Mangle2463

57

Transcript of Mangle2463

0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986

ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69

BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun

No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350

ISSN: 0852-8217

ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:

Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-

7309720

E-MAIL: - [email protected]

- facebook: Majalah Sunda Mangle

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG

RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib rata,Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendra yana,Eep Nandang R, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETARIS

RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSA NA Ayi Sundana, SEKRETARIS :

Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA

RUPA/PRA CETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana,KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); UunJuharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); ArmegaSista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, AiNawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.

Jlug-jlegna wawangunan, but-batna jalan, bisamedalkeun harepan, mangsa ka hareup leuwihhadé batan saméméhna. Lantaran, sarana kawas

kitu, bisa jadi pangjurung rupa-rupa kagiatan geusan jadicukang lantaran masarakat ngahontal karaharjaan.

Pangwangunan tandaning ketak ngaléngkah.Mangpaat na bakal karasa ku balaréa. Ngan, lain tanpapasualan, lantaran geder jeung gedurna pangwangunanpisik gé, tara tuna tina mama la. Saperti lumangsungnapangwangunan di daérah, bisa medal patalékan, naha étatéh pangwangunan di daérah atawa ngawangun daérah?Patalékan kitu, bisa loba rambat kamaléna, lantaran,tujuan ana bakal gumantung kana buktina.

Upama ukur ngawangun di daérah, mangpaatnamah, mémang, bisa keur saha waé. Lian ti mangpaatkeur nu ngawangunna bisa ogé karasa ku nu dumuk disabudeureun éta tempat. Ngan, patalékan saterusna,

naha énya pribumi oge bisa ngararasakeun mangpaat -na?

Galibna pangwangunan, saperti ngawangun padumu -kan, kantor, jeung sajabana butuh lahan. Nya, ilahar nadeuih robah pungsi lahan, oge bisa robah nungamangpaakeun ana. Nu asalna, tempat tatanén, misal -na, apan sanggeusna jadi wawangunan mah, éta hasiltatanén gé bakal leungit, diganti ku mangpaat séjén. Tah,parobahan kawas kitu ogé, bisa robah nu ngararsakeunmangpaatna.

Mitra, dina mangsa nyantekna pilihan umum, lobacaleg nu nawarkeun ‘jasana’ geusan ngawangun lembur.Ngan tangtu, ahirna mah, kumaha rahayat nu rék milih -na. Hartina, deuih, ajén-inajén pamingpin nu kapilih gégumantung kana pilihan rahayat téa. Atuh, mun milihnateu jeung wiwaha, hasina gé bisa waé, teu saperti nu di -piharep. ***

Ngajaga Lembur

LLawangSakéténg

IMPLIK-IMPLIK

Para Pendékar Cibiru

Siap Ngarojong Rékor MURI

........................................................... 8

RANCAGÉ

Hadiah Sastera “Rancagé” 2014

......................................................... 10

MIMBAR ATIKAN

Nyaba ka “Kabuyutan”

Gunung Sanghiang

Laporan Ki Warta

......................................................... 30

NU MANEUH

Lawang Saketeng ............................... 1Kaca Tilu ............................................ 3Nyusur Galur .................................... 12Munara Cahya ................................... 14Tanya Jawab ..................................... 16Aweuhan .......................................... 17Gedong Sate ...................................... 42Katumbiri .......................................... 44Bale Bandung .................................... 50

Mangle Rumaja .................................. 51Tarucing Cakra .................................. 55Lempa Lempi Lempong .................... 56

5TAMU

Hj. Utje Choeriah Suganda;

Nguatan Sunda di Tatar Wétan

Po

tre

t : Is

tim

ew

a

Tara-tara tisasari di puser dayeuhPakuan seuneu ngagugudag ti lebah

Lawang Gintung. Musuh rébuan blus-blos arasup ka jero kota tempat

ngadegna istana karajaan Pajajaran. “Gusti énggal taki-taki musuh tos

nyedek kaistana,“ cék Rahyang Jagat-nata Pendeta Agung Pajajaran ka Prabu

Siliwangi Raja Pajajaran. Sang Prabu anu harita keur rembugan..

Runtagna Pajajaran

JAGAT WANGWANGAN( 17 - 40 )

3Manglé 2463

KKacaTilu

Rampog

Di mana-mana gé nu disebutrampog mah jahat. Dinasakalina anu teu kitu, ayana

dina dongéng. Nu pangmashurna, diantarana, Robin Hood. Manéhnamah apan ngarampoga ti nu beung-har bari teu bener, mun ayeuna mahti nu korupsi, terus dibagikeun kaanu teu baroga. Aya éta gé kaol, pajarcenah Robin Hood mah laindongéng, da aya dikieuna. Malahcenah aya patalina jeung PerangSalib.

Ari di urang aya babasan, sepipaling towong rampog. Maksudnamah nagara anu aman, jelemanabalener kabéh. Aya dikieuna éta téh?Nu ieu gé ayana ngan dina dongéngjeung carita pantun.

Kacaturkeun jaman ayeuna, apankeur meujeuhna sahéng nu nyarita -keun urusan anggaran keur saksidina pemilu nu sakeudeung deuibakal kaalaman ku urang saréréa.Cenah saksi dina waktuna ngitungsora téh dibayarna nitih Rp 100 rébusapoéna. Dijumlah-jamléh kabéhan -ana téh kudu aya anggaran Rp 685milyar. Naha maké disebutanggaran? Apan kudu dibayar kupamarén tah.

Tah nu ieu mah lain dongéng.Sacara hukum geus sah. Parleméngeus satuju, pamaréntah pon kitudeui. Atuh di KementerianKeuangan ana gé lungsur-langsar,henteu sakumaha anu kajadian keuranggaran pendidikan. Anu ngaganjelkénéh téh lantaran tacan aya katang-tuan hukum ti Presidén Yudhoyono.

Suratna mah pasti geus dijieun, ngancan ditéken.

Ayeuna diributkeun. Ulah, cenahulah dibayar tina APBN. Keun wésina dibayar ku parpolna masing-masing. Ngeunah teuing parpolnalamun sagala rupa kudu dibayaranku nagara.

Na atuh anu celengkeung téhPKB. Éta parpol anu diadegkeun kuGus Dur tapi ayeuna teu hadé jeungkulawarga Gus Dur téh balaka kasaréréa pajar cenah lain hiji dua par-pol anu teu boga anggaran pikeunmayar saksi. Tangtuna gé meureundi dinya téh kaasup PKB.

Nya ieu meureun anu disebutkalapa bijil ti cungap téh. Salila ieumah apan nu ngaranna parpol téhbalagana kabina-bina. Boh di manaboh di mendi mani asa pangakangna.Ari sihoréng geuning maranéh téhbalangsak, nya.

Teu meunang kitu. Disebutbalangsak mah teu meunang.Ngahina basa atuh éta mah kasebut -na. Lain balangsak, tapi embung.Ngarasa rugi lamun kudu dipakémaya ran kaperluan nu kitu. Da pirakuari parpol kudu disebut balangsakmah. Nu ngaranna pingpinan parpolapan kabéjakeunana boga imahleuwih ti hiji. Malah pamajikan gé ayadua aya tilu. Atuh kandaraan mahgeus puguh deui. Can kungsi kabéja -keun aya pingpinan parpol anungantor na ngaboséh.

Teu kurang-kurang anu ambeklamun nagara kudu mayar saksipemilu anu jumlahna lain saeutik

téh. Batan dipaké mayar saksi pemiluteu puguh karep, mending kénéh di-paké nulungan anu keur keuna kumusibah. Di Sinabung, di Manado,geus puguheun di Jakarta jeung Pan-tura mah, anu keur susah téh apanteu kurang-kurang. Maranéhnakabéjakeun sagala kurang. Nu kitutah anu kudu ditulungan mah.

Ayana parpol di urang mahsigana loba misalahna. Nu saéstuna,ayana parpol téh pikeun nyalurkeunaspirasi pulitik warga nagara.Ukuran ana, sakumaha lobana warganagara anu nyalurkeun aspirasipulitik na ka dinya. Hartina nya kuduanggotana anu ngahirupkeunparpol na ogé. Kungsi dina mangsanamah, anggota parpol téh mayar iuranunggal bulan.

Ari ayeuna kitu kénéh? Ih atuhapan jaman téh barobah. Lain dululain sekarang. Ayeuna mah parpoltéh diurus ku nagara. Aya réngkolnadina APBN. Tacan anu teu puguhréngkolna tapi puguh nungaréngkolanana. Dina perkara béasimpor ti Vietnam baé upamana, apanceuk Rizal Ramli mah aya untungratu san milyar rupia anu losna téhbakal kana kas parpol.

Sarua jeung ngarampog atuh étamah ngaranna? Ih, apan kecap ram-pog téh boh dina basa Sunda bohdina basa Indonésia aya réngkolnadina kamus. Jeung aya sasaruananadeuih. Nu matak aya kalimah anubisa dipaké conto: Batan dirampogku Walanda mending dirampog kuurang sorangan. AM.

KUD Hudang DeuiSae pisan kiwari wancina

KUD kedah hudang deui.Bawiraos ieu nagri rahay-atna, utamana rahayat dipadesaan moal ngahontalkaraharjaan lamun urangteu balik deui ka KUD,ibaratna back to basic di-wuwuh ku political willpihak pmarentah. KUDkudu jadi deui soko guruperekonomian rahayatpadesaan keur meranganambisi para konglomerat nukiwari nerekab ka unggaldesa ngaliwatan bisnis war-alaba, finance nu makebibita fasilitas tapi bungananyekek, jeung rea-rea deui.Prung ah... geura padung-dung !!!

Wassalam,A.Sutardi

Kari WaasnaAkibat mikacinta dunya

barana anu kaleuleuwihi...,akibat muja kan hartabanda...., manusa jadi leun-git kamanusaannana, adi-gung adiguna..., asa ainguyah kidul, lat pohoditemah wadi lali ka purwadaksi..., poho yen hirup didunya moal lila, poho yenhirup teh ukur ngumbara.Urang Sunda anu darehdehsomeah ka semah, urangsunda anu deudeuhannyaahan...., urang Sundaanu landung kandunganlaer aisan...., kiwari.... kariwaasna.

BaktosAndang S. Argayuda

Sunda jeung IslamSim kuring nu pituin

urang sunda ngaraosreueus ku dalitna Sundasareng Islam, Islamsareng Sunda. UrangSunda mah, insya Alloh,gampil di atur, asal nungaturna tiasa janten pi-contoeun, sapagodosantawis ucapan sarengtindakan. Anu kedah dit-ingkatkeun teh "kawani"dina nanjeurkeun beben-eran, ngalempengkeunanu bengkung, ngajagaanu lempeng supaya hen-teu bengkung.

Numutkeun paningalsim kuring, urang sundakiwari leuwih condong"tuturut munding" tibatan jadi "kusir" numan diri, teuneung lude-ung, ucapan jeung sikep -na teu incah balilahantina jati diri urang sunda

nu islami. Walahu'alam. Hatur nuhun.

Ajat sudrajat

Pamingpin Kudu AdilPara pamingpin, upami

leres berjuang mah sae,...pan ayeuna mah seueur anuatasnami rahayat,..tapi ra-hayat anu mana. Pangpang-namah perjuangana tehmung saukur keur milarian..sa konatiner nasi..da ari ra-hayat mah tetep weh sapir-ing sangu,.. milari kadilanpan dunya mah moal ayaadil,.. anu aya sawajarna,milari adil. Mangga ti payunweh nepangan anu mahaadil. Sakitu wae.

Baktos,

Kamin DoankPontianak

Manglé 24634

KKoropak

KURSUS SAJARAH JEUNG BUDAYA SUNDAGawé bareng

Majalah MANGLÉ, Mangle-Online jeung YAYASAN MASYARAKAT SAJARAWAN INDONÉSIA CABANG JAWA BARAT

Waktu Kursus/Pematéri:

1. Sajarah Tatar Sunda ( Prof. Dr. Nina H Lubis, M.S.)2. Dinamika Basa Sunda (Drs. H. Elin Sjamsuri)3. Aksara jeung Naskah Sunda (Dr. Undang Ahmad Darsa, M. Hum.)4. Dinamika Sastra Sunda (Dian Héndrayana, S.S, M.Pd)5. Diajar Nulis Puisi Sunda (Soni Farid Maulana)6. Historiografi Sunda (Miftahul Falah, SS, M.Hum)7. Diajar Nulis Sajarah Populér (Hana Rohana Suwanda)8. Diajar Nulis Artikel (H. Usép Romli)9. Metode Sajarah (Dr. Mumuh Muhsin Z., M.Hum)

Tempat jeung WaragadnaWaktu : 15 Fébruari 2014, 22 Fébruari 2014, sareng 1 Marét 2014Tempat : Museum Sri Baduga Maharaja Jl. BKR No. 185 Bandung Waktos : 08.30 – 15.30Waragad : 300.000,- (tilu ratus rébu rupiah)Daftar ka : Tuti Rochimah (Mangle) Tip. (022) 7303438, Hp. 085721307232

Waragad kursus ditransper ka Rek. BCA 233 159 4719 a.n Anjani Dyah ParamitaSalila kursus pamilon baris meunang: makalah, sertipikat sareng tuang siang.

5Manglé 2463

TTamu

Jeneng Bupati atawa jadi tokohnomer hiji di daérah kabupaténmangrupa hiji préstasi pikeun

gemblengna lalampahan sajarah hijitokoh, saperti Hajjah Utje ChoeriahSuganda S.Sos. M.A.P anu anyarkénéh narima tongkat éstafet ka-pamigpinan pamaréntah Derah Kabu-paten Kuningan ti carogéna nyaétaAang Hamid Suganda. Aya dua konciutama anu silih kait nyaéta kalunggu -han Bupati jeung “pamingpin”. Bupatimangrupa kalunguhan formal. Ari“Pamingpin” leuwih nitik beurat kanaajén pribadi sang tokoh dina enggoningmintonkeun karakteristik hiji paming-pin nu hadé turta suksés. Geus leubeut

ku luang pangalaman jeung élmupangaweruh na boh kajian ilmiah bohajaran agamana. Cindekna geusmasagi.

Bu Utjeu, kitu ceuk anu nyarebut, tisaprak ngagendeng kang carogé BupatiKuningan H. Aang Hamid Suganda,geus témbong sipat kapaming-pinanana. Ka dieunakeun kakara men-dak aya garwa bupati anu saterusnajeneng bupati narima tongkat éstafétkapamingpinan Kepala Daerah Kabu-paten ti carogéna, kalangkang nungawujud dina kanyataan sajarah dinawujud sajatining pamingpin anumasagi lantaran dina énggoning nampitongkat éstafet kapamingpinan geus

nyampak modalna. Sabab sapanjangbabakti ka carogé tanpa dipundut geuslangsung nimba élmu pangaweruhkatut luang pangalaman ti kang carogéenggoning jeneng bupati.

Bu Utjeu henteu sakadar jadi Nyo -nya atawa istri bupati anu sipatna ngandarma ngalakonan pancén istri bupati,tapi langsung teuteuleuman di dunyanu dikojayan ku carogéna. Anu sapertiHajjah Utje ngan hiji Utje nu ayeunageus jadi Bupati Kuningan. Rayat geushenteu panglingeun atawa ngarasahéraneun deui, sabab ti jaman nga -gendeng carogéna ogé, ti jaman ditelahIbu Bupati, Utje mah geus mampuhmintonkeun sipat-sipat kapaming-

Hajah Utje Choeriah Suganda sabada jadi Bupati

pinan anu hadé. Tepi ka loba anu tuma -nya tanpa tedeng aling-aling, pokna téh“Nu jadi bupati téh Aang atawa Utje?Sipat kapamingpinan Utje nyata turjelas, témbong ti saméméhna. Bédajeung nu séjén, témbong waé sipat IbuBupatina, lamun jaman baheula mahDen Ayu. Sipat istri bupati leuwih non-jol batan Bupati pamingpin rayat.Malah kungsi kakuping dina riunganresmi, pamilon riungan tumaros ka ibubupati (ibu nu jadi bupati), ibu bupatijigna lali deui, teu paham kumaha kudungajawabna, ana pok téh, “Ké... nya,urang tanyakeun heula ka bapa(makssudna carogéna nu kungsi jadibupati méméh diganti ku istrina.Pamilon riungan silih teuteup, beu!

Sipat-sipat saperti kitu, henteu ayadi salira Hajjah Utje Choeriah. Pangala-man jadi istri Bupati sapanjang duaperio deu pamaréntahan carogé, dipakébekel anu munel ku Hajjah Utje, rainabéntang pilem bekén Rahayu Effendianu binangkit loba kabisa.

Mémang jauh saméméh AangHamid Suganda jeneng bupati, ti jamandiajar jadi pangusaha kénéh, Ujtje ogémilu jadi pangusaha, luluncatananangahontal karir salawasna rereujeu -ngan réréndéngan salawasna saim-bang. Ngagéndéng Aang SangPagusaha tepi ka jadi Aang Sang Bu-pati, geus wasa ngajenglengkeun UtjeChoeriah jadi wanoja anu teuneungludeung, pinter, wijaksana tur percéka,binekas pinter nyarios turta ageungrasa sosialna.

Utjeu nonjol préstasina dina enggo -ning ngalaksanakeun pancén KetuaUmum K3S (Koordinator KegiatanKesejahtera an Sosial) KabupatenKuningan salila nyangking kalunguhangarwa Bupati. Éta téh bari jeung ming-pin organisasi séjénna anu ilahar di-cepeng ku garwa bupati. Pokonasaabreg-abreg pancén dijalankeun kuHajjah Utje kalayan suksés. KaasupJadi Ketua Palang Merah Indonesia(PMI) cabang Kuningan.

Liwat rintisan K3S, kiwari di Kabu-paten Kuningan geus ngadeg sentrapalayanan disabilitas tingkat interna-sional nyaeta SLB Taruna Mandiri diJalan Sampora Cilimus Kuningan.

Kuningan dipasrahkeun ku H. AangHamid Suganda ka Hj.Utje Choeriah

bener-bener dina kaayaan geulis luismeunang ngabebenah jeung netebahsapanjang dua periodeu Haji Aang je-neng bupati. Jalan-jalan di Kuninganmarulus alus, puncak kahadéan jeungkaéndahan jalan ngabulungbung luisalus tur mulus jalan ti Cibingbin kaBrebes, tapel wates anu matak nineung.Ceuk urang Kuningan mah, tawis socati Pa Ang kanggo Bu Utje.

Prof. Hj. Nina Lubis anu nurutkeunrencana bakal nulis buku SajarahKuningan, panuju mun éta jalan jaditawis soca, bekel ludeung kanggo buUtje neruskeun perjuangan ngawangunKuningan. Kakara ningal jalan sakituhadéna di lembur, saur Prof.Nina. Di -sebut alus mémang téh bener-beneralus.

Teu kalangkung, dina ngasuh jeungnuyun para penyandang cacat, K3SKuningan geus mampuh nuyun parasiswa-siswi SLB sa KabupatenKuningan jadi Perangkat 4 dina PekanOlahraga antar Pelajar PenyandangCacat tingkat Propinsi Jawa Barat.

Malah Sepak Bola NasionalPenyandang Cacat Manurung Cup ogédilangsungkeun di Kuningan, turtasukses. Ku sabab K3S Kuningan nu di -pingpin ku Hajjah Utje Choeriah S.SosMAP. geus hasil ngalaksanakeun siner -gitas jeung Pamarentah Daerah Kabu-paten Kuningan dina enggoningngungkulan masalah sosial, jeungPemberdayaan Penyandang Cacat(KPPC), Ketua K3S dilélér piagempanghargaan ku Mentri Sosial.

Lian ti perhatian ka para penyan-dang Cacat, K3S Kuningan ogé kacidaperhatianana ka para Lansia (LanjutUsia).

Ku sabab Hajjah Utje meunangpangajén luhur tina kapadulian sosialku jalan ngabuktikeun gawé rancagédina enggoning ningkatkeun kahirupansosial masarakat Kuningan. Ketua K3SKuningan Hajjah Utje C. Sugandadilélér piagem panghargaan SatyaKebak tian Sosial ku Presiden.

Loba Pangajén ti Saban Pihak

Home Industri Kuningan di antara -na kuliner peuyeum ketan, jaman Bu-pati Aang Hamid Suganda, peuyemketan Kuningan diangkat tepi ka jadi

salahsahiji katedaan husus oléh-oléhKuningan anu pada mikaresep, itu ieusedep. Hajjah Utje kacida getolnangabina jeung ngaping nalingakeunindus tri peuyeum ketan ieu tepi kalangsung lungsur ka dapurna ngiringngocék gigih jeung mungkusan ketannaku daun jambu, jadi henteu bentikcuruk balas ngawurukan wungkul, tapibener-bener pok-pék-prak ku anjeunmetakeun cara-cara ngolah jeungmungkusanana. Berkah jasa-jasanadina enggoning ngamajukeun home in-dustri ieu pisan, hajjah Utje dilélér pia -gem panghargaan ku WomenInternational Club (WIC), meunangpangajén luhur geus jadi PenggerakHome Industri Kuliner peuyeun ketan.Ku Duta Besar Yunani ngawakilanpamarentah na dilélér piagempangharga an berkah partisipasi K3SKuningan dina Kajuaraan Dunyapenyandang cacad sadunya anu ka 13.

Masih saabreg tanda panghargaanjeung piagem anu ditampi ku HajjahUtje sapanjang jadi garwa BupatiKuningan, éta puncak préstasinasaméméh diistrénan jadi Bupati nga-gentos carogéna.

Kamari ieu pisan saméméh ieutulisan turun ka percetakan, PresidenSusilo Bambang Yudoyono sumping kaKuningan, kitu nurutkeun humaspemda Kuningan dina telepunna kaMANGLE.

Utje Choeriah Suganda S.Sos.M.A.P nu dibabarkeun di Bogor 17 April1951 téh putra ka 6 ti antara 7 putra al-marhum H. Abdul Choer bin H.Sarbinisareng Ibu Hj. Djoehriyah Abdul Choerbinti H. Agus Salim . “Abdi mah sabandinten dikawal ku genep nonoman”,saurna téh. Genep sadérékna mémangsadayana pameget, saurna téh. Ti H.Aang Hamid Suganda kagungan putralima. 1) Hj.Drg. Rini Utari AnggraeniSuganda. 2) H. Eric Irawan SugandaMA. 3) Hj.Lea Meirina TrisnawatiSuga da SE.M.Si. 4) Hj. Sonya Pus-pasari Suganda, MA. 5) H. MochamadRidho Suganda SH.

Awal taun dalapanpuluhan, Hj. Utjekungsi aktip di Yayasan TenagaSukarela Sosial Bogor. Utje ogé kaasuppendiri Yayasan Waskita Raksa Waca -na, aktip ogé di Yayasan Keluarga Saki -nah After (care).

Manglé 24636

TTamu

Dewan pembina Komisi Pember-dayaan Penyandang Cacat (KPPC)Kabupaten Kuningan sajaba ti jadiketua sajumlah organisasi, Hajjah Utjeogé jadi pingpinan Dewan Pembinajeung Dewan Panasehat sababarahaorgani sasi di Kuningan, umumna anungawengku kagiatan sosial tepi kaahirna Hajjah Utje Choeriah SugandaS.Sos., MAP, diistrénan jadi BupatiKepala Daerah Kabupaten Kuningan,Wakilna H. Acep Purnama SH. MH. di-istrénan keur masa jabatan 2013-2018,ku Gupernur Jawa Barat AhmadHeryawan.

Gupernur ngélingan sakabéh pihakyén sabada diistrénan, Bupati jeungwakilna geus lain milik kolompokjeung golongan deui, lain milik partéypulitik anu ngadeudeulna, tapi geusjadi milik masarakat KabupaténKuningan.

Aya program rutin K3S Kuningananu picontoeun, nyaéta Kawin & IsbatNikah massal keur masarakatKuningan penyandang masalahkesejahtera an sosial. Anu geus nikahtapi can boga surat kawin, dikawinkeundeui sacara resmi tepi ka boga suratkawin ti KUA. Dikariakeun diriung-riung dina acara resmi anu biasana di-langsungkeun di masjid. Hj.Utje anu tijaman jadi Ibu Aang Hamid SugandaSang Bupati, geus jadi indung urangKuningan, ayeuna Hj. Utje geusngajeng leng jadi Bupati Kepala DaerahKuningan jadi indung warga daerahKabupaten Kuningan. Ti balita tepi kalansia, ti nu normal taya kakurang tepika nu tanpadaksa, kaurus kalereskeun.Malah salahsaurang tuna netra mahdijurung ludeung, dijurung laku pikeunneruskeun pendidikan tepi ka paguronluhur, saterusna dipercaya mingpinSLBN Taruna Mandiri, malah geus jadiPNS.

Sabada ibu jeneng bupati, di manabapa ayeuna? Tetep tumetep diKuningan, da puguh bibit buit urangKuningan, kagungan hanca garapanpausahaan anu ti baheula dipingpin kuanjeunna, nya ayeuna mulih deuingageroh pausahaan dibantuan ikuparaputrana. Alamat Pa Haji Aangsakulawarga di Jalan Siliwangi 88RT.01 RW 01 Kelurahan Purwawinan-gun Kacamatan Kuningan KabupatenKuningan.*** (HRS)

7Manglé 2463

Basa nampi piagem panghargaan Tokoh Peduli Penyandang Cacat & PenggerakPembangunan Sosial ti Gupernur Jabar dipasrahkeun ku Wakil Gupernur Dede Yusuf

manten, dina acara Hari Internasional Penyandang Cacat taun 2010.

Bakti Sosial keur masarakat Kuningan

Ngawalan ‘Car Free Day’ di kuningan

Manglé 246310

RRancagé

Alhamdulillah kalayan rido AllohSWT sareng pangdeudeul tisawatara pihak anu gedé perhatian -

ana kana kamekaran basa jeung sastra dinabasa indung, insya Alloh Hadiah Sastera“Rancagé” 2014 baris dipasrahkeun ka-26kalina keur sastra Sunda, ka-21 kalina keursastra Jawa, ka-18 kalina keur sastra Bali,sarta kaopat kalina keur sastra Lampung.Iwal ti keur sastra Lampung, keur sastraSunda, sastra Jawa jeung sastra Bali, Hadi -ah Sastera “Rancagé” dipasrahkeun unggaltaun tanpa aya copongna. Kituna téh lan-taran dina sastra Lampung henteu unggaltaun aya buku sastra anu medal. Dina taun2013 dina sastra Lampung aya dua bukusastra anu medal, nya ku kituna dina taunieu aya deui Hadiah Sastera “Rancagé” keursastra Lampung.

Hadiah Sastera “Rancagé” keursastra Sunda

Dina taun 2013 buku sastra Sundajeung bacaan barudak anu medal aya 42judul, 27 judul buku anyar jeung 15 judulbuku mindo citak. Saperti biasana buku anumindo citak, buku karya gawé bareng, bukukarya Ajip Rosidi henteu diitung anuhartina henteu ngilu dipeunteun pikeunmeunang Hadiah Sastera “Rancagé”. Najanbukuna henteu leuwih loba ti taun kamari,pamedalna mah nambahan. Iwal ti KiblatBuku Utama (17 judul), aya Geger Sunten(5 judul), Green Smart Books Publishing (4judul), TBM Nurul Huda (4 judul), PustakaJaya (3 judul), Wisata Literasi (3 judul),Studio Titik Dua (1 judul), Rak Buku (1judul), MSB Publishing (1 judul), jeung Ga-leri Padi (1 judul). Aya dua judul bukuditerbit keun ku Dinas Pariwisata danKebudaya an Pemda Jawa Barat.

Tina 27 judul buku anyar, aya hiji bukutarjamahan (Si Démplon karya Guy deMaupassant ditarjamahkeun ku DuduhDurahman). Tina 26 judul buku karya asli,aya hiji buku éséi nu judulna Wanoh kaLakuning Jagat karya Adjat Sudradjat, gurubesar geologi jeung vulkanologi, UniversitasPadjadjaran. Buku-buku lianna mangrupafiksi: Berlian; 11 carpon wanoja (karyababarengan), Boa-boa karya Irianto,

Wayahna karya Irianto, Tunggu Hujankarya Irianto, Nunang nunaning karyaIrianto, Lalakon Awon karya Godi Suwarna,Ronggéng Sajajagat karya Ahmad Bakri,Lalaki naTungtung Peuting karya TiktikRusyani, Londokkarya Hermawan Aksan,Randa Ték Dung karya Muryana Surya At-maja jeung Nénéng Sumarni, Bulan Buleuddina Jandéla karya Dududng Ridwan,Kalakay karya Deni Riaddy, A Liong karyaNyi Roro, Kumaha Aing Wéh karya@Kumaha Aing Wéh, SriSunarsasi karyaEnas Mabarti, Kabungbulengan karya H.D.Bastamana, Sabalakana karya DadanSutisna, Tariking Angin karya Godi Suwarna,Katumbiri: Antologi Sajak Sunda diédit kuTédi Muhtadin, Hariweusweus LeuweungPineus karya Arom Hidayat jeung Titi-mangsa karya Abdullah Mustappa.

Sabada sakabéhna ditimbang-timbang,aya dua judul anu jadi nominasi, nyaétaroman Sabalakana karya Dadan Sutisnajeung kumpulan sajak Titimangsa: 68 sajakalit karya Abdullah Mustappa.

Roman Sabalakana anu kandelna 344kaca, dibubukaan ku adegan tokoh Santananu dina hiji soré nu angkeub bari hujanngagebrét keur aya di mumunggang pasirngadekeman kuburan Nastiti, pipamajika-neunana anu tiwas ditelasan sawatara jamsaméméh ijab kabul. Ti awal mula panga -rang geus ngajak nu maraca pikeun terusneuleuman leunjeuran carita ku basa anuritmis sarta selang surupna kalimah pan-jang jeung kalimah pondok anu merenah.

Adegan rajapati ngan ukur bagian tinaleunjeuran carita nu diréka ku pangarangpikeun ngungkabkeun inti carita, nyaétahal jalma-jalma anu sok terus terangngutarakeun naon baé nu dilakonananajeung naon anu dipikanyahona. Tapi lan-taran polah kitu téh dianggap ngabahaya -keun ku rézim nu kawasa, jalma-jalma nukitu laku téh kudu disélongkeun, dikeremdi panjara.

