KUMPULAN DONGENG SUNDA - Adejuve · PDF filengaran pilemburan jeung pasawahan ... Ari gubrag...

22
KUMPULAN DONGENG SUNDA Adejuve.wordpress.com Ade Risna Suhendi

Transcript of KUMPULAN DONGENG SUNDA - Adejuve · PDF filengaran pilemburan jeung pasawahan ... Ari gubrag...

Page 1: KUMPULAN DONGENG SUNDA - Adejuve · PDF filengaran pilemburan jeung pasawahan ... Ari gubrag orokna jelema sarta awéwé ... Méh baé daék diajak kawin. Ngan basa Sangkuriang keur

KUMPULAN

DONGENG SUNDA

Adejuve.wordpress.com

Ade Risna Suhendi

Page 2: KUMPULAN DONGENG SUNDA - Adejuve · PDF filengaran pilemburan jeung pasawahan ... Ari gubrag orokna jelema sarta awéwé ... Méh baé daék diajak kawin. Ngan basa Sangkuriang keur

SASAKALA SITU BAGENDIT

Di wewengkon Banyuresmi Kabupatén Garut, aya situ anu néplak lega ngaranna. Situ

Bagendit.Pamandangan di Situ Bagendit pohara éndahna. Nepi ka ayeuna ogé sok loba nu

ulin ka Situ bagendit, ngadon lalayaran jeung balakécrakan.

Ceuk ujaring carita, baheulana mah di éta wewengkon éteu aya situ teu sing. Nu aya téh

ngaran pilemburan jeung pasawahan waé. Ari dongéngna nepi ka aya situ téh kieu.

Di tengah lembur aya imah anu nenggang ti nu séjén. Nenggang sotéh lain hartina anggang

tapi nenggang bédana ti nu imah nu aya di sabudeureunana. Di lembur eta teu aya deui nu

imahna nu mapakan gedéna jeung sigrongna salian imah Nyi Endit.

Nyi Endit téh randa pangbeungharna di éta lembur. Imahna ogé pan sakitu agréngna, atuh

pakayana lain ukur lega sawahna jeung kebonna, emas jeung berlian gé dipetian.

Nyi Endit mah lain waé kasohor ku beungharna tapi ogé kasohor ku peditna. Sakitu rajakaya

ngaleuya, asup kana paribasa “bru di juru bro do panto ngalayah di tengah imah” tapi tara

daék barang béré atawa tutulung ka nu butuh. Hasil tatanén kajeun buruk jadi runtuh batan

dibikeun ka tatangga mah.

Padahal di éta lembur téh teu saeutik jalama anu sangsara, loba jalma anu dahar isuk heunteu

soré. Malah teu saeutik anu maot alatan ku kalaparan. Ěta oge sok aya anu lahlahan nepungan

Nyi Endit niat ménta tuluy, tapi lain dibahanan ku pangbutuh kalah diusir bari dicarékan.

Teu saeutik jalma anu nyeri haté nepi ka ceurik balilihan kanyenyerian ku Nyi Endit. Loba

rahayat anu carinakdak lantaran teu geunah ku paripolah Nyi Endit nu taya pisan boga niat

nalang ka nu keur susah.

Cunduk dina hiji waktu, aya aki-aki rudin leumpangna jajarigjeugan kundang iteuk. Ku

saliwat nu carinakdak lantaran teu geunah ku paripolah Nyi Endit anu taya pisan boga niat

teh kawas nu keur kalaparan. Nu dijugjug ku aki-aki téh imah Nyi Endit.

Barang nepi ka buruan gedong the aki-aki usuk salam, Nyi Endit anu kabeneran keur

ngadaweung di tepas imah bari balakécrakan lain ditémbalan ku kecap nu soméah. Nempo

aki-aki rudin teh Nyi Endit nyirintil bari ngahoak.

“ Rék nanaon datang ka dieu. Rek barang pénta? Indit! Kami moal rek mikeunan édahareun.”

Sakitu aki-aki lumengis bari nyebutkeun lapar, Nyi Endit boro-boro aya rasa karunya kalah

popolotot nitah indit.

Méméh ngaléos éta laki-laki téh nyarita kénéh ka Nyi Endit.

Page 3: KUMPULAN DONGENG SUNDA - Adejuve · PDF filengaran pilemburan jeung pasawahan ... Ari gubrag orokna jelema sarta awéwé ... Méh baé daék diajak kawin. Ngan basa Sangkuriang keur

“Mangkahadé anjeun poho, harta banda téh ukur pihapéan. Dunya barana mah ngan ukur

titipan. Nu ku anjeun dipikaboga mah iwal ti amal hadé, jeung kanyaah ka sasama. Lamun

nyaah teuing kana dunya urang bisi cilaka!”

Aki-aki ngaléos indit tapi saméméhna nancebkeun heula iteukna di tengah pakarangan imah

Nyi Endit. Nempo iteuk nanceb ku Nyi Endit gancang dicabut bari dibalangkeun. Bet ku

anéh, tina urut iteuk nanceb the kaluar cai. Mimitina mah cai téh ukur ngaburial lila-lila mah

mancer tarik pisan.

Cai tina urut iteuk nanceb teu ereun-ereun. Mimiti ngan ukur ngumplang di pakarangan, lila-

lila leleban caah. Cai beuki ngagulidang, Nyi Endit geumpeur.

Nempo lembur ka keueum ku cai téh Nyi Endit mah lain nyingkah cara batur tapi kalah

ngeukeupan peti nu eusina emas berlian.

Teu kungsi lila ti harita lembur salin rupa jadi situ. Lembur jeungharta Nyi Endit kakeueum

di asar situ. Ceunah mah ceuk nu nyaho Nyi Endit jadi léntah nu gedé nu reunceum ku

perhiasan .

Paingan ceuk aki-aki téa dunya jeung harta banda ukur titipan. Geuning Nyi Endit gé kalah

cilaka ari loba harta bari teu daék amal hadé mah.

Page 4: KUMPULAN DONGENG SUNDA - Adejuve · PDF filengaran pilemburan jeung pasawahan ... Ari gubrag orokna jelema sarta awéwé ... Méh baé daék diajak kawin. Ngan basa Sangkuriang keur

SELAT SUNDA JEUNG GUNUNG KRAKATAU

Jaman baheula di pulo Jawa beulah Kulon, ngadeg hiji karajaan nu diratuan ku Prabu Rakata.

