Alkitab Bahasa Sunda -...

3869
Alkitab Bahasa Sunda

Transcript of Alkitab Bahasa Sunda -...

  • file:///C|/Documents%20and%20Settings/Hadi/Desktop/pdf_alkitab_title.html

    Alkitab Bahasa Sunda

    file:///C|/Documents%20and%20Settings/Hadi/Desktop/pdf_alkitab_title.html11/3/2010 2:00:47 PM

  • Kejadian

    11Nalika Allah nyiptakeun jagat raya,2harita bumi teh teu puguh wangunna,

    kaayaanana kacida matak geueumanana.Sagara motah ngaliputan satangkarakingjagat. Alam poek ngajumbleng. PangawasaAllah murba saluhureun sagara.3Lajeng Allah ngandika, "Sing caang," braybae caang.4Seug ku Allah ditilik sarta kamanah. Etacaang ku Mantenna dipisahkeun tina poek.5Caang dingaranan "Beurang", ari poekdingaranan "Peuting". Peuting geus kagantiku isuk: Poe nu kahiji.6 (1:6-7) Allah ngandika, "Sing ayakelewung, geusan misahkeun cai sina jadidua tempat." Seug bae jadi. Allah geusngadamel kelewung, anu misahkeun cai disahandapeunana ti cai nu aya di saluhureunkelewung tea.7 (1:6)8Eta kelewung ku Mantenna dingaranan"Langit". Peuting kaganti deui ku isuk: Poe nukadua.9Allah ngandika, "Cai nu aya di sahandapeunlangit sing ngumpul jadi satempat, sangkantembong taneuh." Seug bae jadi.

  • Kejadian 1.10–19 210Taneuh tea ku Mantenna dingaranan"Darat", ari pakumpulan cai dingaranan"Laut". Seug ku Allah ditilik sarta kamanah.11Allah ngandika, "Di darat sing ayarupa-rupa tatangkalan, boh nu ngabijilkeunsisikian, boh nu baruahan." Seug bae jadi.12Di darat jadi aya rupa-rupa tutuwuhan,boh bangsa sisikian boh nu baruahan, seugku Allah ditilik sarta kamanah.13Peuting kaganti deui ku isuk: Poe nukatilu.14Allah ngandika, "Di langit sing aya sumbercaang, geusan misahkeun beurang jeungpeuting, jeung geusan nangtukeun mangsa,poe, taun jeung hari raya kaagamaan.15Eta sumber-sumber caang sina raang dilangit, sangkan nyaangan ka bumi." Seug baejadi.16Allah geus ngadamel dua rupa sumbercaang anu galede, nya eta: Panonpoe, keurnyaangan ti beurang, jeung bulan, keurnyaangan ti peuting. Jaba ti eta dipidameloge bentang-bentang.17Kabeh ku Mantenna dipernahkeun dilangit, sina nyaangan bumi,18ngarajaan beurang, ngaratuan peuting,sarta misahkeun caang tina poek. Seug kuAllah ditilik sarta kamanah.19Peuting kaganti deui ku isuk: Poe nukaopat.

  • Kejadian 1.20–28 320Allah ngandika, "Di cai sing pinuh ku rupa-rupa sasatoan nu harirup, ari awang-awangsing pinuh ku rupa-rupa manuk."21Allah ngadamel mahluk-mahluk lautanu galede katut sagala rupa sasatoan anuharirup di laut, kitu deui sagala rupa bangsamanuk. Seug ku Allah ditilik sarta kamanah.22Ti dinya ku Mantenna diberkahan kabeh,nu harirup di laut ditimbalan sing nepi kaminuhan laut, manuk-manuk ditimbalan singngarekahan baranahan.23Peuting kaganti deui ku isuk: Poe nukalima.24Allah ngandika, "Di darat sing ayarupa-rupa sasatoan, sato piaraan, satoleuweung, nu galede, nu laleutik." Seug baejadi.25Sanggeus dipidamel, ku Allah ditilik sartakamanah.26Allah ngandika, "Ayeuna Urang nyieunmanusa, masing nyeples sarimbag jeungUrang. Urang sina murba ka bangsa lauk, kabangsa manuk jeung ka bangsa sasatoan,boh sato piaraanana, boh sato leuweungna,nu galede, nu laleutik."27Lajeng Allah ngadamel bangsa manusanyeples Mantenna. Ngadamelna lalaki jeungawewe.28Geus kitu diberkahan, timbalana-Na,"Masing loba anak, turunan maraneh singnepi ka minuhan ieu bumi sarta murba ka

  • Kejadian 1.29–2.7 4eta. Maneh ku Kami dikawasakeun murba kabangsa lauk, ka bangsa manuk, kitu deui kabangsa sasatoan leuweung.29Maneh ku Kami geus disadiaan sagalarupa sisikian jeung bubuahan keur dahareun.30Ari bangsa sasatoan jeung bangsa manukku Kami dibere jujukutan jeung dangdaunankeur hakaneunana." Nya kitu kajadianana.31Sakur anu geus dipidamel-Na tea kabehku Allah ditilik sarta pohara kamanah-Na.Peuting kaganti deui ku isuk: Poe nu kagenep.

    21Ku kituna jagat raya jadi lengkepsampurna.

    2Dina poe nu katujuh, Allah liren tina sagalapadamelana-Na sabab geus rengse.3Poe nu katujuh teh ku Mantenna diberkahantur diiwalkeun ti poe-poe sejenna, lantarandina poe eta Mantenna geus nyampurnakeunsagala padamelan ciciptan-Na sarta terusreureuh.4Kitu hal dijadikeunana jagat raya teh.Waktu langit jeung bumi keur dipidamelkeneh ku GUSTI Allah,5di bumi can aya pepelakan, can ayabinih nu jadi, lantaran Mantenna teu acannurunkeun hujan, tanah tacan aya nu ngolah,lantaran can aya jelema.6Kakara aya cai anu kaluar ti jero taneuh,ngabaseuhan beungeut bumi.7Ari manusa, dipidamelna ku GUSTI Allahteh nya eta tina taneuh. Sanggeus diwangun

  • Kejadian 2.8–17 5mangrupa jelema, tuluy ditiupkeun napas anumatak hirup kana liang irungna, seug manusateh ngajadi mahluk hirup.8Geus kitu GUSTI Allah ngadamel hiji tamandi tanah Eden beulah wetan. Manusa tehdipernahkeun di dinya.9Mantenna ngajadikeun rupa-rupatatangkalan nu aralus, jaradi di dinya jeungbaruahan. Di tengah-tengah taman ayatangkal. Nu hiji tangkal kahirupan, nu hijideui tangkal nu mere pangarti geusanngabedakeun nu hade ti nu goreng.10Eta taman meunang cai ti hiji walungananu aya di tanah Eden. Ti beh girangna etawalungan nyagak opat.11Nu kahiji ngaranna Walungan Pison,ngocorna ngurilingan tanah Hawila,12kawentar ku emas murnina, wawangiankitu deui batu-batu mulya.13Nu kadua ngaranna Walungan Gihon,ngocorna ngurilingan tanah Kus.14Nu katilu ngaranna Walungan Tigris,ngocorna ka tanah wetaneun tanah Asur. Nukaopat ngaranna Walungan Eprat.15Nya di dinya manusa dipernahkeunana tehku GUSTI Allah, sina ngurus jeung ngajaga.16Timbalana-Na ka manusa, "Bubuahantangkal nu mana bae di ieu taman, meunangdidahar,17kajaba ti tangkal anu mere pangartigeusan ngabedakeun nu hade ti nu goreng.

