Careuh, Kebon Kopi, jeu.ng Kopi...

2
o Sabtu o Senin o Minggu o Selasa e Rabu o Kamis 0 Jumat 23 17 18 19 456 7 ~ 21 22 8 9 10 11 23 24 25 26 12 13 27 28 14 15 29 30 31 OJan OPeb ONov ODes o Mar eApr OMel OJun OJul 0 Ags OSep Cio« Careuh, Kebon Kopi, jeu.ng Kopi C-areuh N rutkeun pamanggih para ahli Etnobiologi umumna masarakat di mana-mana di dunia nganggap simbolik negatif kana rupa- rupa sasatoan liar di alam. Contona wae srigala dianggap sato laknat di Sepanyol. Salian ti eta, macan tutul oge diang- gap sato jahat ku guyubna pen- duduk di nagara-nagara Afrika (Knight 2000: 13). Kumaha di masarakat urang di Indonesia? Gambaranana henteu jauh beda. Contona wae, careuh, luwak atawa musang guybuna ku jalma rea dianggap sato jahat. Marga lantarana careuh osok rajeun iseng ngularn- Sato luwak Parodoxurus hermaproditus Pallas. Ku Johan Iskandar preng ka kampung bari maok hayam piaraan penduduk. Kusabab kitu, ulah heran la~n ayam paribasa Indonesia, saperti ' musang berbulu ayam". Paribasa anu ngandung harti jelema jahat tapi tingkah lakuna jiga jalma bageur. Kusabab kitu jadi guyub di masarakat Indonesia nganggap rehna careuh sato- jahat, temahna ku kalakuan careuh biasa iseng maok hayam penduduk di kampung. Padahal hal ieu henteu sagem- blengna bener. Naha kumaha kitu? Kusabab nurutkeun bukti-bukti panalungtikan para ahli ekologi satwa di alam, careuh salian osok iseng maok hayam kampung, careuh anu din a bahasa Indonesia disebut musang, dina basa Jawa disebut luwak awu, di Madura disebut masseng, jeung di Dayak Kenyan Kalimantan disebut bunin, ngaran ilmiahna disebut Paradoxurus hermaproditus Pallas, Kaluarga Viverridae seneng oge barangdahar rupa-rupa manuk -jeung endog manuk, cacing, beurit, rupa- rupa buah-buahan, saperti buah caringin, gedang, kopi jeung caruluk. 10 Careuh biasa hirupna di leuweung kolot, reuma, huma, kebonjeungtalun. Careuh biasa neangan kadaharan waktu peuting (nocturnal), ari beu- rangna biasana leuwih sering istirahat di habitatna. Kusabab kitu, sabenerna mah careuh teh kaasup sato anu nguntungkeun di alam, kusabab dianggap bisa nyebar- keun siki rupa-rupa tutuwuhan. Contona kusabab luwak resep naek tatangkalan, saperti naek tangkal kawung (Arenga pinnata L.) neangan buah caruluk kolot jeung sakapeung nginum tuak caruluk. Tah, kukituna lamun luwak ngaluarkeun kotoran di mana-mana, saperti huma, reuma, kebon jeung talun, buah caruluk anu pacampur jeung kotoran luwak umum- na tuwuh jadi petetan kawung. Kusabab kitu, henteu aneh lamun loba jalma di des a Rancakalong, Surnedang nyaritakeun ka panulis cenah hampir sakabeh tangkal kawung anu aya di desana henteu dipelak ku jalma, tapi ngan saukur disebarkkeun ku careuh (Iskandar zoio), Malihan cenah mah caruluk anu dihaja dipelak ku para warga desa mah jarang hirup atawa - hirupna henteu endah saperti anu dise- barkeun ku careuh. Biasana caruluk anu dihasiIkeun tina kotoran careuh, leuwih punjul kusabab siki carulukjadi potensi leuwih aktif tuwuh kusabab enggeus dibantu ku pangaruh enzim anu aya dina peujit careuh. Samalah, kiwari careuh beuki guyub ditareangan ku para patani desa, khususna patani kopi. Kieuna teh kusabab careuh bisa digunakan pikeun ngabantu ngahasilkeun kopi luwak atawa kopi careuh anu rasana kacida nikmatna, reujeung mahal harga, biasa didagangkeun di kota-kota atawa diekspor ka mancanagara. Kopi Luwak atawa Kopi Careuh Nurutkeun sajarah etnobotani, asli- na kopi arabica (Coffea arabica L.), Kaluarga Rubiaceae asalmuasalna ti Ethiopia. Kopi mimiti kapanggih ku Urang Eropa waktu pangalaman Mangle No. 2318 KllplDg Hum •• ODp.d 2011 l

Transcript of Careuh, Kebon Kopi, jeu.ng Kopi...