Sabalakana ngandung kakuatanpsikolo gis bari rasional boh dina unggaladegan boh dina kasang tukang adegansaperti dina adegan galunganana Aki Médijeung Olot Dayat anu dramatis pisan kukasang tukang politis marebutkeun tahta

kapala désa.Sabenerna rada hésé nangtukeun tokoh

utama dina Sabalakanatéh. Iwal ti lobatokohna, karuat deuih karakterna gé. MunSantana rék ditokohutamakeun, urang gébakal kabéngbat ku kakuatan jeung peranUnang Kédi, sobat medok ti bubudak San-tana anu jadi lebé. Rék nyebut Rastiti jaditokoh utama pédah dimuncul pangheulana,apan sabada Rastiti aya nu nelasan mah,malah Gayatri nya adina pisan, nu loba di-caritakeun téh. Tah jigana nya éta pisan,lantaran loba teuing tokohna, ieu Sabalaka -na téh karasa rada héngkér. Urang jadibarieukleun rek nangtukeun tokoh utamateh. Boa-boa ieu buku téh dirurusuh kuhayang buru-buru medal. Buktina kapang-gih sawatara kalimah anu teu matut,upama na “meureun cék nu batur” (kc.167),jigana teu perlu “nu” téh. Dina kaca 270kalimah “Geuning siga teu jagjag belejageuy?”, jigana “teu” téh teu perlu sangkan teungaganggu kana kontéks carita.

Sajak-sajak Abdullah Mustappa dina Titi-mangsa: 68 Sajak Alit, luyu jeung judulna mé-mang parondok. Pangpanjang na téh 8padalisan/5 pada, nu pangpondok na ngansapadalisan. Iwal ti judulna kumpulan, unggalsajak ngan dicirian ku angka 1 nepi ka 68. Si-horéng angka 68 téh dipatalikeun jeung “Mi-lang Weton” pangarang na anu lahir taun 1945.Ku kitu na, sajak-sajak dinaTitimangsa téh mi-nangka ébréhan ésénsi kahirupan pangaranganu simbolis ka Aam Amilia, geureuhana(tinga li kolom pihatur dina kaca 2).

Dibuka ku sajak kahiji, sanajansimboliseu sina negeskeun yén hirup téhsarua jeung aksara anu jadi kecap terusngaruntuy jadi kalimah, sarta ditutup kusajak ka-68 anu eusina negeskeun yén ayanu kaliwat dina suratna téh nya éta can di-titikan jeung can ditéken, maksudna mahpanjang kénéh harepan jeung lalakon téhmoal waka tamat. Dina sajak ka-2 nepi ka -67 kagambar pait peuheurna lalakon hirup,boh nu nyata nembrak boh nu ngan dinaimplengan.

Sajak-sajak Abdullah mah basajanjeung gancang kaharti, tapi ngeusi, teleb turjembar. Geura wé balikan deui sajak ka-65:”nété sigay noong lodong / kalah langit

Hadiah Sastera “Rancagé” 2014

11Manglé 2463

anu katémbong//’. Kecapna éstu teuaranéh, teu aya métapora nu dijieun-jieun.Sajak Abdullah parondok tapi teu kalis kukitu,maksudna manjang ngalangkang dinaingetan. Kituna téh lantaran indit-inditanimplenganana tina kahirupan anu univer-sal nyaéta tina harepan, kacangcayaan, ka-hariwang jeung kayakinan.

Sabada asak ditimbang-timbang, nyanu kapilih meunang Hadiah Satera“Rancagé” 2014 pikeun karya téh nyaétaTitimangsa: 68 sajak alit, karya AbdullahMustappa, wedalan Kiblat Buku Utama,Bandung. Ka Abdullah Mustappa, panga -rang Titimang:68 sajak alit, baris dipasrah -keun Hadiah Sastera “Rancagé” 2014pikeun karya rupaning piagem sarta duit(Rp. 5 Juta). Saméméh meunang HadiahSastera “Rancagé” taun ieu, AbdullahMustappa kungsi nampa Hadiah Sastera“Rancage” taun 2006 pikeun jasa.

Sedengkeun nu kapilih pikeun narimaHadiah Sastera “Rancage” 2014 pikeun jasanyaétaManglé,majalah basa Sunda anungawitan medal taun 1957, alamat: Jl.Loda ya 19- Bandung.

Majalah Mangléanu ngakuna nganukur majalah hiburan, nyatana iwal ti lobangamuat karya-karya sastra rupaning caritapondok, carita nyambung, gending kares-mén, guguritan, sajak, ogé ngamuat éséijeung bahasan-bahasan kabudayaan, ka-susastraan. Manglé téh lain ngan ukur jadiwadah pamedalan karya tapi ogé bisa mérépangajén rupaning Hadiah Sastra Manglépikeun karangan anu dianggap pinunjul. Tisaprak medal, Manglé minimal ngamuat 4judul carita pondok. Mun diitung nepi kaayeuna, jero satengah abadManglénu geusmedal leuwih ti 2450 nomer sarta geus nga-muat kl. 10.000 judul carita pondok.Parasastrawan Sunda anu maroyan kiwari,ogé parasarjana loba nu mimiti ngagelar -keun karyana sarta digedékeun ku majalahManglésaperti Wahyu Wibisana, SaléhDanasasmita, Kis Ws., Ahmad Bakri, KiUmbara, Rustandi Kartakusumah, AyatRohaédi, Yus Rusyana, Édi S.Ékajati, AamAmilia, Ningrum Djulaéha, Holisoh MÉ,Dyah Padmini, Iskandarwasid, Usép RomliHM, Étti Rs, Acép Zamzam Noor, GodiSuwarna, jeung puluhan deui nu séjénna.

Aya sawatara buku anu medal jadikumpulan karya pangarangna, saméméhnadimuat dina Manglé. Kitu ogé kumpulansajak jeung guguritan. Manglé ogé ngamuatcarita anu populér sarta dipikaresep ku numacana saperti Tjarmad karya Tjandra -hajat (ps. R.H.Oeton Muchtar) nu saterusnadibukukeun malah difilmkeun ku sutradaraChairul Umam, skénariona ku Putu Wijaya.Dimuatna roman Mércédés karya Mh.Rus -tandi Kartakusumah bisa naékkeun tiras

Manglé nepi ka leuwih ti 100.000 éxemplarlantaran éta roman pohara dipikaresepnaku nu maraca Manglé.

Istiméwana majalah Manglé mundibandingkeun jeung majalah Sundaséjénna nyaéta ku bisana medal nepi kaleuwih ti satengah abad bari teu kungsipegat. Sanajan mun ditingal kaayaan ayeu -na anu jauh tangéh mun dibandingkeunjeung jaman kaemasanana, Manglétetepmangrupa tempat pangbibitan pangarangdina basa Sunda. Loba pangarang anu keurcacarakanana ngirimkeun karyana kaMang lé, kiwari geus jaranggélék jadi panga -rang-pangarang sohor.

Hadiah Sastera”Rancagé” 2014 keursastra Sunda pikeun jasa baris dipasrah -keun ka Pimpinan rupaning piagem jeungduit anu gedéna (Rp. 5 Juta).

Iwal ti keur sastra Sunda, HadiahSastera “Rancagé” 2014 ogé dipasrahkeunkeur sastra Jawa, sastra Bali, jeung keursastra Lampung. Nu kapilih baris nampaHadiahSastera “Rancagé” 2014 keur karyasastra Jawa nyaéta; Kluwung, kumpulancrita cekak karya Nono Warnono, wedalanAlmatera, Yogyakarta. Ka pangarangna,Nono Warnono, baris dipasrahkeun Ha-diah Sastera “Rancagé” 2014 rupaning pia -gem jeung duit (Rp. 5 juta ). Ari nu kapilihbaris nampa Hadiah Sastera “Rancagé”2014 dina widang jasa keur sastra Jawanyaéta Dhanu Priyo Prabowo, lahir diKulon progo,Yogyakarta, 15 Januari 1961.Ka Dhanu Priyo Prabowo baris dipasrah -keun Hadiah Sastera “Rancagé” 2014, rupa -ning piagem jeung duit (Rp. 5 juta).

Hadiah Sastera “Rancagé” 2014 keurkarya sastra Bali gubragna ka Tutur Bali,kumpulan cerita karya I Wayan Westa,wedalan Deva Charity (Utrecht, negeri Be-landa). I Wayan Westa baris narima HadiahSastera “Rancagé” 2014 rupaning piagemjeung duit (Rp. 5 juta). Ari Hadiah Sastera“Rancagé” 2014 keur jasa dina sastra Balibaris dipasrahkeun ka I Gusti Made Sutjaja,lahir Oktober 1944, rupaning piagem jeungduit (Rp. 5 juta).

Hadiah Sastera “Rancage” 2014 keurkarya sastra Lampung gubragna ka Suluh,kumpulan sajak karya Fitri Yani, wedalanLampung Literature. Ka pangarangna, FitriYani, baris dipasrahkeun Hadiah Sastera“Rancagé” 2014 rupaning piagem jeungduit (Rp. 5 juta). Saperti nu enggeus-enggeus, pikeun sastra Lampung teu ayahadiah keur jasa.

Hadiah Samsudi 2014 keur ba-caan barudak dina basa Sunda

Di antara 42 judul buku Sunda numedal taun 2013, aya 9 judul buku bacaanbarudak jeung rumaja. Di antarana aya tilu

judul nu anyar sarta dipeunteun pikeunmeunang Hadiah Samsudi. Buku anu tilujududl téh nyaeta Dirawu Kélong karyaAhmad Bakri, Prasasti nu Ngancik na Atikarya Popon Saadah jeung Persib nu Aingkarya Dédy Windyagiri.

Dirawu Kélong karya Ahmad Bakrinyaritakeun kahirupan barudak di kam-pung. Jang Udin anak Jurutulis Désadigambarkeun jadi budak anu kritis, daéktetelepék, rajin, resep digawé mantuankolotna jeung merhatikeun pisan ka batur.Basa jeung guneman-guneman khasAhmad Bakri éstu lancar matak kataji. Di-rawu Kélong ditembrakkeun sacara liniérjeung didaktis pisan.

Persib nu Aingkarya Dedy Windyagirimah karasana henteu jadi carita anu gem-bleng lantaran rupa-rupa teuing témanajeung loba teuing nu dicaritakeunana.

Prasasti nu Ngancik na Atikarya PoponSaadah nyaritakeun cinta juru tilu. Tokohkuring ngaranna Rinega. Ti bubudak geussosobatan jeung Prasasti, anak kulawagacampuran Batak-Sunda, tatanggana. Tinasosobatan anu sakitu lilana, merentis bibit-bibit cinta, sanajan duanana gé teu waniterus terang. Dina kaayaan kitu, jol jalmakatilu, Fauzan, batur sakampus nu geusjadi sarjana nu terang-terangan ngutara -keun rasa cintana ka Rinega. Karasa aya nungaganggu dina ieu carita téh nyaéta kurangtapisna pangarang ngagunakeun kecap-kecap basa Sunda. Upamana merenahkeunkecap “ngahanakeun” dina kalimah “Tuhtempo si Pras, ka kolot téh tara ngahana -keun” (kc.10), bisa jadi maksudna mah“ngahésékeun”. Kitu ogé dina kalimah “Kusaliwatan mah asa taya kacawadna” (kc.99),padahal alus pisan mun pokna téh “tayacawadeunana”. Sabenerna hal-hal anu rupakitu kudu geus dibebener ku redakturpenerbitna.

Sabada asak ditimbang-timbang, nukapilih meunang Hadiah Samsudi 2014 téhnyaéta Prasasti nuNgancik na Ati, karyaPopon Saadah, wedalan Green SmartBooks Publishing, Bandung. Ka PoponSaadah baris dipasrahkeun Hadiah Sam-sudi rupaning piagem jeung duit (Rp.5juta).

Upacara pamasrahan Hadiah Sastera“Rancagé” 2014 jeung Hadiah Samsudi2014 baris dilaksanakeun ku gawé barengjeung salahsahiji universitas, anu nepi kaayeuna acan ditetepkeun. Kitu ogé waktuna.Mun geus pasti, insya Alloh bakal buru-buru diwawarkeun.***

Pabélan, 31 Januari 2014Yayasan Kebudayaan “Rancagé”Ajip RosidiKetua Dewan Pembina

Manglé 246312

NNyusur Galur

Minggu pengker pedaran parantos dugi kanyarioskeun pangalaman RH. Lily Sumantri sapan-jang wawanohan jeung lingkungan Pémda Kabu-

paten Bandung. Pangpangna nampi pamarekan ti parapejabat teras katut para karyawan. Dicarioskeun ogepanineu ngan anjeunna linggih di pendopo KabupatenBadung jalan Dalem Kaum/alun-alun di patilasan linggihnaKangjeng Dalem anu kacida dipuja ku rayatna baheula. Beda -na jaman baheula mah ditelahna téh Pangawulaan atawaKangjeng Dalem, ayeuna mah Bapa Bupati.

Nincak taun 1970, sapanjang tilu bulan sabada diistrenansaur RH. Lily Sumantri saterusna, dibiasakeun henteu nampitamu poé Salasa jeng jumaah, tapi henteu mutlak, ari aya uru-san anu kacida pentingna mah sok ditarima. Ari poé Salasajeung Jumaah pangna henteu narima tamu, bupati téh soksaba lembur, saba daérah, pangpangna ka désa-désa jeungkacamatan, sok ngajakan sababaraha urang pejabat teras,alim ulama jeung sajumlah wartawan. Di unggal lembur anudianjangan kacida dihormat jeung diakuna. Saterusna silatu -rahmi jeung para kasepuhan jeung para tokoh masarakat,ngawangkong keun hal-hal penting jeung aya gunana keurmasarakat jeung pamarentah daérah. Tétéla acara anjangsono saperti kitu téh diarep-arep ku urang lembur. Sababdina acara saperti kitu rayat bisa langsung nepikeun angen-angenna jeung nembrakeun masalah hirup urang lemburjeung kaayaan lemburna.

Teu asa-asa maranéhna nanyakeun hal-hal anu tumalijeung nasibna katut nasib daérahna, sugemaeun kabéh pertanyaan jeung masalah bisa dibagempungkeun langsung jeungBupatina.

Hasil kunjungan kerja bupati saperti kitu nurutkeun lapo -ran tétéla mampuh ngajurung laku kana swadaya masarakat,leuwih ningkat dibandingkeun jeung nu enggeus-enggeus.Masarakat leuwih sumanget ngalaksanakeun pangwangunandaérahna.

Kanyataan ngeunaan masalah internal, babakunamasalah keuangan daérah, kacida matak prihatinna.Anggaran Balanja Daérah nincak taun 1970, APBD taun1069-1970 téh ngan rp 317.112,499.-

Winciknana, anggaran rutin Rp.198.14.180.-, Anggaranpembangunan Rp. 118.967.318.-

Kepala Bagian Keuangan kungsi ngalaporkeun yén hen-teu cukup waragad keur mayar gajih jeung honor. Nu matakkagét, harita pagawé pasar tacan dibayar gajihna, Padahl arisamistina mah Dinas Pasar téh mangrupa sumber panarima -

an duit tina karcis jeung retribusi.Kitu deui kaayaan nincak taun 1070-1971, rajeun ningkat

kacida saeutikna. Hal sarupa kieu mangrupa panangtang nucukup gedé pikeun Bupati. Upaya Bupati Bandung RH. LilySumantri, hasil pamikiran jeung rumusan babarengan jeungstaf, saterusna sapamanggih arék ngali sumber panarimaandaérah , diantarana ngaluarkeun aturan ngeunan INSENTIP,pikeun saha baé jeung ti dines mana baé nu bisa nyumponantargét panarimaan dana arék dibéré bonus atawa insentip10%. Tétéla mampuh ningkatkeun panarimaan jeung ngura -ngan kabocoran. Kagiatan séjénna, ngalakukeun pangawasanmalah leuwih ditingkateun, kitu deui panartiban di sakabéhbagian katut dinas panghasilan dana, saperti pasar, DinasPU, Bagian Peridinan, Retribusi sarta urusan perpajakan.Hasilna bener-bener ngagumbirakeun, bisa ningkatkeunpanarima an kurang leuwih 50%. Tapi dianggap tacancukup. Bupati dipentés ku kaayaan kudu bisa leuwihningatkeun inténsifikasi jeung éksténsifikasi panarimaantina sumber panarimaan daérah.

Ngabebenah MaribayaKabupatén Bandung loba obyék pariwisatana jeung loba

kamungkinan masih bisa ngawangun obyék-obyék wisataanyar, sarana hiburan jeung olahraga jeung sajabana. Sacaraiseng-iseng saur RH. Lily Sumantri kungsi nulis ngeunaankapariwisataan nu dijudulan “Tourist Promotion Parahiya -ngan Indah”. ieu tulisan dipaké référénsi, ari tujunna mahjelas pangpangna pisan hayang ngabebenah jeung ngoméanobyék wisata Maribaya Lémbang. Obyék Maribaya haritamah keumeuh kurang piara, jeung ngan bisa ngasupkeunduit Rp. 100.000 sabulanna, kékéréhét pisan. Ketua BappedaSarjana anu titélna Drs. Jeung SH, harita dipentés kudu nali -ti kaayaan Maribaya, jeung nyusun perencanaan disainpikeun ngoméan jeung ngabebenah Maribaya sangkan jadirépréséntatip jeung bisa ningkatkeun sumb er panarimaandaérah. Sang Ketua dibéré waktu paling lila 30 poé. Tapisabu lan teu jebul baé ngirimkeun hasil pagawéanana ka Bu-pati, kalah ménta ditambahan waktuna saminggu deui.

Béak saminggu Ketua Bappeda anu doktorandus téh di -saur, hareupeun Staf, para pejabat teras, sang pejabat dipéntadeui hasil pagawéanana. Ari pokna téh, sulit migawéna,malah pokna deui Bapa Bupati Prematur teuing pikeun nga-hasilkeun éta perencanaan. Puguh wé sim kuring amarahsaur RH. Lily Sumantri mulangkeun panineungan, surattugas jeung hasil corétan-corétanna dirampas terus disosoék

RH. Lily Sumantri

Jadi Bupati BandungLir Nété Jambatan Sirotol Mustaqim

13Manglé 2463

lung dikana carangka runtahkeun. Bupati bener-bener benduka pejabat anu leutik burih. Isukna ngajakan Kepala PU kaMaribaya, Sabada tutup kantor jam 14.00. terus nitenanobyek wisata Maribaya kumaha kaayaanana nu sabenerna,saterusna rencana gawé ngoméan obyék wisata Maribaya di -susun. Saban poé tutup kantor, Kepala Dinas PU ka Maribayabari ngajakan para pagawé ahli, nya ti dinya mah prungngamimitian gawé, pangpangna nata buruan jeung wangu-nan-wangunan kayaning restoran jeung tempat mandicipanas. Pikeun ngalaksanakeun nyieun patamananana jeungnyieun arca-arca sasatoan, ngadatangkeun para ahli ti ASTIJogjakarta tepi ka ngawujud patamanan asri éndah tur gare-nah tumaninah.

Panglima Kodam Siliwangi, harita masih Kodam VInyumbang hiji jambatan Balley nu diwangun luhureun aérterjun walungan Cikawari nu nepungkeun Maribaya jeungleuweung Juanda katut Wilayah dago.

Tilu bulan pagawéan kakara réngsé, obyék wisata Marib-aya mimiti dibuka. Tétéla loba anu arulin jeung raresepeunpisan kana kaayaan Maribaya anyar ieu, pangpangna poé-poélibur, duit anu asup ogé ngahontal Rp 2 juta sabulanna. Ieujadi panarimaan munggaran tina sumber daérah.

Komunikasi jeung Rempug GawéNincak taun 1971-1972 bupati mimiti loba hubungan ka

luar, pangpangna jeug perguran tinggi saperti UNPAD jeungITB, kitu deui jeug sajumlah instansi séjénna. Gawé barengjeung perguruan tinggi pang-pangna pisan widang Survéy

katut panalitian nu aya patalina jeung upaya ningkateun sum-ber panarimaan daérah. Hubungan husus jeung PT. AEROKARTO mah dina raraga mesen ngawangun Mozaik FotoUdara sawilayah Kabuptén Bandug. Loba pisan anu katajieunngarinjeum atawa sakadar nitenan foto-foto udara anu geusdipibanda ku Pemda kabupatén Bandung. Pangpangna anungarinjeumna téh instansi di tingkat propinsi jeung lembaga-lembaga pusat di daérah. Tapi lebah arék ménta dipulang -keun téh harésé. Atuh ahirna loba anu leungit akibat henteunatahareun heula administrasina, atuh jadi karugian gedépisan.

Kungsi kajadian, kulantaran apél pagi upacara banderaanu maneuh jam 07.00 Bupati jadi Inspektur Upacara. Seringkatingal aya karyawan anu telat datang, jolna téh bari apilainakibat kurang disiplin. Bupati mah salawasna hadir méméhprungna apél atawa tepat waktu, éta geus jadi kabiasaan. Lila-lila karyawan anu sok tarelat téh robah jadi tepat waktudaratangna téh.

Séjén deui poé jumaah. Bupati kapan geus biasa ngaroriskaayaan sakuriling kantor, dina raraga miara kaberesihanburu an jeung sabuereun tempat-tempat karyawan jeug stapdigarawé. Seseringna mah masa bodo wé, katingalna kurangsumanget, kalah ka ngobrol riringan sanajan daratangna mahmarawa sapu atawa pacul kuma ilaharna anu rék kerjabakti.Ningal kaayaan kitu, Bupati porosot ngalaan raksuan, tingalkaos oblong, kop kana sapu, koér sasapu sumanget pisan,katarénjoeun jigana ku karyawan anu keur ngawarangkogkosong téh atuh gancang marawa sapu, dér sasapu nurutanbupati, nu séjén sagawé-gawé, taya anu cicing. Ti harita tarakudu diutah-étah karyawan harideng sorangan beberesihsasa pu tepi ka buruan kantor bener-bener beresih resikpikabeta heun. Bupati ngartos yén piwuruk sepuh mah tarasalah, geuning saur sepuh” Nasehat anu panghadéna mahnyaéta méré conto anu hadé’. Cindekna mah ulah kalah kabentik curuk balas nunjuk capétang balas miwarag, tapi kudupok-pék-prak!

Pangaosan Geus jadi kabiasaan, unggal malem Jumaah Kaliwon, para

alim ulama sa kabupatén Bandung sacara bagilir sarumpingka pendopo kabupatén. Ti saban kawadanan, da aya kénéhkawadanan jaman harita mah, rata-rata 40 urang unggalacara saperti kitu. Diawalan ku pangaosan babarenganditeruskeun ku acara ngungkab sababaraha ayat Al qur’anulKarim. Dipingpin ku Pingpinan Majelis ulama Kabupaténbandung.

Dina unggal malem Jumaah Kaliwon dina acara pangao -san, bupati salawasna dipénta maparin amanat, dina kasem-petan éta biasana bupati medar hal-hal anu aya kaitananajeung program-program pamaréntah anu mangpaat pikeunpembinaan umat, hususna di Kabupatén Bandung.

Hasilna bener-bener mangpaat jeung méré kesan-kesananu hadé pisan.

Tempat riungan jeung alim ulama biasa dilangsugkeundi Ruang Arab pendopo Kabupaten atawa Rumah DinasBupa ti Kabupatén Bandung harita mah. Ruang Arab pinuhku tulisan-tulisan ayat suci Al Qur’an’ *** (HRS /Hanca)

RH. Lily Sumantri sareng Garwana

Manglé 246314

MMunara Cahaya

“Yeuh, jalma-jalma anu ariman!Maranéh ulah ngajadikeun bapa-bapa maranéh jeung dulur-dulurmaranéh jadi pamingpin, upamamaranéhna leuwih mikaresepkakupuran batan kaimanan mah.Jeung sing saha ti antara maranéhanu ngangkat maranéhna jadipamingpin-pamingpin, nyamaranéhna jalma-jalma anudarolim” (QS. at-Taubah: 23).

Ayat di luhur minangka panya -ram anu tétéla, nuduhkeun kanaharam hukumna mun dilakukeunmilih pamingpin ti golongan jalmaanu mikaresep kakupuran tibatankaimanan. Disebut haram lantarandina ayat éta aya kecap larangananu saméméhna digerokeun kajalma anu ariman. Cindekna,haram hukumna pikeun jalmaiman ngajadikeun, milih atawa

ngangkat jalma kapir (mikaresepkakapiran) jadi pamingpin.

Lamun seug panyaram éta di-rempak, Alloh ngagolongkeunjalma-jalma anu baha, ka golonganjalma-jalma darolim, anu moalmeu nang pituduh, sasar dinakahirupan anu rupek, pinuhkasangsaraan, leungit katingtri-man lahir batin.

Alloh ogé ngancam ku seuneunaraka, keur sing saha baé anungadeukeutan, campur gaul, silirojong jeung sili dukung jeungjalma-jalma anu darolim. Pida -wuhNa dina surat Hud ayat 113:

“Jeung poma maranéh ulahcondong ka jalma-jalma anudarolim anu ngalantarankeunmaranéh dirérab ku seuneu

naraka, jeung moal aya anu nulu -ngan ka maranéh salian ti Alloh,tuluy maranéh moal ditulungan”.

Kirang langkung aya 200 ayatAl-Quran ngaguar sawatara halanu aya patalina sareng dolimatanapi kadoliman. Hiji hal anukacida dipiceuceub ku Allohsakumaha pidawuhNa: “Jeung arijalma-jalma anu ariman turtangalampahkeun amal soléh, bakaldisampurnakeun ganjaranana,jeung Alloh henteu micinta jalma-jalma anu darolim.” (Q.S. Ali‘Imra an: 57).

Umumna kecap “dolim” téhkeur nuduhkeun laku jahat atawapeta aniaya ka batur, atawa ka dirisorangan pon kitu deui ka mahlukséjénna. Sedengkeun numutkeunsyari’at (agama Islam) harti dolimnyoko kana pidawuh Alloh dinasurat Al-Baqoroh ayat 229: “Singsaha anu ngarempak wates-wa -ngen Alloh, nya maranéhna jalma-jalma anu darolim”.

Numutkeun para ulama, dolimtéh nyaéta sagala widang tindakanatawa pagawéan anu ngaliwatanwates wangen bebeneran, teu loyogsareng katangtosan Alloh SWT, rékwujudna nambahan atawa ngura -ngan naon rupa perkara anu patalijeung waktu, tempat atawa sifattina pagawéan-pagawéan anungaliwatan wates-wangen téa,

Kaayaan Ancur Balukar Jalma Kupur

Ku Juniarso Ridwan

15Manglé 2463

ngawengku dina masalah ibadahatawa muamalah, rék dina ukuranbadag atawa leutik.

Ku lantaran kitu, Allohnyanding keun kadoliman jeung ka-bodoan, katawis dina pidawuh-Na:“Saéstuna manusa téh kaayaananadarolim jeung barodo pisan.” (QS.Al-Ahzab: 72). Dina pencronganagama, anu darolim téh jalma-jalma barodo, tangtuna beukidolim hiji jalma nya beuki nyucudbodona. Sanajan lahiriahnanyangking pendidikan, kalung-guhan jeung kakawasaan luhurmungguh manusa.

Kadoliman taya lian minangkaakibat tina ruksakna fitrah ka-manusaan. Padahal Alloh nyiptamanusa dina fitrahna anu condongkana bebeneran tur ngajauhankagoréngan. Ngan éta fitrah téhbisa robah atawa lemah, alatankabiasaan manusa ngagugu hawanafsu, kapentingan jeung sifatgoréng séjénna anu ngaragragkeunmanusa tina komara ka-mulyaanana.

Ciri-ciri jalma dolim kalayantandes disebatkeun dina surat Hudayat 116:

Jeung jalma-jalama dolim ukurmentingkeun kanikmatan jeungkaméwahan, maranéhna jalma-jalama anu baroga dosa (alatanmilampah kajahatan).

Ayat éta ogé negeskeun yénjalma dolim ukur mentingkeunkanikmatan tur kaméwahan anujadi udagan hirupna. Pikeun nga-hontalna bisa ngalakukeun rupa-rupa cara, teu nolih kana ugeranatawa watesan batal jeung haram,keur ngudag kasenangan teusirikna tunggul dirarud catang di-rempak, mun léngkah geus sigakitu, saliwat gé bakal kabadé,tangtu sasarna.

Dina Al-Quran di tegeskeunsabab-musabab manusa lumakudolim di antarana:1. Teu maliré ayat-ayat Alloh,

“...Jeung moal aya anu mung-pang kana ayat-ayat Kamisalian ti jalma-jalma anudarolim” (QS. Al-Ankabut: 49).

2. Ngalabrak ugeran-ugeranagama Alloh, maksudna teupanceg dina bebeneran, sokmilih kaleuleuwihi nepikanogen cang tina aturan, neung-gar wates-wangen bebeneran.“...Éta téh wates wangen Alloh,ku maranéh teu meunang di-rempak. Sing saha anu ngarem-pak wates-wangen Alloh, nyamaranéhna jalma-jalma anudarolim.” (QS. Al-Baqarah:229).

3. Teu ngajadikeun hukum Allohsalaku dadasar geusan nangtu -keun kawijakan, utamana keuranu nyangking kakawasaan,“...Jeung sing saha anu henteunagtukeun hukum ku saniskaraanu diturunkeun ku Alloh,maranéhna téh jalma-jalmaanu darolim. ” (QS. Al-Maidah:45).

4. Nuturkeun jalma-jalma kapir,salasahiji sabab anu nga-balukarkeun teu nanjeurnahukum-hukum Alloh, alatanurang salaku muslim ngantepdiri dipingpin ku jalma-jalmakapir atawa malah ngahaja nga-jadikeun jalma kapir jadipaming pin. Tangtuna paming-pin kapir leuwih micintakakapiranana tibatan kaima -nan. “ Yeuh, jalma-jalma anuariman! Maranéh ulah nga-jadikeun bapa-bapa maranéhjeung dulur-dulur maranéh jadipamingpin, upama maranéhnaleuwih mikaresep kakupuranbatan kaimanan mah. Jeungsing saha ti antara maranéh anungangkat maranéhna jadipaming pin-pamingpin, nyamaranéhna jalma-jalma anudarolim” (QS. at-Taubah: 23).