  • Kejadian 2.18–24 6Eta buahna teu meunang didahar, sabab mundidahar, poe eta keneh maneh paeh."18GUSTI Allah ngandika, "Teu hade manusahirup sorangan. Ku Kami rek dibere batur anupantes, sina ngabaturan."19Tuluy Mantenna ngadamel sagala rupasasatoan jeung rupa-rupa manuk tinataneuh, geus kitu sina daratang ka manusatea. Mantenna palay uninga kumaha rekdingarananana eta sasatoan teh. Ku jalankitu kabeh sasatoan teh sina baroga ngaranmasing-masing.20Seug eta sagala rupa manuk jeungsasatoan teh ku manusa dingaranan. Tapisahiji ge taya nu pantes geusan jadi baturhirupna.21Ti dinya eta manusa ku GUSTI Allah disinasare tibra. Sabot sare, tulang igana dicabutsahiji, ari urutna ditutupan ku daging.22Eta tulang iga ti lalaki teh diwangunsina mangrupa awewe, tuluy dibawa ka etamanusa.23Seug eta lalaki teh ngucap kieu, "Tahgeuning, ayeuna mah aya anu sabangsajeung aing. Tulangna asal ti aing, dagingnanya kitu keneh. Awewe bakal disebutna,sabab asal ti lalaki."24Eta sababna, lalaki teh baris ninggalkeunsarta misah ti indung bapana, seug ngahijijeung bojona, sarta hirupna jadi satunggal.

  • Kejadian 2.25–3.7 725Boh nu lalaki boh nu awewe duananataranjang tapi teu ngarasa areraeun.

    31Aya sato damelan GUSTI Allah anupangjailna, nya eta oray. Eta oray

    ngomong kieu ka awewe tea, "Na enyasaur Allah, anjeun teu meunang ngadaharbubuahan nu aya di ieu taman?"2 Jawab awewe, "Bubuahan di ieu taman, titangkal mana bae oge meunang didahar,3kajaba ti tangkal anu di tengah-tengahtaman. Geus dielingan ku Allah yen teumeunang didahar, dicabak ge ulah, sababmun ngadahar eta tangtu paeh."4Ceuk oray, "Teu kitu. Hamo matak paeh.5Allah sasauran kitu teh pedah uninga,yen upama aranjeun ngadahar eta buahkapinteran, aranjeun bakal mapakanMantenna, bisa terang kana hade jeunggoreng."6Seug tangkal teh ku eta awewe dipelong,pohara endahna, buahna bangun poharangeunahna. Ceuk pamikirna, tada teuingahengna mun bisa terang kana sagala hal.Tuluy bae metik buahna seug didahar. Sokcarogena dibere, tuluy milu ngadahar.7Harita keneh, sanggeus ngadahar etabuah, duanana kaancikan ku pangarti, sartaterus sadar yen taranjang. Tuluy maranehnangantet-ngantetkeun daun kondang dipakeapok.

  • Kejadian 3.8–16 88Pasosore, waktu GUSTI Allah ngaroris kaeta taman, ku maranehna kadarengeeun,tuluy bae nyarumput kana sela-selatatangkalan.9Nu lalaki ku GUSTI Allah digentraan,"Maneh di mana?"10Walonna, "Ku abdi kakuping Anjeun aya ditaman. Abdi nyumput margi ngaraos gimirrehna taranjang."11Allah mariksa, "Nyaho ti saha yenditaranjang? Na maneh ngadahar buah anuku Kami dilarang?"12Walonna, "Sumuhun, dipaparin ti awewepaparin ti Anjeun tea."13GUSTI Allah mariksa ka awewe, "Nahamaneh mana kitu?" Ari walonna, "Neda etabuah teh margi ditipu ku oray."14Ti dinya GUSTI Allah nimbalan ka etaoray, "Eta kalakuan maneh kudu dihukum. Tiantara sasatoan, ngan maneh nu ku Kami rekdisapa. Ti semet ieu maneh baris ngengsodku beuteung maneh sarta saumur-umur bakalngahakan kekebul.15Maneh jeung eta awewe baris silihpikaceuceub. Bangsa manusa jeung bangsaoray baris mumusuhan sapapanjangna.Manusa baris ngaremukkeun hulu maneh, arimaneh mo weleh ngarah-ngarah rek macokkeuneung manusa."16Ti dinya Mantenna nimbalan ka awewetea, "Kanyeri maneh ku Kami rek ditambahan

  • Kejadian 3.17–22 9sajeroning eukeur kakandungan, kitu kenehkanyeri dina waktu ngajuru. Sanajan kitumaneh mo weleh cumantel ka salaki, sanajankudu tetep kumawula ka dinya."17Timbalana-Na ka lalaki, "Maneh geuskabawakeun ku pamajikan ngadahar buahanu ku Kami dilarang. Ku sabab eta, ieubumi baris keuna ku panyapa. Mun hayangkaala hasilna geusan dahareun manehsacukupna, maneh saumur-umur kududigawe tisusut-tidungdung.18Sabab tanah teh baris ngabijilkeunjujukutan, hama jeung bangsa cucuk, nepi kamaneh kapaksa kudu ngadaharan tutuwuhanleuweung.19Maneh kudu luut-leet kesang heulasangkan bumi bisa mere hasil. Kitu baesapapanjangna, nepi ka maneh mulang deuikana taneuh, asal maneh tea. Ku sababmaneh dijieun teh tina taneuh, nya kudu balikdeui ngajadi taneuh."20Ku Adam, bojona dijenenganan Hawa,tegesna indung sakabeh kaom manusa.21Aranjeunna ku GUSTI Allahdipangdamelkeun anggoan tina kulitsato, sina diaranggo.22Geus kitu GUSTI Allah ngandika, "Ayeunamanusa teh geus nyaho ka nu goreng jeungka nu hade, teu beda ti urang. Ku sabab etateu meunang deui ngadahar buah tina tangkalkahirupan, bisi harirup sapapanjangna."

  • Kejadian 3.23–4.7 1023Tuluy manusa teh ku GUSTI Allah diusirkaluar ti Taman Eden, sangkan ngusahakeuntanah nu jadi asal wiwitanana.24Di beulah wetan eta taman, di hareupeunpanto asup, Mantenna nempatkeunsababaraha mukarabin, kalayan make pedanghurung muter nguwak-ngawik ka unggal jihat,megatan sing saha anu rek ngadeukeutankana tangkal kahirupan.