Sang Prabu kagungan putra dua. Anu cikal jenengan Raden Sundana, anu bungsu Raden

Tapobrana. Harita mah Pulo Jawa sareng Sumatera teh ngahiji.

Ku margi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, teras masrahkeun karajaan ka putra-putrana.

Karajaan teh dibagi dua. Anu palih Wetan ka Raden Sundana, nu palih Kulon ka Raden

Tapobrana.

Saparantos ngabagi nagara, sang Prabu undur ti karaton, ngabagawan di hiji tempat anu aya

di tapel wates nagara nu dibagi dua tea. Undur ti karaton teh, teu aya barang anu dicandak

salian ti guci pusaka titinggal karuhunna.

Hiji mangsa dina taun kagenep, Sang Prabu ngadangu yen Raden Sundana sareng prajurit

nagarana, ayeuna keur ngarurug karajaan raina, keur rame rebutan pati. Sang Prabu teu kinten

benduna, ceg kana guci pusaka anu tos dieusi ku cai laut, teras angkat ka medan laga,

kasampak dua putrana nuju jogol ngadu jajaten. Sakurilingeunana para prajurit keur perang

campuh.

Ningal ramana sumping, Raden Sundana sareng Raden Tapobrana kalintang rareuwaseunana.

Harita keneh perang tandingna liren. Duanana enggal nyampeurkeun, cedok nyarembah. Para

prajurit ti dua pihakanana oge liren perangna.

Dua putrana anu sarila tarungkul marando, teu lalemek nyararek. Ningal kitu, Sang Prabu

ngadeg, ceg kana guci pusaka tea.

“Kawasna kudu ku cara kieu ngawatesan nagri teh. Muga-muga bae hidep duaan bias tiis

tingtrim enggoning ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagri masing-masing,” saurna bari

ngucurkeun cai laut tina guci pusaka tea sapanjang tapel wates nagri. Salajengna guci pusaka

nu tos kosong teh disimpen dina tilas jogol dua putrana, maksadna pikeun peringetan.

Saparantos kitu mah nembe Prabu Rakata mulih ka tempat nyepenna.

Lami ti lami tapel wates nagri nu dikucuran cai laut tina guci pusaka teh ngajanggelek

mangrupi…selat, nu kiwari nelah selat Sunda. Nu mawi dinamian Selat Sunda, margi ku

alatan kalepatan Raden Sundana sarakah hoyong ngapimilik nagri nu diratuan ku raina, dugi

ka ramana ngadamel cara misahkeun eta dua nagri ku diwatesan laut.

Ari guci pusaka nu disimpen dina tempat tilas jogolna Raden Sundana sareng Raden

Tapobrana, ngajanggelek jadi gunung, nu katelah Gunung Rakata atanapi Gunung Krakatau,

Page 5: KUMPULAN DONGENG SUNDA - Adejuve · PDF filengaran pilemburan jeung pasawahan ... Ari gubrag orokna jelema sarta awéwé ... Méh baé daék diajak kawin. Ngan basa Sangkuriang keur

ngalap jenengan Prabu Rakata anu kagungan eta guci. Kitu sasakalana Selat Sunda sareng

Gunung Rakata teh, saur aki mah.

Sumber: http://www.sundanet.com/?p=123

Page 6: KUMPULAN DONGENG SUNDA - Adejuve · PDF filengaran pilemburan jeung pasawahan ... Ari gubrag orokna jelema sarta awéwé ... Méh baé daék diajak kawin. Ngan basa Sangkuriang keur

SASAKAL GUNUNG TANGKUBAN PARAHU

Kacaturkeun di hiji leuweung aya bagong putih. Éta bagong téh gawéna ngan tatapa baé, geus

mangpuluh-puluh taun. Ari anu ditapaan ku manéhna, hayang boga anak awéwé sarta bangsa

manusa.

Dina hiji waktu bagong putih ngarasa hanaang. Manéhna indit ka hiji tegalan, deukeut

walungan Citarum. Barang datang ka dinya, manggih batok balokan, hartina urut anu meulah

duwegan. Loba pisan éta batok balokan téh, urut nu moro uncal ka dinya. Aya hiji batok

balokan urut tuang Kangjeng Prabu. Éta batok téh aya caian, nyaéta cikahampangan

Kangjeng Prabu. Barang geus marulang, kapanggih ku bagong putih. Lantaran hanaang,

leguk baé cai nu ngemplang dina batok téh diinum. Ari geus nginum kawas aya nu nyaliara

kana awak bagong putih, kawas nu ngandeg reuneuh baé.

Lila-lila bagong putih téh reuneuhna beuki gedé. Ari gubrag orokna jelema sarta awéwé

geulis. Pohara baé bagong putih téh atoheunana. Anakna diciuman, digaléntor bari disusuan.

Éta orok téh tuluy dingaranan Dayang Sumbi.

Nalika geus gedé, pok Dayang Sumbi téh nanyakeun bapa, “Ibu, ari bapa kuring téh saha?

Naha jelema kawas kuring atawa bagong saperti Ibu?”

“Euh, Nyai anu geulis anak Ibu! Nyai mah henteu boga bapa. Mun enya mah boga bapa,

meureun aya di dieu,” témbal bagong putih.

“Euh, piraku Ibu, sakabéh mahluk gé kapan pada boga bapa, boh manusa boh sato héwan.

Ngan bangsa kakaian anu henteu boga bapa mah.”

Lantaran anakna pok deui pok deui nanyakeun saban waktu, ahirna bagong putih téh balaka.

“Bapa hidep mah Kangjeng Prabu, di ditu ayana di karaton,” cék bagong putih. Ngadéngé

kitu Dayang Sumbi pohara reuwaseunana, jeung ujug-ujug panasaran, hayang nepungan

bapana.

“Lamun kitu mah ayeuna kénéh ku kuring rék ditepungan,” cék Dayang Sumbi.

Dayang Sumbi kebat baé indit, ngajugjug ka karajaan. Ku Kangjeng Prabu tuluy diaku anak,

diperenahkeun di hiji tempat sarta dititah diajar ninun ka tukang ninun. Teu lila ogé Dayang

Sumbi geus mahér ninun kaén. Ku Kangjeng Prabu tuluy dipangnyieunkeun saung ranggon

anu luhur di tengah leuweung. Ari baturna ngan ukur anjing hideung nu ngaran Si Tumang.