5. Ngagugu hawa nafsu ku jalannipu jalma séjén keur kapenti -ngan dirina “Saha anu leuwih

dolim batan jalma anu nyieun-nyieun bohong kalayan asmaNaAlloh, pikeun nyasarkeunmanusa kalawan teu makéélmu? Saéstuna Alloh henteumaparin pituduh ka kaom anudarolim.” (Al-An’am: 144)

Lima perkara di luhur anu jadicukang lantaran manusa lumakudolim. Dina ayat sanés Allohnguningakeun yén saenyana kiwariurang keur cicing di hiji nagri anupangeusina ngadoliman diri sora -ngan. Hal éta tiasa ka uninga dinasurat Ibrohim ayat 45:

“Jeung maranéh geus matuh ditempat matuhna jalma-jalma anudarolim ka dirina sorangan, jeunggeus tétéla ka maranéh kumahatindakan Kami ka maranéhna,jeung kumaha kami maparinkeunmisil-misil ka maranéh".

Lamun dilenyepan ayat éta asageus nyata kajadian, saban poéurang campur gaul jeung jalma-jalma anu hésé dicekel jangjina,caritaan jeung lakuna nukangnonggong. Para pamingpin lobaanu ngajadikeun kalungguhananasalaku alat pikeun kumawasa,sabalik na rahayat milih pamingpingeus maké rumus “karasa-karampa” teu boga harepan jangkapanjang, nu aya ukur jang kadapur, heureut deuleu haripeut kuteuteureuyeun.

Kiwari keur usumna, loba jalmapasuliwer ngobral omongan wadul,nyeuseup nyokcrok matéri paracalon pamingpin, umangkeuhjaradi tokoh anu bisa ngomandorahayat. Padahal manéhna teusadar saenyana laku kitu, teu bédajeung nyieun lombang keur nguburdiri sorangan, ngabaruang manéhku racun matih anu maténi hargadiri. Éta laku taya kajaba iwal tikadoliman.

Mudah-mudahan urang teukagolongkeun jalma dolim, turdijauh keun tina pangrobeda, tipu-daya anu darolim.***

Manglé 246316

TTanyaJawab

Patarosan:Assalamu’alaikum Wr. Wb.Tumaros, kumaha ari hukumna nalak

ngaliwatan SMS, naha sah atanapi hen-teu? Hatur nuhun kana perhatosanana.

Wassalam,

[email protected]

Waleran:Hatur nuhun. Saleresna ieu patarosan

kantos dibahas dina édisi-édisi Manglékapengker. Namung teu sawios urangbahas deui, patali pentingna umat Islamterang kana bagbagan talak. Komo,mangsa kiwari mah, sok dipapantes,dikira-kira, henteu dumasar kana hukumIslam nu saleresna. Ku kituna, mémangurusan élmu agama mah teu cekap kudibahas sakali. Da, mémang biasa dinabagbagan agama mah béda jeung élmupangaweruh séjénna. Elmu agama mahsok butuh, tapi ngalap élmuna asa nu teubutuh. Margi kitu, mangga urang bahasdeui, mugi aya mangpaatna, hususna kanu naroskeun, umumna mah kanggourang sadayana. Mung, sateuacanna dibahas, sing émut, talak téh halal tapidibendu Alloh Swt.

Kamajuan élmu jeung téknologi, ki-wari mah memang seueur ngagésératanapi ngarobah kana bentuk jeung gayakahirupan manusa. Informasi jeung inter-aksi (hubungan) papada manusa bisa di-lakukeun ku cara nu leuwih gampangsaperti ngagunakeun tipi, internet, teleponatawa HP, jeung sabangsana.

Anapon masalah nikah jeung tata-lakan dina ajaran Islam mangrupa hal anukacida sakralna. Tegesna kudu bener-bener dijalankeun sacara amanah, adiljeung tanggungjawab, nepi ka NabiMuhammad SAW ngawanti-wanti ulahnepikeun nikah jeung tatalakan di-jadikeun kaulinan. Pidawuhna: “Aya tiluperkara anu bener-bener (serieus),tegesna serieus hukumna jeung heureuynaogé jadi serieus hukumna, nyaéta nikah,pipisahan (talak) jeung ngabébaskeunbudak. Hukum nikah nyaéta tetep

ngalangsungkeun nikahna, sedengkeuntalak mangrupa perkara anu kacida teudipikaresep (makruh) ku Alloh sok sana-jan meunang dilakukeun.” (HR. AbuDawud, al-Nasai sareng Ibnu Majah).

Ngeunaan tata cara nalak dina ajaranIslam numutkeun jumhur ulama kudu di-lakukeun sacara lisan tegesna kudu di-lafalkeun atawa diucapkeun, boh sacaraterang-terangan (sharih) atawa sacarasindir-sampir (kinayah). Talak nyaétaucap an anu écés tur jéntré ngagunakeunkecap talak, boh ngucapkeunana dibaren-gan ku niat nalak, atawa heuheureuyan.Contona: “Kuring nalak anjeun” atawa“Anjeun ku kuring ditalak”. Sedengkeuntalak sacara sindir-sampir (kinayah)nyaéta talak anu ngagunakeun sindiran,henteu ku kecap anu langsung. Saperti“Jig anjeun balik ka indung bapa anjeun!”atawa “Anjeun ku kuring rék dibalikkeundeui ka indung bapa anjeun”. Ucapan ieusaupama dibarengan jeung niat nalak,mangka talakna sah, tapi saupama henteudibarengan jeung niat nalak, mangkanalakna henteu sah.

Lajeng, talak ku cara ngagunakeunSMS, para ulama ngajelaskeun hukumnasami sareng talak kucara ngagunakeuntulisan. Para ulama béda-béda pamadeganngeunaan talak ku cara ngagunakeuntulisan, naha kaasup talak sacara terang-terangan (sharih) anu henteu merlukeundeui niat, atawa kaasup talak sacara sindirsampir (kinayah) anu kudu dibarengan kuniat talak nepi ka talakna sah. Jumhurulama ti golongan Madzhab Hanafi, Ma-liki sareng Syafi’i ngagaduhan pamadegan,yén talak ku cara ngagunakeun tulisankaasup kana jinis talak kinayah anu kududibarengan jeung niat, supaya talakna sah.Sedengkeun ulama lianna, saperti Imamal-Sya’bi, al-Nakha’i, al-Zuhri, al-Hakamsareng sabagean ulama Madzhab Ham-bali, ngagaduhan pamadegan, yen talak kucara tulisan kaasup talak sharih, sok sana-jan henteu dibarengan ku niat talak,mangka tetep talakna sah.

Ibnu Qudamah anu kalebet ulama tiMadzhab Hambali dina kitabna al-Mughni, ngajelaskeun deui, yén talak kucara ngagunakeun tulisan henteu sahsaupama henteu dibarengan jeung niattalak. Pamadegan ieu disebut ogé ku

Imam al-Sya’bi, al-Nakha’i, al-Zuhri, AbuHanifah, Maliki ogé dikandelan deui kuImam Syafi’i. Sabagran ulama MadzhabSyafi’i nyebutkeun, wiréh Imam Syafi’idina hal ieu ngagaduhan pamadegan lian.Aranjeuna nyebatkeun, wiréh talak kucara ngagunakeun tulisan henteu kaasuptalak, sok sanajan dibarengan jeung niattalak.

Aya deui katerangan ti anggota ahlikomite Fikih Islam Internasional Jeddah,ngajelaskeun masalah talak ku cara nga-gunakeun tulisan saupama ditilik dinaélmu Fiqih, mangka para ulama béda-béda pamadegan dina nangtukeunhukumna. Pamadegan kahiji, nyebutkeun,yén talak ku cara ngagunakeun tulisan di-anggap henteu sah. Pamadegan ieu dianutku Madzhab Zhahiri jeung sabagéan (mi-noritas) ulama. Pamadegan kadua, nye-butkeun, yén talak ku cara ngagunakeuntulisan henteu bisa dihukuman sah atawateu sah, sabab bentuk tatalakan dinaAlquran kudu dilakukeun ku cara lisan,lain ku cara tulisan (Q.S. al-Baqarah: 229sareng al-Thalaq: 1). Pamadegan ieu diku-atan ogé ku para ulama kontemporer, yénpipisahan ku cara ngagunakeun SMSkacida gedéna jeung bisa disalahgu-nakeun. Ku kituna cara nu kieu kudu di-jauhan, ulah nepi kajadian.

Dumasar kana pedaran di luhur tiasadisimpulkeun, wiréh jumhurul ulama ut-amina ulama madzhab anu opat (Hanafi,Maliki, Syafi’i sareng Hambali) nye-butkeun talak ku cara ngagunakeuntulisan sah jeung dimeunangkeunsaupama dibarengan jeung niat talak. La-jeng saupama aya hiji carogé nalak bojonaku cara ngagunakeun SMS, mangka ta-lakna henteu sah salila teu acan di-taroskeun heula ka carogéna ngeunaanniatna, naha bener-bener atawaheuheureuyan, atawa ngancam, atawangabogaan niat lian. Lantaran bisa jaditelepon carogéna leungit atawa dipalingku jalma lian. Ku hal kitu, si bojo kedahmastikeun ka carogéna, naha bener-benermanéhna anu ngirim SMS tur bener-benerdiniatan nalak. Saupama bener-bener,mangka talakna sah. Sakitu nu tiasa di-waler. Hapunten bilih kirang pertélasakumaha pamundut nu naros. Wallohu‘alam. ***

Nalak ku SMS

Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan), sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS

Manglé 246318

CCarita Pondok

Hiji préman keurdiwawancara kuwartawan

impotén men.“Kumaha kesan-

kesan Juragan saparan-tos kéngingpenghargaan tipamarén tah sebagéyPengusaha IndonésiaTersuksés Abad 21?”

“Duh, naon nya?Biasa-biasa wé. Taya nukudu diagulkeun. Dagampang atuh hayangjadi pengusaha suksésmah.”

“Maksadna gampilkumaha, Juragan?”

“Enya gampang.Koncina ukur hiji:deukeut jeung pamarén-tah. Tong nyaah méré.Tong nyaah nyogok.Sakitu.”

“Hmm. Aya deui nusanés, Juragan?”

“Enggeus, sakitu!”“Hmm. Teras ieu

Juragan… katingalnaawét ngora Juraganmah. Aya tip-tiphususna?”

“Oh, gampang atuh

nu kitu mah: tuluykeunnyandung. Tong kapegatpédah geus boga opat.”

“Muhun nya. Teraskatingalna rukun-rukunwae istri-istri Juraganmah. Kumaha étangurus na?”

“Jejelan sungutna kuimah, ku mobil, ku per-hiasan, sagala rupa. Teubisa ngomong pan geuskitu mah.”

“Nguping-nguping,Juragan nuju ngarintisbisnis anyar saurna. Bis-nis naon deui?”

“Ah heureuy éta mah.Itung-itung bari nung-guan incu. Capé, geuskolot.”

“Muhun, bisnis naonJuragan?”

“LD2I. Layanan Do’adan Ibadah.”

“Tiasa dijelaskeunJuragan. Bergerak dibidang naon?”

“Layanan jasa étamah. Bisi aya jalmasaribuk teu kabaroroibadah, bisa ngawakil -keun. Muruhkeun kaurang.”

“Oh. Ibadah naonwaé Juragan. Sagala

rupi? Ké asa kirangngartos ieu téh.”

“Enya. Kabéhlah di-layani. Contona mahkieu wé: bisi manéhmales solat, sok ka dieudiwakilan, wani mayarsabaraha? Ké kami nunyolatkeunana.”

“Waduh. Teu sieundidémo ku FPI atanapiMUI, Juragan?”

“Har, naonhubungan ana? Kamimah bisnis. Mun teu sa -tuju tong nyalahkeun

19Manglé 2463

kami. Ontrog wé nunitah na.”

“Enya nya. Éta idénati mana, Juragan? Abongotak bisnis Juraganmah.”

“Hih enya atuh. Kudumotékar, kréatif.Meung peung jaman keursibuk. Keur sagala tayawaktu. Mangpaatkeun.Ramé geura. Yakin kamimah. Optimis.”

“Tapi punten sakalideui Juragan. Teu sieunngarémpak akidah étah?Ngarémpak taohid,atanapi naonlah nami -na…”

“Ah kami mah teusieun ku sasaha.Déngékeun nya, nahirup kami mah ukursieun ku kalangkang.Kalangkang sorangan.Titik.”

“Tah-tah-tah…naondeui yeuh?”

“Enya! Sieun jeungkeuheul meureun.”

“Wah beuki teu ngar-tos yeuh. Kedah dijelas -keun ieu mah…”

“Manéh bogakalangkang teu?”

“Kalangkang…?Kalangkang, kalangkangmaksadna? Muhun,kalangkang!”

“Heueuh,kalangkang. Tah ieukalangkang kaméra. Ieu(bari ngangkat asbak)kalangkang asbak. Ieukalangkang kami (barinunjuk kana témbok).”

“Muhun kalangkang!Maksadna sieun,kumaha? Jeung keuheulogé.”

“Sok wé pikiran. Ayakalangkang moal muneuweuh urang?”

“Moal.”“Mun urang diuk,

kalangkang milu diukteu?”

“Diuk, Juragan.”“Urang indit, milu

indit pan?”“Leres.”“Urang madang, milu

madang lin?”“Muhun.”“Manéh mawa

kaméra, kalangkangmawa kaméra teu?”

“Nyandak.”“Manéh molor?”“Ngiring kulem, Jura-

gan.”“Enya, milu

ngagolér.”“Manéh modol?”“Ha ha. Muhun tos

ngartos éta mah, Jura-gan.”

“Tah ayeuna kaminanya. Jadi nu ngawasatéh urang takalangkang? Nu jadidunungan. Nungabogaan ana?”

“Urang, Juragan.”“Mun manéh paéh,

kalangkang ka mana?”“Ngiring maot sigana,

Juragan.”“Bener?”“Muhun.”“Éh ieu mah serius

nanya. Bener milu

modar?”“Eu… Muhun. Pan

urangna maot, Juragan.”“Tah éta salah.

Matakna kami keuheulgé. Matakna kami mahnapsu ka kalangkangtéh.”

“Eu… Duh teu ngar-tos, Juragan.”

“Yeuh déngékeun.Mun urang paéh,kalangkang mah hanteu.Waktu urang modar,kalangkang mah hirup.Waktu engké aya nudatang, aya nungawawancara, sigamanéh kieu, kalangkangnu ngajawab téh.Kalangkang nu capétangtéh. Nu pepeta ngajelas -keun. Lain, lain urang.”

“Wawancara kumahasih, Juragan?”

“Nu nanyakeun: ManRobbuka? Man Kitab-buka? Man Rosullika?Kalangkang anjrit nungajawab téh. Sunguturang mah modar!”

“……………”“Nyeri haté teu?

Pinapsueun pan? Cekaing gé teu uyahankalangkang téh. Nganaing bingung, kumahacarana sangkan ulah ayakalangkang di dunya.Mun aya nu bisa miceunkalangkang, dibayar kuaing sabaraha waé ogé.Sumpah!”***

Pesan Trend Cipok,2013

KalangkangCarpon Ihung

“Diuk, Jura-gan.”

“Urang indit,milu indit pan?”

“Leres.”“Urang

madang, milumadang lin?”

“Muhun.”“Manéh mawa

kaméra,kalangkang

mawa kamérateu?”

“Nyandak.”“Manéhmolor?”

“Ngiringkulem, Juragan.”

“Enya, milungagolér.”

“Manéhmodol?”“Ha ha.

Muhun tos ngar-tos éta mah,

Juragan.”

Manglé 246320

Tara-tara ti -

sasari dipuser

dayeuhPakuan seu -

neungagugudag ti lebah Lawang

Gintung. Musuh rébuanblus-blos arasup ka jero kota

tempat ngadegna istanakarajaan Pajajaran.

“Gusti énggal taki-takimusuh tos nyedek ka is-tana,“ cék Rahyang Jagat-nata Pendeta AgungPajajaran ka Prabu Sili-wangi Raja Pajajaran.

Sang Prabu anu haritakeur rembugan jeung paramantri agung jung nangtungningal ti lebah jandéla, enyawaé pasukan Bélapati Paja-jaran katénjo mimitikadéséh ku musuh nulobana teu ngimbang.

“Geuwat kabéh maju kapangperangan. Musuhsigana leuwih loba batanpasu kan Banten anu geuséléh ti heula. Léngsér tabeuhbendé satarik-tarikna, urangperang deui,“ cék Prabu Sili-wangi ka Léngsér.

Der atuh perang cam-puh, para gegedén jeung sa-tria Pajajaran milu tandangmakalangan megung sera -ngan musuh anu datang tisagala madhab. Rahayat ogémilu perang sabisa-bisamertahankeun nagarasangkan teu dihurupmusuh.

“Naha asa beuki loba?Coba talingaan Léngsértimana waé musuh urangtéh?“ cék Prabu Siliwangideui.

Anu dititah terus lumpatsalungkar-salingker ka te -ngah-tengah médan perangnalingaan umbul-umbulkarajaan anu dibarawa kumusuh.

“Tétéla ayeuna mahleuwih loba. Lain ti karajaanBanten wungkul tapi ayabandéra karajaan Cirebonjeung karajaan Demak. Ieumah kudu dilaporkeun kaGusti Prabu,“ cék Léngsérbari tuluy balik deui muruPrabu Siliwangi.

Raja Pajajaran dibare -ngan ku Putra MahkotaKian Santang tapis pisanngagagalkeun unggal pa-narajang musuh. Tarékahlawan anu hayangnaklukkeun Pajajaran teubisa gancang. Loba anungababatang dicacar bolangku raja Pajajaran jeung KianSantang. Ngan najan pa-pada sakti ari musuh terusrabul datang bari jumlahnangarébu mah, angger Prabujeung Kian Santang kawala-han.

“Santang geuwat bawaadi-adi jeung dulur kabéhkaluar ti karaton. Nagarakeur perang tutumpurankituh. Geura néangan tem-pat panyalindungan,“ cékRaja.

Kian Santang bari teruspuk-pek nangkis panyerang,gagancangan manggihandulur-dulur jeung adi adinadi jero karaton sangkangeuwat nyalametkeun diri.

“Gusti ningal kieu mah,urang kedah ngéléhan.Upami teras perang bakallangkung seueur rahayat

anu janten korban. Saénaurang kantunkeun dayeuhPakuan,“ cék RahyangJagat nata.

Siliwangi ngarérét kaRahyang Jagatnata. Lajungarérét ka médan perang.Musuh beuki campuh,malah katénjo seuneu geusngagugudag ngaduruk kara-ton.

“Nyaan, Paman. Urangtéh kudu mundur. Léngsérgeuwat tabeuh bendé,paréntahkeun kabéh wadya-balad jeung rahayatmundur,“ cék Siliwangi kaKi Léngsér.

“Mundur... mundur...munduuur....!” cék Léngsérnabeuh bandé bari lu-lumpatan ngajak mundur kasakabéh pasukan Pajajaran.

Teu kacaturkeun dijalanna rombongan PrabuAnom Kian Santang geusnepi di gunung Halimun.Sakumaha paréntah tirama na, Kian Santangnyalametkeun diri tinapangu dag musuh.

”Saumpama lain parén-tah kangjeng rama, cadukaula kudu mundur. KianSantang can kungsi éléhtarung. Hayang kaula mahmuaskeun diri perangtutum puran, ngan siganabakal loba rahayat anu teutuah teu dosa jadi korban,“cek Kian Santang ka parakokolot anu milu.

Inyana laju maréntah -keun sangkan nyieunpadumu kan anu nyamuni diéta tempat tina pangudagmusuh. Ngan karak géreureuh, dumadakan aya

rasa ngaguruh dina batinna.Laju aya pituduh karuhunyén inyana kudu nuluykeunlalampahan muru leuweunglarangan di gunungKendeng anu teu jauh tiKabuyutan Aki Tirem.Sanggeus anteb sila tutugbari ngaregepkeun pituduhkaruhun, Kian Santang lajuindit deui muru gunungKendeng.

Najan bari beurat haté,Siliwangi dikawal ku Bareu-san Bhayangkara laju muruka pakidulan ninggalkeundayeuh Pakuan. Rombo -ngan mapay-mapay raratanbari turun unggah gunungmipir-mipir wahangan, tepika teu karasa bras ka basisirlaut Ujung Genteng.

“Di mana ieu téhPaman?“ cék Siliwangi kaRahyang Jagatnata.

“Saur urang dieu mah,ieu téh basisir Ujung Gen-teng. Cenah saupami urangbalayar teras ka kidul tiasadugi ka Pulo Nusa Larang,pulo kosong anu saurnasubur ma’mur ku kakayon,“témbal Rahyang.

Prabu Siliwangi antebneuteup ngeplakna laut.Bray dina lelembutananakajadian anu geus kaala-man; nagarana dijoragmusuh bari dirina teu bisanyalametkeun katengtre-man Pajajaran.

“Naha lalampahan urangabur-aburan kieu teu salah,Paman?” cék Raja,“Ngantep keun nagara di -rurug musuh. Da saenyanasaupama kaula rékmupujuh keun napsu saeutik

Runtagna PajajaranCarpon Luki Muharam

CCarita Pondok

21Manglé 2463

ogé kula moal mundur dinapangperangan. Naha salahPaman urang ninggalkeunkaraton téh?”

“Gusti sembaheun abdi,pilihan gusti mundur tinapangperangan kamari mere-nah pisan, teu meunt-ingkeun napsu angkara.Paman reueus ka Gusti tiasamayunkeun pertimbangankasalametan warga Pajaja -ran. Nanging kumaha ayeu -na Gusti naha badé netepwaé di dieu atanapi badé

meuntas lautan?“ RahyangJagatnata malik nanya.

Sang Prabu geus bogaimplengan rék muka deui kalembur di pulo NusaLarang, rék ngaheuyeukkakuatan pikeun ngarebutdeui dayeuh Pakuan. Rom-bongan geuwat nyieunparahu gedé rék dipakémeun tas lautan ka puloNusa Larang. Ngansaméméh parahu miang, jolkila-kila alam; langitdumada kan angkeub

dibarengan ku dor-dargelap. Angin gedé ngahiuknarajang pasukan anu geusngadorong parahu asup kalaut. Raja Sunda tetepkeukeuh maréntahkeunpasu kan balayar najan alamkeur angkeub-angkeubna.Ngan papastén ti Nu MahaKawasa teu bisa dipungpangdeui. Di tengah lautan du-madakan langit hujan gedéturun dibarengan gelap tingjelegur nyamber-nyamberlayar parahu. Parahu anu di-paké meuntas oléng kabun-tang-banting galura. Teu lilaancur burakrakan neunggarcadas jeung batu karang.

Pasukan bélapati teusaeutik anu jadi korbankabawa cai, anu salamettingjaloprak sisi basisir.

“Paman, sigana wayahPajajaran sirna ayeunapisan. Tarékah urang rékmeuntas lautan pikeunngadegkeun deui kakuatantaya widi ti Hyang Tunggal.Kumaha ceuk Paman?“tanya Siliwangi ka RahyangJagatnata.

“Sumuhun Gusti. Pamanogé ngaraos kitu. Papasténgeus dugi ka urang. Ayeunamah Paman masrahkeun kaGusti kedah kumaha saéna.Ngan saméméh aya putusanti Gusti, saéna urang gelarbabakti ka para karuhun,muga-muga aya bongbolo -ngan anu baris katampi,”cék Rahyang.

Harita kénéh Raja Paja-jaran sila mendeko dinatempat anu merenah di ba-sisir laut Ujung Genténg, dihiji tegalan. Dibarengan kusakabéh pasukan Belapati.Rahyang Jagatnata diukpanghareupna mingpinupa cara doa mapatkeunmantra bubuka baridibarengan ku ngelunnadupa samida anu seungitnanyambuang ka MandalaKahyangan tempatna rohpara raja-raja Sunda nugeus nilar. Seungitna ogétembus ka langit jabaning

langit tempat Hyang Tung-gal linggih maréntah saka -béh alam.

“Paman, pituduh geuskatampi. Kaula rék ning-galkeun alam karaméan, rékmawa Pajajaran ka alamcarita. Hiji waktu Pajajaranbaris datang deui ku seuweukaula anu micinta Pajajaran,nu satia bélapati nan-jeurkeun deui ngaran kaula.Engké saupama geus wayahbaris ngadeg deui Pajajarananu luyu jeung kaayaanjaman. Ayeuna sakur anusatia ka kaula geuwat geuraindit ti dieu bari tuturkeuntapak Kian Santang anakkaula. Anu boga karep sora -ngan, jig arindit, kaula moalmungpang. Bral,“ cék Sili-wangi sanggeus upacararéngsé.

Kabéh anu hadir teu ayaanu némbal. Simpe, iwal tiRahyang Jagatnata anuterus kunyam-kunyemngado’a. Sang Prabu lajungadeg bari ngacungkeunKujang Ciung Mata salapanpusaka karajaan Pajajaran.Laju Kujang diantelkeunkana makuta lebahtarangna. Les Raja Pajajaranngaleungit ninggalkeunalam karaméan. Siliwangigeus ilang, ngan ninggal -keun seungit anu nyam-buang. Sakur nu hadir laliuhbaringung, kudu kamanapilampaheun? Antuknasabagian tuhu kana wasiatPrabu Siliwangi seja nutur -keun tapak Kian Santang.Sabagéan deui paburencaymawa karepna sorangan-sora ngan. SedengkeunRahyang Jagatnata milungaleungit bareng jeungleungit na Raja Pajajaran.

Ti harita Pajajaran karingaran. Kusabab geus nepikana uga jaman gantilalakon. Pajajaran karinineung na. Nineung nu tayapapadana di unggal hatéurang Sunda anu gumatikana tutungkusan.

***

Manglé 246322

CCarita Pondok

SampingCarpon Onnok Rahmawati

23Manglé 2463

Cenah téa dikabayatéh handapna hadéku calana panjang

asal warna hideungkalayan lain jins. Kari-karibari datang dur magribtéh, robah deui. “Nganggosinjang, Mamah. Tiasamodél satuur atanapi pan-jang.”

“Sanés ti siang kénéhatuh sok duduk-dadakeun ceup pisan. Ieu poé téhmaju ka peuting.”

“Tuda kaka-kaka kelasngarobah aturanana gésonten jaba énjing téhkedah kempel jam genep.”

“Matak naon és-é m-és?’

“Ai Mamah, apan teukénging ngabantun ha-pé.”

“Aéh enya nya. Munngiring ti kantor sakola?”

“Ih Mamah, isin.”“Ka wartel?”“Wartel kumaha teu

kénging ka luar.”“Terus kudu kumaha

atuh ayeuna?”“Duka atuh. Ka Enin?”“Lalakon ka Enin téh

nyéépkeun waktu sabarajam, sakitu jauh.”

“Kumaha, mésér wéatuh soré kénéh ieuh, ayatoko buka? Di supermar-ket aya moal?”

“Mun ti beurang kénéhmah meureun Mamahlumpat heula ka Uyut,naon. Ai wayah kieu mahkumaha teuing. Paling kasalon.”

“Da teu kedah dangdossalon, di bumi waé kuMamah, rambutna di-gelung modél Koréa geu -ning.”

“Muhun, geulis,soléhah, nambut sinjang -na wungkul. Ai dangdanmah ku Mamah. Pira di-wedak wungkul, lipensaeutik, rambut wédibébérés.”

“Oh.”Ngahuhuleng mikiran

kuma pipetaeun perkaranéangan samping. Pilihanantara salon jeung ka nini -na barudak, indung ku -ring. Ménta dianteurkeunku saha wé lalaki. Dibelteu ngangkat, diés-ém-ésteu ngawaler. Tudasareup na kétang, netepankénéh. Ka Uyutna baru-dak, Enin kuring? Radabéh dieu ti bumi Ema.Tapi komo bakal langkungteu puguh ari teu kuringnu nyiarna mah. Arimasalah samping, di Eninmah tegalna. Muter uteukdeui. Teng ka Ceu Ikah,sipat lanceuk, seueursampingna éta mah. Radadeukeut téa mah tapihoréam. Jalan ka ditunamatak aral dua kali lipet,koral galituk.

“..kriiing...kriiing...”Telepun imah sada. Sate -ngah lumpat bisi wé nu di-dadago nyéta Ema.

“Assalamu’alaikum.”“Waalaikum salam.

Samping jang naon Nyai,Ema karak bérés ngaji.”Ema pisan.

“Itu si Enéng badé ayaacara di sakolana kududisinjang cenah. Kabayanamah aya.”

“Atuh lain tatadi. Eu-weuh jelema titaheundeuih, si Mumuh keuriang kalapa. Si Dede jajaptatanggana ka rumah sakitrek ngalahirkeun. Ka salonbé atuh.”

“Oh kitu? Uhun atuhka salon baé. Tuda tadinacenah hadé dilancinanpanjang da kabaya modé -ren ieuh. Ayeuna robahdeui.”

“Ka salon baé lahseueur, aralus deuih.”

“Muhun.”Ngajentul deui bari

mikir. Tapi jalur salon can

jadi kaputusan mutlak.Kuring ngierkeun uteuknginget-nginget bogasamping teu? Baréto mahkeur budak barurey kénéh,asa boga tina panyeumpal.Sawaréh nu lalayu sekarsok dipaké tilam ngalicingeus erep sabara hiji. Ah,boa aya kénéh? Deregdegka kamer tengah tempatneundeun lomari baju, nueusina pakéan-pakéan nugeus teu pati resepwungkul. Ngahaja ditundadi dinya bisi aya nu butu -heun atawa bogoh deuihiji waktu. Aralus kénéhngan bosen. Najan geusbosen aya kalana hijiwaktu enya sok sosnodeui. Modél baju tauniraha boa engké ngetrénddeui. Jadi teu kudu mésérwaé kantun ngamodip nuaya. Atawa pakéeunbudak.

Bray lomari. Budal -keun itu budalkeun ieu.Tahap ieu lain, tahap itulain. Eusi lomari dipa-payan. Kari panghan-dapna nu dibuntel sarung.Hiji harepan milu nga-gayot kana éta. Mugiasamping aya di dinya.Kudat-kudet muka talina.Da badis buntelan nu badébabarasut pundung. Braytéh, aya kaen planél,popok, gurita, baju budakkeur leutik, sapatu orok,kaos tanganna, kaos kaki -na, cipus. Alhammdulilla -ah panghandapna ayasampingan. Gancangditébréngkeun. Horengsarung lain samping. Tilu.Nu hiji deui mah sampingbeureum, urut pangais. “...Neneeeng...” nyalukanbudak tibeberegéng bakatku atoh. “ ...Neeeng...”