Page 1: Careuh, Kebon Kopi, jeu.ng Kopi C-areuhpustaka.unpad.ac.id/wp-content/uploads/2011/04/mangle-20110420... · dihakan careuh, jeung kulit dagingna diancurkeun dina peujit beuteung careuh.

o Sabtuo Senin o Mingguo Selasa e Rabu o Kamis 0 Jumat2 3

17 18 19456 7~ 21 22

8 9 10 1123 24 25 26

12 1327 28

14 1529 30 31

OJan OPeb ONov ODesoMar eApr OMel OJun OJul 0 Ags OSep Cio«

Careuh, Kebon Kopi, jeu.ng Kopi C-areuh

Nrutkeun pamanggihpara ahli Etnobiologiumumna masarakat di

mana-mana di dunia nganggapsimbolik negatif kana rupa-rupa sasatoan liar di alam.Contona wae srigala dianggapsato laknat di Sepanyol. Salianti eta, macan tutul oge diang-gap sato jahat ku guyubna pen-duduk di nagara-nagara Afrika(Knight 2000: 13). Kumaha dimasarakat urang di Indonesia?Gambaranana henteu jauhbeda. Contona wae, careuh,luwak atawa musang guybunaku jalma rea dianggap satojahat. Marga lantarana careuhosok rajeun iseng ngularn-

Sato luwakParodoxurus hermaproditus Pallas.

Ku Johan Iskandar

preng ka kampung bari maok hayampiaraan penduduk. Kusabab kitu, ulahheran la~n ayam paribasa Indonesia,saperti ' musang berbulu ayam".Paribasa anu ngandung harti jelemajahat tapi tingkah lakuna jiga jalmabageur. Kusabab kitu jadi guyub dimasarakat Indonesia nganggap rehnacareuh sato- jahat, temahna kukalakuan careuh biasa iseng maokhayam penduduk di kampung.

Padahal hal ieu henteu sagem-blengna bener. Naha kumaha kitu?Kusabab nurutkeun bukti-buktipanalungtikan para ahli ekologi satwadi alam, careuh salian osok iseng maokhayam kampung, careuh anu din abahasa Indonesia disebut musang,din a basa Jawa disebut luwak awu, diMadura disebut masseng, jeung diDayak Kenyan Kalimantan disebutbunin, ngaran ilmiahna disebutParadoxurus hermaproditus Pallas,Kaluarga Viverridae seneng ogebarangdahar rupa-rupa manuk -jeungendog manuk, cacing, beurit, rupa-rupa buah-buahan, saperti buahcaringin, gedang, kopi jeung caruluk.

10

Careuh biasa hirupna di leuweungkolot, reuma, huma, kebonjeungtalun.Careuh biasa neangan kadaharanwaktu peuting (nocturnal), ari beu-rangna biasana leuwih sering istirahatdi habitatna.Kusabab kitu, sabenerna mah careuh

teh kaasup sato anu nguntungkeun dialam, kusabab dianggap bisa nyebar-keun siki rupa-rupa tutuwuhan.Contona kusabab luwak resep naektatangkalan, saperti naek tangkalkawung (Arenga pinnata L.) neanganbuah caruluk kolot jeung sakapeungnginum tuak caruluk. Tah, kukitunalamun luwak ngaluarkeun kotoran dimana-mana, saperti huma, reuma,kebon jeung tal un, buah caruluk anupacampur jeung kotoran luwak umum-na tuwuh jadi petetan kawung.Kusabab kitu, henteu aneh lamun lobajalma di des a Rancakalong, Surnedangnyaritakeun ka panulis cenah hampirsakabeh tangkal kawung anu aya didesana henteu dipelak ku jalma, tapingan saukur disebarkkeun ku careuh(Iskandar zoio), Malihan cenah mahcaruluk anu dihaja dipelak ku parawarga desa mah jarang hirup atawa- hirupna henteu endah saperti anu dise-barkeun ku careuh. Biasana carulukanu dihasiIkeun tina kotoran careuh,leuwih punjul kusabab siki carulukjadipotensi leuwih aktif tuwuh kusababenggeus dibantu ku pangaruh enzimanu aya dina peujit careuh.

Samalah, kiwari careuh beuki guyubditareangan ku para patani desa,khususna patani kopi. Kieuna tehkusabab careuh bisa digunakan pikeunngabantu ngahasilkeun kopi luwakatawa kopi careuh anu rasana kacidanikmatna, reujeung mahal harga, biasadidagangkeun di kota-kota atawadiekspor ka mancanagara.