Dina hiji waktu nalika Dayang Sumbi keur ninun, taropongna murag ka kolong saung.

Lantaran seunggah kudu turun, pok baé manéhna ngomong sorangan.

“Leuh, mun aya nu daék mangnyokotkeun éta taropong, tangtu bakal diaku salaki ku kuring.”

Page 7: KUMPULAN DONGENG SUNDA - Adejuve · PDF filengaran pilemburan jeung pasawahan ... Ari gubrag orokna jelema sarta awéwé ... Méh baé daék diajak kawin. Ngan basa Sangkuriang keur

Kabeneran pisan di kolong saung téh aya Si Tumang, anu ngadéngékeun omongan Dayang

Sumbi. Éta taropong téh dicokot ku Si Tumang sarta tuluy dibikeun ka Dayang Sumbi.

Karuhan baé Dayang Sumbi pohara reuwaseunana, teu nyangka yén anu mangnyokotkeun

taropong téh anjing, lain manusa. Mangkaning manéhna geus kedal ucap, rék ngaku salaki.

Dayang Sumbi rumasa geus kapalang kedal ucap. Kawas geus kitu katangtuan ti Déwata,

manéhna tuluy hirup paduduaan jeung Si Tumang. Tepi ka hiji waktu kakandungan. Brol

ngajuru, anakna lalaki, dingaranan Sangkuriang.

Sangkuriang sok resep ulin lulumpatan kadua Si Tumang. Sakapeung bari mamawa tumbak.

Belewer dilempagkeun, cleb nanceb kana tangkal kai. Sangkuriang surak sorangan, bungah

lantaran tumbakna meneran. Si Tumang dihucuhkeun. Sebrut lumpat, ngudag kana tangkal

kai, bangun keur ngudag sato boroan.

Sangkuriang beuki mahér baé ngalempagkeun tumbakna. Tuluyna mah lain saukur ulin

lulumpatan, tapi mimiti diajar ngasruk ka leuweung, néangan sato boroeun. Moro sato naon

baé, careuh, peucang, atawa mencek.

“Jung geura moro ka leuweung, Ibu mah hayang dahar jeung ati mencek,” cék Dayang Sumbi

hiji waktu.

Sangkuriang tuluy indit ka leuweung, dibarengan ku Si Tumang.

Anéh pisan poé éta mah sasatoan téh henteu aya nu katénjo ngaringkang hiji-hiji acan.

Padahal ilaharna mah sok katénjo uncal atawa mencek keur rendang nyaratuan di tegalan.

Poé harita mah kawas ngaleungit ka mana boa. Sangkuriang geus asruk-asrukan ka saban

tempat, ka lamping ka tegalan. Lapur sasatoan téh teu kasampak tapak-tapakna acan. Ari Si

Tumang bet ngadak-ngadak kebluk deuih, henteu daék lulumpatan néangan sato boroeun.

Awahing ku jéngkél teu beubeunangan, ngan lékék baé Si Tumang téh dipeuncit ku

Sangkuriang. Atina dibawa balik sarta dipasrahkeun ka indungna. Dayang Sumbi puguh baé

kacida atohna, dagdag-dégdég ngasakan éta ati. Ngan barang Sangkuriang balaka yén éta ati

téh ati Si Tumang lain ati mencek, Dayang Sumbi pohara ambekna. Sangkuriang ditoktrok

sirahna ku sinduk tepi ka ngucur getihan.

Sangkuriang tuluy pundung, indit ti imahna ngajugjug ka tebéh wétan. Mangtaun-taun

leuleuweungan tepi ka ahirna bras anjog ka nagara siluman. Di dinya Sangkuriang guguru

élmu kasaktén ka siluman nu wujudna oray naga. Sangkuriang ngulik élmu Tumbul Muda.

Jalma anu miboga éta élmu bakal bisa meruhkeun sakumna jin jeung siluman. Sanggeus

élmuna kataékan, Sangkuriang dijurungan sina indit deui ngalalana.

Dina hiji waktu manéhna anjog deui ka nagara siluman. Lantaran geus boga élmu kasaktén,

Sangkuriang bisa ngéléhkeun jin jeung siluman nu aya di éta nagara. Éta mahluk bangsa

Page 8: KUMPULAN DONGENG SUNDA - Adejuve · PDF filengaran pilemburan jeung pasawahan ... Ari gubrag orokna jelema sarta awéwé ... Méh baé daék diajak kawin. Ngan basa Sangkuriang keur

lelembut téh tuluy tunduk ka Sangkuriang.

Demi Dayang Sumbi, sanggeus ditinggalkeun ku anakna, manéhna ngarasa kaduhung kabina-

bina. Hirupna éstu nunggelis. Manéhna tuluy indit ka tebéh kulon, rék néangan Sangkuriang.

Ngaprak ngalalana tepi ka anjog ka Gunung Halimun. Di dinya Dayang Sumbi patepung

jeung raja jin anu keur tatapa. Dayang Sumbi tuluy diajar rupa-rupa élmu kasaktén. Sanggeus

tamat guguruna, manéhna dijurungan sina indit deui ka tebéh wétan. Di hiji tempat nu katelah

Gunung Bohong manéhna nganjrek bumetah.

Kocapkeun Sangkuriang terus baé ngalalana. Mileuweungan migunungan tepi ka puluh-puluh

taun, tepi ka ahirna anjog ka hiji gunung. Manéhna patepung jeung awéwé anu kacida

geulisna. Sangkuriang bogoh sarta ngajak kawin ka éta awéwé, anu saenyana éta awéwé téh

Dayang Sumbi, indungna sorangan. Dayang Sumbi nya kitu deui, bubuhan geus papisah

mangpuluh-puluh taun, manéhna kalinglap. Méh baé daék diajak kawin. Ngan basa

Sangkuriang keur disiaran rék diala kutu, dina sirahna katénjo bet aya céda. Dayang Sumbi

ngagebeg, reuwas lain dikieuna. Manéhna kakara inget, moal salah ieu lalaki téh anak aing

gerentesna, Sangkuriang anu baheula kungsi ditoktrok sirahna ku sinduk.

Sanajan geus ditétélakeun yén manéhna téh anak pituin, Sangkuriang teu percaya sarta

keukeuh baé ngajak kawin. Mireungeuh anakna kitu, geuwat baé Dayang Sumbi nyiar akal.