“Kaaah...aya naon

Mamah?”“Dieu geura.”“Ké sakedap.”

Géréwékna.“Yééh buru ieu sam -

ping aya.”“Samping.....asiiik,

mana Mah?” Teu lila geusnorojol.

“Tah aya dua, mana nukaanggo? Teu aya motipparang rusakna da ulahceuk Enin gé pamali. Jabasarung ieu mah, gampangnganggéna komo dimodélsatuurkeun.”

Irung budak di-cungikeun, biwirnamiluan manyun. ”Bauuu,Mamah ih.”

“Adatna tuda tara di-paké. Gampang bau mahkantun seuseuh, keueu-man heula ku pewangi,enjing gé garing.”

“Tah nu ieu Mah saé,gambar nu kurucutna ayahideungan cocok kanakabaya Eneng warna hi -deung.”

“Yakin badé ieu baé teukudu ka salon?”

“Yakin ah saé ieu gé.Gambar kembang naonieu téh Mah?”

“Naon atuh éta nya,Mamah gé teu apal. Oh,saur Uyut, nu ciga malatiatawa béntang maharanna téh motif Trun-tum. Sok dianggé parasepuh pihak istri pamegetmun dina nikahan”

“Oh. Ning saur Mamahtadi ulah parang-parangkitu?”

“Parang ruksak? Kateuing da aya dongéngnapamali wé pokona mahkomo cawéné.”

“Oooh.”“Ah-oh ah-oh baé. Sok

bantuan bérésan deui,Mamah badé ngeueuman

Nyambung ka kaca 38

Sora kohkol diti-tirkeun patém-balan di unggalmadhab, wanci nubiasana réhé com-

brék téh harita mah ngadak-ngadak geunjleung,jalma-jalma rabul pasuliberpangpangna kaum lalaki.Awalna mah kareungeunatéh ti weweng kon Cihaur,mapay ka tebeh wétan tiwewengkon Bolang jeungPasanggrahan, teu keudeukiduleun jeung kuloneunwewengkon Cihaur miluramé di antarana we wengkonTetelar, Salongok, Gudangjeung wewengkon liana,tatalépa ka unggal madhabantukna réang di unggal tem-pat. Teu kaliwat warga nu ayadi wewengkon Cisalak anuperenahna di kalereun Ci-haur ogé milu ramé. Kitunamah da puguh antara Cihaurjeung Cisalak téh ngan ukurkahalangan ku ngamparnapasawahan, jadi ratogna sorakohkol jeung keuleuweuhnanu pating corowok atra pisankadé ngé na. Ari nu bogapancén ngaronda dina peut-ing harita nyaéta bahSuhanda salaku RT kokolotlembur, malah inyanasesepuh masjid jami salakuketua DKM dina widangkaagamaan. Dibaturan kukang Jaji, kang Jana jeungaki Dinta. Nalika ngareungeusora kohkol ti wewengkon Ci-haur, bah SuhandaSaparakanca kabe neran keurbagi tugas ngon trol tiappéngkolan, maluruh unggaljuru lembur, sarta mariksatiap imah inggis aya hal-halatawa kajadian teu dipiharep

anu jadi tanggungjawabnadina peuting harita. Rokayabah Suhanda rikat nitirkeunkohkol anu dijing jingna barigera gero ka war gana.

“Tanghi... tanghi....!Tanghi... tanghi..!” Kitu po-lahna bah Suhanda dinawaktu harita, ngurilingankampung bari nitirkeunkohkol. Ahirna warga ka -laluar marantuan bari sayagapakarang bisi aya maungngamuk gajah meta, atawabancang pakewuh anu teudisangka-sangka.

Kira-kira pukul dua,réangna jalma-jalma jeungratogna sora kohkol mimitingurangan, tinggal hiji dualapat-lapat kadéngé ti we -wengkon nu rada anggang.Tayohna jalma-jalma geusngarasa aman, antukna balikdeui ka masing-masingimahna, pikeun nuluykeunhanca pangimpianana. Kitudeui bah Suhanda sanggeusngarasa aman tuluy murugarduh ronda, kasampakkang Jaji jeung ki Dintanarungguan, teu lilia torojolkang Jana gé anjog.

Sabari ngareureuhkeunkacapé bah Suhanda sapa -rakanca ngawarangkong,ngeunaan hal anu cik kénehkajadian. Mémang haritakeur meujeuhna paceklik,méh tilu bulan hujan teuenggeuh datang, sabagianpatani teu bisa ngagarapsawahna lantaran cai teu bisadiandir. Ku kaayaan kitumanusa nu lemah iman mahwani nganapakah ku jalanteu halal, antukna nu ka-palilingan jeung kagaronganremen kabéjakeun. Saperti

dina kajadian peuting harita,bah Suhanda saparakancaboga panyangka nu sarua,yén di Cihaur tangtuna kaco-longan bangsat.

Keur uplek ngobrolkatara ti kajauhan aya mobilsedan ngaliwat, reg di hare-upeun garduh ronda, kacapanto hareupna muka.

“Rada ramé ning di Ci-haur mah bah.!” Ceuk numawa mobil bari nololkeunsirah tina jandela mobil. Si-horéng pa Haji Rahmat,sigana karék mulang nyabatinu jauh.

“Manawi pa Haji..! Ayanaon saurna di leresan Ci-haur téh.?” Tembal bahSuhanda.

“Ari ceuk nu araya didi -nya mah imah kang hajiAtang dibobol maling.! Perhi-asan, duit, katut barang elek-tro lapur cenah.!” Walon paHaji Rahmat, anjeuna meu-nang beja cikeneh waktungaliwat ka Cihaur.

“Kutan..! Dupi pa Hajimulih ti mana atuh wengi-wengi nembe sumping.!?”Kang Jana mairan.

“Biasa we Jan..! Balikneangan bati saeutik, tambalapur nyukcruk kota Ban-dung, milirkeun beas barisakalian pelesir nenangkeunpikir.!” Kituna téh pa HajiRahmat bari nyéréngéh.

“Yeuh lumayan ubar tun-duh.! Lain teu hayang matu-ran ieu téh, indung budak diimah bisi deudeupeun. Tapiaman meureun nya saungkuring mah.!?” Pa Haji Rah-mat ngabagi reret, kituna téhbari ngasongkeun dua bung -kus roko, ditampanan ku bah

Suhanda.“Hatur nuhun ah pa

Haji.! InsyaAllah aman bumipa Haji mah, tadi tos dikon-trol ku Jaji sareng kangDinta.” Ceuk bah Suhanda.Sabada pamitan mobil paHaji Rahmat maju deui,ninggalkeun bah Suhandasaparakanca di garduh rondaanu nuturkeun ku paneuteupnepika mobil ngiles dilebahpengkolan. Saterusna bahSuhanda jeung baturna nu-luykeun ngawangkong,ngareureuhkeun kacapé di-baturan kelepusna haseuproko dina jero garduh.

Keur uplek ngawangkongkang Jaji nu diuk nyangha -reupan jalan katara kerungneuteup ka jauhna bangunnu keur nyidik-nyidik.

“Aya naon Ji..?” Ceuk kiDinta bari ngareret ka lebahanu dititenan ku kang Jaji.

“Itu siga aya jalma leum -pang muru kadieu.!” Tembalkang Jaji bari kerung, paneu-teupna angger manco bangunsieun kaleungitan. Saréréamalik ka lebah anu dituduh -keun ku kang Jaji, benerpisan rentang-rentang kata -ngen aya nu leumpangngadeukeutan. Sakedapansimpe euweuh anu cumaritalantaran sarerea sidik, yén nuleumpang téh mun ditilik tinadangdanan jeung tangtunganmah tangtu awéwé.

Beuki lila beuki atrakatempona, jelas pisan nuleumpang téh awéwé tengahtuwuh, buuk di gelung bajukabaya brukat, ka handapnadi samping poléng bari nga -gembol buntelan, ngalenghoybangun nu cape pisan.

Manglé 246324

PPuridingPuringkak

KajajadenKu Yusuf Yuhendi

25Manglé 2463

Sanggeus nepi ka garduhronda reg éta awéwé eureun.

“Sampurasuun..!” Poknarada ngirung, bari semu alumpanona neuteup kahareupsiga nu keur nyawang jauhnajalan anu rék disorang.

“Rampeees..!” Mehbareng sarerea nembalan.

“Tuluuung kang..!Tulung an kuring..!” Poknadeui bari paneuteupna tetepanteb ka hareup. Teu malireka bah Suhanda saparakanca.Sarerea silih reret pamikiran -ana dilimpudan ku rupa-rupapertanyaan, kaayaan mimitimawa kaanehan.

“Dupi salira timana kawit,bade kamana, lajeng mulihtimana.? Wayah kiwari masihngulampreng, na teu sieun.?Pan ayeuna téh nuju genting,kumaha mun dipegat begalatawa ditodong rampog.!?”Bah Suhanda muka pananya,nalungtik pinuh rasa kapana -saran.

“Tulungan kuring kanganteur ka Pasir Haranga, ku -ring hayang mulang.!” Jawabeta awéwé sikep jeung paripo-lahna angger teu robah, ong -koh butuh pitulung tapi sigaanu teu malire.

“Dimana Pasir Harangatéh nyi, asa kakarangadenge.?” Kang Jaji nyoarapinuh kahéran.

“Cibaregbeg Kang.!”Jawab eta awéwé pondok.Bah Suhanda saparakancasilih teuteup, ngisaratkeunsaha nu kudu nganteurkeuneta awéwé. Lantaran lalampa-han ka Cibaregbeg lainbantrak-bantrakeun pikeundisorang sabari leumpang,dalah ngagunakeun kan-daraan oge moal kurang tisatengah jam, mana wancipeuting ditambah ka Cibareg-beg téh ngaliwatan sababa -raha lembur, pasawahan,kebon jeung leuweung.

“Abah jeung Jaji we lah,kuring mah geus teu kuatleumpang jauh.!” ki Dintangusulkeun.

“Satuju...! keun ana jeungki Dinta nungguan garduh di-dieu. Urang bagi tugas.” KangJana mairan katara senggahmun kudu milu nganteur -keun. Anhirna bah Suhandajeng kang Jaji kapaksa ngele-han nyatujuan pikeun ngan-teurkeun eta awéwé.

“Hayu atuh kang..!”Pokna eta awéwé meh teukadenge. Sanajan duananamasih dilimpudan rasa

hemeng jeung bingung, bahSuhanda jeung kang Jajimiang ngajajapkeun, teu tegaku waruga eta awéwé. BahSuhanda jeung kang Jajileumpang di kenca katuhu -eunana, duanana teu lobatatanya deui ngagidig sigaponggawa ngawal ratuna.

Bah Suhanda, kang Jajijeung eta awéwé ngilessanggeus asup kana peng -kolan jalan, tuluy meuntasanjambatan nu ngaliwatansolokan Cisalak anu sisi-sisina remet ku rungkunjeung tutuwuhan, di selangku dapuran awi sarta tangkalkawung. Pas di tengah jam-batan ti kaanggangankadenge sora hayam kongko-rongok, reg eta awéwéngarandeg, ret ka bahSuhanda ret ka kang Jaji,panona anu alum ngadadakburingas jeung hurung.

“Kabeurangan Kang..!Nuhun pisan.” Pokna bari teudisangka sangka gajleng lun-

cat mancal jambatan gorobaskana rungkun, tuluy ngiles di-teureuy poekna peuting. BahSuhanda jeung kang Jaji baticalangap olohok mata simeu-teun, sabab kasaksi ku dua-nana, waktu eta awéwéngagajleng jirimna robah jadisi raja leuweung. Awaknalempay, buntutna panjang,buluna belang. Beretek dua-nana lumpat teu siriknanotog-notogkeun maneh pa-heula heula muru garduhronda nu tacan jauh diting-galkeun.

Di garduh ronda duananasilih ganti ngalalakonkeunpangalamana nu cik kenehkajadian, ki Dinta jeung kangJana ngaregepkeun barigogodeg, sanggeus rengselalakon nu dibandunganana,meh bareng ngagerendeng.

“Kajajaden.”***

Sumber: Pa Nandan Suhanda

Cihaur Cianjur

CCarita Heubeul

Ujang Kusénngajawabnamalibir, po-hara lan-tipna,pokna:

“Kabageuran jeung kahadéanKang Haji, najan ku kuringteu kaharti tapi karasa,meureun aya patalina jeungurusan kuring ka Surabaya.Duka teuing kumaha ari gék -gékanana atawa bebelete -kanana mah, kuring teu rékpapanjangan jeung moal ba-bangkitan. Ngan bisi baé ayakekeling ati di Kang Haji nupatali ka dinya muga disak-sian ku Ibu, ku Ama ku dulur-dulur anu karumpul di dieu, tipihak diri kuring mah euweuhgeuneuk-maleukmeuk, tayagugat-hariwayat, éstuningbalungbang ..., jalan gede sa -sapuan, caang bulan opat we-lasna. Nyebut hayang kula dang késang sorangan sotéhlain nyapirakeun ka KangHaji, tapi itung-itung Nyieuntajuan hirup kuring pribadi,ulah sagala ngeunah teuing,jiga jalma tanpa daksa, hirup

ku panyukup, gede ku paméréCeuk omong jalma téhmeureun: humayua tah SiHaji Kusén, jadi Haji gékadongdora, dipangmung-gahkeun ku dahuan.”

Saréréa ngarti, yén UjangKusén téh geus boga aam-beuan kana dakwaan-palsuHaji Tajib baréto. Henteusotéh poksang diceplakkeun,duméh “rasiah” Bapa barismilu kabokér. Haji Tayibtungkul ngeluk, pasemon po-hara bingungna, sababkarasaeun yén pamadeganUjang Kusén kitu téh pikeunHaji Tayib mah hartina: kaulhenteu katebus, sumpah hen-teu kapunah. Tegesna pisan:Haji Tajib tetep dorakana,ngajalankeun sumpah palsujeung dakwa palsu baréto.

Cacadna téh duméhbatinna héngkér, leuwih sieunku mitoha—nepi ka beunangdibawa sailon– batan ku AllahTa’ala. Haji Samsudin nénjogalagat jiga-jiga carita arékngagilek kana urusan baheula,nu ku manéhna eukeur dipo -pohokeun, nya teu wudu

haténa ratug, da masing kaanak sorangan ogé ari kanga -ranan dibangkit mah puguhmoal ngeunah. Ku sabab éta,geuwat digilekkeun carita téh.

Haji Samsudin: “Kahar -tina ku Ama mah omong SiUceng téh réa benerna, malahmaranéh kudu aratoh bogadulur keyeng hayang macakaltéh, nandakeun hurip karep -na. Ayeuna mah mending di-tanya naon pakarepanana.”

Ujang Kusén: “Enja, KangHaji, bener saur Ama. KangHaji teu kudu ngaheruk. Daurang téh jeung dulur, carakuring lamun enja keur butuhmoal éra ménta ka Kang Hajitéh; dina keur gemuh moalpamali méré, ngabagi rejeki.Tadi saur Ama, hadé ditanyapakarepan kuring. Ari kuringmah kieu: meungpeung ayeu -na ngariung saréréa, lamuntéa mah rido sarta ihlas dulur-dulur kabéh sarta Ama jeungIbu ngawidian, kuring téh ha-jang dipercaya boga akuansawah jeung leuweung Amaanu di Padalarang, ajaman téhrék diajar tani jeung ngasupankai ka nagara.” Bari ngarérétka Enok Dioh jeng UjangTamim: “Kitu gé Aceuk,Akang, kuring mah lainmaksa, ieu mah upama Kang

Aming, Ceuk Dion, KangAcang, Ceuk Omah jeung SiEnah enya rido. Jeung deuikuring gé teu niat mibanda,ngan hayang boga akuan baé,ambéh jongjon makaya.Wondéning isuk jaganingpagéto lamun geus nepi kamangsana ngabagi waris, ku -ring mah sakabagianana,dibéré baé atuh nuhun, dihen-teuna baé, kuring mah ru-masa geus ngabéakkeunsapurang-pirang malah ayabéjana bagianeun Ceuk Diohjeung Ceuk Omah ogé aya nukadahar ku kuring jaman ba -ngor baréto, ngan mudah-mu-dahan téh kuring dipaparinmilik, baring supagi parengbisa ngagantian.”

Ngadaréngé omonganUjang Kusén anu sakitu pi -nuhna ku karumasaan jeungkasadrahan, saréréa mani pa -ting leketey haténa, malah nuawéwé mah nyalangkrungcipanonna, ngahelas nga -déngé dulur sakitu sanduk-sandukna.

Enok Dioh bari nYusutcimata: “Alah, Kusén enggeusnu heubeul nah ulah digawar-gawa deui, nyuat baé kanahaté, anu magar kadahar kumanéh téh lamun enja téa di-ancokeun bagian Aceuk, kop

{ 32 }

Ku M.A. Salmun

Manglé 246326

baé, mana kitu gé milikmanéh. Bisa balik deui tiSurabaya kalawan salametlahir-batin baé gé geus pirang-pirang sukur, da batur mahréa nu balik ngaran.”

Enok Omah (bojo HajiTajib): “Heueuh, Kuséndibangkit gé da moal pulihdeui, geus teu kudu di omong-omong. Éta manéh hayangngurus pakaya nu di Pada -larang, teu kitu gé da aya numakihikeun. Ari Aceuk atuhda puguh awéwé euweuhkabisa, Kang Aming sakitu ri-weuhna, Si Acang nguruskeunnu di wétan jeung di kidul baégé katenjona répot pisan, nyameureun kari manéhngurus kaboga kolot nudi kulon, kop baé émah.”

Ujang Tamim nyeng-hap : “Tah geuning,Ceuk Dioh jeung NyiOmah geus nyebut kopbaé, ari Nyi Enah mahda budak kénéh keunngajawabna tanggunganAkang, ayeuna manéh,Acang kumaha karepmanéh.”

Ujang Kasin:“Pikeun kuring, salahmun teu rujuk, da enyasaomong Ceuk Omah,kuring téh ngarawatannu di wétan jeung dikidul baé gé méh teukatanagaan.”

Ujang Tamim:“Sukur ari kitu mah. Ayeunakari Akang, di antara lalakimah dulur pangkolotna, da nucikal, cara Ceuk Dioh, nyaawéwé nya randa, hakékatnatanggungan Akang. Urangatur kieu: “Si Uceng jeujeuh-jeun ku saréréa. Keun sinajongjon ngarawat takajarkolot nu di kulon. Ti Akangdibahanan tukang ngaragajijeung tukang nuar kaisaparabotna, jelema geustabah naker teu kudu malayardeui. Ari panyawah mah keunbaé antep pasrahkeun ka paEkom nu ayeuna, jelema lem-peng pisan tatéh. Geus kitu tiNyi Omah jeung Ki Haji” –bari nunjuk ka Haji Tajih—“pimodaleun, duit kenceng nu

teu tulus dipaké turun kaultéa. Ieu téh kudu méré mut-lak; Si Uceng gé ulah teunampa, urang kudu padaberesih ari enya mah rékngadulur; kaharti Kusén?”“Kaharti,” ceuk Ujang Kusén.

“Tak, heueuh kitu, su -ceung ngaranna!” tembalUjang Tamim “geus kitu kariCeuk Dioh; da di dieu ogé teuboga rawataneun batan cicingdi kolot mah rasa kuringmending ngarawatan SiKusén itung-itung gaganti in-dung. Tah, Ceuk Dioh milu kapadalarang; Si Uceng geusboga deui pamajikan mahkuma engké, rék terus milu,

heug, rék balik ka kolot heug,milu baé jeung kuring, atuhtadi gé disebutkeun,hakékatna mah tanggungankuring, nya heug, kumahajinis baé éta mah. Ari siAcang, minangka ngamodalantéh leupas tanggungan, teukudu gadang-giding ka behkulon, jadi bisaeun nyenghapmeueusan. Tah, cing, kumahadiatur kitu? Rarasaan mah asabérés maké.”

“Ké lanan Aming,” ceukEnok Dioh ka adina “Aceuktéh lain embung ngarawatanSi Uceng téh, piraku teu daék.Tapi asa keueung nyoranganmah. Lamun dibikeun,” –Baringarérét ka Enok Hapsah bojoUjang Tamim—“hajang diba-

hanan Nyi Epoh anak Ki Ar-sali nu dirawat ku Enok. Étabaé, téténjoan Aceuk budaknanya junun nya nyantri, sokkaténjo salat kadéngé ngaji.”

Enok Hapsah: “Atuhmangga Ceuk, itung-itungkuring milu mahanan. Tapiéta téh ku kuring gé henteu di-anggap lanjang, diaku batursaimah baé. Di Bantennakungsi boga salaki ka jurutuliswadana, malah eya téh bisamaca nulis, Ceuk, dipapata-han ku nyonya kontrolir,cenah.”

“Hah? Baruk bisa nulissagala? Aéh-aéh, teu sangkaétah, budak jol ti pakidulan!

paingan sagalana jiga urangdayeuh ari warahan nyonyakontrolir mah.” omong EnokDioh.

“Hanjakalna téh teu beulinjeupah,” tempas EnokOmah. “Éta meureun duméhajaran Walanda.

Ujang Tamim: “Tah, tah,baku awéwé mah, keur bener-bener nyarita rék ngajeu-jeuhkeun dulur, hayohméngkol kana kontrolir, kananyeupah sagala. Ieu heulayeuh patotoskeun.”

Teu dicatur panjangnabadami, kacaritakeun geussabulan ti harita, UjangKusén, Enok Dioh jeung NyiEpoh geus ngeusian imahrada sisi dayeuh Padalarang,

sisi jalan Bandung Cianjur.Imahna teu gedé teu leutik,diatur na dihaja ulah matakragab randa jeung duda,sasatna imah dua dihijikeun,jaba ti pawon mah sagalamisah ngan duméh sasuhu-nan, mun cara ayeuna mahmeureun nu disebut petak téa,bédana téh ieu mah imahpanggung, jamban jeung pan-curan ogé misah.

Ujang Kusén mah dikalér, para randa mah diwétan balongna gedé laluasakukumbah jeung nyeu seuhan.Tepasna ogé dibagi dua,Ujang mah leuwih lega. Aridapur ngahiji sotéh atuda

lalaki mah rék nyiar naonngadeukeutan hawu!Pakarangan lega, ku NyiEpoh diolah dipelakan un-deureun, ari di buruanjeung deukeut sisipakarang ku Ujang Kuséndipelakan rupi-rupicangkokan.

Nu ngurus sapopoenadisabodokeun ka EnokDioh. Tukangeun imah,sawah mani ngamparngawates ka rarambuleuweung nu keur dibukaku Ujang Kusén, kaina di-jual, boh dijieun bahanimah boh dijieun suluh.Taneuh nu geus lenang, di-palakan tarum, pelang,cangkudu, soga, salam,jeung manglid, bahan-

bahan anu di Eropa dikoko-lakeun dijieun cet. Gigireunimah aya lahan lega tempatpangragajian teu jauh ti elos-elos tumpukan balok jeungpapan. Rada anggang, ngaja-jar istal kuda jeung saungroda geusan ngakutan kai kadayeuh. Cindekna, cacakankakara prung mah bubuhanpada ngajeujeuhkeun, UjangKusen teh kaitung jol-jol gede.Gawéna sapopoé téh cuh-cihtuh-tah boh di leuweung, bohdi sawah, boh di pangragajianéstuning teu nolih capé, pa-parahna teh lamun tacan ka-gantian pakaya Bapa jeungdulur nu dibéakeun baréto,moal waka tiis pikir.

(hanca)

27Manglé 2463

Manglé 246328

Bagian

194

CCarita Nyambung

Amjad kacidatumarimanaka pribumitéh. Atuh,pribumi gékacida

karunyaeunana ka Amjadtéh. Malah, keur nutupankaéra sémahna, Bahadursadia ngaku-ngaku badégaAmjad. Tangtu wé, éta pa-muda téh bungah kacida.Lantaran ku cara kitu, pa -ngakuanana, moal gampangkabitur.

Upama Amjad ngarasaatoh aya nu nulungan, étawanoja mah sabalikna. Ceukpikirna, upama éta badégadiusir, tangtu wé manéhnatéh bakal jongjon.Patékadanana kitu, tangtuwé ku Amjad mah ditolak,kalayan alesanana, étabadéga téh geus dianggapkulawarga sorangan.

Taksiran, si awéwé mahkeukeuh kana patékadanan.Beuki lila, haténa beuki

ceuceub, nepi ka dina hijisoré, waktu Bahadur keursaré, éta awéwé téh ngaje -wang kai pisuluheun nugedéna sarua jeung lengeunkolot. Éta kai nu satengahdeupa téh diheumatkeun sa-takerna kana lebah sirah Ba-hadur. Untungna, Amjadrikat nakis suluh nu sage-broeun ninggang sirah Ba-hadur. Pribumi salamet.

Teu hasil maténi Ba-hadur, dina séjén waktunyieun deui péta nu mataknyilakakeun. Éta awéwéngajéwang pedang nu nga-gantung dina lawang panto.Teu antaparah, éta pedangtéh dtitigaskeun kanabeuheung Bahadur. Tapi,deui-deui kaburu kanya-hoan ku Amjad.

Najan disabar-sabar,Amjad bedah amarahna.Pedang nu rék ditigaskeunkana beuheung Budur téh,ditakis, saterusna sina maliknanceb kana beuheung éta

awéwé. Teu manggapulia,gabres congo pedang niruktikoro si awéwé. Inyanangulapes guyang getih.

Ngadéngé nu ngocéak,Bahadur lilir. Gancang hu-dang bari panonna rucang-riceng. Bréh wéh si awéwétéh geus ngababatang, pa -las tra, jiwa ninggalkeunraga.

“Ih, kunaon éta téh?”pribumi nanya dibarungkaget.

Daradad Amjad nyari-takeun lalakonna. Atuh,geus apal kitu mah, bahadurtéh kacida tumarimana. Da,ceuk saréat, mun teu ditu-lungan ku Amjad, dirina téhkumaha boa.

Geus kajadian mah teuburung geumpeur. Leuh,mun kanyahoan ku aparatnagara, tangtu bakal meu-nang hukuman anu satim-pal, dihukum pati. Mikir kadinya, Bahadur gancangcacarita. Intina mah, sang -kan éta mayit gancangdibuang ka laut.

Bahadur gancang nyokotkarung. Mayit diréng -

kolkeun dina karung. Geuskitu ret ditalian. Tembongkarung téh getihan, lantarantatu parna dina lebah beu -heung mayit masih kénéhngaluarkeun getih.

“Kedah kumaha ayeu -na?” ceuk Amjad.

“Urang piceun wé kalaut.”

Kakara gé Amjad rékngarongkong karung, maks-duna rék ngangkat mayitkana taktakna, Bahadurngahulag. Keun baé, cenah,ulah ku Amjad, mendingBahadur sorangan nu rékmiceun éta layon.

Méméh jig inidit,pribumi papatah heula.Mun dirina teu buru-burubalik, teu kudu disusul kasisi laut, da hartina, inyanakatohyan ku aparat nagara.Mun kajadian kitu, Amjadtéh ulah geruh, mendingterus cicing wé di éta imah,kalayan sagala rupa nu ayadi dinya jadi milik ki semah.

Peuting ka-234Teu ngadagoan walonan,

Bahadur ngangkat éta

29Manglé 2463

mayit. Laju dibawa kaluar tiéta imah, muru jalan nuarang kasaba ku jalma. Me-mang, poék kénéh, wancingagayuh ka subuh, ka -wantu jalanna milihan, atuhnepi ka sisi laut mah sala -met. Ngan, waktu leum -pang na nyorang kikisik,Bahadur kagét lantaran ayasora nu nitah eureun.

“He ki silah, naon nudibawa ku andika téh?”

Cag layon téh ditundahareupeunana. Taksiran, nunanya téh aparat kaamananéta nagara nu biasa nga -langlangan éta tempat. Teungadagoan jawaban nu di-tanya, patugas gancangngeureut tali beungkeutkarung ku pedangna. Bréhlayon awéwé.

Saterusna, Bahadurpada ngariung ku patugaskaamanan. Geus kitu mahteu bisa majar kumaha.Manéhna dibabandandibawa ka puseur nagara.Dijagragkeun ka raja.

Nu boga éta kakawasaantéh kacida kagétna. Komodeui sanggeus dipariksa, Ba-hadur ngaku kana kasalah -an ana, sarta nyieun piandel,yén nu ngalakukeun éta ka-jahatan téh manéhna.Kacida raja téh kuciwana, daBahadur téh sarua jeung di-rina, nu ngagem Islam, nukabeneran meunang kaper-cayaan jadi pamingpin na-gara nu lolobana padu muk na kaum majusi.

Raja nu kaceluk adilpalamarta, tigin ngajalan -keun aturan. Cindekna, Ba-hadur téh rék ditibananhukum pati. Atuh, sanggeusheuleut sawatara poé, nitihkana wancina nibankeunhukuman. Saperti ilaharna,hukuman téh dilalajoan kurahayat. Maksudna sangkanjadi conto keur nu lianna.Kabiasaan kitu, terus dilak-snakeun kalayan tara cueutka nu hideung tara ponténgka nu konéng.

Ku lantaran hukuman

pati diumumkeun kabalaréa, éta béja ge nepi kaAmjad. Tangtu wé, ngarasatugenah. Ceuk pikirna, naonhartina hirup lugina, upamaaya nu jadi tumbal. Mikirkitu, harita kénéh Amjadmuru tempat hukum pati.Langsung ngadatangan rajanu tas paparentah ka logojosina nigas beuheung Baha -dur.

Amjad wakca, nu salahmah dirina, lain Bahadur.Cenah, nu rék ditibananhukuman mah jalma soléh,jalma hadé. Dirina gébanget tumarimana ka Bah-dur téh. Saterusna, Amjadmedar lalakon. Panjang ca -ritana téh, da malikan deuilalakon, pangna dirina nepika éta nagri.

Raja ngarti kana étaperkara. Gancang wéh nga-batalkeun éta hukuman.Bahdur dibalikeun deuikana jabatanana. Lian tikitu, ku lantaran apal Amjadtéh lain jalma samanéa, raja

gé butuheun ku pangartina.Harita kénéh, Amjad di-angkat jadi mantri di étakarajaan. Diistrénan, sartapoé éta kénéh mancén gawé.