    41Geus kitu Adam sapatemon jeunggeureuhana. Seug geureuhana bobot,

    tuluy babar, putrana pameget. Anjeunnasasauran, "Berkah pitulung PANGERAN,aing ayeuna boga anak." Seug putrana tehdijenenganan Kain.2Babar deui, pameget, dijenenganan Habil.Habil jadi tukang ngangon, Kain jadi tukangtani.3Hiji mangsa Kain ka PANGERANnyanggakeun sabagian tina hasil panenna,dijieun kurban.4Habil ge nyanggakeun kurban, anakdomba cikal. Anu dihaturkeun daging anupanghadena. Kurban Habil ku PANGERANkaanggo,5kurban Kain ditolak. Kain jadi ngentab,murukusunu bakat ku ambek.6Ngandika PANGERAN ka Kain, "Ku naonmurukusunu, kucem beungeut?7Coba lamun tas migawe anu bener mahtangtu beungeut teh marahmay. Tapi ku

  • Kejadian 4.8–15 11sabab tas migawe anu goreng, tuh dilawang panto, dosa eukeur ngadodoho,arek kumawasa ka maneh. Ku maneh kududielehkeun."8Geus kitu saur Kain ka Habil rayina, "Adi,hayu urang ka tegal." Ari geus araya di tegal,rayina ditarajang, dipergasa nepi ka maot.9Mariksa PANGERAN ka Kain, "Mana Habiladi maneh?" Ari walonna, "Duka! Na abdi tehkedah ngangasuh adi?"10Dawuhan PANGERAN, "Na manehteh jahat-jahat teuing? Getih adi manehsasambat ka Kami di jero taneuh, semumenta dipangmaleskeun.11Maneh ayeuna katulah, hamo deui bisangolah taneuh. Sabab taneuh geus kaserepanku getih adi maneh. Barang adi manehdipaehan, taneuh teh lir nyalawakkeunsungut, geusan narima adi maneh.12Ana maneh nyoba pulak-pelak, taneuh tehmoal mere hasil. Maneh baris uprak-apruk,moal boga enggon nyiruruk."13Piunjuk Kain ka PANGERAN, "Eta hukumanteh kalintang abotna, abdi hamo kiatnandanganana.14Mana diusir ti ieu tanah, mana ditebihkeunti payuneun Anjeun. Mana kedah uprak-aprukteu gaduh enggon nyiruruk, tangtos abdidipaehan ku jalma nu pareng manggihan."15Tapi PANGERAN ngawaler, "Hamo.Saupama maneh aya nu maehan, tujuh

  • Kejadian 4.16–23 12nyawa pigantieunana, kaasup anu maehan kamaneh tea oge baris dipaehan." Ti dinya Kainteh dicirian ku PANGERAN geusan jadi tandaka sing saha bae yen Kain teh teu meunangdipaehan.16Los Kain mungkur ti payuneun PANGERAN,tuluy matuh di hiji tempat anu disebut Nod,anu hartina ngumbara, di wetaneun tanahEden.17Kain jeung garwana puputra, dijenengananHanok. Ti dinya Kain ngadamel hiji nagara,seug dingaranan ku jenengan putrana.18Hanok puputra Irad, Irad puputraMehuyael. Mehuyael puputra Metusael.Metusael puputra Lamek.19Lamek geureuhana dua, Adah jeung Silah.20Adah ngababarkeun Yabal, karuhunjelema-jelema tukang maliara ingon-ingonsarta maratuhna di kemah-kemah.21Dulur Yabal ngaranna Yubal, karuhunahli-ahli tatabeuhan, ahli-ahli ngacapi jeungnyuling.22Ari Silah ngababarkeun Tubal-Kain,tukang nyieun sagala rupa paparabotan tinaparunggu jeung beusi. Saderek Tubal-Kainanu istri jenenganana Naamah.23Ngalahir Lamek ka dua geureuhana,"Adah, Silah, dengekeun! Akang tas maehanhiji jajaka, bongan neunggeul ka Akang.

  • Kejadian 4.24–5.9 1324Anu maehan Kain, kudu nebus ku tujuhnyawa, anu maehan Akang mah kudu nebusku tujuh puluh tujuh nyawa."25Adam jeung geureuhana kagungan putradeui. Saur geureuhana, "Allah maparin deuianak, gaganti Habil anu dipaehan ku Kain."Seug putrana teh dijenenganan Set.26Set puputra Enos. Ti harita, jelema-jelemateh mimiti nyarebut jenengan PANGERANupama nyarembah.

    51 Ieu daptar turunan Adam. (Allahmidamelna manusa teh numutkeun

    kumaha rupi Mantenna.2Dipidamelna lalaki jeung awewe. KuMantenna diberkahan, jeung dingaranan"Manusa".)3Sanggeus yuswana 130 taun, kengingputra, anu rupina siga anjeunna,dijenenganan Set.4Ti semet eta, Adam masih jumenengkeneh 800 taun, sarta kenging deui putrasababaraha urang.5Pupusna dina yuswa 930 taun.6Set, sanggeus yuswana 105 taun, kengingputra Enos.7Ti semet eta jumeneng keneh 807 taun,sarta kenging deui putra sababaraha urang.8Pupusna dina yuswa 912 taun.9Enos sanggeus yuswana 90 taun kengingputra, Kenan.

  • Kejadian 5.10–26 1410Ti semet eta jumeneng keneh 815 taun,sarta kenging deui putra sababaraha urang.11Pupusna dina yuswa 905 taun.12Kenan, sanggeus yuswana 70 taunkenging putra, Mahalalel.13Ti semet eta jumeneng keneh 840 taun,sarta kenging deui putra sababaraha urang.14Pupusna dina yuswa 910 taun.15Mahalalel, sanggeus yuswana 65 taunkenging putra, Yared.16Ti semet eta jumeneng keneh 830 taun,sarta kenging deui putra sababaraha urang.17Pupusna dina yuswa 895 taun.18Yared, sanggeus yuswana 162 taunkenging putra, Hanok.19Ti semet eta jumeneng keneh 800 taun,sarta kenging deui putra sababaraha urang.20Pupusna dina yuswa 962 taun.21Hanok, sanggeus yuswana 65 taun,kenging putra, Metusalah.22Ti semet eta jumeneng keneh 300 taun,ibadah ruket jeung Allah, sarta kenging deuiputra sababaraha urang.23Yuswana nepi ka 365 taun.24Sapanjang jumenengna raraketan jeungAllah, geus kitu gaib, karana dicandak kuAllah.25Metusalah, sanggeus yuswana 187 taunkenging putra, Lamek.26Ti semet eta jumeneng keneh 782 taun,sarta kenging deui putra sababaraha urang.