“Heug kami daék dikawin, asal dipangnyieunkeun talaga jeung parahuna keur lalayaran

urang papangantén. Éta talaga jeung parahu téh kudu anggeus dijieun sapeuting,” ceuk

Dayang Sumbi. Ku Sangkuriang disanggupan éta paménta anu kacida banggana téh.

Harita kénéh Sangkuriang tuluy ngabendung walungan Citarum. Digawé teu eureun-eureun

sapeupeuting, dibantuan ku bangsa jin jeung siluman. Nincak janari, talaga téh geus

ngemplang. Kari nyieun parahuna. Kabeneran aya tangkal kai gedé, gedok dituar. Kai téh

tuluy ditilasan régangna sarta dipapas dijieun parahu.

Dayang Sumbi yakin yén paméntana moal katedunan. Pimanaeun teuing nyieun talaga jeung

parahu bisa anggeus sapeuting, cék pikirna. Tapi basa katénjo talaga geus ngemplang jeung

parahuna geus ngabagug rék anggeus, manéhna kacida reuwasna. Dayang Sumbi bingung

liwat saking. Kudu kumaha carana, sangkan aing teu tulus kawin, cék pikirna. Ras manéhna

inget kana boéh rarang. Geuwat baé éta boéh téh dicokot tuluy dibawa ka mumunggang. Ku

manéhna dikebut-kebutkeun, tepi ka bijil cahaya bodas kawas balébat di beulah wétan. Dadak

sakala sasatoan leuweung disarada. Manuk récét. Hayam raong kongkorongok, da disangkana

geus beurang.

Sangkuriang ngagebeg barang nénjo di wétan geus bijil balébat. Manéhna nu keur ngageduk

nganggeuskeun parahu tuluy ngahuleng awahing ku reuwas. Bijil balébat tandana geus

Page 9: KUMPULAN DONGENG SUNDA - Adejuve · PDF filengaran pilemburan jeung pasawahan ... Ari gubrag orokna jelema sarta awéwé ... Méh baé daék diajak kawin. Ngan basa Sangkuriang keur

beurang. Mangka parahuna can anggeus, hartina manéhna moal tulus papangantén jeung

Dayang Sumbi.

Bakating ku handeueul kabina-bina, ngan jedak baé parahuna ditajong satakerna. Bubuhan

jalma sakti, parahu téh mangpéng jauh pisan. Gubrag di hiji tempat, parahu téh nangkub. Jleg

salin rupa jadi gunung. Éta gunung téh kiwari katelah Gunung Tangkuban parahu. Ari talaga

nu ngemplang ku Sangkuriang didupak tepi ka caina saat ngolétrak. Éta urut talaga téh kiwari

jadi padataran Bandung anu ngampar lega pisan. Tunggul kai urut nuar Sangkuriang tuluy

ngajanggélék jadi Gunung Bukit Tunggul, wétaneun Gunung Tangkuban Parahu. Ari régang

kai anu ngahunyud sarta geus rangrang teu daunan, tuluy ngajanggélék jadi Gunung

Burangrang di béh Kulon.

Sumber: http://bujanggamanik.wordpress.com/2009/01/12/sasakala-gunung-tangkuban-

parahu/#more-563

Page 10: KUMPULAN DONGENG SUNDA - Adejuve · PDF filengaran pilemburan jeung pasawahan ... Ari gubrag orokna jelema sarta awéwé ... Méh baé daék diajak kawin. Ngan basa Sangkuriang keur

SASAKALA CAU MANGGALA

Baheula mah, cenah, pangeunah-ngeunahna cau di saalam dunya ngan cau manggala. Jeung

euweuh sikian deuih. Ari pangna cau manggala aya sikian, kieu cenah caritana:

Lantaran cau manggala teh anu pangeunah-ngeunahna ti sakabeh warnaning cau, nepi ku

Raja di nagara Kamaningan, cau manggala teh dimonopoli, meureun dihep pibasaeunana.

Rahayatna teu meunang aya nu wani ngadahar cau manggala. Mun aya nu boga pelak cau

manggala, cauna nu asak kudu dibaktikeun ka Raja. Rajana kua nejeun ngahaja nyieun

kebon, legana sababaraha hektar. Ari nu purah ngurusna, nya eta Mama Lengser. Lamun aya

tangkal cau anu asak buahna, kudu gancang dituar sarta dikirimkeun ka karaton. Mama

Lengserna mah nu melak jeung ngurusna, tara dibere butitina-butitina acan. Mama Lengser

bati kumetap we tikorona elok-elokan ari ningal Raja keur cacamuilan nuang cau manggala

teh. Ari rek menta ka Raja, teu kaduga ku isin. Rek maok, kapan dosa gede anu kasebut

maling mah. Komo maok kagungan Raja, najan maok nu sasaha ge teu menang apan.

Lila-lila mah Mama Lengser ngarasa keuheuleun ka anu jadi Raja, da ari nuju nuang cau

manggala teh tara nawaran-nawaran acan.

Ari jaman baheula mah jelema teh rea nu sarakti, satuduh metu saucap nyata. Nya kitu deui

Mama Lengser, sakti pilih tanding.

Bakating ku pohara ambekeunana, dina hiji waktu mah, Mama Lengser mawa siki buah

randu sakeupeul, sup asup ka kebon cau manggala kagungan Raja tea. Sanggeus aya di jero

kebon, tuluy Mama Lengser mapatkeun jangjawokan, kieu pokna:

Siki randu siki kapuk maraneh ulah naranduk sing arasup kana cau, cau kasedep ratu.

Bonganna Ratu sarakah ka kaula henteu nyaah ngan hayang seubeuh sorangan batur ulah

kabagean.

Kaula ragrag supata masing nyata ti ayeuna sakabeh cau manggala pinuh ku siki jerona.

Puah! Puah! Puah!

Geus kitu mah wur weh siki randu teh diawur-awur di jero kebon cau.

Tah, ti waktu harita, cenah, cau manggala sikian teh, keuna ku supata Mama Lengser.

Geuning cau manggala mah sikina teh siga pisan siki randu, nya!

Sumber: Tina Dongeng-dongeng Sasakala

Kenging Ngempelkeun: Ki Umbara

Page 11: KUMPULAN DONGENG SUNDA - Adejuve · PDF filengaran pilemburan jeung pasawahan ... Ari gubrag orokna jelema sarta awéwé ... Méh baé daék diajak kawin. Ngan basa Sangkuriang keur

Penerbit: CV Geger Sunten Bandung

Sumber: http://www.sundanet.com/?p=114

SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET MELAK CAU

ANU pundung téh henteu lila. Ngan sapeuting. Isukna, isuk-isuk Sakadang Monyét geus

datang deui nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.