Boga kakawasaan,Amjad eu sing ngarasa lu -gina. Pangpangna mah,haténa teu wéleh tibelat kaadina nu teuing kumahananasibanana. Atuh, dinasajeroning ngalaksanakeunpancén nagara, teu pohomarentahkeun bawahananasina néangan Asad, adinanu leungit tea.

Nu dipikamelangnamah, mémang keur nanda -ngan tunggara. Saban poénarima siksaan. Ngan, dateu bisa majar kumaha.Boga pangabisa gé, teumetu, da puguh ukur so -rangan, nyangahreupanmangratus-ratus jalma nusamagréng pakarangna.

*** (Hanca)

Manglé 246330

MMimbar Atikan

Hujan ngayer ti Saptu isuk-isuk nepika tengah peuting. Ahad (14/1)isuk-isuk, geus murupuy deui.

Mun teu paheut jangji, kanan pugag lam-pah. Tapi piraku kudu bolay pédah hujan.

Pukul 8.00 geus jogo hareupeun kantorPolsek Balubur Limbangan. Teu lila ti béhkulon ngurunyung Avaza hideung.Prof.Jakob Sumardjo, dibaturan ku duabudak ngora ti penerbit “Kelir” datang. Teulila ti beulah wétan ngurunyung Ibu AniSuhartini, S.Pd.

Geus badami ti béh ditu mula, antaraBu Ani jeung Prof.Jakob, rék ngadongdonsitus-situs purbakala, nu aya di pakaléranLimbangan. Di lengkob Gunung BataraGuru, nu ngawates ka Kab.Sumedang.Duma sar kana artéfak jeung batu-batu nukapanggih di dinya, aya kamungkinan diwewengkon éta, aya titingal budayamasyarakat Sunda pra-Hindu. Réa artéfak,pasastri katut barang-barang séjénna, nunuduhkeun éta kamungkinan. Sawaréhgeus réa anu kapanggih, sanajan tacangembleng kaguar. Sawaréh geus laleungi-tan. Sawaréh aya kénéh winangun makam,patilasan, jeung sabangsaning “kabuyutan”nu dianggap karamat ku warga masarakatnu aya di sabudeureunana.

Nu rék dijugjug ku Prof.JakobSumardjo kalawan di”guide”an ku BuAni,mahasiswa pendidikan seni rupa S-2UPI, nyaéta situs”kabuyutan” GunungSanghiang di Kp.Cileunca, Desa Ciwangi,Kadc.Balubur, Limbangan, Garut.

Ti alun-alun Limbangan, numpakAvanza. Disupiran ku Prof.Jakob Sumardjoku anjeun . Anggota rombongan katamba-han ku Pa Haji Usép Romli HM nu pasang-grok deukeut kaum. Keur “lari pagi” cenah,bari tara tinggaleun kaméra.

Lantaran jalan ka Cileunca, tarahal kubatu, pacampur leutak liket, tur nanjaknetek, moal mungkin disorang ku minibusKijang Avanza. Haji Usép gancang ngontaksobatna, Apit Masduki, salah saurang tokohmasarakat Limbangan, nu bogaeun jipHardtop 4x4.Kabeneran keur nyampak,sarta nyanggupan mantuan.

“Antosan wé di Cianten. Ké abdimanas keun heula mobilna, “ saur rakanatokoh anti kortupsi Tétén Masduki téh.

Minibus Avanza dieusi ku opatankalima supir, maju ngalér. Lalaunan. Jabati jalan goréng, maparin kasempetan kaProf.Jakob kanggo ningalian kaayan sa -panjang jalan. Pangpangna lebah Pasir As-tana, tempat adegan makam Sunan

Cipancar,katut para “dalem” (bupati) Lim-bangan, samemeh robah jadi Kab.Garut(1813). Ibu Ani nu sapopoe PNS guruSMPN 2 Limbangan, paséhat pisannerangkeun. Bubuhan asli urang Cianten.

Saur Prof. Jakob, réa situs sajarah numibanda ajén arkéologi linuhung, sumebardi sakuliah Tatar Jabar. Sawaréh geuskaungkab, tur kasohorkeun ka balarea.Kayaning Gunung Padang (Cianjur),Karangkamulyan, Kawali, Panjalu(Ciamis,) Batutulis (Bogor), DayeuhluhurSumedang) jeung sajabana. Sawaréh masihtacan kaungkab, balukar hahalang“pacad-uan” nu dipikukuh ku masarakatsabudeureun situs . Atawa hahalang géog -rafis, lantaran pernahna mencil jeunghésékasorang.

Contona, situs “kabuyutan” GunungSanghiang, nu rék didongdon ayeuna. Ieusitus winangun batu cadas, jangkung kl.25méter, panjang 10 méter, aya di puncak Gu-nung Sanghiang (kl.500 méter). Ku urangCileunca, lembur pangdeukeutna ka dinya,dianggap “makam karamat”. Tapi taya nuterang, saha dimakamkeun, jeung irahawaktuna.

Di Cianten, reureuh heula di buminaHaji Andin, rama Bu Ani. Mumuluk sangupulen, goréng daging hayam kampung asli,sambel godog cahaha, jeung rupa-rupadeui. Puguh ngalimed. Keur mah beuteungkosong. Turug-turug nyayagian keurtanaga leumpang ka ditu engké, nu ceuk BuAni mah, lain énténg-énténg.

Teu lila gurudug jip Hardtop datang.Apit Masduki gancang diajak barengmumu luk. Teu hésé da sarua perlu beute-ung eusi.

Bekel keur di gunung, diasup-asupkeunkana jip. Timbel jeung deungeunnalengkep, cai minéral, termos cipanas, kopi,jsb. Wah, saha nu rék ngakutna ?

Sihoréng Bu Ani geus ngeprak murid-muridna di SMPN 2 Limbangan, sinanungguan di Cileunca. Maranéhna nu ka-papancénan mawa babawaan sakaliantuduh jalan. Ma’lum geus manukna.Sapopoé idek liher di suku gunung Sang -hiang.

Ti Cianten, eusi jip jejel. Tambahbebeke lan apan. Tapi teu matak hariwang.Handel dipasang. Saséak-saséak nyorang

Nyaba ka “Kabuyutan” Gunung SanghiangLaporan Ki Warta

Apit Masduki, H.Usép Romli HM, Prof.Jakob Sumardjo, bobolokot leutak ngajugjug situs Gn.Sanghiang.

31Manglé 2463

tanjakan jeung pengkolan pinuh batu cam-pur leutak. Ban ukuran 33, loyog pisan keurngambah medan beurat. Ngan teu burungari matak ratug jajantung mah. Komo lebahtanjakan netek, sisi kenca katuhujungkrang. Ari jalan leueur. Bubuhan ApitMasduki ruruntuk “offroader”, tapis nga -gulak-gilek setir sanajan panumpang mahkabéh ge jejewawan. Kaasup Prof Jakob nudipernahkeun di hareup.

Jalan béak semet Cileunca. Ka ditunaleumpang.Barudak murid Bu Ani, hari-deng. Gupgap kana babawaan. Hég arinditti heula. Mapay jalan satapak nu cebrék.Sawaréh marengan. Laléngoh. Sihorénggeus ditugaskeun ngaping Prof.Jakob jeunganggota rombongan séjén nu teu tumanleumpang nyorang jalan leutik jeung leueur.

Puguh wé teu bisa gancang. Nurugtugmudun, ari maju ngeteyep. Sapatu kéts teupayu. Ngadon sosorodotan. Betah kénéh di-lagar.

Nepi ka handap, kana wahangan leutikcaina canébrang hérang. Cisangiang cenah.Sisi-sisina curcor cinyusu, dilogakkeun dinabak témbok, maké pancuran. DisebutCikahuripan. Tiis nyecep dipaké maseuhanpunduk nu kareunang ku késang urut ripuhmudun.

Bérés ngalubarkeun kasono ka caiherang, tatahar neruskeun lalampahan kapunclut Gunung Sanghiang téa. Nanjaknetek. Bener-bener lain sorangeun méméhmumuluk. Anggota rombongan ngaléngkahgejed, ngeteyep. Milihan jalan sangkan teutisolédat. Prof, Jakob ditungtun ku budakSMP duaan. Ti tukang, duaan deui sayaganyurung, lamun keur nyorang tanjakan.

“Saya biasa membimbing skripsi, tésis,disertasi para mahasiswa. Tapi di sini sayadibimbing anak-anak SMP, “Prof .JakobSumardjo (lahir di Klaten, Jawa Tengah 12Agustus 1939), seuri konéng bari nyusutankesang. Mangkaning lalakon “luhur” kénéh.Disebut “luhur” kénéh, da geus deukeut.Ngan édas, netekna. Jalan sorangeun kawastarajé nanggeuh.

Anéhna, barudak nu kapaancenanmarawa bekel, geus aya di puncak.Tinggarero, tinggarupay.Nyumangetan numasih kénéh ukay-ukey di handap.

Teu burung nepi ka nu dijugjug. Saréréananghunjar dina cadas lémpar nu leganaukur opat méteran pasagi. Sisina,jungkrang. Ka luhurna, nu disebut situs“kabuyutan”téa. Geus reureuh, Prof.Jakobngimeutan situs nu dihias ku simbul-simbulwarna hideung jeung coklat, kawas pulasancét. Ngalongok tilu guha leutik, jeung rupa-rupa sesemplékan batu jeung cadas nukawas meunang ngukir.

Apit Masduki mah malah naék,ngeumbing akar jeung batu mangrupatétécéan. Naék ka lamping beulah ditu.

Ngan taya ciri nanaon, kawas nu beulahdieu. Taya palataran deuih.

Sanggeus sugema alak-ilik jeung motré-tan sakur nu kapanggih, brak saréréa mukabekel Tadi mumulukdi Pa Haji Andin,pk.9.00. Ayeuna pk12.00. Tilu jam eusipeujit jeung tanaga dikuras ku mudun nan-jak. Atuh geus meujeuhna lapar deui, jeungdahar deui.

Teu kacaturkeun hésé béléké mulang,

nu geuning leuwih beurat batan indit.Turun mapay séngkédan, saised saised,leuwih merlukeun kawaspadaan jeungénérji tambahan. Lumayan sajam baribobolokot téh, bari teu tigurawil. Waktu duajam kaitung lumayan.

Barang nepi ka pangreureuhan, warungleutik tempat jip diparkir, saréréameubeutkeun manéh. Pada muji kaProf.Jakob, dina umur maju 75 taun,kaduga kénéh nyorang nanjak ka puncakgunung nu nangtawing.

Bari nyusutan késang, Prof.JakobSumardjo, medarpamanggihna ngeunaannu katiténan cikénéh. Cenah, kamungki-nan, situs “kabuyutan” Gunung Sanghiang,mangrupa titinggal masarakat Sunda pra-Hindu. Posisi situs dipadumaniskeun kanakaayaan alam sabudereunana, bisadibanding keun jeung situs-situs sejennugeus katalungtik. Sarua ngandung unsur“tritangtu di buana”. Tilu cangkingan hirupdi dunya. Ngawengku tékad,ucap, jeunglampah. Ĕta tilu unsur téh, dina kanyatansapopoé, kudu padu manis, ngawujud dinasikep “nyaah ka sarakan, ngariksa alam, ka-hadéan ka sasama”.

“Situs “kabuyutan” Gunung Sanghiang,nu jadi bagian tina “tritangtu”, nyangga

“pancer” (tihang pamageuh), dirojong kusababaraha wahangan nu barismgahiji dinawalungan badag, pikeun nuju ka muara .Dirojong deuih ku situs-situs séjén disabudeureunana, nu baris ngawujudkeun“pakumbuhan répéh rapih tiis ceuli hérangmata, tata tengtrem kerta raharja”.

Wahangan Cisangiang, katut waha -ngan-wahangan séjén, sapanjang suku Gu-nung Sanghiang, engkéna ngahiji ka

walungan Cianten, nu ngamuara ka Ci -pancar. Ari Cipancar ngamuaraka Cimanuknu parat ka Laut Jawa di tebéh kalér.

Nambahan katerangan Jakob, BuAni,ngjelaskeun, di pilemburan tatanggaCileunca, réa situs-situs séjén. Di antaranamakam Sunan Rumenggong di Kp.Porong-gol, nu ukuranana leuwih panjang jeungbadag, béda ti lumrahna kuburan biasa.Sunan Rumenggong dipercaya minangkaluluhur para “sunan” Limbangan, jeung“dalem” nu jadi cikal bakal KabupatenGarut ayeuna téa.

Boh Jakob, boh Ani, miharep, sangkansitus “kabuyutan” Gunung Sanghiang, di-taliti leuwih imeut sacara ilmiah. Pikeunnambahan koléksi sumber data sajarahjeung kabudayaan lokal Tatar Sundamangsa béh ditu. Sanajan kondisi lokasi“kabuyutan” kaayaanana batan sakitu, tapipihak-pihak nu boga tanggung jawab,utama na pamaréntah Kab.Garut, tangtubakal sanggup ngungkulan. Lantaran ajénsitus “kabuyutan| Gunung Sanghiang,tinangtu ngandung data jung faktakakayaan sejarah Tatar Sunda baheula, nuteu bisa dipisahkeun tina sajarah TatarSunda kiwari.

***

Situs Gn.Sanghiang, mangrupa “kuburan “ badag tina cadas bodas.

Manglé 246332

CCarita Nyambung

5

TEU lila diimah téh.Ukur dua poé.Angkanan téhda perlunaogé ménta

duit jang mayar kuliahwungkul. Bubuhan sakeu -deung deui rék nincakseméster ganjil, asup taunajaran anyar. Geus waktunarégistrasi deui. Tapi teu bu-rung salila dua poé téh kolotmaké kaburu ngageung -geureuhkeun. Kitu deuilanceuk, sarua pipilueunnémbrong.

“Asa hayoh waé kudu ba-yaran ieu téh. Rék irahabérésna? Héran Apa mah,da lanceuk-lanceuk manéhgé taya nu leuwih ti limataun kuliah téh,” cék Bapabari mikeun duit dina am-plop. Kuring ukur seuri, teungawalon nanaon.

“Da si Yudi mah ukurulin wungkul di Bandungtéh, Apa. Méakkeun duit

wungkul,” cék Ceu Nani barijebi.

“Lah Euceu mah sok su-udon ari nanaon téh. Réakagiatan, Ceu, di kam-pusna,” témbal kuring.

“Heueuh. Tapi da arimopohokeun nu leuwihpenting mah angger baégoréng kasebutna. Réknéangan kagiatan mah dilembur gé teu kurang-ku-rang. Tuh, karang tarunaurus ku manéh. Peupeuri-heun nu séjén marumul.Sugan atuh ari ku manéhmah bisa rada maju,” Apanyarios deui.

“Mémangna manéh téhaktip di mana, kitu? Euceugé baheula basa keur kuliahkungsi milu ickibung dinakagiatan, teu haben ngade -luk waé dina bangku. Tapida aya waktuna kudu lulus,atuh.”

“Nya meureun abdi mahengké lulusna, Ceu, lainayeuna.”

“Iraha engké téh? Duataun deui? Sabaraha mata

kuliah nu can bérés téh?”Ceu Nani nanya mani noros-tos.

“Nya aya meureun duaseméstereun deui mah.Jeung PPL téh paling gékana sataun satengahandeui ka ujian sidang téh,Ceu,” cék kuring satengahngawadul. Teu ieuh dibé-jakeun tilu seméster deuihanca kuliaheun téh. Kuriaktambah ngawakwak. Apalieuh sipatna, sakitu beukingomong téh.

“Tuh, nya. Lila kénéh ge-uning,” cénah deui.

“Nya atuh tong disaru-akeun jeung Euceu. Puguhpan abdi mah saseméstertéh kungsi teu puguh kuli-ahna, gara-gara ririweuhandémo téa. Maenya wé rék di-ajar sosoranganan.” Kuringnyieun deui alesan.

“Enya peun perkara étamah. Ayeuna mah sok singsoson-soson, tong loba teu-ing kabolér ku hal-hal séjén.Geus bérés mah sabaté rékkumaha-kumaha baé ogé.Lain nanaon, da manéh téhayeuna masih kénéh dibéya -an ku Apa. Saha nu nyahoengké mah bakal seuseut re-jekina,” saur Apa.

“Sok dédémoan kénéhmanéh téh, Yudi?”

“Tara, Ceu. Horéam lahbarina gé ayeuna mah. Ti-heula mah ula-ilu sotéh damémang kitu usumna.Maenya wé batur tatan-tatan, ari abdi cicing baé.”

“Heueuh, montong, bisimoal lulus-lulus. Ongkohbarina gé kateuteuari. Da

geus moal didéngé ieuhayeuna mah. Sakitu noréknatéh,” pokna bari ngaléosindit.

Peutingna jam salapantéh ngahaja geus ngaringkebmanéh di kamar. Panondipeureum-peureumkeunnéangan pitunduheun. Lan-taran pasusubuh kuringkudu geus mangkat ka Ban-dung. Indit wayah subuh téhlantaran hayang milu nung -kulan babaturan sakelas nurék ujian sidang. Isukan,isuk-isuk. Nu matak barang-barang bawaeun ogé geusdibérésan ti asar mula,dibebeskeun kana tas gan-dong. Malah baju jeungcalana panjang keur isukanindit gé geus dipisahkeundina lomari. Ngarah engkéngan kari jung baé, teu kudupabaliut bébérés heula.

Tapi sakitu kaayaan geustiiseun ogé angger wé kalahnyileuk. Abong geus katu-manan nyaring peuting,tuda. Hésé pisan hayangsaré beurang kénéh téh.Sora jangkrik jeung cihcirpatémbalan di buruan.Panon culak-cileuk. Guling-gasahan.

Ragamang kana hapé.Tuluy muka menu bukutelepon dina hapé, néanganngaran manéhna. Enya,ngaran Astri. Tapi teu ieuhtuluy ngirim SMS atawanelepon. Nomer hapémanéhna ngan ukur diteu-teup sajongjonan.

Unggal wayah peuting,nalika keur nyorangan dikamar, sok aya ingetan

Layung Ngempurdi Kampus Bungur

Ku Lugiena De

77

33Manglé 2463

hayang ngontak manéhna.Tapi pamustunganana mahngan ukur hulang-hulengteu puguh, bari panon teu le-upas tina layar hapé. Hatéteu weléh rumegog waé.Salila-lila diteuteup, barijeung ampir unggal peuting,antukna nomer hapémanéhna téh tangka ka-cangkemna dina sirah.Heueuh tuda, ari hantem-hanteman diténjo mah nyajadi apal sorangan kana étabéréndélan angka téh.

Rék aya perlu naonsaenyana manéhna tiheuladatang ka pangajrekan téh?Mani siga nu ngahajakeunpisan. Aya urusan pentingkitu? Atawa sakadar hayangpanggih wungkul? Enyameureun, penting nu matakkitu gé. Tapi ana dipikirdeui, lamun bener urusanpenting, saenyana bisanyarita ti beurangna kénéh.Heueuh, da apan saméméh -na téh kungsi panggih heula.Mun teu kaburu, bisa ogéngaliwatan hapé. Saupamanomer hapé kuring teunyampak di manéhna, atuhgampang; kari nanyakeunwé ka barudak, da baro-gaeun ieuh.

Ari ieu bet ngingkig so-rangan, bari jeung teu ngib-eran heula saméméhna. Tugka nitipkeun nomer hapésagala geuning. Hayangdikontak tiheula kitu ma -néhna téh? Atawa aya naonsaenyana? Haté ngagelek kurupa-rupa pertanyaan.Weléh teu kateguh. Ukurbisa dikira-kira dimeureun-meureun.

Enya, asa mendingisukan wé ditepungan, kur-ing ngagerentes deui.Ongkoh deuih waktuna ogépas nakeranan, keur sidang.Sahenteuna moal matakngondang kapanasaran tibatur. Heueuh, da kitu lum-rahna atuh ari keur sidangmah. Anu kasebutna babat-uran mah sok tingtorojol so-

rangan, ngadon milu ngabo -botohan pamilon ujian. Ayaogé anu datangna téh ukursawates ngawilujengkeun kanu harita sah nyangking titélsarjana. Malah sakapeungmah ngawilujengkeunanatéh sok direuah-reuah makéacara teu uyahan. Anu karékréngsé sidang téh diawurantipung aci, atawa copelnadibanjur ku cai saémbér.

Babaturan sakelas anu

isukan bakal milu ujiansidang téh ampir kabéhan -ana. Ukur sawatara urangdeui anu boga kénéh hancakénéh téh. Heueuh, kaasupkuring salah sahijina étamah. Tapi kuring sorangangeus niat hayang milu nyak-sian isukan téh. Komo deuicénah barudak rék ngumpulkabéh, teu diiwalkeun. Daminangkana mah engké téhpoéan pamungkas bisa nga -riung babarengan. Lantaranari geus réngsé sidang mahsok laju baralik ka salembur-

lemburna. Daratang deui kadieu téh engké, nalika nga-haeub ka poéan wisuda.

Ku kuring sorangan geuskasawang, tangtuna ogé diantara babaturan nu keursidang téh bakal aya deui nutunya-tanya perkara iraharék méréskeun kuliah. Nyakapaksa kudu ngawayah-nakeun manéh éta mah. Rékkumaha deui tuda, mémangkitu buktina. Lamun lain

lantaran hayang tepungjeung barudak mah kuringogé asa haroréam ngalu-uhan.

Enya atuh, ari aing rékiraha lulus téh? Kuring nalékhaté sorangan. Teu lajudibalitungkeun jeung kalén-der. Lantaran kuring sora -ngan geus bisa ngira-ngira,ujian sidang téh palingelatna kana dua taunan deui.Lila kénéh. Mata kuliah tiluseméster, ditambah ku PPLjeung skripsi saseméster.Tuh, panceg pan dua

tauneun. Éta gé bisa waéngudag lulus pertengahantaun. Ngan kudu daék ripuhheula meureun. Mata kuliahanu tilu seméster kudu di-anggeuskeun dina waktudua seméster. Kacipta, kudusembah kuriling ka dosén-dosén. Tuluy ngagawéantugas mangtumpuk-tumpuk.

Haté laju nataran deuimangsa kaliwat. Enya, teu

karasa lumpatna waktu téh.Asa cikénéh kuring clo jadimahasiswa anyar. Diospékku senior, kuliah, laha-lohoka kantor sékré, milu démo,jeung sajabana. Padahalmah ti samet harita nepi kaayeuna téh geus kaselangwaktu lima taun. Geuskaitung lila. Geus waktunakuring kudu museurkeunperhatian kana kuliah.Sabisa-bisa ulah réa teuingkabéngbatna.***

(lajengkeuneun)

”Nya ceuk Aa ogénaon tadi!?”

”Naon, A?””Iéh piraku geus poho

deui, éta soal Si Talisap-atu, Kencid!”

”Tali sapatu saha, A?””Beu! Apan éta

bangkéna digigiwing kumanéh.”

”Ih ieu mah Si Talisa,A.”

”Heueuh.””Naha atuh bet ditam-

bihan patu ku Aa, jadiwéh Encid hémeng.”

”Ah da kagok.””Sumuhun naon atuh,

A?””Naha maké jeung

naon?! Kagok téh ka-palang, Cid. Jeung ukurSi Talisa-Si Talisa mahgeus wé Si Talisapatusakalian. Kaharti?”

”Kahartos, nanging dasanés éta.”

”Naon atuh?””Nembé saur Aa,’Ceuk

Aa ogé naon tadi?’. Tahnaon téh naon?”

”Oh éta. Soal Si ….””Talisa.””Heueuh pan ceuk Aa

téh ulah duméh Si Akéknyeuseuh elap motor

dirinsoan jadi beresih,manéh mah ngamandianucing ulah nurutan SiAkék, dirinsoan.”

”Apan supados bulu SiTalisa méncrang deui, Apan elap motor Si Akékogé sapertos weuteuhdeui.”

”Ah da béda elapmotor jeung ucing mah,Kencid! Manéh wé bede-gong éta mah.”

”Bedegong kumahakitu Encid téh?”

”Teu ngagugu.””Ka Aa?””Heueuh ka Aa.””Henteu.””Henteu naon?””Henteu teu ngagugu

Encid mah, A ngagugu.Pan ku Aa dipiwarangngamandian Si Talisasing beresih, dimandianwéh ku Encid téh.”

”Tapi ceuk Aa ulahdirinsoan ning ku manéhkeukeuh dirinsoan.”

”Atuda ningal bulunasakitu buyeng sarengbauna, A; tikunclungkana sepiténg téa moalteurak ku kasay,l a n g k u n g - l a n g k u n gupami ukur ku cai

wungkul mah.””Heueuh kuduna ku

sabun mandi atuh.””Ih da Aana teu

ngawartosan ka Encid,ning tadi téh kalahkateras nelepon manilami.”

”Is tuda ieu mah tele-pon penting, Cid. Ti CeuEnit.”

”Da Si Talisa ogé samipenting, A upami dil-amikeun leutaksepiténgna kabujeng gar-ing sareng bauna bakalpageuh. Paur Si Talisajadi ucing budug Encidmah. Piraku aya ucingngaran Talisa tapiawakna budug jaba baucubluk. Pan Aa oge bariskacacandak, kacatur teutiasa ngurus ucing ukursaésé. Kawon ku Ceu Etiucingna aya welasna tapisadayana saréhat sarengsareungit. Jabi panupami ka dieu téh CeuEnit ogé sok ngalalahunSi Talisa.”

”Tapi ning tah kitubuktina. Da mun manéhngagugu mah ka Aa, nga-mandian Si Talisapatunateu dirinsoan meureun

ayeuna téh éong-éonganhirup kénéh.”

”Si Ta li sa, A.””Wah kagok.””Aa ogé bedegong tah

ka Encid, sareng da arimaot mah tos takdir saurUstad Éép ogé. Sanaosteu dikukumaha ogéangger wé paéh, pan ieubuktosna aya.”

”Tapi mun ku manéhteu dirinsoan mahmeureun moal paéh,Ustad Encid!”

”Rupina mah sanéswiréh dirinsoan paéhnaSi Talisa téh, A ….”

”Pédah naon atuh,Jang? Arék mungkirnyah?!”

”Tiasa jadi paéhna téhtina teu kiat ku lieurnadiguis satengah jam dilebet mesin cuci.”

”Uluh, siah, naaa arimanéh kabina-bina teu-ing, Kencid! Ucingdiseuseuh?!”

”Da sanés ku Encid, Aku Kang Sahun nu ka-gungan londri kiloanning.”

”Meunggeus ah, hen-jig geura ruang kaituh!!***

Si TalisaKu Budi Riyanto Karung

Manglé 246334

LEUNGIT MOTORAnyaran meuli motor teh. Meunang

kuru cileuh kentel peujit kukumpul.Ngahaja teu ngeridit da asa katitihmahal lamun dicicil mah.

Atuh anyaran boga motor mahkacida dipupustina, da angkeuhan tehasa reueus bisa meuli motor kalayan kes.Kacepretan saeutik oge langsung diela-pan, geus puguh ari kahujanan mahlangsung dimandian.

Hiji poe mah pareng ulin ka imahbabaturan. Biasa wae mawa motoranyar bari rada-rada pamer. Ngobroluplek perkara pagawean jeung rencanabisnis bareng. Bisnis oge lain bisnis sigapangusaha, ieu mah bisnis leuleutikanwae perkara pagawean leuleutikan oge.Keur nambahan eusi dapur jeung uangjajan pamajikan.

Keur jongjon ngobrol, inget kanamotor bari tuluy rumpung-rampangneangan konci motor. Bet naha eu-weuh? Teu mikir panjang langsunglulmpat ka buruan tempat parkir motor,leketey awak asa leuleus da motor tehsidik euweuh. Komo barang ngareretkana korsi nu aya di tepas mah nyampakhelm kuring mah aya. Geus ampirsahing-hingeunana ceurik, kaburudisampeur keun ku babaturan nu kacirireuwaseun oge pedah kuring ngejat teupupuguh.

“Aya naon?” ceuk babaturan teh.“Motor kuring leungit,” cekeng teh

bari rek sahing-hingeunana leungit.“Ari Akang bet asa nu linglung, apan

tadi ditambut heula ku putra abi, badeka minimarket!” cenah ceuk babaturankuring. “Tuh geuning datang!” baribener wae katembong Jang Odin numawa motor ku ring. Plong wae hate tehngarasa reugreug. Bari angger awakmah asa laleuleus, sugan teh lengiteunenyaan. Abong-abong nu kakara bogamotor. Babaturan mah ukur nyenghelwae, ngartieun kana kareuwas ku -ring.***

Hadi Kusumah - Bogor

NAEK BEUS...Harita téh kira-kira kelas 3 SD, ku -

ring diajakan jalan-jalan ku Emang ka

Bandung basa peré sakola.Atoh kacida. Saumur-umurcan ngalaman ulin ka Ban-dung.

Sanggeus turun dina délman, kuringjeung emang naék beus di terminal.

“Meuni resep ning di terminal mah?”bari panon mah mencrong ka tukangdagang anu ngajajar di sisi jalan.

“Enya atuh ngaranna gé terminal,nya pasti loba nu daragang…” Emangmairan. “Sok buru! Ulah kalékéd, bisingkatinggaleun beus.”

“Coklat! Coklat! Coklatna jang…”tukang dagang asongan gogorowokan.

“Muhun, mang…” panon kuringmencrong kana coklat. Mangkaningkaresep. Tapi dék ménta teu wani, sieundigelendeng.

Basa beus miang, panon mah terusneuteup ka tukang dagang. Leuh… jiga -na moal kabiruyungan hayang coklattéh.

Keur ngahuleng, jol jleng wé tukangdagang coklat téh naék kana beus. Atuhkuring atoh. Manéhna nanawarkeuncoklatna ka unggal panumpang.

“Coklat! Coklat! Coklatna… sarebuopat siki…!”

Kuring pogot ningali coklat anu keurdikeukeuweuk ku tukang dagang.

Tapi keukeuh kuring teu wani ariménta ka Emang mah.

“Mangga coklatna… tah sarebuopat…” bari tukang coklat téh nundaancoklatna dina unggal lamunanpanumpang. Kuring mah jol langsungngeukeuweuk coklat.

Emang ningali kana polah kuring,atuh kuring buru-buru nyimpen coklat.

“Ujang hoyong coklat?” Emangmésém.