  • Kejadian 5.27–6.4 1527Pupusna dina yuswa 969 taun.28Lamek, sanggeus yuswana 182 taunkenging putra.29Pok misaur, "Ieu budak bakal ngajaiturang tina gawe beurat migawe taneuh anugeus keuna ku panyapa PANGERAN." Kusabab eta, putrana teh dijenenganan Enoh.30Ti semet eta Lamek jumeneng keneh 595taun, sarta kenging deui putra sababarahaurang.31Pupusna dina yuswa 777 taun.32Enoh, sanggeus yuswana 500 taunkenging putra tilu: Sem, Ham jeung Yapet.

    61Manusa geus mencar ka mana-mana,sarta barudak awewe geus lalahir.

    2Aya sawatara urang putra-putra surgawianu barogoheun ka eta barudak awewe,kawantu gareulis. Tuluy bae nyarokot hijisewang, sakabogohna-sakabogohna.3Ngandika PANGERAN, "Jelema-jelema tehku Kami moal sina hirup sapapanjangna.Kabehanana sipat pipaeheun. Ti semetayeuna umurna moal sina leuwih ti 120 taun."4Di jaman eta, malah sanggeus jaman etaoge, di ieu bumi teh loba jelema raksasa,turunan manusa awewe jeung putra-putrasurgawi tea. Eta raksasa-raksasa teh baheulajaradi jelema anu kacida garagahna turkamashur.

  • Kejadian 6.5–14 165Ana PANGERAN uninga yen tiap manusadi dunya geus sakitu jarahatna, sartapipikiranana salawasna pohara kalotorna,6Mantenna ngaraos hanjakal geus ngadamelsarta merenahkeun maranehna di bumi. Kuhanjakal-hanjakalna,7Mantenna ngalahir kieu, "Eta umat ciptaanKami teh mending dibasmi ku Kami, kitu deuisasatoan jeung manuk. Kami hanjakal geusnyieun maranehanana."8Tapi ari ka Enoh mah PANGERAN misuka.9 (6:9-10) Ieu carita Enoh. Anjeunnakagungan tilu putra, Sem, Ham jeung Yapet.Di jaman anjeunna harita, ngan anjeunnajelema nu hade teh. Hirupna rumaket kaAllah.10 (6:9)11Salian ti anjeunna mah kabeh oge gorengkatingalina ku Allah, katelengesanana geussumebar ka mana-mana.12Dunya teh ku Allah diteuteup, tetela geusruksak, kawantu kalakuan jelema-jelemanageus raruksak kabeh.13Ngandika Allah ka Enoh, "Kami geusnyieun putusan, jelema teh kabeh rekdianggeuskeun umurna. Rek ditumpes samasakali, sabab dunya teh geus dedet kukalakuan maranehanana anu telenges.14Maneh kudu nyieun kapal tina kai kibeusi,kamar-kamarkeun, lampudan luar jerona kuter.

  • Kejadian 6.15–7.3 1715Ukuran panjangna eta kapal 133 meter,rubakna 22 meter, luhurna 13 meter.16Kudu make hateup, jeung sisi-sisina bereantara 44 sentimeter. Jieun tilu umpakan,sisina pantoan.17 Ieu bumi ku Kami arek dibasmi ku caah.Sakur mahluk anu kumelip arek ditumpes.18Tapi ka maneh mah Kami seja merejangji. Maneh saanak pamajikan jeungminantu-minantu, kudu asup ka eta kapal.19 (6:19-20) Bawa deuih saban rupagolongan sasatoan, masing-masing hijijaluna, hiji bikangna; kitu keneh manuk,supaya karaksa.20 (6:19)21Bebekelan ulah kari, keur maneh jeungsasatoan."22Eta timbalan Allah ku Enoh dijalankeun.

    71Ngandika PANGERAN ka Enoh, "Manehsakulawarga, geura arasup ka kapal. Ku

    Kami geus kanyahoan, ngan maneh jelema diieu dunya anu bener kalakuan.2Bawa ka kapal saban rupa golongan sato,anu halal masing-masing tujuh jodo, anuharam sajodo-sajodo bae.3Oge saban rupa golongan manuk masing-masing tujuh jodo. Pek geura pigawe,sangkan eta bangsa sato jeung manuk anusakitu teh karaksa hirupna, geusan bibit kahareup.

  • Kejadian 7.4–14 184Tujuh poe deui Kami rek nurunkeun hujanlilana opat puluh poe opat puluh peuting, rekdipake numpes sakur anu kumelip jijieunanKami."5Eta sagala timbalan PANGERAN teh kuEnoh dijalankeun.6Dina waktu der caah, yuswa Enoh geusgenep ratus taun.7Anjeunna, geureuhana, putra-putranajeung mantu-mantuna, arunggah ka kapalnyingkahan caah.8Sasatoan, manuk, nu haram, nu halal,masing-masing hiji jalu hiji bikang ti sabangolongan,9arasup jeung Enoh ka kapal, sakumahaanu ditimbalkeun ku Allah.10Tujuh poe ti harita caah geus mimiti der.11Nincak kana genep ratus taun yuswaEnoh, dina tanggal tujuh belas, bulan kadua,sungapan-sungapan cai anu rongkah dijero taneuh, kabeh mararudal tingburial,lawang-lawang cai di langit kabeh maruka,12breg hujan turun ka bumi, opat puluh poeopat puluh peuting.13Poe eta keneh Enoh, geureuhana, tiluputrana nya eta Sem, Ham, jeung Yapet,jeung bojo-bojona, arunggah ka kapal.14Dibarengan ku sasatoan, sato ingu,sato leuweung, nu gede, nu leutik, manuk,masing-masing ti saban golongan.

  • Kejadian 7.15–8.1 1915Ti saban golongan mahluk anu kumelip,masing-masing hiji jalu hiji bikang, arasupjeung Enoh ka kapal,16 sakumaha anu ditimbalkeun ku Allah.Geus kitu panto kapal teh ditutup kuPANGERAN.17Caah lumangsung terus nepi ka opat puluhpoe. Cai geus ngaluhuran, geus kuateunngampulkeun eta kapal nepi ka ngambang.18Cai terus beuki luhur, soloyong eta kapalmaju.19Cai geus kacida luhurna, mani geus laputgunung-gunung anu pangluhurna,20 tapi masih naek keneh bae, nepi ka tujuhmeter luhurna ti puncak-puncak gunung.21Sakur mahluk nu kumelip di bumi, manuk,sato, jelema, kabeh tiwas.22Tiap mahluk bumi nu boga ambekan,paeh.23Tiap mahluk anu kumelip di bumi,manusa, sato, manuk, kabeh ku PANGERANdibasmi. Anu dikarikeun hirup ngan Enohjeung anu marilu ka anjeunna ka kapal.24Cai henteu orot-orot nepi ka saratus limapuluh poe lilana.