“Sakadang Kuya!”

“Kuk!”

“Keur naon?”

“Ah, biasa wé keur moyan,” témbal Sakadang Kuya anu keur cinutrung dina batu. “Ari tadi

peuting saré di mana Sakadang Monyét téh?” Sakadang Kuya malik nanya.

“Di ditu, di deukeut kebon Pa Tani.”

“Baruk? Naha Ujang teu sieun ku Pa Tani?”

“Ah, henteu, da Pa Tanina ogé areuweuh. Imahna gé katénjona karosong. Jigana mah keur

arindit jauh.”

“Kadé ah, sing ati-ati mun papanggih Pa Tani. Pa Tani téh manusa. Manusa téa hararak jeung

sagala beuki deuih!”

“Sing percaya wé atuh ka uing!”

Jempé sajongjongan. Pok Sakadang Monyét nyarita deui.

“Lain, Sakadang Kuya, uing téh kabita ku Pa Tani.”

“Kabita kumaha?”

Page 12: KUMPULAN DONGENG SUNDA - Adejuve · PDF filengaran pilemburan jeung pasawahan ... Ari gubrag orokna jelema sarta awéwé ... Méh baé daék diajak kawin. Ngan basa Sangkuriang keur

“Kabita ku cara hirupna, meni asa garenah. Geura baé, mun hayang barangdahar, teu kudu

kukurilingan heula néangan dahareun cara urang. Béas kari nutu. Atuh deungeunna kari ngala

di kebon. Geus puguh sabangsa lalab mah. Asal daék ngalana. Kabéh aya di kebonna.”

“Atuh kudu daék ngebon Jang, mun hayang kitu mah.”

“Enya, kumaha lamun ayeuna urang ngebon nurutan Pa Tani? Meureun mun hayang

baranghakan téh teu kudu kukurilingan heula cara ayeuna. Kari ngala wé di kebon.”

“Alus tah, Jang, pikiran téh. Ngan melak naon nya anu pantes keur urang?”

“Ku lantaran uing mah karesep téh cau, kumaha upama melak tangkal cau?”

“Hih, da uing ogé resep kana cau mah!”

Duanana sapogodos rék melak cau.

“Tapi di mana melakna?” Sakadang Monyét nanya.

“Ah, di dinya wé tah, di hilir, di sisi leuwi. Di dinya aya tanah kosong, meujeuhna mun ku

urang dikebonan téh. Tanahna ogé alus di dinya,” témbal Sakadang Kuya.

“Naha lain di girang wé atuh, deukeut ka basisir?”

“Di dinya mah tanahna kurang hadé, geus campur jeung keusik.”

Sapuk baé rék ngebon cau di tanah kosong sisi leuwi.

Ari binihna rék ngala di kebon Pa Tani. Kabeneran Pa Tanina keur euweuh. Malah dina

ayana ogé, moal ambek sugan ari dipénta binih cau mah. Asal ulah diala cauna wé, komo anu

geus asak dina tangkal mah.

Bring atuh Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét indit ka kebon Pa Tani.

Page 13: KUMPULAN DONGENG SUNDA - Adejuve · PDF filengaran pilemburan jeung pasawahan ... Ari gubrag orokna jelema sarta awéwé ... Méh baé daék diajak kawin. Ngan basa Sangkuriang keur

“Ari Sakadang Kuya rék melak naonana?” Jang Onyé nanya.

“Uing mah rék melak anakna wé.”

“Har, atuh lila kana buahanana ari melak anakna mah.”

“Éh, da kitu biasana, ari melak cau mah kudu anakna.”

“Ah, teu kitu! Uing mah rék melak jantungna wé,” ceuk Sakadang Monyét.

“Naha?”

“Ari Sakadang Kuya, bodo téh dibéakkeun ku sorangan. Yeuh, ari cau téh asalna tina jantung.

Anu matak uing mah arék melak jantungna, ambéh téréh kaala buahna,” ceuk Sakadang

Monyét bari semu ngécé ka Sakadang Kuya.

“Ah, uing mah rék nurutkeun tali paranti wé, melak anakna, anak cau.”

“Heug atuh, Sakadang Kuya melak anakna, uing melak jantungna. Ayeuna mah urang

paheula-heula buahan! Pasti pelak uing anu pangheulana buahan mah!” ceuk Sakadang

Monyét, yakin pisan.

Caritana éta dua sobat téh geus marelak cau di tanah nu di sisi leuwi téa. Sakadang Kuya

melak anakna, anak cau, ari Sakadang Monyét melak jantungna.

Saminggu ti harita, pelak cau téh ditaréang.

“Sakadang Kuya, pelak cau téh geus kumaha?” Sakadang Monyét nanya.

“Karak lilir nu uing mah. Ari nu Sakadang Monyét geus kumaha?”

“Geus beukah, sakeudeung deui ogé geura, bijil buahna,” ceuk Sakadang Monyét, bungah

naker.

Page 14: KUMPULAN DONGENG SUNDA - Adejuve · PDF filengaran pilemburan jeung pasawahan ... Ari gubrag orokna jelema sarta awéwé ... Méh baé daék diajak kawin. Ngan basa Sangkuriang keur

Saminggu deui ti harita, maranéhna naréang deui pelak cauna.

“Sakadang Kuya, pelak cau téh ayeuna geus kumaha?” ceuk Sakadang Monyét.

“Anu uing mah geus bijil pucuk. Ari nu Sakadang Monyét kumaha?”

“Pelak uing mah atung-atung énéh aé,” témbal Sakadang Monyét ngabéléhém. Maksudna

mah jantung-jantung kénéh baé.

Selang saminggu, pelak cau téh ditaréang deui.

“Ayeuna geus kumaha pelak cau téh,” Sakadang Monyét nanya.

“Tuh, geus bijil pucuk tilu. Ari nu Sakadang Monyét?”

“Atung-atung énéh aé.”

Beuki lila, pelak cau Sakadang Kuya beuki ngagedéan, malah morontod jadina ogé, kawantu

tanahna subur. Ari pelak jantung Sakadang Monyét mah, tibatan jadi kalah ka buruk.