Kuring gideug. Inget ceuk mamahbasa peuting, cenah ulah loba paméntamun hayang milu ulin ka Bandung mah.

Tukang dagang coklat téh mapayandeui coklat anu tadi ditundaan. Ngan…,palebah kuring mah coklatna téh bet teudicokot. Teu katingalieun kitu? Atawapohoeun?

Jero haté kerung, nganaha-naha katukang dagangna. Tapi teu waninuduhkeun da bisi dicarékan ku Emang.

Sanggeus réngsé nyokotan coklat,tukang dagang téh langsung ka luar,duka ka mana.

Atuh… kuring atoh kacida. Boga cok-lat bari teu kudu ménta ka Emang. Buru

coklat téh dirawatan.Ngan…, mun inget ayeuna, dosa ku -

ring téh bet ngadahar coklat anu lainhakna. Hampura tukang coklat…

Agus SM - Antapani

KACAMATAEnya ari geus kolot mah sagalana

wae oge estu ngurangan. Panon geusmimiti teu awas, buuk barodas pinuh kuhuis, geus puguh ari kulit mah peot moalbisa katulungan. Ngan sukur keur ku -ring mah, alhamdulillah ingetan mahmasih keneh seukeut, sing dijauhkeunkana panyakit pikun mah, kadi ditu ahka sabrang ka palembang.

Sakali mangsa mah aya anak jeungincu nu nganjang ka kuring. Incu tehjeceh ngagigiwing majalah Manglepedah carpon beunang ma nehnadimuat dina rubrik Mangle alit. Meunipok deui pok deui sangkan geura dibacaku kuring jeung hayang dikomentarancenah.

Lantaran panon teh geus mimiti teuawas, sok make kacamata baca. Haritateh nitah pangnyokotkeun kacamata kaincu. Teu talangke incu teh teh ngolo -yong ka kamar, terus wae mikeun kaca-mata ka ku ring.

Barang rap kacamata dipake, na betasa ngurey. Tulisan dina Mangle teh lainkaciri, tapi kalah siga nu oyag-oyagan.Teng karasa lieur kana sirah. Nyel sebel,ampir sagolokgokna hayang utah. Kaca-mata geuwat dilaan, tapi lieurna anggerkarasa.

Incu mah geus gogoakan kaditu-kadieu. Atuh brul dirariung. Sanggeusdiinuman jeung dipencatan kakaramimiti leler. Barang disidik-sidik horengkacamata nu ku kuring dipake teh lainkacamata kuring, tapi kacamata anakkuring nu geus pleus, ari kuring sora -ngan panon teh min.

Nyeh wae seuri, rumasa teu tarapatinitah ka incu teh. Nitah nyokot kaca-mata ka kamar teh teu disebutkeun kakamar Aki, ari ieu kalah ka kamarmanehna. Ari geus make kacamata sora -ngan mah, teu burung digorolangkeunmacana oge, kalawan carpon incu tehdipeunteun 100 ku kuring.***

Karna MustappaJl. Pacuan Kuda No. 46

Bandung

35Manglé 2463

Irung“Teu Ngarenghap Ku IrungJeung Baham, Tapi Hirup?”“Ke ... Ke ... Asa Hese Eta Mah,Taluk Ah!”“Lauk Siah Deuleu!”

Irma Susanti-Kawali - Ciamis

Lauk“Hirup Mah Kudu Siga LaukLaut!”“Nya Naha?”“Cicing Dina Cai Pangset, TapiHenteu Jadi Lauk Asin!”“Atuh Patukangtonggong JeungLolondokan!”“Pek Wae Rek Milih Nu Mana.”

Irma Susanti-Kawali - Ciamis

KudaX : Kuda Naon Anu SukunaHiji.?Y : Kuda Catur Atuh.X : Bener.! Kuda Naon AnuSukuna Dua.?Y : Kuda Lumping.X : Bener Deui Euy.! Ari AnuSukuna Tilu, Kuda Naon.?Y : Kuda.. Kuda Buntung..!

X : He.He.. Bener Deui Lah.Kuda Anu Sukuna Opat.?Y : Kuda Walagri..!X : Bisaan.. Kuda Anu SukunaLima.?Y : Kuda..Kuda..X : Ku Daekan Mikiran SilaingMah (Bari Lumpat)

Yusuf YuhendiLeuwipari 01/02 Ds Cibadak Cibeber - Cianjur 43262

HajiTilu Budak Keur Paagul-Agul.Budak 1 : Indung Bapa UingMah Geus Jaradi Haji. Dise-butna Oge Pa Haji Jeung BuHaji.Budak 2 : Komo Uing, Lain In-dung Bapa Wungkul. Aki, Nini,Ua, Amang, Bibi. Kabeh GeusJaradi Haji. Hebat Pan.!Budak 3 : Hebat Indung BapaUing Atuh. Budak 1,2 : Naon Hebatna.? PanIndung Bapa Maneh Mah CanJadi Haji.Budak 3 : Kolot-Kolot ManehMoal Jadi Haji Lamun Lain Lan-taran Inding Bapa Uing.

Budak 1,2 : Nahaa..??Budak 3: Pan Indung Bapa UingCalo Hajina.

Yusuf YuhendiLeuwipari 01/02 Ds Cibadak Cibeber - Cianjur 43262

Ninyuh kopiUdin : “Nyiiiiiiiir… meunangAvansa euy, asiiiikk.” Nunu : “Mana???”Udin : “Taaah tingali dinabungkusna geura.”Nunu : “Mana, ning euweuhtulisan Avansa?”Udin : “Dangukeun jang (nga-harewos kana ceuli Nunu)"Avan-saya ngabohong, wew.”

Indra GunawanJl. Keansantang No. 34

Bahasa InggrisAya Calon Pagawe Kantor AsingAnu Kudu Ngeusian FormulirRiwayat Hidup Dina BahasaInggris. Salasahiji Anu KuduDieusian Teh Nyaeta Kolom“Sex” Anu Maksudna Jenis Ke-lamin Naha Lalaki AtawaAwewe (Male/Female). JiganaBae Manehna Salah Arti AtawaTeu Ngarti Kana Maksudna, NyaKumanehna Langsung Dieusian”Never” Anu MaksudnaManehna Masih Bersih Can Per-nah Ngalakukeun Nu Teu

Pararuguh.

H.TaufikJl. Bima V No 11 Bekasi Selatan

Dijodokeun"Ma, bogoh kénéh ka si bapa?"nanya ka indungna."Nya bogoh atuh!" Jawab in-dungna."Aéh, ari sugan téh geus bosen,boro rék dijodokeun ku uing kapa lurah, ngarah uing jadi anaklurah."“Beuuu!!”

Indra GunawanJl. Keansantang No. 34

Saruana"Ma, ari mareuman lampukulkas kumaha?" "Téangan wé saklarna atuh!Kitu-kitu waé tatanya ka kolot!"“okéh, Ma!!!”

Obar Sobarsa-Jl. Kopo No. 90

Bahasa IndonesiaPa Guru Keur Ngajar Bah, In-donesia. Nitah Murid MuridnaNyieun Kalimat Make Kecap“Disamping”. “Sok ManehDadang Nyieun Kalimatna” CekPa Guru Ka Si DadangDadang : “Disamping RumahSaya Ada Warung Baso”Guru : Alus! Sok Ayeuna Maneh

Manglé 246336

Uca, Ulah Nundutan Bae!!Uca : “Disamping Itu BelumTentu Memakai Celana”Guru : “Hah !? Eta Mah BasaSunda Euy!

H.TaufikJl. Bima V No 11 Bekasi Selatan

Di Mall"Jang! Rek ningali raksasa?"Ceuk Jujun."Aaah! Piraku di jero mol ayaraksasa!" Jawab Jajang."Aya, Tuh!" Ceuk Jujun barinunjuk rak anu eusina bumbudapur."Rak anu eusina sasa eta mahatuh!" jajang keuheul.

Obar Sobarsa-Jl. Kopo No. 90

JejebrisNyai : “Aa nuju naon?”Aa : “Nuju ngapal keun ijabqobul sugan wé urang-urang téhdiparengkeun ngajodo..” (radacunihin)Nyai jubras-jibris…

Elin MarlinaJl. Cangkuang No. 167

Gé’érNyai : Aa, piwarang ku abah kabumi..Aa : Asyiiik.., akhirna uing bisanaklukkeun haté Abah. Abah téhnyatujuan Aa jadi minantunanya?Nyai : Iiih teu pisan-pisan.. saurAbah téh itu jukut di pakarangantos jarangkung, pangbabadkeuncenah.

Elin MarlinaJl. Cangkuang No. 167

TattoNana : Bro, tempo tato nagauing…Ibro : Mana, naon ning éta mahgambar endog!!!Nana : Heu'euh.. ké dagoan tilubulan deui meugar…

Eva RiestaJl. Pembangunan 34 - Garut

Leungit JimatSemah: “Sim kuring ka dieu tehnyuhunkeun tulung. Batu alikameumeut sim kuring anu tiKalimantan ical, Bah! Manawiku Abah tiasa diihtiaran sugan

tiasa kapendak deui.”Pribumi: “Hampura moal bisa.Sabab ayeuna Abah gé kaleungi-tan batu ali anu sok dipaké jimatpikeun néeangan barang-barangnu leungit siga ali anu Ujang.”

Anissa Fitri WulansariGang Kujang - Bandung

TayamumBapa : Keur naon gugulingandina taneuh, angguran mahgeura mandi satéh!!??Budak : Pan ieu gé keur mandi,ngan tayamum.

Eva RiestaJl. Pembangunan 34 - Garut

NgarayuOman : Bapa kamuuu... (mikirlila)Inong : Mun teu bisa ngagombalmah, mending cicing wé lah!Oman : Oooh.. Muhun, mangga-mangga (bari ngaléoe kaéraan)

Arini - Jl. Bandung No. 189

PainganNu nanya: “Sigana raos nya jan-ten dokter mah?”Dokter: “Maksadna?”Nu nanya: “Muhun seringpaantel sareng paséngareulis.”Dokter: “Sim kuring tos praktékaya kana 7 taunna, asana téh teukantos antel sareng pasén geulisari sanés sareng pun bojo mah.”Nu nanya: “Maenya? Naha tiasakitu?”Dokter: “Pan sim kuring mahdokter... héwan.”

IzzulKomplek Vijaya KusumaCipadung - Bandung

Bulu IrungUtad: “Mun Diantep, NgewaMani Ronghok!”Ated: “Naon?”Utad: “Ari Di Cabut, RadaPeureus Nyeri Nepi Ka KaluarCipanon Siga Nu Leuweuh!”Ated: “Heueuh, Naon Atuh?”Utad: “Bulu Irung.”

Ayi SopandiJl. Makmur No. 84 Rt 003/07Jakarta Timur 13810

Mun Gering Deui

Utad: “Maneh Mah Tega Ted,Urang Gering Di Rumah SakitMeni Teu Ngalongok Pisan!”Ated: “Nyaeta Keur Sibuk, LobaPagawean Di Kantor, PuntenWe Nya. Ke Mun Maneh GeringDeui Pasti Di Longok Lah KuUrang!”Utad: “Dasar Jelema Teu Eu-creug!”

Ayi SopandiJl. Makmur No. 84 Rt 003/07Jakarta Timur 13810

Ciri-ciri JomloSujang : Ari ciri-ciri jomlo téhanu kumaha mang?Amang : Anu hapéna jarang dis-ada.

Arini - Jl. Bandung No. 189

Es LilinTk. Es: "Es Lilinna, Es Lilina ..."Nu Meuli: "Cing Jang Es LilinnaSaratuseun."Tk. Es: "Saratuseun Mah SanesEs Lilin Atuh, Pa."Nu Meuli: "Har, Naha?"Tk. Es: "Da Ongkos Ka CililinaGe, Langkung Ti Sarebu."Nu Meuli: "Moal Jadi MeulinaGe."Tk. Es: "Wios Da Teu Maksa.

Intan - CiparayKab. Bandung

Kuda"Naon Sababna Kuda SokUnggeuk Bari Leumpang Teh?""Geus Kabiasaanana Wae Atuh!""Lain, Nu Puguh Mah Eraeun!""Naha Bet Eraeun?""Pan Etana Gede Teuing."

Intan - CiparayKab. Bandung

Sumbang"Resep Pisan Lagu-Lagu Sum-bang Teh!""Har, Sok Araneh Ieu Mah,Resep Lagu Sumbang.""Maksud Teh, Resep Lagu SiDoel Sumbang."

Intan - CiparayKab. Bandung

Paku"Mang, Paku Sakilo!""Dibungkus Pa?""Henteu, Dituang Di Dieu!"

Tukang Dagang Olohok."Muhun Dibungkus Atuh Mang,Piraku Paku Di Tuang!"

Otong KusnadiJl. Perintis No. 46 Subang

Teu Bisa Ditukeur"A, Ieu Teh Aya Lepat!""Punten Jang, Teu Tiasa Di-tukeur Atawa Diuihkeun.""Oh, Nuhun Atuh. Da Ieu TehAngsulanana Langkung TujuhPuluh Rebu."

Otong KusnadiJl. Perintis No. 46 Subang

LieurNini: “Sujang, keur naon mawabola nu Si Nini. Rék ulinlanglayangan?”Incu: “Ih bukan Ké. Kan Ujangmau main bola di lapang samatemen Ujang.”

IzzulKomplek Vijaya KusumaCipadung - Bandung

KomoBadu: “Rék dahar euy?”Sobatna: “Puguh wé. Jeungnaon?”Badu: “Jeung guramé bawa bibiti Ciamis.”Sobatna: “Dipais atawa dig-oréng?”Badu: “Digoreng.”Sobatna: “Aduh kabeneran. Dig-oreng mah atuh kabeuki ti bubu-dak.”Badu: “Ari dipais teu beukikitu?”Sobatna: “Puguh beuki pisan di-pais mah. Malah leuwih beukibatan digoréng.”

IzzulKomplek Vijaya KusumaCipadung - Bandung

Dipaké NgaputIncu: “Abah ari ayeuna jamsabaraha?”Abah: “Teu apal Nyai, békernapaéh.”Incu: “Pan béker enggal,maenya tos paéh deui?”Abah: “Éta meureun pédahjarumna dilaan ku Si Nini dipakékakaput.”

Anissa Fitri WulansariGang Kujang - Bandung

37Manglé 2463

sarungna heula.”“Cobian heula Mamah

sareng acukna méh énjingkari niron cara ngang -gona.”

“Aéh enya nya. Namatuh, sok énggal bérésanlebetkeun deui kana lo-mari.”

Teu lila buntelan umahdeui kana lomari, dinahambalan panghandapna.Der piting baju barimetakeun ngurus buukjang isuk. Sarung di-tikelkeun bagi dua ngarahragragna semet tuur. Di-huda-hadé, dipuntas-pantes. Ahirna kengingmodél satuur. Kalayanmotip réréng gunungnaaya leresan imbit budak.Jembréngkeun ngarahsaimbang antara sisi kencakatuhu. Tungtung kéncaditilepkeun ka hreup, ponkitu deui nu katuhu. Timulebah udel. Ngahasilkeunrempel saepluy di dua sisi.Pageuhan ku cantél di te -ngah tengah. Kéncakatuhu ogé teu tinggaleun.Reketek dipageuhan kukorsét. Duka modél nana-haon. Nu penting alus,pantes. Gaya baru wemade in kuring. Rapkabayana. “Itu Eneng,geu ning mani saé.”

Budak sura-seuri,dungdak-déngdék. ”Muhun Mah, ih saé jadiciga erok, teu jiga MaEmeh badé ka sawah teu-ing hé hé...”

“Sok kantun rambut -na.” Srek-srek disisiran.Hadéna teh buukna pan-jang jaba teu diponi, jadibisa dibawa gancangngurus na. Rap karét, retdibeungkeut. Singraykeunsaeutik buuk luhureunkarét. Tarik beung keutan -

na saeutik ka beulah luar,kuwelkeun kana singrayanbuuk nu tadi. Blesbebeskeun. Buuk kucirkuda téh nyumput buni kakaret-karétna. Pageuh.Tapelan jepit nu ayararangkenan saeutik jangnutup gurawah urutngasup keun buuk. Gelungsumput, jadi. “Enjing mahsaé, moal cokrom kieu dadihair sprayan.”

“Iiih, Neneng gaya,Mamah.” Meni jeté.

“Alhammdulillaah.Atos cocok enjing dang-dosna kieu?”

“Muhun.”“Sok atuh la’an deui

urang seuseuh heulasarungna.”

Dangdanan dibukaandeui. Sarung dikeueuman.Heuleut limalas menitmesin muter ngagilessamping. Numutkeun atu-ran mah cenah ari sam -ping batik tong digiles kumesin, tapi lah rusuh.Sabot nungguan mesinmuter, ingetan ngolémbarnyorang alam persampi -ngan. Ras ka Ema, Nininabarudak. Teng ka Uyutnabarudak, Nini kuring. Teutinggaleun Ceu Ikah.Saeutikna jelema tilu étagaduh dongéng saéperkara samping. Nu ki-wari mukakeun pipikirankuring alatan budak ci-weuh rek dikabaya kudumaké samping.

Ma Enin, sok nyambattéh. Uyutna barudak.Yuswana tos salapanpuluh tilu taun ayeunatéh. Tapi séhat kénéh.Sinjang na beuh, nukumaha baé ogé aya. Badésamping kebat badésarungna. Baheula mahsok bari ngawejang ai nuju

mérésan samping téh.Tapi sakadar lebet kanacepil kénca ti nu katuhutos bijil deui. Intina teunyari wé ngabandunganperkara samping mah. Nuutamana apal mah, étalebah sinjang nu saé, sokdisimpen kalayan didama-dama kacida. Jang naonceuk pikir kamahal-mahalari teu dianggo mah. Di-anggéna téh mun ayapasamoan kojo wungkul.Mamangsaan. Motifna téhgaraya, kayaning naon téhatuh namina sidoluhur,sodomukti, truntum jeungréa deui. Lian ti tiasa jan-ten boréh ka pakgadé, MaEnin mah paribasa téhjang jaga. “Jaga kanggonaon Enin?”

“Jangeun anak incubisi hayang maraké. Tuluyjang nutup kujur, Cu, bisEnin paéh, mahkotapasaran éta téh, so-dakohkeun wéh keur nungaweredonan.” Kituh. Ihmatak kukurayeun.

“Ulah kéna pajamanangeus robah cara nganggo,mentingkeun meuli sam -ping. Jangeun sakeuleunsarat mah.” Paribasa téh.

Ema. Ninina budak.Indung kuring. Teu patoskawas Ma Enin teuing.Ngalama téa mah cenahdisinjang dugi ka jamanrumaja. Terasna mahngiringan jaman wé. Tapiayeuna gé gaduheun arisinjang mah. Nyéta tumutwejangan Ma Enin.Sakeuleun sarat. Jangjaga. Ema mah rada ék-strim ngajagaan sinjangnatéh. Hayuh wé sok di-etang. Bisi aya nu nyokotcenah. Ih jang nanahaon,sadaya budakna taya singnu aruruy kana samping.

Saurang deui mah CeuIkah. ”Najan ayeuna awaksabeulah, Euceu mah sok

merhatikeun meuli sam -ping, Nyai. Atuh baréto,sugema bisa mahanansalaki ku samping nu ara -lus.” Ngobrolkeuncarogéna. Nu ngan-tunkeun sababara taun katukang.

“Sugemana Ceu?”“Lain sing ngupat nya,

Nyai, paralun tobat kaPangeran. Ieu mahsakadar ngawawadian diri.Sok aya jelema nu beurat-beunghar, imahna gedongsigrong, mobil balatak.Ana maot, si mayit téhdiruruban kaén taya ajina.Mahal mah geus puguhmeureun, ngan teu nyurupkana katangtuan sampingnaeun-naeunna. Teuapaleun pakemna. Euceumah sugema ngarurubansalaki ku samping hadé.Turub pasaran pon kitudeui. Disodakohkeun kasasama téh mani asanyodakoh keun gunung.Mugi katampi jadi sage-bray-gebrayeun cacaang dialam kubur Aka...” Barisok tuluy rambisak.

Rénghap kuring pan-jang. Samping. Kuringkarak éling. Eta bandangandung harti jembar.Lain ukur paragingabuded awak awéwétina cangkeng ka han-dap. Pikeun nuuningaeun hartos na bohladang atikan atawawarisan karuhun tinaadat sitiadat, tétélasamping téh mang rupaajén-inajén diri. Regakahormatan. Di sagigi -+reun budaya téhhoréng, pikeun sawatarajalma, ngandung kaper-cayaan nu napel pageuhlebah kaimanan.***

Saung Purwati, Januari 2014

Manglé 246338

Sambungan ti kaca 23

39Manglé 2463

Bandung, 9 Pebruari 2014

Manglé 246340

KKomik Nyambung

Ku U. Syahbudindisundakeun ku Agus Mulyana

41Manglé 2463

Aya Mangsana Datang, Aya Mangsana MulangKu Widya Utama *)

Niténan kahirupan kiwari, asabeuki harengheng. Rék teu kitukumaha. Loba kajadian-kaja-

dian nu matak piketireun. Ti mimiti béjanu pikawatireun, pikahariwangeun, nepika pikasediheun tug pikamelangeun.

Kabehdieunakeun béakna taun2013, ganti ku taun 2014 disagédéngeunloba béja nu korupsi geus kacerek kuKPK (Komisi Pemberantasan Korupsi).Ngan anéhna can ngadéngé nu geus di-vonis salah, ngaku salah tapi béja nu ka-bandungan basa nu kaluarna aya nunyebut kuring mah ngan jadi korbanpulik, atawa kuring tumbal pulitik, di -jebak, didholiman. Aya deui malah kur-ing dititah atasan. Béja séjénna deuiBanjir méh diditu didieu kaasup di-puseur pamaréntahan republik, gunungbitu, undakna harga gas elpiji jeung rearea deui béja. Katambah deui ayeunaremen kabéjakeun yén taun ieu téh di -sebut sebut taun pulitik, teuing saha nungamimitian méré predikat kitu, nujelas mah geus jadi bahasa atawa baha -san umum. Meureun kulantaran dinataun ieu rék aya hajat pulitik nu badag,nyaéta pilihan presiden di nagara urangjeung rék aya pilihan legeslatif (wawakilrahayat).

Ceuk pikiran ékstrim téa mah, naon

atuh anéhna, ganti pamingpin, gantiwawakil rahayat, ganti taun, ganti bulan,ganti minggu tug nepi ka ganti poé, gantiusum ti hujan nepi ka halodo. Hayuurang lenyepan aya babasan dina basaSunda nu unina: “Aya mangsana datang,aya mangsana mulang. ”Dina basa-basanu séjén gé aya nu samodél kitu, dinaBasa Indonesia: “Ada waktunya datangdan ada waktunya pergi. ”Dina Basa Ing-gris gé sarua: “There is a time to comeand there is a time to go”. Dina Basa Wa-landa nya kitu keneh: “Er is een tijd vankomen en een tijd van gaan.”

Kawasna mun ngarti sababarahabasa mah sigana bisa jadi bakal kapang-gih yén dina basa-basa séjénna ogé ayaéta babasan téh, da puguh babasan anugumulung ngajadi hirup jeung kanyata -an. Nu antikna sok disarebut kanyataanhirup alamiah, da sidik antara datangjeung indit pasti piliganti. Naon jeungnu kumaha baé sifatna sarta dimanawaé ayana pasti aya dina palatarandatang jeung indit.

Jadi teu anéh mun aya pagawé anyardatang terus pangsiun, aya pamingpindatang terus ganti ku nu anyar, pajabatanyar datang ganti deui ku nu anyar tugnepi ka jalma lahir terus tilar dunya.Datang jeung indit lain hal anéh ari kitumah, éta mangrupa kajadian rutin. Sifatnu kitu disebut fana, kajadian-kajadiankitu pasti tumiba kasakabéh mahluk nukumelip di alam fana ieu.

Naha bet kudu anéh jeung narik per-hatian? Nu kudu narik perhatian mahnyaéta waktu nu nganteng antara datangjeung indit ku naon dieusianana?Lamun dikaitkeun kana kahirupanjalma/manusa mah, dieusian ku naonantara patok datang jeung patok mu-lang, éta saenyana mah nu kudu jadiperhatian nu anteb lain masalah datangjeung inditna. Hal éta nu jadi tangta -ngan pikeun manusa mikir keur mairansangkan bisa ngeusian palataran antarapatok waktu datang jeung patok waktumulang.

Nu ahirna loba jalma jalma pintermairan kondisi kahirupan nepi ka di -sarebut filusup-filusup dina kahirupan,tapi ku gerakna waktu jeung obahna

zaman filsafat-filsafat hirup masih cansagemblengna bisa ngajawab tangta -ngan jaman. Masih nimbulkeun per-tanyaan jeung kakosongan-kakosongandina ngajalankeun kahirupan ieusagemblangna.

Dina kaayaan sarupa kitu, hiji-hijinajalan anu bisa diagem, nyaéta kudu bisamiyakin yén jawaban nu bisa méré ka-sugemaan ti awal tepi kaahir zaman mahiwal ti buah pikiran anu lahir tina wujudanu henteu kauger ku sagala katangtuanalam, sarta henteu kauger ku watesanruang jeung waktu. Cindekna mah eu-weuh deui iwal ti AGAMA.

Agama lain dilahirkeun ku manusa,tapi agama lahir tina kanyataan atawaéksisténsi HIRUP anu leupas tina sagalasubyektifitas katut kapentingan ruangjeung waktu. Agama lahir ku zat AllahS.W.T, ahirna agama pasti dipiyakinmangrupa jawaban pikeun sagalamasalah katut persoalan hirup jeungkahirupan. Agama yakin bisa ngungku-lan norobos alam kiwari, jeung bisamelesat nepi ka alam satukangeunana.

Balik deui kana pananya diluhur, ku-naon dieusianana waktu anu ngantengantara datang jeung mulang?Pijawabeun ana kabéh aya dina ajaranagama. Keur urang Islam, tangtu ayadina Qur’an jeung Hadis, tinggal urangdaék ngutak ngatik, ngotéktak,ngarakrak éta kitab sangkan kapanggihacining Qur’an jeung Hadis dina enggo -ning ngeusian patok hirup antara datangjeung mulang.

Mémang kawilang hésé ngalaksana -keunana, lantaran pasti aya godaan anungahaja méngkolkeun karep, nepi kawaktu antara hirup jeung maot, datangjeung mulang téh ngan dieusian kusarupa ning napsu jeung siksik melikwungkul.

“Demi waktu. Satemenna manusatéh bener-bener aya dina karugian, ka-jaba jalma-jalma nu ariman tur ngamal -keun amal soleh sarta silihnaséhatan kubebeneran jeung silihnasehatan kukasabaran atawa kana kasabaran.” (Al-Ashr, QS: 103).

*) Kepala Biro Akademik UNPAS

AAweuhan Pasundan

Manglé 246342

GGedong Saté

Pikawatireun. Kitu meureunbasana satutasna maca kepalaberita di media cetak nasional

nu judulna “Pemimpin Birokrasi TakTerlatih”. Eusi beritanangawartakeun yen jajaran birokrasipamarentah “teu tapis/teu terlatih”ngungkulan bencana. Samalah, ayakeneh provinsi jeungkabupaten/kota nu teu ngabogaanlembaga/institusi nu sacara hususngungkulan kebencanaan, boh keurkapentingan “pencegahan (preven-tif)” atawa “penanggulangan (kura -tif)”. Padahal kiwari geus ayaUndang-undang Nomor 24/2007ngeunaan Penanggulangan Bencana.Dumasar undang-undang eta,pamaren tah jeung pamarentahdaerah jadi pananggung jawab dinapenyelenggaraan penanggulanganbencana (Pasal 5, UU No.24/2007).

Pamarentah saterusna di-parentahkeun pikeun ngabentukBadan Nasional PenanggulanganBencana (BNPB), salaku birokrasipamarentah nu mangrupa lembagapamarentah nondepartemen sating -kat menteri nu boga tanggung jawabkana penanggulangan bencana bohsalaku pengarah atawana salakupelaksana penanggulangan bencana.Tugas BNPB nyaeta: mere pedomanjeung pengarahan kana usahapenanggulangan bencana nungawengku “pencegahan ben-cana”, “penanganan tanggap daru-rat”, “rehabilitasi”, jeung“rekonstruksi secara adil & setara”;netepkeun standarisasi jeungkabutu han penyelenggaraan penang-gulangan bencana dumasar peratu-ran perundang-undangan; nepikeun

informasi kagiatan ka masarakat;ngalaporkeun penyelenggaraanpenanggulangan bencana ka presi-den sabulan sekali dina kondisi nor-mal jeung ungga waktu dina kondisidarurat bencana; ngagunakeun jeungnanggungjawab sumbangan/ ban-tuan nasional jeung internasional;tanggungjawab kana penggunaananggaran nu ditarima tina APBN;ngalaksanakeun kawajiban liannaluyu jeung peraturan perundang-unda ngan; jeung nyusun pedomanpembentukan Badan Penanggula -ngan Bencana Daerah (BPBD).Fungsi BNPB, nyaeta perumusanjeung penetapan kebijakan penang-gulangan bencana jeung penangananpengungsi kalayan “bertindak cepat”jeung “tepat” sarta “efektif”, jeung“efisien”; jeung pengoordinasianpelaksanaan kagiatan penanggula -ngan bencana kalayan “terencana”,“terpadu”, jeung “menyeluruh”.Unsur pengarah boh di tingkat nasio -nal atawa daerah ngawengku pejabatpamarentah terkait, jeung anggotamasarakat profesional (pasal 14, UUNomor 24/2007). Sedengkeun,unsur pelaksana ngawengku tanagaprofesional jeung ahli. Katangtuanliana ngeunaan pembentukan,fungsi, tugas, struktur organisasi,jeung tata kerja BNPB diatur kuPeratu ran Presiden.

