Gerakan Ngagunakeun Basa Sunda
description
Transcript of Gerakan Ngagunakeun Basa Sunda
NGAMUMULE BASA SUNDA
Makalah ieu diajengken kanggo ngaladosan salah sawios tugas ti
mata pelajaran Basa Sunda
Disusun ku : 1. …………………….
2. …………………….
3. …………………….
4. …………………….
5. …………………….
Kelas : X-1
SMAN 7 GARUT
Jalan Hanjuang No.20 Bungbulang-Garut 44165
2013-2014
PANGJAJAP
Puji sareng syukur mangga urang sanggakeun ka hadirat Alloh SWT lantaran barkat
rahmat-Na simkuring saparakanca tiasa ngabereskeun ieu lapran kanggo nuntaskeun pancen ti
Bapa/Ibu Guru. Sholawat sareng salam mugi-mugi salamina kacurah limpahkeun ka jungjunan
alam nyatana Nabi Muhammad SAW, teu hilap ka kulawargina sareng ka shahabatna sareng
mudah-mudahan dugi ka urang sadayana. Amin …
Laporan ieu di judulan ku “ GERAKAN NGAGUNAKEUN BASA SUNDA DI
LINGKUNGAN PAMARÉNTAH ” . Panyajian anu aya dina laporan ieu nyaeta kumaha
urang ngamumule basa sunda, anu tujuanna pikeun nyumponan pancen ti Guru Basa Sunda.
Tujuan anu sejenna nyaeta pikeun ngembangkeun kanyaho urang kana basa sunda .
Saleres-leresna laporan ieu pasti wae aya kakiranganna anu teu di sadari ku simkuring
saparakanca. Kumargi kitu simkuring saparakanca anu nyusun kana laporan ieu nyuhunkeun
kritikan sareng saran ti Bapa/Ibu Guru mata pelajaran pikeun nyampurnakeun laporan ieu
pikahareupeun.
Tungtung basa, simkuring saparakanca ngucapkeun hatur nuhun ka Bapa/Ibu Guru anu
parantos ngabimbing simkuring saparakanca kana nyusunna ieu laporan. Oge simkuring
saparakanca salaku anu nyusun ieu laporan ngaharepkeun supaya ieu laporan teh tiasa manfaat
kanggo ngembangkeun katerampilan dina basa sunda, sareng tiasa manfaat kanggo para siswa
pikeun diajar sastra.
Bungbulang, 6 Desember 2013
Panyusun
GERAKAN NGAGUNAKEUN BASA SUNDA
DI LINGKUNGAN PAMARÉNTAH
BUBUKA
Kasang Tukang
Pancén utama Basa Sunda nya éta alat komunikasi, sedengkeun konstruksina
mangrupa ayat-ayat anu panjangna kauger tur puguh watesna.
Kiwari Basa Sunda téh mibanda kalungguhan jadi basa daérah luyu jeung UUD 1945,
Bab XV, penjelasan pasal 36 yén wewengkon-wewengkon anu mibanda kénéh basa daérah
saperti Basa Sunda, Jawa, Madura jeung Bali anu dipiara tur diparake kénéh ku masarakatna,
basa daérahna bakal dipiara tur diajénan ku nagara. Ari sababna éta basa-basa téh mangrupa
salah sahiji unsur kabudayaan Nasional.
Pon kitu deui dina Garis-garis Besar Haluan Negara, hususna dina widang
kabudayaanana, ditétélakeun yén pembinaan basa daérah dilaksanakeun dina raraga
mekarkeun basa Indonésia katut budaya Nasional minangka salah sahiji sarana idéntitas
Nasional.
Luyu jeung pedaran di luhur, Basa Sunda minangka salah sahiji unsur budaya daérah
perlu dipiara jeung dimumulé. Lumangsungna interaksi jeung komunikasi di lingkungan
masarakat Sunda kudu “ajakan” pikeun Basa Sunda jadi basa daérah..