Nampuyak digembrong laleur.

“Ning alah uyuk sia mah!” ceuk Sakadang Monyét bari nalapung pelak jantungna. Sakadang

Kuya ukur mésem nénjo kalakuan Sakadang Monyét kitu téh. Na jero haténa mah

nyeungseurikeun, bari ngagerentes, “Dasar kokolot begog! Henteu umum atuh melak cau

jantungna mah!”

Ahirna di dinya téh ngan aya pelak cau anu Sakadang Kuya. Geus kitu mah diarantep wé, teu

ditéang-téang deui. Engké cenah lamun kira-kira buahna geus arasak, rék ditéang deui bari

sakalian diala.

Sumber: http://dongeng-uing.blogspot.com/2008/07/sakadang-kuya-jeung-sakadang-

monyet_7741.html

Page 15: KUMPULAN DONGENG SUNDA - Adejuve · PDF filengaran pilemburan jeung pasawahan ... Ari gubrag orokna jelema sarta awéwé ... Méh baé daék diajak kawin. Ngan basa Sangkuriang keur

SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET MIMITI SOSOBATAN

DI hiji leuweung, hirup sabubuhan monyét. Di antara monyét anu sakitu lobana téh, aya hiji

monyét ngora anu kacida bangorna. Salian ti bangor téh harak deuih. Dipapatahan mah

dipatatahan, boh ku kolot-kolotna boh ku monyét mandahna, angger teu euih-euih. Bedegong

béak karep. Anu matak manéhna taya nu ngabaturan. Sasatna mah dipencilkeun wé ku

babaturanana téh.

Lila-lila mah manéhna ogé teu betaheun aya di dinya téh. Atuda rék betah kumaha, hirup

sosoranganan taya anu ngabaturan. Ulin sorangan, néangan hakaneun sorangan, nepi ka saré

ogé kudu sorangan. Euweuh batur heureuy, euweuh batur pakumaha, euweuh batur ngobrol-

ngobrol acan. Ari kalakuan teu daék robah. Angger baé bangor, bedegong, hayang meunang

sorangan, jeung harak deuih.

Ahirna manéhna indit ti dinya, ninggalkeun kelompokna. Ceuk pikirna, ti batan aing hirup di

dieu euweuh nu ngabaturan mah, mending indit ka tempat séjén. Sugan ari di tempat séjén

mah manggih batur anu daék diajak sosobatan. Da tétéla, teu genah geuning hirup euweuh nu

ngabaturan téh. Manéhna indit gugurayangan, luluncatan tina hiji tangkal kana tangkal

séjénna. Ari datang peuting, saré dina tangkal anu gedé. Lamun beurang, neruskeun deui

lalampahanana. Meunang sababaraha poé kituna téh. Ari dahareun mah, teu kurang-kurang,

da di leuweung geledegan. Ngan ari pisobateun mah can manggih.

Nepi ka hiji mangsa, manéhna anjog ka muara. Walunganana kaitung gedé. Tuluy diuk dina

tangkal kiara anu aya di sisi walungan. Rét ka handap, ku manéhna katingali aya kuya, keur

cicing dina batu lémpar di sisi walungan. Jigana mah keur moyan. “Lakadalah, ieu sigana

mah pibatureun aing téh,” ceuk Sakadang Monyét dina jero haténa. Jrut turun tina tangkal

kiara, tuluykeun nyampeurkeun ka kuya. Kuya batok anu umurna geus kolot.

“Keur naon Sakadang Kuya?” Sakadang Monyét nanya.

“Ah, keur kieu wé, keur moyan,” témbal Sakadang Kuya bari nelek-nelek Sakadang Monyét,

“Ké, uing mah asa kakara ningali anjeun. Anjeun téh anyar ka dieu nya?”

Page 16: KUMPULAN DONGENG SUNDA - Adejuve · PDF filengaran pilemburan jeung pasawahan ... Ari gubrag orokna jelema sarta awéwé ... Méh baé daék diajak kawin. Ngan basa Sangkuriang keur

“Enya,” témbal Sakadang Monyét bari ngadeukeutan Sakadang Kuya, “Uing mah lain urang

dieu. Jauh asal mah, tuh ti leuweung beulah hilir, deukeut hulu cai walungan.”

“Ambu-ambu, atuh jauh nya ari ti dinya mah. Rék naon atuh los-los ka dieu? Piraku sugan ari

di ditu kurang hakaneun mah,” ceuk Sakadang Kuya.

“Ih, soal hakaneun mah, asal daék, loba jeung sagala aya deuih.”

“Enya, naha atuh los-los ka dieu?”

“Lah, nyaéta atuh. Keur naon sagala aya ogé ari euweuh batur mah,” ceuk Sakadang Monyét

ngahelas.

“Na euweuh bangsa anjeun kitu di ditu?”

“Loba, malah nya di dinya pisan apan bangsa uing ngabubuhanana téh. Ngan, nyaéta atuh,

hiji ogé euweuh anu daékeun babarengan jeung uing. Sasatna mah uing téh dipencilkeun wé.

Anu matak uing lunta ti dinya, indit sakaparan-paran,” ceuk Sakadang Monyét semu

humandeuar.

“Naon sababna cenah? Piraku sugan ari euweuh asal-muasalna mah. Da sagala rupa ogé apan

kudu puguh sabab-musababna,” ceuk Sakadang Kuya.

“Puguh éta anu matak uing teu ngarti téh. Pajarkeun téh cenah uing bangor, harak, hayang

meunang sorangan. Ah, loba-loba deui wé anu nyababkeunana téh. Padahal uing mah teu

rumasa kitu. Éta mah saririk meureun, pédah uing kaasup monyét anu pinter jeung loba

kabisa. Dasar monyét!” ceuk Sakadang Monyét, jadi ngarasa keuheul ka bangsana sorangan.

“Oh, kitu nya,” Sakadang Kuya mésem bari unggut-unggutan. “Ari ayeuna anjeun rék ka

mana?”

“Duka atuh.”

Page 17: KUMPULAN DONGENG SUNDA - Adejuve · PDF filengaran pilemburan jeung pasawahan ... Ari gubrag orokna jelema sarta awéwé ... Méh baé daék diajak kawin. Ngan basa Sangkuriang keur

“Enggeus wé atuh cicing di dieu. Kabeneran uing ogé euweuh batur. Sorangan.”