    81Allah teu lalieun ka Enoh jeung kasasatoan anu di kapal. Seug Mantenna

    ngagerakkeun angin niup cai. Cai mimitirodrodan surud.

  • Kejadian 8.2–13 202Sungapan-sungapan di jero taneuh,kitu keneh lawang-lawang hujan di langitngalalingkup deui. Hujan raat,3 cai beuki lila beuki surud di jero saratuslima puluh poe.4Dina tanggal tujuh belas bulan nu katujuh,kapal teh nyangsang di hiji puncak jajaranGunung Ararat.5Cai surud terus, sarta dina tanggal hijibulan kasapuluh, puncak-puncak gunungmimiti tarembong.6Opat puluh poe ti harita, Enoh mukakeunjandela,7pur ngaleupaskeun manuk gagak. Gagakteh teu balik deui, terus bae ngalayangkukurilingan nepi ka saatna cai.8Sabot kitu, pur deui Enoh ngaleupaskeunjapati, seja naksir cai geus orot atawa acan.9Tapi ku sabab bumi kakeueum keneh, etajapati teu manggih pieunteupeun. Kalayangbalik deui ka kapal, ku Enoh ditewak.10Anjeunna ngantos deui saminggu, purjapati teh dileupaskeun deui.11Pasosore eta manuk balik deui, mawapucuk jetun seger keneh dina pamatukna.Ayeuna Enoh uninga, yen cai geus orot.12Anjeunna ngantos deui saminggu, japatidileupaskeun deui. Teu balik deui ayeunamah.13Nincak kana 601 taun yuswa Enoh,dina tanggal hiji bulan nu kahiji, cai geus

  • Kejadian 8.14–9.1 21saat. Enoh muka hateup kapal, rarat-reret,katingalieun taneuh geus mimiti tuus.14Dina tanggal dua puluh tujuh, bulan anukadua, bumi geus tuhur pisan.15Ngandika Allah ka Enoh,16 "Geura kaluar ti kapal saanak pamajikanjeung minantu.17Kaluarkeun deuih manuk jeung sasatoansejenna, gede leutik, sina baranahan tuluymalencar ka sakuliah jagat."18Ti dinya Enoh saputra garwa jeung mantukaluar ti kapal,19kitu deui sasatoan jeung manuk, kalaluarpapasangan, nurutkeun golonganana.20Ti dinya Enoh ngadamel altar haturanPANGERAN. Tuluy ngurbankeun sasatoanjeung manuk anu halal, sasiki-sasiki ti tiapgolongan, diduruk dina eta altar.21Seungitna eta kurban matak bingah kaPANGERAN, seug Mantenna sasauran lebetingmanah, "Kami hamo nyapa-nyapa deui bumiku tina kalakuan manusa. Kami nyaho,pipikiranana teh geus kotor ti ngongorana.Moal deui-deui Kami ngabasmi sakabehmahluk anu nyawaan saperti ayeuna.22Sapanjang jagat gumelar, kudu aya usumpepelakan, aya usum panen. Sapapanjangnakudu aya panas, aya tiis, aya usum halodo,aya usum hujan, aya beurang, aya peuting."

    91Allah ngaberkahan ka Enoh jeungputra-putrana. Lahirana-Na, "Sing laloba

  • Kejadian 9.2–11 22anak, sangkan turunan maraneh ngeusiansakuliah jagat.2Sasatoan, manuk, lauk, bakal mikasieun kamaraneh. Maraneh kawasa ka dinya.3Ti semet ayeuna, eta ku maraneh bisadidahar cara pepelakan anu harejo. Kop baepikeun dahareun.4Anu teu meunang didahar ngan sarupa,nya eta daging anu ngandung keneh getih.Kami ngalarang, lantaran dina getih teh ayadat hirup.5Lamun aya anu ngala pati manusa tangtudihukum. Sato anu maehan manusa, ku Kamibaris dihukum paeh.6Manusa teh dijadikeunana sarimbag jeungKami. Ku sabab eta, sing saha anu maehanmanusa, baris dipaehan deui ku sasamamanusa.7Maraneh sing laloba anak, sangkan turunanmaraneh ngeusian sakuliah jagat."8Ngandika Allah ka Enoh jeung putra-putrana,9 "Kami ayeuna arek nyieun perjangjian kamaneh saturun-tumurun,10kitu keneh ka sakabeh mahluk anunyawaan manuk jeung sasatoan sagala rupabae, anu kalaluar ti kapal reujeung maraneh.11Kieu ikrar perjangjian Kami ka maraneh:Kami jangji, moal deui-deui sakabeh mahlukanu nyawaan ku Kami dibasmi ku caah; moalaya deui caah gede anu ngaruksak jagat.

  • Kejadian 9.12–22 2312Pikeun tanda eta perjangjian Kami anulanggeng ka maraneh jeung ka sakabehmahluk anu nyawaan,13Kami baris masang katumbiri dina mega.Eta tandana perjangjian Kami ka alam dunya.14Samangsa-mangsa Kami ngalaput langitku mega tuluy timbul katumbiri,15eta tanda Kami eling kana jangji kamaraneh jeung ka sasatoan, yen hamodeui caah ngabasmi sakabeh mahluk anunyawaan.16Samangsa-mangsa dina mega tembongkatumbiri, tangtu tembong ka Kami, sartaKami tangtu inget kana jangji Kami anulanggeng, antara Kami jeung sakabeh mahlukanu kumelip di jagat.17Kitu tandana perjangjian Kami ka sakabehmahluk hirup di bumi."18Putra-putra Enoh anu kaluar ti kapal, nyaeta: Sem, Ham jeung Yapet. (Ari Ham tehkaruhun urang Kanaan.)19 Ieu putra nu tiluan, jadi karuhun sakabehmanusa sajagat.20Enoh teh tukang tani. Nya anjeunnajelema anu pangmimitina melak anggur.21Sabada ngaleueut anggur, anjeunnamabok, seug ngalaanan anggoan terusngagoledag di jero tenda bari purucul.22Ari Ham, karuhun urang Kanaan tea,ningali rama purucul kitu teh anggurwawartos ka dua saderekna.

  • Kejadian 9.23–10.3 2423Sem jeung Yapet nyandak kampuh,kampuhna dicepeng dikapungkurkeun. Geuskitu lalebet ka jero tenda, angkatna mundur,rup ramana dikampuhan bari mungkurngalieuskeun raray, sangkan teu ningali kanakaayaan rama anu purucul.24Barang Enoh geus emut tur uninga kanakalakuan putra nu panganomna kitu kaanjeunna,25pok ngalahir, "Si Kanaan sing katulah!Dirina baris jadi badega dulur-dulurna.26Puji PANGERAN Allahna Sem! Si Kanaanbaris jadi badega Sem.27Mugia Allah nambihan berekah ka Yapet,kalayan ngalegaan panganjrekanana. Mugiaturunan Yapet runtut-raut jeung turunanSem! Si Kanaan baris jadi badega Yapet."28Ti sanggeus caah gede tea, Enohjumeneng keneh 350 taun.29Pupus dina yuswa 950 taun.