Kopi Luwak atawa Kopi CareuhNurutkeun sajarah etnobotani, asli-

na kopi arabica (Coffea arabica L.),Kaluarga Rubiaceae asalmuasalna tiEthiopia. Kopi mimiti kapanggih kuUrang Eropa waktu pangalaman

Mangle No. 2318

KllplDg Hum•• ODp.d 2011

l

Page 2: Careuh, Kebon Kopi, jeu.ng Kopi C-areuhpustaka.unpad.ac.id/wp-content/uploads/2011/04/mangle-20110420... · dihakan careuh, jeung kulit dagingna diancurkeun dina peujit beuteung careuh.

Columbus ngalalana kasababarahanagara dunia anyar (Dunia Baru).Waktu ngalalana Columbus nitenanwarga-warga lokal anu ngamangfaat-keun rupa-rupa tutuwuhan, kaasupjenis kopi. Tah, ti mangsa harita, kopiloba pisan dibawaan ka Eropa katutdijadikeun barang dagangan anu kacidanguntungkeunana. Laju, nurutkeunsajarah kopi di Indonesia, kopi mimitiloba dipelak dimimitian di lingkunganleuweung pagunungan Priangan dinazaman tanam paksa (cultuurstelsel)taun 1830-1870, anu awalna digagas kugubernur jendral Walanda, Johannesvan Den Bosch. Tangkal-tangkal kopibiasana dipelak di leuweung, dilahan-lahan huma atawa reuma-reurna pen-duduk anu kawilang subur. Nurutkeunaturan tanaman paksa, satiap kaluargadesa kudu masrahkeun 20 persen lahantanina atawa kudu gawe 66 poe sage in-lengna satiap tauna pikeun ngagantibayar pajeg ka nagara. Dina programsaterusna, kopi oge dipelak di sababara-ha wilayah di Jawa Tengah, JawaTimur, malah disebar di luarJawa,saperti Sumatera· Barat, SulawesiTengah Utara (Geertz 1963). Kiwarisakurangna, aya dua jenis kopi anubiasa diparelak ku patani di Indonesia,nyaeta kopi Arabica (Coffea arabica L.)jeung kopi robusta (Coffea robustaLinden atawa ngaran lainna Coffeacanephora Pierre ex Froehner). Duajenis kopi eta ngbogaan sifat khususadaptasi kana lingkungan, tahan sera-ngan hama panyakit jeung sifat pro-duksina. Umumna kopi arabica diang-gap kualitasna paling hade. Tapi, kopirobusta produksina leuwih punjul,tahan hama payakit, jeung bisa gancangadaptasi di Iingkungan anyar.Nurutkeun asal-usulna, aslina baheulamelak kopi biasa di leuweung, di humaatawa reuma anu harieum kutatangkalan. Tapi, kusabab tujuan uta-mana pamarentah melak kopi pikeunngahasilkeun produksi anu loba,kebon-kebon kopi teh biasana dipelak-na ku pihak pamarentah nggunakansistem monokultur. Tapi; sabenernamah bibit buitna atawa aslina tangkal-tangkal kopi bisa diadaptasikeun dilingkungan leuweung anu harieum kutatangkalan. Kusabab kitu, sist emkebon kopi anu dipelak make nerap-keun sistem campuran jeung kakayonanu harieurn, bisa ngahasilkeun pro-duksi kopi anu nyugemakeun.Kujalaran tangkal-tangkal kopi anudipelak dicampur kakayon ngawangunsistem agroforestri tradisional (tradi-tional agroforestry) anu tajuk