“Na ka marana kitu anu séjén?”

“Geus parindah batur mah, ka béh hilir. Ka tempat anu leuwih tenang. Ari sababna, di daérah

ieu ayeuna geus aya bangsa manusa. Sarieuneun ku manusa.”

“Na atuh anjeun henteu milu pindah?”

“Nyaéta uing mah asa beurat mun kudu ninggalkeun ieu patempatan téh. Atuda ti leuleutik

nepi ka ayeuna geus kolot kieu, can kungsi ingkah ti dieu, ari lain kapaksa mah. Sakali-

kalieun. Hanas éta aya manusa, asal urang bisa nyingkahanana wé jeung ulah ngaganggu ka

manéhna, tangtu manéhna ogé moal ngaganggu ka urang.”

“Enya kitu.”

“Tah, lamun anjeun daék, enggeus baé cicing di dieu jeung uing.”

“Nya ari Sakadang Kuya daék mah sosobatan jeung uing, atoh wé nu aya. Uing henteu hirup

nyorangan deui. Sahenteuna atuh aya batur pakumaha,” ceuk Sakadang Monyét, paromanna

marahmay.

Tuluy baé duanana uplek ngobrol dina luhureun batu. Sagala dicaritakeun, sagala

diomongkeun. Duanana ngarasa bungah, copélna aya batur ngobrol. Jadi henteu tiiseun

teuing.

Tah, ti harita mimiti sosobatanana Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét téh.

http://dongeng-uing.blogspot.com/search/label/Dongeng%20Sasatoan

Page 18: KUMPULAN DONGENG SUNDA - Adejuve · PDF filengaran pilemburan jeung pasawahan ... Ari gubrag orokna jelema sarta awéwé ... Méh baé daék diajak kawin. Ngan basa Sangkuriang keur

SI KABAYAN NGALA TUTUT

Cék Ninina, “Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisan gawé sia mah, ngala-

ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.”

Cék Si Kabayan, “Ka mana ngalana?”

Cék ninina, “Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang ngagaru

geura.

Léos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katémbong tututna

loba, lantaran caina hérang, jadi katémbong kabéh. Tututna pating golétak. Tapi barang

diteges-teges ku Si Kabayan katémbong kalangkang langit dina cai. Manéhna ngarasa lewang

neuleu sawah sakitu jerona. Padahal mah teu aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero sotéh

kalangkang langit. Cék Si Kabayan dina jero pikirna, “Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-

bina caina. Kumaha dialana éta tutut téh? Lamun nepi ka teu beunang, aing éra teuing ku

Nini. Tapi éta tutut téh sok dialaan ku jalma. Ah, dék dileugeutan baé ku aing.”

Geus kitu mah Si Kabayan léos ngala leugeut. Barang geus meunang, dibeulitkeun kana

nyéré, dijejeran ku awi panjang, sabab pikirna dék ti kajauhan baé ngala tutuna moal deukeut-

deukeut sieun tikecebur. Si Kabayan ngadekul, ngaleugeutan tutut méh sapoé jeput, tapi teu

aya beubeunanganana, ngan ukur hiji dua baé. Kitu ogé lain beunang ku leugeut, beunang

sotéh lantaran ku kabeneran baé. Tutut keur calangap, talapokna katapelan ku leugeut tuluy

nyakop jadi beunang. Lamun teu kitu mah luput moal beubeunangan pisan, sabab ari di jero

cai mah éta leugeut téh teu daékeun napel, komo deui tutut mah da aya leuleueuran. Di imah

ku ninina didagoan, geus ngala salam, séréh jeung konéng keur ngasakan tutut. Lantaran

ambleng baé, tuluy disusul ku ninina ka sawah. Kasampak Si Kabayan keur ngaleugeutan

tutut.

Cék ninina, “Na Kabayan, ngala tutut dileugeutan?”

Cék Si Kabayan, “Kumaha da sieun tikecebur, deuleu tuh sakitu jerona nepi ka

katémbong langit.”

Ninina keuheuleun. Si Kabayan disuntrungkeun brus ancrub ka sawah.

Cék Si Kabayan, “Heheh él da déét.”

Tina Lima Abad Sastra Sunda.

Page 19: KUMPULAN DONGENG SUNDA - Adejuve · PDF filengaran pilemburan jeung pasawahan ... Ari gubrag orokna jelema sarta awéwé ... Méh baé daék diajak kawin. Ngan basa Sangkuriang keur

SI KABAYAN MORO UNCAL

Isuk kénéh Si Kabayan jeung mitohana geus harudang, lantaran poé éta rayahat rék

moro uncal.

Urang kampung geus saraged, maké calana sontog, samping dibeubeurkeun kana

cangkéng, bedog panjang nyolégréng. Sawaréh marawa tumbak. Anjing ragég geus

hayangeun geura ngudag boroan ka leuweung.

Nénjo batur saraged téh Si Kabayan mah teu ieuh kapangaruhan. Manéhna mah

ngaléléké, maké sarung dikongkoyangkeun. Batur-batur marawa bedog, manéhna mah kalah

mawa péso raut.

“Keur naon mawa péso raut, Kabayan?” tatanggana nanya.

“Keur nyisit uncal,” jawabna.

Nu rék moro laju indit. Tepi ka leuweung, der ngasruk. Anjing ragég ti kulon, ti kalér, ti

wétan. Jalma-jalma pating corowok. Nu megat ayana di beulah kidul, lebah bubulak.

Ari Si Kabayan misahkeun manéh. Manéhna mah nangtung handapeun tangkal jambu

batu bari tatanggahan, néangan jambu asak.

Keur tatanggahan, gorowok nu ngagero, “Pegaat…!”

Si Kabayan ngalieuk. Ari torojol téh ti jero rungkun, uncal jaluna. Tandukna ranggah.

Si Kabayan can nyahoeun uncal. Cék pangirana uncal téh sagedé anak embé. Nu matak

barang nénjo sato nu siga kuda bari tandukan téh, ngan térékél wé manéhna naék kana

tangkal jambu. Teu bisa luhur naékna téh da kagok ku sarung. Manéhna nangkod kana dahan

panghandapna, sarungna ngoyondon.

Kabeneran uncal téh lumpat ka handapeunana pisan. Si Kabayan peureum, sieuneun

kaparud ku tanduk uncal nu sakitu ranggahna.

