina : Kadenya Bi…

Kanza : Umi.. ari Abi tekh kunaon ??

Da tadi ge ka Kanza miwarang ngabukakeun panto, saurna aya semah

kanggo Abi, teras saur Abi tekh.. eta tek cenah” jalmi anus ok ngajagi

Abi” padahal jalminamah teu aya.…

Vina : Umi oge bingung.. ayeuna-ayeuna Abi tekh rada aneh. Mugia ieu tekh

sanes pertanda anu teu sae.

Kanza : Amiinn.. oh muhun Mi.. kamari Abi ge nyarios ka Abdi.. saurna tekh

pangjagikeun Umi, rai-rai Kanza, teu kenging bangor cenah, teukenging

nyesahkeun Umi, da Abi bade angkat jauh sareng bakal lami cenah..

: Teu kungsi lila aya sora telephone..

Vina : Wa’alaikum salam..Wr. Wb.

Muhun lereus … Innalillahi wa inna ilaihi rijiun…

Kanza : Aya naon Umi… Umi aya naon ???

Vina : Abiiiiiiiiii ….. Abiii…… Astagfirulloh haladzim Abiii… aduh Abiiiii..

Kanza ….Abi atos ngantunkeun .. nembe di rumah sakit.. ……

Abiiiiiiiii

Kanza : Abiiiiiiiii …… Abiiiiiii Abiiiiiii….

Vina : Aduhhhhh Abiiii … Abiiiiiii … naha Gusti meni ayeuna… aduh Abiiii

SEKIAN

Karya: FIANT SYARIFUDIN

PEMAIN:

NO NGARAN ASLI NGARAN

SAMARAN KATERANGAN

1 Andri Heriyanto Agus Uje

2 Vina Mutiara Vina Pipik Dian Irawati

3 Anjar Muhajir Bapak dan Lebe Bapan Uje

4 Winda Nur Hidayah Ema Indung Uje

5 Anggara Setiawan Angga dan Irawan Lanceuk ka 2 Uje/ Bapa Vina

6 Surya Lesmana Surya Lancek ka 1 Uje

7 Ervina Diniyanti Kanza Budak Uje

8 Ai Pipih Ratnasari Bu Sifa dan Ai Pipih Guru ngaji/Santri Pasantren

9 Anisa Putri Neng Anisa Santri Pasantren/anak Khiyayi

10 Miftah Sidiq Miftah Babaturan SD Uje

11 Neng Sindi Neng Sindi Guru Pasantren Uje

12 Iman Saepudin Iman Babaturan pasantren Uje

13 Aip Muslimin Aip Babaturan Aliyah Uje

14 Imam Setiadi Dion Babaturan Aliyah Uje

15 Desti Pujiyanti Desti Babaturan Aliyah Uje

16 Supian Pa Ujang Guru Aliyah Uje

17 Sidiq Firmansyah Sidiq Babaturan Uje di diskotik

18 Encep Somantri Encep Sutradara

19 Neng Fatimah P Neng Puji Polisi

20 Imas Siti Marfu’ah Mul Polisi

21 Rojat Ma’ru Rojat Gugun Gondrong

22 Lestari Tari Babaturan Pipik

23 Siti Nur’aini Aini Babaturan Pipik