GERAKAN NGAGUNAKEUN BASA SUNDA DI LINGKUNGAN PAMARÉNTAHAN
Dumasar Undang-undang Nomor 32 taun 2003 ngeunaan pamaréntahan daérah,
dijéntrékeun yén hal-hal anu pangpokona dina sistim pamaréntahan daérah nya éta
pelaksanaan otonomi daérah nu lega tur konkrit anu dipaparinkeun ka Propinsi, Kabupatén
jeung Kota. Hartina, pamaréntahan Kabupatén téh boga kawenangan dina ngayakeun
pamaréntahan ti mimiti rarancang, pelaksanaan, pengolahan jeung évaluasi.
Rarancang Gerakan Ngagunakeun Basa Sunda Luyu jeung Peraturan Daérah Nomor 5
taun 2003 BAB II Pasal 2 ngeunaan Pemeliharaan Bahasa, Sastra dan Aksara Daérah, gerakan
ngagunakeun Basa Sunda saestuna ngandung rupa-rupa tujuan :
a. Pikeun ngantebkeun éksistensi makéna Basa Sunda nepi ka jadi faktor pangrojong
pikeun tumuwuhna jati diri jeung kareueusna daerah.
b. Ngantebkeun kalungguhan tur pancén Basa Sunda.
c. Nangtayungan, ngamekarkeun, tur ngamanpaatkeun Basa Sunda pikeun pamekaran
budaya Nasional.
d. Ngaronjatkeun ajén makéna Basa Sunda.
e . (Perda No. 5, 2003:3)
Ayana kawijakan ngeunaan gerakan ngagunakeun Basa Sunda di lingkungan
pamaréntahan téh implikasina mah bakal karasa dina sakumna widang kamasarakatan di
masarakat Sunda.
Kawijakan diayakeunna panataran, seminar, lokakarya, kongrés, sawala, aprésiasi,
panaluntikan jeung kagiatan sarupa séjénna ngagunakeun Basa Sunda, mangrupa usaha
ngahirup-huripkeun Basa Sunda dina widang paélmuan.
Kawijakan ngagunakan Basa Sunda di sakola tur nyadiaan bahan-bahan bacaan Basa Sunda
mangrupa usaha miara Basa Sunda di lingkungan atikan.
Kawijakan maparin pangajén ka sastrawan atawa pinunjul pasanggiri nu ngagunakeun média
Basa Sunda mangrupa usaha ngaronjatkeun Basa Sunda dina widang budaya jeung pariwisata.
Kawijakan netepkeun yén Basa Sunda kudu tetep dipaké dina hutbah, caramah jeung acara
kaagamaan séjénna mangrupa usaha ngamekarkeun Basa Sunda dina widang kaagamaan.
Kawijakan dipakéna Basa Sunda di lingkungan masarakat jeung kulawarga geusan
ngantebkeun éksisténsi Basa Sunda dina interaksi masarakat Sunda.
Patali jeung usaha ngamumulé Basa Sunda di lingkungan pamaréntahan sorangan, aya
dua kawijakan anu ditetepkeun, éta kawijakan téh ngawengku:
a. Setepkeun Basa Sunda jadi basa resmi kadua di sagédéngeun Basa Indonésia nalikan
ngalaksanakeun pancen pamarentah daérah.
b. Sakabéh pagawé kudu ngagunakeun tur ngawasa Basa Sunda pikeun mancén gawé
di lingkungan pamaréntahan daérah luyu jeung aturan perundang-undangan nu lumaku.
Pelaksanaan Gerakan Ngagunakeun Basa Sunda
Pelaksanaan gerakan ngagunakeun Basa Sunda di lingkungan pamaréntahan Kabupatén
Bandung ditegeskeun deui ku ayana instruksi Bupati Bandung ping 6 Oktober 2004 dina
Pasanggiri Biantara Basa Sunda.
Ku kituna, kawijakan-kawijakan anu asalna mangrupa rarancang sakumaha dipérélékeun
saméméhna, saterusnamah dilaksanakeun ku sakumna pranata masarakat.
Di lingkungan masarakat sunda nu sipatna informal jeung non formal, Basa Sunda
dipaké dina interaksi sosial.