Si kabayan teu kira-kira reuwaseunana barang karasa aya nu ngabedol ti handap. Ari

diténjo horéng tanduk uncal téh meulit kana sarungna. Uncal ngarengkog, tuluy babadug

hayang ngalésotkeun tandukna. Kadéngé ambekanan hos-hosan. Si Kabayan beuki pageuh

muntangna, uncal beuki rosa ngamukna, tapi tandukna kalah beuki pageuh kabeulit ku

sarung. Si Kabayan beuki geumpeur, sepa taya getihan.

“Tuluuuuung….tuluuunngg…., ieu aing ditubruk uncal…!” Si Kabayan gegeroan

ménta tulung.

Page 20: KUMPULAN DONGENG SUNDA - Adejuve · PDF filengaran pilemburan jeung pasawahan ... Ari gubrag orokna jelema sarta awéwé ... Méh baé daék diajak kawin. Ngan basa Sangkuriang keur

Teu lila burudul nu moro nyalampeurkeun. Nénjo uncal abrug-abrugahn téh, teu

antaparah deui belewer wé ditumbak. Uncal ngajéngjéhé. Jekok-jekok pada ngadékan tepi ka

rubuhna. Uncal ngajoprak. Si Kabayan gé ngalungsar gigireunana bari rénghap ranjug.

Nu ngariung uncal hélokeun.

“Kumaha ditéwakna ucal sakieu badagna, Kabayan?”

Si Kabayan nangtung lalaunan bari cungar-cengir., “Ah gampang. Uncal mengpengan

ka handapeun tangkal jambu, ku kuring dipegat. Barang geus deukeut, dirungkup wéh

tandukna ku sarung . Tuh geuning sarungna ogé tepi ka rangsak saroéh. Geus karungkup mah

teu hésé, kari marieuskeun wé tandukna.”

Saréréa gogodeg. Ari Si Kabayan padamuji téh nyéréngéh wé bari ngusapan tuurna nu

barared.

Uncal pada ngarecah. Si Kabayan ngajingjing pingping uncal bari heheotan.

(Tina Gapura Basa Jilid 2, Karya Drs. Hidayat Suryalaga, spk.)

Sumber: http://bujanggamanik.wordpress.com/category/carita-si-kabayan/

Page 21: KUMPULAN DONGENG SUNDA - Adejuve · PDF filengaran pilemburan jeung pasawahan ... Ari gubrag orokna jelema sarta awéwé ... Méh baé daék diajak kawin. Ngan basa Sangkuriang keur

SILUMAN

Jaman baheula dihiji tempat/werwengkon didinya teh kacaritakeun lembur anu kacida sarienen

nana jelema ngaliwat kadinya, yen beja didinya ari peting tara aya lampu, pokona paroek jeng loba

begal. Lamun aya jalma peting-peting liwat kandinya cak beja sok dicegat garong/begal pokona

sakumaha harta nu dibawa ku jalma teh kudu dibikeun ka garong lamun hente diancam bakal

dipaehan atawa disiksa.

Caritana yen brgal/garong anus sok nyegat ditempat etateh nyaeta jalma anu cicing di tempat eta,

penduduk didinya kusabab kitu jalma sarieuneun liwat kadinya teh. Jeung deui anu jalma anu

nempatan tempat eta teh jaragoan utamana jago kadugalan.

Kusabab kitu jalma nyarebutna eta tempat Siluman, lembur Siluman terusnamah.

Eta tempat teh aya di Kabupaten Subang, Kecamatan Pabuaran. Tah ayenamah Silumanteh jadi

ngaran Desa nyaeta Desa Siluman. Da ayeunamah aman biasa wae kos daerah nu sejenna eweuh

begal eweuh garong, kecuali katukangeun lembur etateh aya trotoang panjang da nepi ayeunage sok

sarieuneun jalma liwat kadinya tipeuting mah.

Tah kitu caritana kunaon eta tempat teh disebut Siluman, nu ayeuna Desa Siluman.

SUMBER: http://dongengbasasunda.blogspot.com/

Page 22: KUMPULAN DONGENG SUNDA - Adejuve · PDF filengaran pilemburan jeung pasawahan ... Ari gubrag orokna jelema sarta awéwé ... Méh baé daék diajak kawin. Ngan basa Sangkuriang keur

CAI LAUT ASIN

Kacatur jaman baheula aya dua jalma adi lancek. Nu cikal ngarana Jana, ari nu bungsu Jani.

Ki Jana ka asup jelema benghar, lega sawah lega kebon. Tapi koret, tara barang bere jeung tutulung.

Tapi Ki Jani mah bari jeung miskin oge ari boga rejeki teh sok mere kanu butuh.

Hiji poe Ki Jani nginjem beas ka Ki Jana tapi manan dibere malah dicarekan. Untung pamajikan Ki

Jana karunyaeun. Susulumputan ti salakina mere beas ka Ki Jani sacangkir jeung lauk asin. Bari

nalangsa Ki Jani balik ditengah jalan aprok jeung aki-aki awakna begang lempangna rumanggieung,

atuh karunyaeun diajakan ka imahna. Nepi imah beas dibubur saenggeus asak didalahar bareng.

Isuk-isuk keneh aki-aki teh geus pamitan. Memeh indit aki-aki teh mere jimat ka Ki Jani mangrupa

lilisungan jeung haluna tina perak. “Naon wae anu dipikahyang ku ujang, sebutkeun wae bari nyebut

Tutu! Tutu! Tutu!’tilu kali,” ceuk aki-aki teh, engke tangtu haluna nutu sorangan, sarta anu

dipikahayang kaluar tina jero lisung. Ngereunkeunana lisung kudu dibere taneuh saetik.

Gancangna carita Ki Jani geus benghar, tapi tetep resep ngabantu jeung tutulung kanu susah. Barang

Ki Jana ngadenge adina beunghar manehna sirik , bari boga niat jahat hayang miboga jimat eta. Hiji

peuting Ki Jana datang Ka Jani, ku Ki Jani dicaritekeun kabeh ka Ki Jana carana make lisung. Terus

dibawa minggat ku lanceukna ka alas pentas. Mangsa dina kapal geus eweuh uyah Ki Jana menta

kalisung uyah kaluar uyah teh teu ereun-ereun, Ki Jana poho teu mawa taneuh. Nepi ka kapalna

kelebuh teleum. Ti harita cai laut jadi asin.

http://dongengbasasunda.blogspot.com/