    101 Ieu turunan Sem, Ham jeung Yapet,putra-putra Enoh. Ieu anu tilu,

    karagunganana putra teh ti sanggeus caahgede tea.2Putra-putra Yapet nya eta: Gomer, Magog,Madai, Yawan, Tubal, Mesek jeung Tirasaranjeunna karuhun jelema-jelema anumarake eta ngaran.3Turunan Gomer nya eta bangsa Askenas,Ripat jeung Togarma.

  • Kejadian 10.4–14 254Turunan Yawan nya eta bangsa Elisa,Sepanyol, Siprus jeung Rodes;5eta jadi karuhun-karuhunna bangsa anucaricingna di sapanjang basisir jeung pulo-pulo. Tah eta turunan Yapet, jadi rupa-rupakaom, beda-beda nagara, beda-beda basa.6Putra-putra Ham nya eta: Kus, Mesir,Libia jeung Kanaan, aranjeunna karuhunjelema-jelema anu marake eta ngaran.7Turunan Kus nya eta bangsa Seba, Hawila,Sabta, Raama jeung Sabteka. Turunan Raamanya eta bangsa Syeba jeung Dedan.8Kus puputra Namrud, Namrud teh anupangmimitina jadi tukang naluk-nalukkeundunya.9Tur kalawan pareng ti PANGERAN,jadi paninggaran anu kamashur, nepi kajadi kacapangan, "Sing diparengkeun kuPANGERAN, anjeun jadi paninggaran nukamashur kawas Namrud."10Karajaanana anu mimiti nya eta: Babul,Erek, Akad, kabehanana di tanah Babilonia.11Ti tanah eta Namrud terus ka tanah Asur,tuluy ngadegkeun nagara Ninewe, Rehobot Ir,Kalah,12 jeung Resen, anu perenahna antaraNinewe jeung nagara gede Kalah.13Turunan Mesir nya eta: bangsa Lidia,Anam, Lehab, Naptuh,14Patrus, Kasluh jeung Kreta. Kretanurunkeun bangsa Pelisti.

  • Kejadian 10.15–27 2615Putra-putra Kanaan nya eta: Sidon,anu cikal, jeung Het aranjeunna karuhunjelema-jelema anu marake eta ngaran.16Kanaan oge jadi karuhun bangsa Yebus,Emor, Girgas,17Hiwi, Arki, Sin,18Arwad, Semar jeung Hamat. Rupa-rupakaom Kanaan pabalencar,19nepi ka wawatesan Kanaan teh legana tiSidon terus ngidul ka Gerar deukeut Gasa,terus ngetan ka Sadumu, Gomora, Admajeung Seboim deukeut Lasa.20Tah eta turunan Ham, jadi rupa-rupakaom, beda-beda nagara, beda-beda basa.21Sem, rakana Yapet, jadi karuhun bangsaIbrani.22Putra-putra Sem nya eta: Elam, Asur,Arpaksad, Lud, jeung Aram anu jaradikaruhun bangsa-bangsa anu marake etangaran.23Turunan Aram nya eta bangsa Us, Hul,Geter jeung Mesek.24Arpaksad puputra Selah, Selah puputraEber.25Eber puputra dua. Nu hiji ngaranna Peleg,dumeh keur jaman eta bangsa-bangsa didunya di pecah-pecah; nu hiji deui ngarannaYoktan.26Turunan Yoktan nya eta bangsa Almodad,Selep, Hasar Mawet, Yarah,27Hadoram, Usal, Dikla,

  • Kejadian 10.28–11.4 2728Ebal, Abimael, Syeba,29Opir, Hawila jeung Yobab. Eta turunanYoktan.30Tanah pangancikanana ti semet tanahMesa nepi ka Separ di pagunungan beulahwetan.31Tah eta turunan Sem, jadi rupa-rupakaom, beda-beda nagara, beda-beda basa.32Eta bangsa-bangsa kabeh turunan Enoh,sabangsana-sabangsana, nurutkeun garisturunanana masing-masing. Ti semet caahgede tea, bangsa-bangsa di dinya teh kabehturunan ti putra-putra Enoh.

    111Asalna mah basa teh ngan hiji.Jelema-jelema sadunya, ngaromongna

    sabasa, kecap-kecapna sarua.2Sanggeus ngaprak ka tebeh wetan,maranehna narepi ka hiji wewengkon diBabilonia, seug maratuh di dinya.3Geus kitu maranehanana silih ajak padabatur, pokna, "Anggur urang nyieunan bata,urang beuleum sing alus." Terusna batageus loba keur nyieun adegan, ter keurpamageuhna nya kitu keneh.4Terus ceuk maranehna, "Ayeuna urangnyieun nagara. Urang make munara anupuncakna nepi ka langit, sangkan urangkamashur jeung supaya ulah papencar kamana-mendi."

  • Kejadian 11.5–13 285Lajeng PANGERAN lungsur seja ningalianeta nagara jeung munara anu keurdiadegkeun.6Mantenna ngandika, "Ayeuna eta jelema-jelema teh sabangsa jeung ngaromongnakabeh sabasa. Ayeuna maranehna kakaramimiti barang jieunna. Moal lila deui mahmaranehna tangtu bisa ngalaksanakeunsagala pamaksudanana.7Hayu Urang turun, Urang kusutkeunbasana, sina ulah ngarti batur pada batur."8Eta jelema-jelema ku PANGERANdipaburencaykeun ka sakuliah dunya,pagaweanana nyieun nagara tea jadi bangkar.9Eta nagara dingaranan Babul, lantarandi dinya PANGERAN ngusutkeun basamanusa, sarta ti semet harita, manusa tehku Mantenna dipaburencaykeun ka sakuliahdunya.10 Ieu turunan Sem. Dua taun ti sanggeuscaah gede, waktu Sem yuswa 100 taun,kagungan putra hiji, Arpaksad.11Ti semet eta, Sem jumeneng keneh 500taun deui, sarta puputra deui sababarahaurang.12Arpaksad, dina yuswa 35 taun, puputrahiji, Selah.13Ti semet eta anjeunna jumeneng keneh403 taun deui, sarta puputra deui sababarahaurang.

  • Kejadian 11.14–25 2914Selah, dina yuswa 30 taun, puputra hiji,Eber.15Ti semet harita anjeunna jumeneng keneh403 taun deui, sarta puputra deui sababarahaurang.16Eber, dina yuswa 34 taun, puputra hiji,Peleg.17Ti semet harita anjeunna jumeneng keneh430 taun deui, sarta puputra deui sababarahaurang.18Peleg, dina yuswa 30 taun, puputra hiji,Rehu.19Ti semet harita anjeunna jumeneng keneh209 taun deui, sarta puputra deui sababarahaurang.20Rehu, dina yuswa 32 taun, puputra hiji,Serug.21Ti semet harita anjeunna jumeneng keneh207 taun deui sarta puputra deui sababarahaurang.22Serug, dina yuswa 30 taun, puputra hiji,Nahor.23Ti semet harita anjeunna jumeneng keneh200 taun deui, sarta puputra deui sababarahaurang.24Nahor, dina yuswa 29 taun, puputra hiji,Terah.25Ti semet harita anjeunna jumeneng keneh119 taun deui, sarta puputra deui sababarahaurang.