Pamarentah daerah dumasarparentah UU Nomor 24/2007 kudungabentuk Badan PenanggulanganBencana Daerah (BPBD). Di tingkatprovinsi dipingpin ku saurang peja-bat satingkat eselon I/b, nu di-parentah ku gubernur. Dikabupaten/kota dipingpin ku

saurang pejabat satingkat eselonII/a, nu diparentah ku bupati/walikota (Pasal 18, ayat 2, UU24/2007). Dia praktikna, BPBDprovinsi dicekel ku pejabat eselonII/a jeung BPBD kabupaten/kotadicekel ku pejabat eselon II/b.Samalah sababaraha kabupaten/kotaukur nempatkeun pejabat eselonIII/a pikeun ngeusian jabatan organbirokrasi pamarentah nu ngungku-lan bencana. Organisasina, mang -rupa bagean tina hiji Dinas/Badannu teu sacara husus ngungkulankebencanaan. Dina praktikna, kubeda na kalembagaan penanggulan-gan bencana ieu, koordinasi jeungperencanaan penanggulangan ben-cana ge jadi cukup nyulitkeun

Sok sanajan geus aya UU No.24/2007 ngeunaan PenanggulanganBencana, tapi katitenna dina imple-mentasina boh Presiden, KepalaBNPB, Gubernur/Bupati/ Walikota,jeung Kepala BPBD atawa pejabatstruktural lianna nu ditugaskeunpikeun ngungkulan bencanakatingal na “tetegeeun/gamang”keneh malah jiga nu asa-asa dinangungkulan bencana boh nu sifatnaprabencana, tanggap darurat,atawana pasca bencana, sakumahageus diatur dina pasal 16 UU.

Memang teu cukup ku ngan ukurnyieun hiji undang-undang pikeunngabeberes hiji pasualan nu keurdisanghareupan ku masarakat, kaa-sup sual bencana ieu. Nu leuwihpentingna deui, pelatihan penanggu-langan bencana pikeun kapaladaerah oge keur anggota DPRDsalaku pembuat kebijakan di daerah,sarta para pejabat birokrasi nu ngu-

Birokrasi jeung BencanaKu Dede Mariana

43Manglé 2463

rus bencana kacida penting jeungstrategis, sangkan dimana aya kaja-dian bencana bisa langsung nyieunkaputusan kebijakan naon wae nukudu dilaksanakeun jeung teudilaksana keun ku kapala daerahjeung pejabat terkait lianna dinangungkulan bencana. Pelatihan tehbakal gampang kahartina lamunmangrupa simulasi ikhwal penang-gulangan kebencanaan. Upamanamateri gladi posko nu tujuananangasimulasikeun praktik koordinasijeung pembagian tugas nu jelas dinangungkulan bencana ku stakehol -ders.

Naon sabenerna bencana teh. Du-masar UU Nomor 24/2007, pasal 1didefinisikeun hartina bencana,nyaeta: bencana nyaeta kajadianatawa rengrengan kajadian nu ngan-cam jeung ngaganggu kahirupanjeung pakasaban masarakat nudibalukarkeun, boh ku faktor alamjeung/atawa faktor nonalam atawafaktor manusa, karuksakan lingku -ngan, karugian harta banda, jeungdampak psikologis. Bencana alam,nyaeta bencana nu dibalukarkeun kukajadian atawa rengrengan kajadianku alam diantarana mangrupa lini/gempa bumi, tsunami, gunung bitu,banjir, kahalodoan, angin topan,jeung urug (taneuh longsor). Ben-cana nonalam nyaeta bencana anudibalukarkeun ku ayana kajadianatawa rengrengan kajadian nonalamdiantarana mangrupa gagalteknologi, gagal modernisasi, epi-demi, jeung sasalad panyakit. Ben-cana sosial nyaeta bencana nudibalukarkeun ku kajadian atawarengrengan kajadian nudibalukarkeun ku polah manusa nungawengku konflik sosial antar -kolompok atawa antarkomunitasmasarakat, jeung teror.

Tangtu dina implementasina, UUNomor 24/2007 ngeunaan penang-gulangan bencana, teu sosoranga -nan/ berdiri sendiri. Hartina,pelaksanaan UU teh kudu disinkron -keun oge upamana jeung pelak-sanaan UU Pemerintahan daerah,

UU TNI jeung UU Polri, lamun ayapatalina jeung pengerahan sumber-daya aparatur pamarentah diDaerah. TNI jeung Polri dina dasarnakapan mangrupa sumberdayamanusa aparatur terlatih. Ku kitunadina usaha penanggulangan keben-canaan sakuduna jadi “tulang pung-gung” sumberdaya manusa aparaturnu bisa dikeprak/dihucuhkeun kukepala daerah dina saniskara aktivi-tas penanggulangan bencana boh nusifatna prabencana, kaayaan darurat,atawana pasca bencana. Dinapraktik na, remen kajadian ayakepala daerah nu guligah jeung ham-ham dina ngamobilisasi sumberdayamanusa ti unsur TNI jeung Polri,balukar tayana standar operasionalprosedur (SOP) pakait pengelolaanjeung pengerahan tanaga strategis.

Ku kituna sok sanajan urang geusngamilik peraturan perundang-unda ngan nu cukup nyubadanan,tapi realitasna penanganan bencanamasih keneh karasa reaktif jeungkaleked sifatna, nepi ka antukna mahpamarentah daerah, boh kabu-paten/kota atawana provinsi remenjadi sasaran “paneumbleuhan” parapihak (stakeholders) utamanakelompok masarakat nu kakeunaanbencana. Remen dianggap teu mam-puh atawa dianggap kaleked kana ka-jadian bencana di wewengkonnasewang-sewangan. Harapan publikumumna, ku medalna UU ngeunaanpenanggulangan bencana, cara-carangungkulan bencana bakal leuwih“cepat”, “tepat”, “akurat”, jeung teureaktif sifatna.

Sihoreng harepan publik tehtacan katohonan sagemblengna,sabab boro nu dipiharep mahngungkulan bencana teh bakalleuwih “cepat”, “tepat”, “akurat”,jeung “antisipatif”, tapi lembaga-lembaga birokrasi nu dibentukpikeun ngungkulan bencana kaya -ning BNPB atawana BPBD kadon kangalaman gejala stagnan, katalikungrutinitas, jeung teu antisipatif alhasilpenanganan bencana saacan jeungsabadana aya undang-undang ge

ampir sarua we kitu-kitu keneh.Pupuhu pamarentahan boh presidenatawana kepala daerah,gubernur/wakil gubernur, jeung parabupati/walikota kudu keneh “tihot -hat” sosoranganan dina enggoningngungkulan bencana.

Ketak antisipatif nu ngagambar -keun yen penanganan kebencanaanteh mangrupa bagean tina manaje-men resiko nu dijalankeun pa-marentah jeung pamarentah daerah,katitenna tacan keneh jadi kanyata -an. Tangtu wae lamun hal ieu teugeuwat-geuwat dibeberes situasipengelolaan pamarentahan bakalleuwih paburantak utamana dinanyangharepan peristiwa kebencana -an. Mugia ka hareupna sual keben-canaan ieu bakal leuwihdiperhatikeun ku sarerea utamanaku penyelenggara nagara, penyeleng-gara pamarentahan boh puseuratawana daerah. Rayat nu ngaranda-pan bencana biasana mengalamangejala frustasi jeung teu bogaharepan. Ngabeberes manajemenpamarentahan dina ngungkulanbencana paling henteu bakal mereharepan yen para korban bencana,boga keneh masa depan jeung bogakeneh harepan.

Cindekna, “gorejagna” pamaren -tah jeung pamarentah daerah dinangungkulan bencana nyirikeun yenpamarentahan hadir di tengah-te -ngah warga. jeung sabalikna, kalekedjeung sifat nu terus reaktif ti pa-marentah jeung pamarentah daerahdina ngarespon satiap bencana nunarajang negeri ieu jadi tanda teuhadirna pamarentahan di tengah-tengah rayat nu geus tisuksuktidungdung ngabiayaan pamarentahku rupa-rupa pajak jeung restribusi.Nya di dieu akuntabilitas pamarenta-han bakal diuji ku warga pemilihna.Pamarentahan nu “ramah bencana”,nyaeta pamarentahan nu akuntabeljeung boga tanggung jawab kawarga na. Mugia, urang bakal pang-gih jeung pamarentahan nu modelkitu. Teu di dunya, atuh engke diaherat. Aamiin.***

Manglé 246344

KKatumbiri

Balé Rumawat Unpad mémangmilik seniman ti sagala lapisan.Éta gedong kasenian nu pernah -

na aya di jero kampus Universitas Padja -djaran Jalan Dipatiukur 35 Bandung,lian ti magelarkeun kasenian Sunda téh,ogé sok magelarkeun kasenian lianna,utamana téater (basa) Indonésia. Éta haltangtu geus “meunggaskeun” pa-nyangka yén Béle Rumawat mangrupagedong kasenian nu husus midangkeunkasenian Sunda. Buktina, sabada“Mastodon dan Burung Kondor” karyaRendra, jeung pagelaran-pagelarantéater karya AUL (Actor Unlimited),dina Tanggal 31 Januari 2014 BaléRuma wat geus muka pidangan nu ka-66-na ku pagelaran téater ti StudiklubTeater Bandung (STB) nu midangkeunlalakon “Jas Panjang Pesanan” karyaWolf Mankowitz – tarjamahan SuyatnaAnirun. Pagelaran téater nu disutra -daraan ku IGN Arya Sanjaya téh éstumeunang aprésiasi ti publik seni Ban-dung jeung para mahasiswa, kaasupRéktor Unpad Prof.Dr.Ir. Ganjar KurniaDEA katut réngrénganana. Malah GuruBesar Ilmu Pemerintahan Fisip Unpad– Pengamat Kebijakan Publik, Prof.Dr.Dede Mariana, gé ngersakeun sumping.

“Jas Panjang Pesanan” th mangrupa“vignette”, mangrupa gambar kahirupannu disusun tumpang-tindih, dimanamangsa bihari jeung kiwari ngabaurdina jejer carita nu bahé ka suréalis, soksanajan disuguhkeun sacara réalis. Ade-gan nu lumangsung parondok, dialohnabasajan ku olahan logika nu calakan.Mangrupa carita “jurig” nu males deng-dem teu ku cara nu pikasieuneun, tapidihadirkeun ku cara nu humoris. Kituceuk sang Sutradara.

Jejer caritana nyaritakeun aki-akisangsara nu ngaranna Fender sosobatanjeung Morry, tukang ngaput nu saruawaluratna akibat kadempét ku paroba-han éekonomi dina mangsa révolusi in-

dustri nu jadi sasalad jagad mangsaharita. Duanana satékah polah nahansagala kasusah ku ku guguyon, soksanajan dina pamustunganana, nalikaFender mesen jas panjang ka Morry nupangajina 10 pound keur gagantimantel na nu geus lalayu sekar jeungsaroék ku jalan nyicil, jadi poe nupamus tungan keur Fender, sababFender nyeurieun haténa sabadadipocot ku dununganana sabab geuskolot jeung teu produktif. Laju dina hijiwaktu, Fender ngajak sobatna nyokot jaspanjang tina kulit domba nu cék pikirnajadi hakna, sabab geus ngabaktikeundiri na salila 34 taun di pausahaan tem-pat gawéna. Tapi waktu Fender geusnyokot jas bulu domba téa, Fender amitmundur ka Morry laju balik deui ka“hotel” tempat pangreureuhanana ki-wari.

“Leupas tina jejer carita naon waé nudipidangkeunana, téater téh diajarkahirupan, diajar téater sarua jeungsasieureun sabeunyeureun neuleumankahirupan. Tapi nu pasti, mugia janteninspirasi, jadi wadah silaturahmi pa -

ngarti ngeunaan luang, pangaweruh,kahirupan panggung, aprésiasi,wawasan, sareng mugia janten contokanggo generasi kiwari yén maén téatertéh ngamanusakeun jelema,” ceukSugiyati Suyatna Anirun, nu dinayuswana nu nincak 69 taun aktif kénéhmaén téater (manggung ti taun 65), baringaping para panerusna nu geus 4 gene -rasi.

Studiklub Teater Bandung téh mang -rupa kolompok téater nu pangkolotna diIndonésia. Ngadeg di Bandung tanggal 13Oktober 1958. Ditaratas ku 7 urangmaha siswa (kaasup Suyatna Anirun).Nepi ka kiwari dina umurna nu geus 55taun, geus teu kaitung sabaraha kalimagelarkeun karya boh karya nasionalboh karya dunia. Dina magelarkeunkarya panggungna, STB mah nga-mulyakeun seni peran sarta ajén-inajénkamanussan nu universal.

Para pamaén “Jas panjang Pesanan”nyaéta Morry: Abah Raksa, Fender:Gatot Wahyu Dwiyono, Ranting : KemalFerdiansyah, Klerk Muda: DedenSyarif.***Asép GP.

Studiklub Teater Bandung Magelaran di Unpad

Salasahiji adegan pagelaran STB di Unpad (Asép GP)

KORESPONDEN: Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Dede Syafrudin, Enung, Den Jaya (Kab. Bandung); UunJuharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista (Pandeglang); DaliSumarli, S.Pd. (Sumedang). Distam (Brebes)

45Manglé 2463

Pemilihan Umum Législatif(pileg) rencanana dilaksana -keun 9 April nu bakal datang.

Lamun ngitung waktu mah ukurpulu han poé deui. Ku kituna, kiwariKPU Kabupatén Bandung geusngararancang jadwal kampanyeu, nurencanana lumangsung dina 16Maret nepi ka 5 April.

Sakabéh Partai Politik (Parpol) nujadi pamilon pemilu wajib taat kanajadwal kampanyeu nu geus ditangtu -keun ku KPU. Lamun aya Parpolngarempak éta jadwal, ceuk anggkotaKPU Kabupatén Bandung, AgusBaroya, bakal didiskualifikasi tina ka-giatan kampanyeuna. Hanjakalna,pokna, jadwal kampanyeu can bisadisosialisasi keun ka parpol, sabab titiklokasi keur kagiatanana nepi ka ayeunaPemkab Bandung can nangtukeuntempat na.

“KPU tos ti kaping 20 Januaringintun keun seraa permohonan titiklokasi kampanyeu terbuka,” ceuk Agus,ka Manglé, basa tepung di Margahayusababaraha waktu nu kaliwat.

Agus ogé nétélakeun, sanggeus ayakajelasan ngenaan lokasi kampanyeu,KPU rencananya rék ngalaksanakeunrapat pléno pikeun madungdengkeunjadwal kampanyeu. Salian ti parpol, nudiondang téh di antarana Pemkab Ban-dung, Polrés, jeung Panwas KabupaténBandung.

Waktu ditanya kamungkinanPemkab Bandung teu ngajawab baékana surat KPU no: 15/KPUKab.011.329047/1/2014, ngeunaanlokasi kampanyeu, Agus nandeskeun,lamun kitu ngandung harti PemkabBandung geus ngahambat kanapalaksana an Pemilu. Sabab netepkeunjadwal kaasup kana tahapan Pileg.Salian ti kitu, lokasi kampanyeu ditujuh daérah pilihan (Dapil) wajib aya,nu neuteupkeunnana Pemkab, sartaKPU mah ukur “konsumén”.

Saluyu jeung katangtuan, jadwalkampanyeu kudu geus katarima kuparpol maksimal 2 Maret atawa H-14

saméméh kampanye lumangsung.Duma sar kana jadwal nu geus diran-cang ku KPU, rencanana kampanyeurék dilaksanakan dina dua puturan.Puteran kahiji lumangsung ti 16 Maretnepi ka 30 Maret, unggal parpolkabagéan tujuh kali kampanyeu ditujuh Dapil. Sedengkeun puteran ka IImah ti awal April nepi ka tanggal 5.Dina kampanyeu puteran ka II tiap par-pol kabagéan opat kali di dapil anu geusditangtukeun ku KPU.

Di tempat jeung waktu anu lian,Kabag Pemerintaha Umum SétdaKabupatén Bandung, Asép Kusumahnandeskeun, pikeun nangtukeun tem-pat keur kampanyeu sabenerna KPUteu kudu nungguan ti Pemkab Ban-dung. Sabab KPU boga kawenanganpikeun nangtukeun kampanyeu dimana baé, tinggal menta ijin ka nu bogatempatna.

“Teu kedah ngantosan serta diwalerku Pemkab, da KPU ogé gaduh kawena -ngan pikeun nangtoskeun lokasi kam-panyeu,” pokna.

Asep nu harita dibarengan ku Ka-subag TU, Gugum Gumbira,nétélakeun, sabenerna Pemkab Ban-dung geus ngajawab kana surat KPUngeunaan permohonan titik lokasikampanyeu. Tapi teu bisa netepkeun

sabab éta tempat aya nu bogana, sapertiLapangan Shinetama di Cikasumba,Cikancung (Dapil 4) nu dipimilik ku PTShinetama Interfashion. Ku kituna,saméméh éta tempat dipaké kampa-nyeu, KPU jeung Parpol wajib méntaijin heula ka nu bogana, kaasup stadionSi jalak Harupat jeung LapanganCingcin nu kudu ménta ijin heula ka nungokolakeunana, nyaéta Dishub Kabu-patén Bandung jeung Badan pengelolaStadion Si Jalak Harupat.

Jadi, ceuk Asep, Pemkab ngajawabsurat KPU tanggal 30 Januari 2014 téh,lain keur netepkeun lokasi kampanyeutapi méré alternaif tempat-tempat nubisa dipaké kampanyeu, disaluyukeunjeung pangalaman waktu Pilkada Bu-pati Bandung jeung Pilgub Jabar.Salian ti kitu, Pemkab rada lila méréjawaban kana surat KPU lain hartinarék ngahambat Pemilu, atawa ngahajanelat-nelat sangkan Pemilu gagal.

“Kanggo ngawaler serat ti KPU teugampil, saméméhna abdi saparakancakedah rapat heula sareng kécamatandesa sarta OPD terkait sanésna,ngeuna an segi kaamanan sareng aksé-bilitasna,” pokna

Dina surat no: 272/ 96/ Pemumditétélakeun sababraha tempat alter-natif nu bisa dipaké kampanyeu: diDapil I salian ti terminal Cingcin jeungStadion Si Jalak Harupat téh ogé Lapa -ngan bogana Perkebunan Rancabali(PTPN VIII). Di Dapil 2, Lapang bolabogana TKI di Kacamatan Margaasih.Pikeun di Dapil 4 salian ti lapanganShinetama tempat nu bisa jadi alter-natif lapangan bogana Désa Pamuca -tan, Nagreg. Dapil 5 di Jalan anyarparapatan Majalaya- Rancaékék, Kaca-matan Solokan Jeruk. Pikeun di Dapil6 jeung 7 nyaéta lapangan bola Barujati,Désa Pakutandang, Ciparay, jeunglapa ngan bola Lapangsari DésaCibeureum, Kertasari; Lapangan SituCileunca Pangaléngan, lapangan bolaBera Sukasari Pemeungpeuk, Lapa -ngan Desa Pangaléngan, jeung lapa -ngan Tanara, Pangaléngan.***nunk

Parpol nu Ngarempak Jadwal Kampanyeu Bakal Didiskualifikasi

Manglé 246346

KKatumbiri

Bendungan Saguling nu ayadi wilayah Kabupatén Ban-dung Barat kaasup

salasahiji bendu ngan tina tilubendu ngan anu ngabendungwalungan Citarum, salian ti

bendu ngan Cirata di Ci ajur-Purwakarta, jeung bendunganJatiluhur di Purwakarta.

Mimitina mah bendungan Sagu -ling dipungsikeun pikeun “pem-bangkit listrik tenaga air” (PLTA)kalawan kapasitasna bisa ngahon-tal 1.400 MW. Tapi ku alatantinimba ngan kaayaan lingkungandi sabudeureunana, laju sagulingtéh ditata-ulang nepi ka jadi bendu -ngan anu multiguna. Kiwari, salianti pikeun PLTSA bendungan sagu -ling ogé bisa dipaké pikeunperikanan, pariwisata, agrikultur,jeung sajabana.

Ku ayana bendungan Saguling,masarakat bisa ngabudidayakeunrupa-rupa lauk, pangpangna amumaké sistim “jaring terapung”.Lauk anu biasa dibudidayakeundina “jaring terapung” di antaranalauk emas, mujaér nila, jeung patin.Lauk dina “jaring terapung” lila-lilaanak baranahan, sarta sumebar kasaluareun jaring. Réana lauk di lua -reun jaring ngalantarankeun ben-dungan Saguling padanga deugdeug ku tukang nguseup disabudeureun wewengkon sagulingjeung Bandung. Malah urang lua -reun Bandung ogé teu kurang-ku-rang anu ngadon nguseup kasaguling.

“Abdi mah paling elat nguseupka Saguling téh sabulan sakali,”ceuk Endang, tukang nguseupurang Pasirhuni Kabupatén Ban-dung.

Réana tukang nguseup ogé geusngadatangkeun panghasilan pikeunmasarakat di daérah Saguling. Réamasarakat anu nyiar rejeki tina

Bendungan SagulingTi Pembangkit Listrik Tepi ka Panguseupan

Saguling, tina PLTA jadi bendungan multiguna (nét)

Nguseup di Saguling ilaharna cicing dina rakit (nét)

47Manglé 2463

ladang nganteur tukang nguseupmaké bargas (parahu motormesin),nyéwakeun rakit keur nguseup,muka tempat parkir, dagang eupan,jeung sajabana.

“Eupan nguseup di Sagulingutamana lukut sareng cacing,kadang-kadang ogé tiasa nganggopélét,” Endang ngémbohan.

Endang ogé nétélakeun, lamunhoréam mawa eupan bisa meuli dijalan. Lantaran di sapanjang jalannu rék ka lokasi panguseupan nga-jajar tukang eupan, utamanatukang dagang lukut jeung cacing.Milih lokasi panguseupan bisananyakeun ka tukang bargas. Keurtukang nguseup nu mawa motorteu kudu hariwang, lantaran réawarga nu nyadiakeun lahan pikeunpanitipan motor.

“Abdi tos gaduh langgan paniti-pan motor, janten teu hariwangninggalkeun motor nepi kangawengi ogé,” pokna.

Pikeun anu ngamimitiannguseup ka saguling, endang mérésaran, sangkan mawa uyah. Uyahdiperlukeun lamun lukut keureupan heuras teuing. Sabada diuya-han mah lukut téh rada lempés turbabari napel kana kanaeuseup/eluk. Sedengkeun cacingmah, lamun hayang wareg nguseupkudu mawa cacing sorangan. Lan-taran hargana kawilang radamahal. Lima rébu téh ukursakérésék leutik, sarta ukur bisa di-paké ti isuk-isuk nepi ka beurang.Béda jeung lukut, lima rébu bisa di-paké nguseup sapoé jeput.

“Cacing nu saé kanggo nguseupdi Saguling mah cacing sawah,”ceuk Endang.

Jenis lauk anu pangréana dibendungan Saguling nyaéta mujaérnila atawa biasa disebut lauk nila,kabeukina kana lukut. Alatan kitu,eupan utama nguseup di sagulingmah lukut. Lamun hayang meu-nang lauk lian—lauk emas jeungpatin misalna—eupann maké ca -cing atawa eupan géléng/bisa ogé

maké pélét. Papadaning kitu, ayakalana lauk emas jeung patin ogényanggut kana lukut.

Lamun dina poé pakanci,datang ka panguseupan téh pa-subuh-subuh. Lamun elat datangatawa kabeurangan tinangtu moalkabagéan lapak anu strategis, lobalaukna. Genahna nguseup di sagu -ling lamun saku merekis ku duit.Dijamin moal kalaparan jeungkakurangan eupan, lantaran nu da-gang balawiri.

Pikeun ngajugjug ka Saguling tidayeuh Bandung mah bisa makéjalur ka Cililin atawa ka CimaréméKabupatén Bandung Barat. Pikeunanu holna ti lebah Cianjur, bisangaliwatan Jalan Raya Bandungsarta sabada ngaliwatan Rajaman-dala bakal aya pituduh méngkol kakatuhu, asup ka jalan PLTA Sagul-ing. Lamun ngaliwat ka éta jalurmah kudu mekel eupan nu rada réa,lantaran jarang nu dagang eupanjeung useup.***dédé

Lukut, eupan utama tukang nguseup di Saguling (nét

Nila, lauk boroan utama nu nguseup di saguling (nét)

Guluburna pangwangunan dikota Bandung, gedépangaruh na. Ieu kota,

mingkin dieu mingkin ramé. Jlug-jlegna wawangunan keur rupa-rupa kapereluan, saperti toko,kantor, jeung padumukan, jadidaya pangirut keur saha waé jeungurang mana waé. Balukarna,warga luareun Bandung gé kapin-cut tur ahirna milih daratangjeung bubura di kota Bandung.“Dina kaayaan padumukna anupadedet, kacida butuhna ‘campurtangan’ pamaréntahkota dinangabebenahna,” ceuk R. HerrySuherlan, SH., pangusaha nudumuk di kota Bandung.

Dina sawangan Herry sagalarupa pangwangunan kotatéh keurwarga sakumna, pangpangna mahkeur warga Bandung. Maksudna,jlug-jlegna pangwangunan di kotaBandung kudu keur kapentinganmasarakatna, pangpangna mah,lain ukur keur kapentingan bisniswungkul. “Urang Bandung ulahmung ukur lalajo,”pokna.

Salila ieu, ceuk tilikan Herry

loba kenehwarga Bandung teumilungararasakeun mangpaatnapangwangunan di kotana. Malah,liantikitutéhdeuih, lobakeneh nungarasa kasilihdeungeun. Conto -na, apan teu jarang lembur ka-gusur, padumukna kaburakkapaksa kudu lunta ti daérahasalna.

Mekarnawawangunan, lahan-lahanmahteu nambahan.Kanyata an kawa skitu teh, aya un-tung jeung rugina. Untungna,lobana pangwangunan téh, hartinamingkin alusna rupa-rupa saranajeung prasarana. Ngan,satukangeun éta, pangaruhgoréngna, teu kabéhngararasakeun mangpatna.

Bandung nu milih jadi kotajasa, ceuk Herry mah, kudu mam-puh ‘ngawadahan’ kahayang jeungharepan wargana. Tangtu, cenah,nu pangutamana mah, padumuk

Bandung téh kudu hirup jeunghuripna!

Kasilih DeungeunWarga Bandung, mingkin pa -

sesedek. Atuh, balukarna, teujarang nu ngarasakeun kasééhdeu ngeun.Nu asalna deukeut kapuseur kota, misalna, loba nububuara, parindah ka luarwewengkon kota Bandung. Me-mang, ceuk Herry, pundah-pin-dah padumuk téh ilahar naker,bisa kajadian di mana waé. “Tapi,upama pindahna téh lantaran di-paksa ku kaayaan, lantaran teumampuh ngigelan kaayaan,hartina pangwangunan nu salilaieu digederkeun téh aya nu salah,”ceuk ieu urang Bandung nu aktipdina rupa-rupa organisasi téh.

Masarakat nu aya dina kaayaankitu, ceukieuurang Kadin KotaBandung téh, kacida butuhna

Manglé 246348

BBandung - Bandung

Warga BandungUlah Ukur Lalajo

Bandung mah kota balaréa.

Lain ukur urang Jawa Barat

nu dumuk di Bandung téh, tapi

deuih nu daratang ti jauhna.

Ngan, mun pribumina loba nu

ngarasa kasilih deungeun,

saha nu salah?

***

R. Herry Suherlan, SH

pihak-pihak nu jadi panumbucatur, nu mampuh nepikeunkereteg jeung kahayang masarakatka pihak pamaréntahna. “Cindek -na, kudu aya nu mihak kamasarakat kota Bandung ku caraléngkah-léngkah anu nyata nukatara jeung karasa ku sakumnawarga,” pokna.

Nyanghareupan kaayaan kitu,hartina deui, kudu aya pihak-pihak nu boga kamampuhnepikeun kahayang masarakat kanu keur nyekel kakawasaan. Kulantaran kitu, ceuk Herry, dirina,ngarasa bagian masarakat nusawadina boga kamampuhan téa.Najan, enya dirina téh pangusaha,bisa langsung némbongkeun prak-prakanana ngawangun geusankapentingan masarakat, tapitetepbutuh ‘wadah’ sangkan éta ka-hayang jeung kakuatan téh bener-bener karasa ku warga sakumna.

Ceuk implengan Herry, bisanapangwangunan di kota Bandungkarasa ku masarakat, saupama timimiti ngararancang pangwangu-nana nepi ka jlegna wawangunanogémasarakat kudu ngararasakeunmangpaatna éta pangwangunan!Maksudna, nu jadi tinimbanganpihak mana waé nu ngawangunkota Bandung kudu tetep mihak

kana kapentingan masarakatna. Salila ieu, cenah, remen karasa

jeung kabandungan, ngalaksana -keun usaha di wewengkon Ban-dung téh teu gampang. Da, upamarék ngawangun, méméh prung téhkudu heula boga waragad anu lainsaeutik. Apan, uras-urus susuratanjeung izinna gé butuh biaya. “Enya,tos jadi kacapangan uras-urus izin-dina satu atap téh, tapi apan tetepwé loba ‘pantona’, loba méjana,”pokna.

Upama Herry Suherlan, SH,titénkana kahirupan masarakat,mémang kaasah mamaras rasana.Remen ubral-obrol jeung rupa-rupa golongan masarakat. Aktip dirupa-rupa organisasi kalayanremen nyaksian kahirupanmasarakat di saban tempat, inyanabisa ngarampa kahayang umumnamasarakat. Cenah, kahayang ra-hayat mah, teu sing lahuta, da ukurmiharep hak-hakna salaku warganagara. Atuh, mun dumuk disabudeureun kota, kudu kabagéanmangpaat tina guluburna pang-wangunan di dayeuh Bandung.“Da, pancén pamaréntah mahsangkan jadi cukang lantaranmasarakat bisa ngahontalkaraharjaan ana,” ceuk ieu AlumniFakultas Hukum Unpar téh.

Loba gaul jeung rupa-rupagolo ngan masarakat, inyana gépada mikawanoh ku masarakatsabudeureunana. Atuh, saterusnaloba nu ngarojong sangkan milunyalon jadi anggota DPRD KotaBandung. Sanggeus pada ngadong-sok, teu bisa majar kumaha. Cenah,ari enya mah masarakat butuh kutanaga jeung kamampuhanana,diri na gé moal nyingkahan tang-gung jawab. Atuh, ayeuna téh,Herry Suherlan, jadi Calon Legis-latif (Caleg) Partey Nasdem, keurDaerah Pilihan 3 nu ngawengkuKacamatan Kiaracondong,Léngkong, jeung Batununggal.