Hutbah jeung caramah dina kagiatan kaagamaan ditepikeun maké média Basa Sunda.
Diayakeunna sawala, panataran jeung kagiatan séjénna nu ngagunakeun Basa Sunda boh nu
diayakeun ku pamaréntah sorangan boh hasil rukun gawé jeung pranata liana.
Pengolahan jeung Évaluasi Gerakan Ngagunakeun Basa Sunda
Dumasar pelaksanaan gerakan ngagunakeun pamaréntahan tadi, aya sababaraha anu katitén.
Pasanggiri nu diayakeun can ngalibatkeun sakuma lapisan masarakat sabab pamilonna
diwatesanan pikeun pihak nu tangtu.
Ayana kabiasaan dipakéna Basa Sunda sacara kontinuitas di lingkungan pamaréntahan,
ngabalukarkeun matak gejedna komunikasi nalika maké Basa Sunda, pangpangna mah dina
situasi teu resmi loba anu salah ngalarapkeun basa.
Rupa-rupa parobahan geusan mangaruhan nonoman sunda, antukna teu saeutik anu leungiteun
cekelan, kaasup dina kabasaannana. Patali jeung éta hal aya istilah “gengsi”dina maké Basa
Sunda, ieu hal hésé leungitna can pati disosialisasikeun. Sabab masih aya barudak sakola nu
teu apal kana éta kawijakan tur nu apal ogé, teu pati maliré éta kawijakan.
Ieu hal luyu jeung nu ditétélakeun ku Steward yén patali jeung ajén basa bisa
disebutkeun yén dimana baé unggal basa téh aya anu dianggap worthy minuhung ajénna. Ku
kituna mindeng digunakeun. Basa Sunda dianggap teu worthy ku barudak ayeuna .
Dumasar péréléan di luhur, rarancang gerakan ngagunakeun basa sunda di lingkungan
pamaréntahan geusan méré kasempetan keur miara jeung nagmumulé Basa Sunda. Hanjakal
dina pelaksanaannana, tong boro kawijakan pamaréntah nu jieun keur miara Basa Sunda dina
widang séjénna dakon di lingkungan pamaréntahanana sorangan gé, bisa ka baca ku urang yén
hésé rék ngabiasakeun ngagunakeun Basa Sunda, sok dina sanajan komunikasi teu resmi.
Hayu Urang Mumulé Basa Sunda Basa Karuhun Urang
Alhamdulillah, gening dina kaskus regional bandung teh seueur kénéh anu merhatoskeun kana
basa atanapi budaya sunda. Simkuring reueus pisan ningalna, aya nu ngaguar kamus kecap
dina basa sunda, aya ogé nu ngaguar babasan, aya ogé nu umajak pikeun ngamumulé basa
sunda, nyakitu deui nu gogonjakan atanapi heureuy.
Kajurung ku kacintaan simkuring kana basa sunda sareng étang-étang ngiring ngamumulé
basa karuhun urang, ditambih ku rasa honcéwang tur sedih kacida nempo kaayaan ayeuna di
sabudeureun urang anu tos langka ngadangu kecap sareng paripolah nu matak tumaninah kana
manah.
Contona (ieu ogé di sabudeureun rorompok), budak leutik (balita) téh langka nu diajarkeun
ngomong (basa) cara urang sunda tapi seuseueurna mah indonesia-an wé da méh téréh cenah,
atawa ngajarkeuna wawaréhan teu kabeh (sawaréh sunda sawaréh indonesia) pan jadi teu
puguh, panginten dulur gé sering ngadangu :
diem jangan nangis aja, gandeng tau...!!!
éh ari kamu, saya cari-cari dari tadi ari gok dihareupeun...!!!
baru tau kan ??? yéé samaruknya saya teh ngabobodo...
Aya ogé nu nyarios sunda, mung kadanguna kieu :
ééhh anjing, timana wae ari sia kehed !
goblog pisan jelema teh, piraku ku ain kudu diteureuy mah !
aseep, pang nyokotkeun péso di dapur kéhéd !