  • Kejadian 11.26–12.3 3026Terah, dina yuswa 70 taun, jadi ramanaAbram, Nahor jeung Haran.27 Ieu turunan Terah, ramana Abram, Nahorjeung Haran. Haran puputra Elut.28Haran pupus di tanah asalna, kota Ur diBabilonia, waktu ramana jumeneng keneh.29Abram nikah ka Sarai. Nahor nikah kaMilka putra Haran. Aya keneh putra Harananu lalaki, nya eta Yiska.30Sarai henteu kagungan bae putra.31Geus kitu Terah ngantunkeun kota Ur diBabilonia, seja ka tanah Kanaan. Abram,putrana, Elut putuna anu ti Haran, Saraimantuna geureuha Abram, dicandak. Arisarumping ka tanah Haran, tuluy tumetep didinya.32Terah pupus di dinya, dina yuswa 205taun.

    121Ngandika PANGERAN ka Abram,"Maneh kudu pindah. Lemah cai,

    baraya-baraya, eusi imah bapa, tinggalkeun.Jugjug hiji nagara anu engke rek dituduhkeunku Kami.2Maneh rek dibere turunan loba, anupijadieun bangsa gede. Kami seja mereberkah ka maneh, sarta ngaran maneh kuKami seja dijieun kamashur, nepi ka manehpijadieun berkah.3Kami baris ngaberkahan ka anungaberkahan ka maneh. Baris nyapa ka anu

  • Kejadian 12.4–10 31nyapa ka maneh. Kabeh bangsa ku Kami barisdiberkahan, ku jalan maneh."4Nincak kana yuswa tujuh puluh lima taun,Abram mimiti kaluar ti tanah Haran, tumutkana timbalan PANGERAN. Elut ngiring.5 Jadi anu dicandak teh Sarai geureuhana,Elut suanna, sagala harta bandana, kitu deuibadega-badega asal urang tanah Haran,tuluy miang seja ka tanah Kanaan. Sanggeussumping ka tanah Kanaan,6Abram ngideran eta tanah nepi ka hijitangkal karamat di More, hiji tempat karamatdi wewengkon Sekem. (Harita mah urangKanaan teh araya keneh di eta tanah.)7Lajeng PANGERAN nembongan ka Abramsarta ngandika ka anjeunna, "Tah ieunagara anu ku Kami arek dibikeun pikeunturunan maneh teh." Deg di dinya Abramngadamel altar haturan PANGERAN anu geusnembongan ka anjeunna.8Geus kitu anjeunna ngalih ka beulah kidulka tanah pagunungan wetaneun kota Betelsarta masang tenda antara Betel di beulahkulon, jeung kota Ai di beulah wetan. Di dinyaoge anjeunna ngadamel altar sarta ngabaktika PANGERAN.9Ti dinya anjeunna ulah-alih bae, majeng kaKanaan beulah kidul.10Tapi Kanaan pareng katarajang paceklikteu kira-kira, nepi ka Abram terus ka nu

  • Kejadian 12.11–18 32leuwih kidul deui, ka Mesir, seja cicing didinya saheulaanan.11Barang arek lebet ka wates Mesir, poksasauran ka Sarai geureuhana, "Nyai tehgeulis.12Ana engke urang Mesir narenjo,tangtu ceuk maranehanana teh euleuh itupamajikanana. Tangtu Akang teh dipaehanari Nyai mah moal.13Bejakeun bae yen Nyai adi Akang. Mundibejakeun kitu mah Akang tangtu salamet,jeung diaku hade-hade ku maranehanana, damandang ka Nyai."14Sanggeus anjeunna aya di jerowates Mesir, geureuhana ku urang dinyadigeulis-geulis.15Aya sawatara ponggawa karaton anunarenjoeun kageulisanana, seug arunjukanka raja yen aya istri geulisna kawanti-wanti.Tuluy Sarai diboyong ka karaton.16Abram ku raja diangken darehdeh kukarana Sarai, jeung dipaparin ganjaran,domba jeung embe, sapi, kalde, badega-badega, jeung onta.17Tapi raja nyandak Sarai teh ku PANGERANditerapan panyawat pikapaureun pisan, urangkaraton salianna oge nya kitu deui.18Seug raja ngutus ponggawa ka Abram.Kieu dawuhanana, "Ku naon maneh kitu petaka kami? Ku naon henteu terus terang yenieu teh bojo maneh?

  • Kejadian 12.19–13.7 3319Ku naon diaku yen adi, nepi ka ku kamidipigarwa? Heh ieu pamajikan maneh tarima,tuluy ingkah!"20Raja marentah ka ponggawa, seugAbram digiring kaluar ti eta nagara, jeunggeureuhana katut sagala kagunganana.

    131Ti Mesir Abram angkatna ngaler kapakidulan tanah Kanaan, geureuhana

    jeung sagala kagunganana dicandak, kitudeui Elut.2Abram kacida beungharna, loba dombana,embena, sapina, kitu deui emas jeungperakna.3Ti dinya majeng deui, majeng deui,ngajugjug ka Betel. Geus kitu sumping ka hijitempat antara Betel jeung Ai urut anjeunnabareto ngadegkeun kemah4 jeung altar tea. Seug anjeunna di dinyangabakti ka PANGERAN.5Elut oge kagungan domba, embe jeungsapi, sarta kagungan baraya-baraya kuanjeun, jeung badega-badega.6Ku sabab kitu, ari dipake ku duaan mahtanah pangangonan di dinya teh moal cukup,kawantu ingon-ingon masing-masing sakitureana.7Kajadianana, jelema-jelema anu ngurusingon-ingon Abram jeung ingon-ingon Elutsok garelut bae. (Harita teh tanah masihdicicingan ku bangsa Kanaan jeung bangsaPares.)