Mangle No. 2318

tutuwuhan nirukeun leuweung, rarim-bun sababaraha lapis tajuk tutuwuhanatawa multistrata. Pangaruhna, sistemkebon kopi multistrata, biasanatangkal-tangkal kopi henteu kasorotpanon poe langsung. Umumna lamuntangkal kopi kasorot panon poe lang-sung, bakal ngahasilkeun produksibuah kopi dina waktu lebih singket.Sabalikna, lamun tangkal-tangkal kopibias a kahieuman ku kakayon, produksibuahna nungtutan jeung total pro-duksina bisa leuwih loba jeung citarasana punjul. Model agroforestri kopimultistara oge kacida nguntungkeunpikeun likungan al~m. Marga lan-tarana, kopi anu dipelak pacampurjeung kakayon, biasana tajuktutuwuhan di kebon kopi ngalapis-lapis(multistrata) jiga leuweung, pangaruh-na risiko erosi taneuh dikurangan.Samalah kasuburan taneuh di kebonkopi bisa dipiara atawa ditingkatkeunkusabab loba kalakay daun-daun garingraragragan jadi humus sumber hara ditaneuh. Komo deui lamun kakayonaanu dipelakna bareng jeung kopi mang-rupa jenis-jenis kakayon kaluargakacang-kacangan (Leguminosae) anubiasa nyuburkeun taneuh, saperti petaicina (Leucaena leucocephala), peuteuy(Parkia speciosa), jengkol (Pithece-lobium jeringa), jeungjing (Albizia chi-nensis), kihiang (Albizia procera) dankihujan (Cassia simea). Jadi, saliantaneuh di kebon kopi jadi subur, tin aproduksi rupa-rupa kakayon oge bisadipanen sagala rupa hasil pikeunpatani, saperti bahan pakan ternak,sayur, jeung bahan kayu, pikeun digu-nakeun kaperluan konsumsi di rumahtangga atawa hasilna dijual. Salian tieta, agroforestri kopi oge jadi habitatpenting pikeun imahna sagala rupajenis manuk. Bukti di lapangan ecespisan bedana, rehna aneka ragam jenismanuk loba nganjrek di sistem agro-forestri kopi tinimbang anu nganjrek disistem kebun-kebun kopi monokultur.Komo deui agroforestri kogi anu nerap-keun sistem tani organik, make pupukorganik jeung pestisida buatan patani,rupa-rupa manuk beuki betah hirup dikebon kopi, katut hasil kopina ngan-dung aroma harum, jauh tina bahayaracun pestisida.Samalah, kiwari pikeun ngahasilkeun

siki kopi anu punjul teh ngahaja parapatani ngingu careuh. Jadi, ari baheulamah kopi careuh ngan saukur hasilmulungan siki-siki kopi ku para pendu-duk anu bias a pacampur kotorancareuh. Siki kopi dibersihkeun, dipoejeung disangray. Hasilna utamana pi-

keun konsumsi kaluarga, arang dijualdibisniskeun. Tapi, kiwari loba patanikopi di Priangan atawa di Lampung,jeung tempat-tempat lianna diNusantara, husus ngumpuleun siki-sikikopi, ku jalan miara careuh di kandang.Carana, penduduk ngingu careuh dikandang-kandang. Laju, unggal poecareuh anu dikandang teh diparabanbuah-buah kopi hasil panen ti kebunkopi. Umumna siki-siki kopi anu asakdihakan careuh, jeung kulit dagingnadiancurkeun dina peujit beuteungcareuh. Tapi, siki-siki kopina anu difer-mentasi ku enzim jeung bakteri dinapeujit careuh, masih tetep hade dikalu-arkeun pacampur jeung kotorancareuh, Biasana kopi-kopi anu pacarn-pur jeung kotoran hiwak di kandangluwak, dikumpulkeun, dikumbah,dipoe, jeung disangray.

Sanajan riurufkeun sajarah, kopicareuh enggeus : lumrah diolah kumasarakat desa di Priangan ti zamanwalanda keneh. Tapi, kopi careuhleuwih kakoncara jeung nguntungkeunpikeun bisnis mimiti kakoncara kira-kira tahun 1980-an. Populerna kopicareuh lain wae di sababaraha tempatdi Nusantara, tapi oge jadi kakoncara kamancanagara. Kiwari kopi careuh dike-nal mangrupa kopi anu pangmahalanadi dunia. Di sababaraha temp at diIndonesia, kiwari siki kopi careuh lakudijual anu murahna Rp 70.000,00/kgatawa anu mahalna kira-kira Rp 1,2jura/kg anu asal ti para petani kopi.Laju, di tingkat para bandar kopi pi-keun diekspor ka mancanegara, kopicareuh bisa laku dijual kira-kira Rp 2,5jura/kg nepi ka Rp 4,5 juta/kg,Samalah, lamun siki-siki kopina diolahheula, saperti disangray heula, kopicareuh bisa laku dijual pikeun ekspor,kira-kiara anu murahna Rp 3,5 juta/kgjeung Rp 6 juta/kg.anu mahalana.

Jadi, sato careuh ari baheula mahguyubna dirnusuhan jeung biasadibuburak ku jalrna-jalma, kusababdianggap jahat biasa maok hayam kam-pung, kiwari man loba diteangan kupenduduk desa, hususna anu ngabaro-gaan kebon kopi. Tah, geuning upayangariksa lingkungan, rniara agroforestrikopi, jeung miara careuh, lain oge pen-ting pikeun nyalametkeun kaane-karagarnan hayati tapi oge bisa ngun-tungkeun ekonomi ka para patanijeungpabisnis kopi di Indonesia.

JOHAN ISKANDAR

Dosen Etnob,iologi Jeung PanalunqtikLingkungan PPSDAL-LPPM Uiipad.

11