Upami dina paripolah :
loba budak nu calutak ka kolotna
loba kolot nyontoan teu hadé ka budakna
babasaan kolot jeung budak teu matut
jeung sajabana
Tah, dina basa sunda aya nu disebat undak-usuk, nyaéta nerapkeun basa dina tingkatan
nu luyu jeung kaayaan urang ayeuna (keur ngomong atawa keur make bahasa). Lamun urang
geus biasa make undak-usuk basa nu bener (basa / lisan anu diatur) Insya Alloh saeutik lobana
bakal nepa kana paripolah urang ogé (anu di atur ku budaya/étika dugi ku agama).
Tujuan ayana Tatakrama Basa Sunda téh nyaéta teu aya sanés pikeun silih hormat
atawa silih ajénan jeung papada jalma. Jadi lain jang ngabéda-bédakeun harkat jeung darajat
jalma saperti jaman féodal. Tah kukituna omongan kakara disebut hormat upama dibarengan
ku :
Lisan (kecap)
Pasemon
Rengkuh jeung peta
Lentong
Kusabab éta sim kuring umajak ka dulur-dulur hayu urang rémekeun deui basa jeung
budaya karuhun urang téh, malah mandar jadi kahadéan keur urang jeung turunan urang
sadaya.
Tanya jawab :
1. Pertanyaan ti Ilham
Kumaha carana ngalestarikeun basa sunda ?
Jawab:
- Carana urang kudu cinta kana basa sunda, kudu bisa ngomong nu hade make
basa nu alus supayaa nu aya warga dilingkungan urang bisa tertarik kana basa
nu diomongken ku urang sadayana.
- Samemeh ngajak kabatur oge diri sorangan kudu menerkeun heula diri
sorangan ngarah jadi contoh nu hade.
2. Pertanyaan ti Anisa
Naon nu dimaksud ekstensi dina ngamumule basa sunda ?
Jawab :
Ekstensi dina ngamumule basa sunda nyaeta ngajungjungken atawa nharonjatkeun
basa sunda sangkan basa sunda henteu punah di zaman kiwari.
PANUTUP
Bisa dicindeukeun yén kawijakan ngenaan gerakan ngagunakeun basa sunda di
lingkungan pamaréntahan ngawengku sababaraha tahapan. Kahiji tahapan rarancang, nya éta
nyieun kawijakan. Kadua pelaksanaan kawijakan. Katilu pengolahan jeung évaluasi, nya éta
luyu henteuna kawijakan nu geus dijieun jeung kanyataan dilapangan.
Kawijakan ngagunakeun Basa Sunda nu dirancang ku pamaréntah téh lumaku keur sakumna
widang kamasarakatan. Nu jadi poko dina ieu gerakan téh nya éta masarakat sunda
ngabiasakeun maka Basa Sunda jadi media komunikasi di lingkungan. Ieu hal maksudna, nya
éta urang sunda. Sok sanajan dina pelaksanaan éta kawijakan téh can nyumponan harepan
jeung udagan, lebah dieu urang kudu bisa ngungkulan éta pasualan.
Kukituna, rarancang nu geus dijieun téh saterusna kudu disosialisasikeun sarta
dimasarakat perlu dimekarkeun iklim sosial nu mangaruhan suasana kabasaan masarakat
sunda sangkan sakumna kawijakan bisa dilaksanakeun.
Pancen miara jeung ngamumulé Basa Sunda téh pancen urang saréréa. Urang Sunda boh
pituin boh tatamu nu cicing di tatar Sunda kudu soson-soson make Basa Sunda dina
komunikasi sapopoé. Mudah-mudahan idéntitas kabudayaan urang sunda tetep nanjeur tur
mekar.
Putra jaman ayeuna lolobana gaya ngomong oge pake basa anu henteu sopan, sarta
langkung mementingkeun gaya basana sorangan daraia dina basa daerahnasorangan. Janten
basa wewengkon eta peryogi di mumule ti ayena, supados putra indonesia ngagaduhan gaya
basa anu hade ,bener jeung sopan jeung supados basa wewengkon urang henteu di bantun
hakoleh nagara sanes atawa ical margi henteu dibudidayakeun.