Nu jadi angen-angen Herry,warga Bandung kudu ngarasabagian tina pangwangunan nu ayadi wewengkon kota Banudng.Conto na, sanggeus lahansabudeureun masarakat salin rupa,jadi naon waé, boh pabrik, mol,tempat balanja, jeung sajabana,masarakat sabudeureunana, kudungararasakeun mangpaatna.“Atuh, saméméh maké tanaga tijauhna, leuwih hadé mah maké ka-mampuhan masarakat sabudeu -reun na,” pokna. Iwal, cenah, munmémang tanaga nu dibutuhkeuntéateu nyampak di sabudeureunpausahaan. ***

49Manglé 2463

Lolongok ka Panti Asuhan di Gang Slamet, Kiaracondong Pasualan warga butuh kanyah pamarentahna

Manglé 246350

BBalé Bandung

Taun 1998, sarerea gede harepan,sabada Orde Baru runtuh,karaharja an bakal gancang ka-

hontal. Alesanana, sistem pamarenta-han robah, tina otoriter kanademokrasi. Kakawasaan bakal dibagi,henteu dikeukeuweuk ku sagolonganwungkul, kitu deui bakal ditalingakeunku sarerea. Tah, moal kajadian deui ka-teuadilan, kamiskinan jeung sagalarupa hal teu hade saperti karandapandi jaman Orde Baru. Nu matak guling -keun Soeharto, ancurkeun sistempamaren tahan otoriter!

Tapi, kumaha hasilna?Tetela teu nyugemakeun. Nu raharja

angger wae geuning kaom elitewungkul ( di antarana kaom pulitisi nunyekel kakawasaan), ari rahayatumumna mah angger wae ripuh jeungripuh. Nya, timbul sora-sora ngarasula,keur naon atuh ngalarapkeu demokrasiari kieu hasilna mah?

Sanajan kitu, jigana sarerea ogehenteu hayang balik deui ka jamanOrde Baru, kulantaran bahla gedepamaren tahan ngan dicekel ku sagolo -ngan leutik wungkul bari teu bisa di-

talingakeun deuih. Jaman harita apanngan golongan militer wungkul nukuma wasa, ari golongan sejenna mahnu kasebut kaom sipil estuning teumeu nang nyekel kakawasaan. Ti mimitipresiden, gupernur nepi ka bupatijeung walikota dicekel ku tentarawungkul bari teu bisa ditalingakeun kurahayat deuih. Lebah dieu, memang sis-tem demokrasi leuwih alus, kulantaransakur warga nagara boga hak nu saruaenggoning ngaheuyeuk dayeuh ngolahnagara.

Salah larapnaTapi, ku naon atuh demokrasi

mangsa ayeuna di nagara urang bet teukaala mangpaatna?

Tangtu rea sababna, di antarana ku-lantaran urang ayeuna ngalarapkeundemokrasi sahabekna, henteu makecara “bertahap”. Upamana wae, henteudipuguhkeun heula ti samemehna , timimiti iraha otonomi daerah sakudunadilarapkeun? Pasaratan naon nusakuduna ditataharkeun? Kitu deui timimiti iraha sakuduna pemilu makecara milih langsung dilaksanakeun?Naha sakaligus dilarapkeun di sakuliahdaerah, atawa mending pilih-pilihheula mana daerah nu sakuduna di-heulakeun jeung mana nu dipandeuri -keun? Tah, karep kieu teh pan teudibeuweung diutahkeun heula ku jura-gan wakil rahayat nu ngajago diSenayan teh. Nya, keur maranehna mahtaya rugina kulantaran pangabutuhhirupna oge geus katedunan leuwih ticukup. Kitu deui, apan mun UU tetelagoreng hasilna, tah wakil rahayat mahteu meunang hukuman naon-naon. Nyabebas wae kumaha karepna.

Satuluyna, pasaratan larapnademokrasi oge teu ditataharkeunkalayan daria. Tingkat atikan masarakatnu nyukupan, kitu deui nanjeurnahukum di masarakat sakuduna

diestokeun sangkan demokrasi bisa di-larapkeun kalayan epektip. Tapi, teteladua pasaratan bieu henteu digarap kupamarentah kalayan daria, kaasup kulembaga wakil rahayat. Kateuharmoni -san antar lembaga nagara( riceuwnakasus Mahkamah Konstitusi ayeuna)jeung handapna ajen mangkeluk parawakil rahayat, jelas nembongkeunpasaratan bieu tacan kahontal. Saliladua hal bieu can kalaksanakeun,nyalarapna demokrasi oge bakal gorengkawas ayeuna, buktina teu merekaraharja an naon-naon keur balarea.Jadi, masalahna lain hayang balik deuika jaman Orde Baru, ka jaman otoriternu ngabekem kabebasan, tapi hayangnyaksian larapna demokrasi nu euc -reug, lain demokrasi teu boga kaadabankawas ayeuna.

Wawanen Ngalarap keunDemokrasi

Hanjakal, kateusugemaan rahayatkana larapna demokrasi mangsa ayeu -na, kurang diwaro kalayan imbang.Ignas Kleden,”pemikir ulung” kalibernasional, netelakeun dina tulisanana “Keberanian Berdemokrasi “ ( Kompas,Salasa, 4 Februari 2014), nu pentingcenah kawani urang lebah ngalarap-keun demokrasi, teu beda jeung kawaniurang bareto ngahontal kamerdekaan.Ngutip pamanggih Soekarno, aringadagoan heula sagala rupa kudusaged heula mah,nya iraha atuhkamerdekaan bisa kahontalna? Nyakitu lebah ngalarapkeun demokrasi oge.

Lebah dieu, Ignas mopohokeunsaja rah. Kawani Soekarno tetela, dinasababaraha hal, geus ngarugikeunbangsa urang. Jeung deui Soekarnotetela lain demokrat tulen saratuspersen. Soalna, lain wani teu wani, tapilarapna demokrasi kudu puguh atuhulah rea codekana kawas ayeuna. ***

Karno Kartadibrata.

Demokrasi

51Manglé 2463

Srog ka hareupeun méjadi ruang guru, lalaunankantong ditunda

luhureun na. Kaayaan sepi-jempling, babaturan can ayaanu datang. Panon hidengngarérét kana tumpukan bukunu ngéntép rapih. Teu nyala-han, geus aya deui waé… carasasari…! Na saha atuh nya, anuboga peta matak meureut rasapanasaran kuring téh…?! Teungarugikeun mémang, tapi dasahenteuna matak ngaganggupikiran ari tuksel siga kieu

mah…! Saban isuk-isuk, geusméh tilu bulan, teu weléh ayadua gagang érmawar beureumdibeungkeut ku pita dina méjakuring. Teuing ti mana jolna,teuing saha nu nundana, jeungteuing naon maksudna…bener-bener matak hémeng…!Dina pita warna pérak numeung keut dua gagang ér-mawar beureum téh sok ayasacewir keretas anu ngagantél,sarta aya tulisan anu unina:“You are the most beautifulwoman in my heart.”.

Dua gagang kembang rosbeureum téh dikeukeuweukbari ditelek-telek. Sugan ayahal anu bisa jadi pituduh timana asalna, saha nu nunda -na. Tapi lebeng… teu sakolé-bat-kolébat acan pijawabeunkana kapanasaran kuring salilaméh tilu bulan ieu téh. Rasakapanasaran anu ngancik téhkiwari bet undak jadi rasahariwang, malah boa bakalrobah jadi rasa sieun. Hari-wang ku naon, sieun ku naon…kuring gé teu apal jeung teuyakin. Ngan nu pasti, aya hal

anu “teu wajar” tina naon anukeur disanghareupan ku ku -ring ayeuna. Naon anu “teuwajar”na, bingung kuring gé.Teuing érmawar beureumna,teuing saha nu ngirimna, teu-ing kamungkinan salah mike-unna… ah, banget kubaluweng…!

“Aya kénéh waé, Sri…?”,Ria, sobat kuring nga-gareuwahkeun ku pananyana.Kuring ngagebeg, asa digebah.Atuda teu kadéngé tok-tak tok-tak sora sapatuna, jol-jol sup

waé ka rohang guru. Kétang,bané wé kuring-na nu ulengteuing mikir meureun, nepi kaasa digebah téh.

“Aya, Ri… teuing, ah… bi -ngung Sri mah…!”, kuringsatengah ngabalangkeunbeung keutan érmawarbeureum kana méja.

“Ceuk Ria ogé, geus teukudu dipikiran teuing…anggap wé ti “penggemargelap”… héhéhé…!”,ngomongna bari ngadeukeu-tan méja kuring. Ceg kanabeung keutan érmawarbeureum, tuluy dialak-ilik.

“Sakali-duakali mah hen-teu teuing jadi pikiran, Ri…ngan ari noron nepi ka méhtilu bulan kieu mah jadikapikiran ku Sri téh. Nahasaha atuh nya, Ri…? Cing atuh,tulungan kuring neguh sahajalmana…!”.

“Ah, kawas tatarucinganwaé maké kudu diteguhsagala… héhéhé…! Keun lah,Sri… engké ogé moal burungkanyahoan geura, saha jalma -na…!”, ngomongna teu weléh

direumbeuy ku heureuy Riamah.

“Éh, Ri… “penggemargelap”…?? Naha saha atuh Sritéh, bet aya nu “menggemari”sagala… artis, lain… sok aya-aya waé, Ria mah…!”, kuringnepak peupeuteuyanana.

“Ih, naha artis waé kitu nukudu boga “penggemar” téh…? Da pantar urang ogé wenangboga “penggemar” téh, Sri…!Apan saban jalma téh boga ka-punjulan séwang-séwangan.Anu bisa jadi, éta kapunjulan

téh matak nimbulkeun rasapikareueuseun, pikaresepeun,pikayungyuneun, pikanyaa-heun… malah boa ka ditunamatak tuluy matak ngirut,matak kapincut, matakkapéngpéongan, matak kalele-ban, matak kagégéloan…”,omongan Sri kapegat ku jul-jol na babaturan.

“Geus ah, Ri… engké deuiwé ngobrolna. Omat, ulahgeruh ka sasaha téa nya ieumasalah érmawar beureumtéh...!”, kuring rada ngaharé-wos ka Sri, bari sakilat leu -ngeun ngasupkeunbeungkeutan érmawarbeureum kana laci méja.Manéhna unggeuk, tuluyngaléos muru méjana.Saterusna mah rohang gurujadi haneuteun. Guru-gurubeuki rempeg.

Barudak dariuk dina korsi -na séwang-séwangan, sikepnasaregep. Kaciri daria, najanlain hartina ngemu kasieun.Panon ngulincer kasabudeureun kelas, kanabarisan bangku. Lengkep, ung-

gal korsi kaeusian. Hartinabarudak arasup kabéh poé ieu.Bungah ari barudak datangkabéh téh. Sok jadi sumangetngajar, sabab matéri panga-jaran anu ditepikeun téhtangtu bakal rata katarima kubarudak. Eusi pangajaranjeung cara kuring ngajar geuspasti sarua nepina ka barudak.Masalah kacangkem henteu -na, éta mah gumantung kanadaria henteuna lebahngabandungan na. Gumantungkamampuh barudak séwang-

séwangan dina nyangkemna.Sanggeus kuring nerang -

keun pangajaran, barudak mi-gawé pancén. Kaciri daria dinadiskusi kelompokna séwang-séwangan. Bubuhan barudaktéh dina itungan bulan ogébakal jaradi mahasiswa. Geusmaju ka sawawa, mimiti kacirikaroloteunana. Kuringmariksa PR maranéhna,sakali-kalieun nembalanpananya barudak ngeunaanpangajaran anu cikénéhdipedar, lebah anu kurang ka-harti ku maranéhna., Geusmariksa leuwih ti satengahjumlah buku nudikumpulkeun, PR barudakhasilna haradé. Sugema hatétéh. Migawéna enya-enya, eusijawabanna loba nu bener,najan aya kénéh anu cansampur na. Puguh gé ngajar dikelas barudak unggulan mahénténg karasana. Saeutiknerangkeun, tapi gampang ka-cangkemna. Bahan panga-jaran anu beurat ogé teukarasa beurat nepikeunana.

Buku PR nu can dipariksa

Manglé 246352

CCarpon Rumaja

ÉrmawarKu Nila Karyani

53Manglé 2463

kari lima deui. Rét kana arloji,dua puluh menit deui jampangaja ran di kelas ieulekasan. Bakal anggeusmariksa pagawéan barudaktéh, bukuna bisa langsungdibagikeun deui. Gap leu -ngeun kana buku pangluhurnatina tumpukan nu can di-pariksa. Bréh ngaran nu bogabuku, dina sampulna: RIS-NANDAR. Tulisan leungeun.Rapih, cacak tulisan budaklalaki. Blak dibuka. Lam-baranana nungtut dibukaan,néangan lambar pariksaeun.Pluk, sacewir keretas murag.Keretas rada kandel. Lainkeretas buku tulis biasa.Kodomang leungeun nyokotéta keretas nu murag ka ko-long méja. Hadéna kanyahoanmuragna. Bisi keretas pentingkeur nu bogana mah. Cankaburu kacekel éta keretas téh,kaburu kapegat ku omonganAris -nénéhna Risnandar- nugeus ngajengjen gigireun méjakuring,

“Punten, Bu… éta keretasnu abdi… nuhun…!”,ngomongna semu ngaharé-wos, bari leungeunna nyokotéta keretas.

“Oh, muhun… kadé atuh,Ris… ulah lalawora nyimpenkeretas penting mah…!”,ngomong téh bari neuteupbeu ngeutna. Manéhna teunémbalan, ukur imut. Terusngaléos deui muru bangkuna.Budak pangpinterna di kelasieu Aris téh. Cicingeun, nyaritaukur saperluna. Deukeut-deukeut ka “tertutup”, tapikoloteun kacirina mah. Kuringneruskeun deui pagawéan nepika bél tanda lekasan jam nga-jar di kelas ieu disada.

Dua gagang érmawarbeureum geus nyampak deuiwaé dina méja. Poé kasalapan-puluh…! Kuring ngarahuhmiceun bangbaluh. Nyata jadibangbaluh kiriman saratusdalapan puluh gagang ér-mawar beureum dina jerosalapan puluh poé ieu téh.Kembangna mah éndah, ngancarana mikeunna nu matakmarudah. Saha atuh ieu téh,Gustiiiii…?! Upami mémangieu lalaki mihéman abdi, mugi

pasihan abdi bukti anu pasti.Da abdi gé bakal nampi étalalaki saupami dirina leres-leres niat marengan hirup abdiku asihna anu sajati. Kuringmencrong dua gagang ér-mawar beureum dina méja,kebek ku kabingung. Hayangcacarita, hayang betus ka baturayeuna mah ngeunaan ieu “ka-jadian ahéng” téh. Ukur kakaraka Ria, kuring wani betus téh.Ria nu sasarina patutur-tuturdatangna jeung kuring, canaya ringkangna. Rohang gurusepi. Jorojoy hayang kamushola. Asa hayang solatdhuha, niat nenangkeun rasa.Meungpeung lila kénéh ka bélasup. Saméméhna, kuringngirim SMS ka Ria. Ngiberanyén kuring keur di mushola,bisi manéhna nyangka kuringcan datang. Érmawar beureumdicokot tina luhureun méja,dikeukeuweuk bari murumushola.

Di mushola sarua tiiseun -ana, taya sasaha. Teuing kunaon, haté asa teu puguhkarasana. Lalaunan kuringmuru tempat wudhu. Sok ér-mawar beureum ditunda dinatémbok hahalang tempatwudhu. Kakara gap leungeunkana pamuteran keran,kerewek karasa aya nu newekti tukang. Pel kana irung ayanu napel. Kuring barontak.Awak adug-adugan. Leungeunpakupis, maksud ngalawan.Ruwal-rawél sakarawélna. Gapkana érmawar beureum, tuluydibubat-babit sakadugana.Tapi taya hartina sarta teuwasa lila. Sirah lungleng,tanaga beuki suda. Tetempoanpoék….

Nyah panon beunta. Sirahkarasa lenglengan. Tetempoansamar-samar. Kaayaan re-meng-remeng, ukur kacaan-gan ku cahaya ti luar anusésélékét kana sela-sela kusénjandéla. Di mana kuring ayeu -na…? Hayang cengkat, tapisirah karasa beurat. Ongkohawak hésé diobahkeun, karasareged. Beuki lila pangacianbeuki namper. Tétéla, kuringaya di gudang sakola tempatkuring ngajar…! Rét kana leu -ngeun jeung suku… diborogod

geuning kuring téh. Biwir teubisa engab, komo ngagorowokménta tulung, da geuning ayalamak anu ngabekem rékép.Kuring ukur kaduga adug-adugan. Tetempoan beukiécés. Satékah polah kuringcengkat. Teu burung bisa diuk,najan ukur wasa nanghunjardina kaayaan suku jeung leu -ngeun pageuh kabeungkeut.Panon ngulincer nyapu roha -ngan…

Bréh… tunjangeun kuringaya nu diuk nyerangkeun.Dedeganna asa wawuh. Panonrucang-riceng, hayang awas kanu keur diuk. Gebeg…! Awakkarasa nyéak. Haté ratug.Panon dibelél-belél, hayangyakin kana tetempoan. Tétéla,nyata… Aris… Risnandar…!Astagfirullohaladzim…!!

“Hapunten abdi, Bu…!Abdi teu tiasa merangan rasa.Abdi bingung kedah kumahangalakonanana. Abdi nyaahpisan ka Ibu. Tapi abdi sadarkana kaayaan. Saha abdi, sahaIbu. Ngan ieu rasa teu bisadiperuhkeun… abdi hoyonghirup jeung Ibu…!”,ngomongna alon, tapi tumer-apna matak ngabeledag kanaceuli kuring. Kuring teu bisalémék. Ukur cipanon nu mu-rubut kerep mapay pipi. Lalau-nan Aris cengkat, tuluyngadeukeutan. Haté beukiratug. Gustiiii, tangtayunganabdi… salametkeun jiwa ieupun anak…! Satékah polahkuring ngobahkeun awak katukang, ngajauhan nu rékngadeukeutan. Tapi kuringgeus teu bisa loba meta. Arisbeuki deukeut. Gog manéhnacingogo, deukeut pisan kanaawak kuring. Beungeutnanampeu kana beungeut ku -ring. Lalaunan leungeunnangusap sirah. Kuring peureumtipepereket, nyieuhkeunkakeueung. Karasa tiung nunutupan sirah diudar lalau-nan. Gustiiii…. salametkeunabdi…! Leungeun Arisngarameus sarta nyeuseupbuuk kuring nu geus ngarum-bay. Tuluy mapay ngusapanpipi, biwir, gado, beuheung…kadéngé hégakna nungerepan… kuring kuku-

rayeun. Kuring teu walakayawaktu biwirna antel kana biwirkuring… Aris teu nolih beu -ngeut kuring caah kucipanon…

Braaaaaakkk… panto ayanu muka satakerna…! Jajan-tung asa rék coplok, tapi alamdunya karasa ngagebray deui.Burudul sawatara patugasjeung babaturan minuhanroha ngan. Korejat Ariscengkat, rikat manéhna ngejatlumpat rék luncat kanajandéla. Tapi patugas leuwihrikat. Aris dicerek. Manéhnateu walakaya. Saméméhdibawa kaluar, karérét teu-teupna seukeut… ngandungréwu makna. Haté ngalenyap.Awak ramohpoy. Dina sésatanaga jeung kakuatan, karasaaya nu ngarangkul awak. Rét…Ria sobat kuring…!

“Sriiii… Allahu Akbar, Al-hamdulillah… nuhun, Gusti-iii…! Ieu Ria, Sri… sukur Srisalamet. Hampura, Ria méh-méhan elat… Teu salahsangkaan Ria téh, Sri… Arisjalmana…!”, kuring teungadéngé deui nanaon, tetem-poan poék…

Pitulung Gusti kuringsalamet, ngaliwatan Ria sobatkuring. Sapoé saméméh kaja-dian nu méhméhan ngancur -keun hirup kuring, Ria nempoAris meuli érmawar beureumdi kios kembang, dua gagang.Peuting saméméh kajadian,Ria manggih keretas sacewirtina buku Aris waktu mariksaPR-na. Tulisan dina éta kere-tas nu ngayakinkeun Ria yénAris jalmana: “You are themost beautiful woman in myheart.”. SMS kuring nudikirim keun ka Ria waktu rékka mushola, horéng gedétulung na. Ria diparengkeunhayang nyusul kuring kamushola. Tapi kuring suwung.Ria manggih dua gagang ér-mawar beureum nu sawataralambar kolopakna copong turdaunna rarikes, dina jajala-neun ka gudang sakola.Hadéna Ria seukeut rasa,buru-buru ménta bantuan kababaturan sarta nelepon patu-gas.***(Saung Abah-Ambu, 12Pébruari 2012)

Manglé 246354

KKolom

Saha nu bisa mungkir, dinakahirupan jaman kiwari,kabeungharan jeung popula -

ritas mangrupa hal anu loba pisandiudag-udag, utamana ku paranonoman. Propési sélébritis mé-mang katempona matak bisa nga-datangkeun kabeungharan jeungpirang-pirang kasenangan dunya.Ngabandungan saliwat, mémangmatak pikabitaeun. Kaciringeunah na, kaciri senangna, kaciriglamorna.

Tapi bisa jadi, loba di antaraurang, di antara nonoman anupoho atawa teu nyahi, yén pikeunjadi artis suksés téh henteu gam-pang. Henteu kitu waé senang, hen-teu kitu waé beunghar.Ngalakonanana pasti teu bisa kuujug-ujug. Biasana kudu ngalamanheula prosés beurat jeung butuhwaktu katut pengorbanan anu teusaeutik. Beuratna, ti mimiti kududaék jadi anak bawang, dimimitianku ukur nyanyi ti panggung kapanggung dina acara “murah”,kayaning Agustusan atawa acara-acara di lingkungan masarakat anukudu daék teu dibayar. Carita per-juangan séjénna, hasil jadi artis kucara milu rupa-rupa lomba nyanyi,kitu ogé bari moal ujug-ujug jadijuara. Biasana kudu bisasababaraha nyangking kajuaraan,kakara bisa jadi artis moyan.

Béda deui jeung carira-caritaartis sinétron. Biasana dimimitianku kudu daék jadi pemeran figuran,anu satuluyna lamun kabarenganku milik, bisa jadi peran utama,kitu ogé biasana mah mimitimunculna téh dina telepisi. Tapi,lamun milikna hadé, kabiruyunganjadi sélébritis papan atas, moal ka-

palang deuih biasana mah miliknatéh. Loba artis sélébritis urangSunda ogé anu tinemu jeung milikjadi sélébritis papan atas téh. Tinamimiti dikontrak ku sababarahastasiun tipi swasta, jadi MC nepi kajadi béntang iklan di rupa-rupaproduk.

Tina pangasilan, geus kasawangduitna pasti ngagunduk. Inget kaartis-artis angkatan baheula kaya -ning penyenyi sohor Hétty KoesÉndang, anu kiwari nganjrek turmanggih kasenangan di Malaysia.Aya deui anu kaasup artis nasional,Tri Utami. Malah bageula, ayaalmar human Nikeu Ardilla, anusakitu matak ngageunjeungkeunjagad kaartisan Indonésia. Najanenya karirna harita ukur sakotéap,teu bisa mungkir takdir ngantun -keun dina kacilakaan lalu lintas.

Kadieunakeun, loba artis anyarsaperti Ayu Tingting, anu kasohorlagu dangdut Alamat Palsu. Najanaya kesan, munculna ngagebrak,kadieunakeun mah geuning teu patikadéngé ngaluarkeun albeum anyar.Lumpatna kana tampil-tampil “offair” jeung jadi artis nu seringmuncul dina infotainmen. Bédana

jeung para artis baheula, lamungeus sarupa téh sok propésional waédina widangna. Lamun mimitinanyanyi, tara loba nu lumpat ka jadibéntang pilem upama na. Tapi kukitu carana, loba anu jadi mataknapel dina ingetan, atuh lagu-lagunaogé kawilang abadi dipikaresep kupara penggemar na anu teu saeutikpenggemar panatik.

Mémang, lamun dititénan sali-wat mah kahirupan sélébritis téhkatingalina mah sarenang. Lamunsuting téh geus pasti geugeuleuyeu -ngan maké mobil méwah, daharsalilana di réstoran ngareunah bae,bari sakapeung tara inget kana soalngajaga kasehatan. Teu saeutikkabéjakeun aya sélébritis anungadadak ngajungkel (seranganjantung), alatan ku capé teuing.

Umumna jalma sok poho, dinawaktu senang téh aya paribasameung peung sohor, meungpeungkapaké, meungpeung ngora kénéh,lantaran lamun geus kolot mahmoal aya nu ngambeuan. Kulanta -ran kitu, para sélébritis téh mé-mang kudu geus tatan-tatan ti keurngora kénéh pikeun bisa mukausaha séjén, pikeun ngajaga ka-mungkinan kakolotnakeun. Apa -nan teu saeutik para aris mun geuskolot kahirupanana katalangsara,lantaran keur ngorana kaluli-luliteuing.

Kétang, lain baé sélébritis,manusa biasa ogé kudu bisa mikirka jauhna, mikir panjang anu lainukur saayeunaeun. Kahirupan teusalilana senang, teu salilana lobaduit. Kudu aya mangsa urang siap-siap jadi kolot, siap-siap mapagmangsana mulang disaur ku NuKagungan. Cag.***

Kaum Sélébritis IndonésiaKu Ida Rukmana RK

Malah bageula,aya almarhuman

Nikeu Ardilla, anusakitu matak

ngageunjeungkeunjagad kaartisan

Indonésia.

55Manglé 2463

TTarucing Cakra

KA GIGIR:1.Musawarah4. Persekot7. Ukuran jauh8. Sipatna ngenyod9. Matak hemeng10. Hurang garing12. Lembaga éléktronik nasional13. Kantong semén15. Daun nu geus garing18. Walungan di Kalimantan21. Bulao23. Anjing (basa Jawa)24. Aksara Arab25. Antara dua buku26. Pangrapet29. Ukuran lega30. Dibayar harita kénéh31. Ukuran wilangan

KA HANDAP:1.Bareng2. Légénda maénbal ti Brasil3. Kecap panyambung4. Tiwas5. Mahluk gaib6. Wadul9. Kuring (Arab)11. Bandung Lautan Api14. Ukuran kantong semén

16. Ibarat17. Kandaraan paragi mawa nu gering, numaot19. Alus keur orok20. Loba anu meuli21. Panampungan militér22. Ujian ahir seméster24.Lebé25. Nuju ka tempat luhur27. Aksara Arab

Waleran diserat dina kartu pos, témpélanKupon Tarucing Cakra No. 1429. Kin-tunkeun ka Majalah Manglé Jl. Lodaya 19Bandung 40262 paling leuir dua minggusaparantosna medal.

Nu kagiliran kénging hadiah TarucingCakra No. 1427:

1. Mimin SuminarJalan Sukalilah 11 No. 2Ujungberung Bandung

2. Heri SuheriJl. Rumahsakit 145/34 BBandung

3. Wawan KuswandiJl. Raya Tanjungsari Km 24Sumedang

1429K U P O N

TARUCING CAKRANO.

Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-

Waleran TTS 1427

Manglé 246356

LLempa Lempi Lempong

“Ceuk dina undang-undang....”“Masih kénéh mikiran undang-un-

dang, Mang?”“Ih, tangtu baé kudu dipikiran, Lo.

Lantaran tanpa undang-undang mahnagara jeung kahirupan nagara bakalkamana karep.”

“Naon cenah ceuk undang-undangtéh, Mang”

“Mun teu salah, di antarana wargamiskin ditangtayungan ku nagara.Hartina nagara teu meunang ngantepatawa ngapilainkeun warga miskin.”

“Yaktos.”“Kaasup dina hal palayanan

kaséhatan, Lo.”“Enya, Mang. Warga miskin ogé

boga hak pikeun uubar sarta dirawatdi rumah sakit.”

“Perkara rumah sakit téa, Lo.”“Jaman baheula mah réa warga

miskin anu teu ditarima ku rumahsakit alatan teu boga biaya keur uubar,pangpangna pikeun warga miskin anu

kasakitna parna tur kudu diopnameuatawa dioprasi.”

“Emh.”“Tapi kadieunakeun mah pasén ti

warga miskin rada bisa ngarénghapsabada aya sababaraha program nudiancokeun pikeun warga miskin, diantarana mun teu salah mah ayaaskesgakin, jampersal, sarta nu bisaogé ka rumah sakit bari mawa suratketerangan tidak mampuh, SKM téa,Lo. Tur kiwari nu panganyarna ayaBPJS Keséhatan.”

“Alhamdulillah.”“Papadaning kitu, ceuk dina warta

ti média massa mah masih kénéh réawarga miskin anu ditolak ku rumahsakit, pangpangna sabadaditerapkeun ana BPJS.”

“Ambuing.”“Malah cenah di Sumatra mah

nepi ka aya pasén miskin anu dipiceunku pagawé rumah sakit.”

“Gusti, nepi kakituna.”

“Tétéla ngamanusakeun wargamiskin téh di urang mah hésé pisan.”

“Padahal cenah urang téh bangsanu beradab, Mang.”

“Lian ti pasualan kaséhatan, dinapsualan séjénna ogé warga miskin téhremen dikekesek.”

“Bener, Mang.”“Di urang mah aya kesan warga

miskin téh diperhatikeun ukur dinamangsana pemilu, lantaran ukurdibutuhkeun sorana wungkul.”

“Éksisténsi warga miskin ukur di-jadikeun komsumsi pulitik wungkulnya, Mang. Kapan kiwari gé sabaniklan ti tokoh nu hayang jadi paming-pin méh kabéh midangkeun pasualankahirupan masarakat miskin.”

“Enya. Kitu ceuk parasaan wargamiskin mah, Lo.”

“Lamun maranéhna geus jenengsok tuluy dipopohokeun.”

“Bener, Lo. Komo lamun geuswaktuna kudu naékkeun BBM mah.”

“Matak ulah daék jadi wargamiskin, Mang.”

“Hih, saha atuh jalmana nu hayangmiskin. Da saréréa gé kahayang mahjadi jalma beunghar.”

“Heuheuy.”“Tapi urang pada-pada ngadu’a

wé, Lo.”“Ngadu’a kumaha, Mang”“Muga-muga pamingpin nu engké

kapilih dina pemilu taun ayeuna mahsing gedé kanyaahna ka masarakatmiskin.’

“Amin.”***

Warga Miskin