  • Kejadian 13.8–16 348Saur Abram ka Elut, "Urang teh jeungdulur. Jelema-jelema anu ngurus ingon-ingonhidep jeung anu ngurus ingon-ingon Uwa ulahnepi ka cekcok.9Leuwih hade urang misah. Pek hidep rekmilih tanah nu mana, terus misah ti Uwa.Mun hidep ngenca, Uwa ngatuhu, mun hidepngatuhu, Uwa ngenca."10Elut rarat-reret ka sakurilingna, brehkatingalieun sakuliah Walungan Yordanngembat manjang ka Soar, daerah sugihku cai lir taman Allah atawa lir tanah Mesir.(Harita mah nagara Sadumu jeung Gomoraacan diduruk ku PANGERAN.)11Seug Elut milih eta lebak WalunganYordan, geus kitu bral ngalih ka beulah wetan,misah ti uwana.12Abram mah tetep di tanah Kanaan. AriElut ngababakan di antara kota-kota di lebaknepi ka deukeut nagara Sadumu,13anu jelema-jelemana jarahat, doraka kaPANGERAN.14Sadikantunna ku Elut, PANGERANngadawuh ka Abram, "Cik, lieukan ti lebahmaneh nangtung ka sakurilingna.15Eta tanah sakurilingna ku Kamirek dibikeun ka maneh salalawasna,turun-tumurun.16Turunan maneh ku Kami rek poharadijembarkeunana, nepi ka lobana moal bisa

  • Kejadian 13.17–14.5 35kaitung, sarua jeung lobana kekebul taneuhmoal bisa kabilang.17Geura sadia, ideran eta tanah tehsakurilingna, sabab ku Kami rek diserenkeunkabeh ka maneh."18Sanggeus kitu Abram mindahkeunpakemahanana tuluy matuh di deukeuttatangkalan karamat tempat ibadah diMamre deukeut Hebron, didinya anjeunnangadegkeun altar haturan PANGERAN.

    141Hiji mangsa, Amrapel raja di nagaraBabilonia, Ariok raja nagara Elasar,

    Kedorlaomer raja nagara Elam, jeung Tidalraja nagara Goyim,2perang ngalawan lima raja: Bera rajanagara Sadumu, Birsa raja nagara Gomora,Sinab raja nagara Admah, Semeber rajanagara Seboim, jeung raja ti nagara Belaatawa Soar.3 Ieu lima raja jadi sabeungkeutan, sartanatakeun balad-baladna di Lebak Sidim, anukiwari mah disebut Laut Paeh.4Tadina ieu lima raja teh taluk ka RajaKedorlaomer, lilana dua belas taun. Ari dinakatilu belas taunna tuluy barontak.5Dina taun kaopatbelasna Raja Kedorlaomersakancana mepek balad, terus ngelehkeunurang Repaim di Asterot Karnaim, urangSusim di tanah Ham, urang Emim dipadataran Kiryataim,

  • Kejadian 14.6–13 366 jeung urang Hor di pagunungan Edom, nepika El Paran anu pernahna di rarambu tanahgurun.7Ti dinya terus balik deui ka Kades anusaterusna disebut En Mispat, ngelehkeuntanah urang Amalek sagemblengna, kitu deuingelehkeun urang Emor anu araya di HasasonTamar.8Ti dinya raja-raja ti nagara Sadumu,Gomora, Admah, Seboim, jeung Bela mepekbalad-baladna ka Lebak Sidim,9ngalawan raja-raja Kedorlaomer ti Elam,Tidal ti nagara Goyim, Amrapel ti nagaraBabilonia, jeung Ariok ti nagara Elasar. Limangalawan opat.10Ari di Lebak Sidim teh loba pisan sumur-sumur aspal. Raja Sadumu jeung Gomoranyoba-nyoba arek kabur ti pangperangan,tapi tigalebrus kana sumur-sumur aspal tea.Nu tiluan kalabur ka pagunungan.11Raja-raja anu opat terus ngaranjah kanagara Sadumu jeung Gomora, ngarampassagala rupa katut bahan-bahan dahareun,terus marulang.12Ari Elut suanna Abram milu kaboyongkatut sagala kakayaanana, kawantu matuhdeukeut Sadumu.13Kabeneran aya anu bisa lolos saurang,bebeja ka Abram, urang Ibrani tea, anu aya dideukeut tatangkalan karamat tempat ibadah

  • Kejadian 14.14–20 37milik Mamre, urang Emor, dulurna Eskol jeungAner, anu geus ngahiji jeung Abram.14Barang Abram ngadangu yen suannakaboyong, sakur jelema anu aya dipakemahanana dikumpulkeun, nya eta jelemaanu ahli perang, lobana 318 urang, tuluyngudag opat raja tea nepi ka kota Dan.15Di dieu dipencar jadi sababaraha barisan.Sanggeus peuting terus musuh ditempuhnepi ka eleh, dibeberik nepi ka Hoba kalereunDamsik.16Barang-barang anu dirampas ku musuhdicandakan deui. Kitu deui Elut katut sagalamilikna jeung jelema-jelema nu sejenna deuiawewe lalaki.17Satengahing mulih jurit tas ngelehkeunRaja Kedorlaomer saparakancana, Abramdipapag ku raja Sadumu di Lebak Sawe(katelah oge Lebak Raja).18Kitu deui Melkisidik, raja ti nagara Salemsarta jadi imam Allah Nu Maha Agung, mapagka Abram ngahaturanan roti jeung anggur.19Anjeunna ngaberkahan ka Abram,pilahirna, "Mugi-mugi Abram ginanjar berkahAllah Nu Maha Agung, anu ngadamel bumisareng langit.20Sagala puji ka Allah Nu Maha Agung, anuparantos nyelehkeun eta musuh ka pangersasalira." Anjeunna ku Abram dihaturanansapersapuluh tina barang-barang hasilperang.

  • Kejadian 14.21–15.3 3821Geus kitu raja Sadumu tea sasauran kaAbram, "Mugi anjeun kersa mulangkeun etarahayat sim kuring. Dupi barang-barangmah mangga candak sadayana, sumejangahaturanan."22Waler Abram, "Sim kuring sumpah dipayuneun PANGERAN, Allah Nu Maha Agung,anu ngadamel langit sareng bumi,23hamo bade ngagaduh-gaduh kana barang-barang anjeun, benang salambar atanapi talitarumpah sacewir oge moal, bisi engke sauranjeun: Aing geus ngabeungharkeun Abram.24Sim kuring pribadi mah moal ngabantunnaon-naon iwal ti anu parantos kaanggo kubalad. Nanging ieu mitra sim kuring tiluan,Aner, Eskol sareng Mamre, sawios sinangabarantun bagianana."

    151Geus kitu PANGERAN ngandika kaAbram dina titingalan. Dawuhana-Na,

    "Tong sieun, Abram! Ieu Kami anu jadikepeng maneh. Ganjaran pikeun maneh tayawiwilanganana."2Abram ngawangsul, "Nun PANGERAN NuMaha Agung, kangge naon ganjaran, da abditeh teu gaduh anak. Ahli waris teh mung punElieser, urang Damsik tea.3Ku margi Gusti henteu maparin anak,rajakaya abdi baris ragragna teh tangtos kasalah sawios gandek abdi."

  • Kejadian 15.4–11 394Gentra PANGERAN kadangu deui,dawuhana-Na, "Lain eta nu baris jadi ahliwaris teh, tapi anak maneh pituin."5Ti dinya Abram ku PANGERAN dicandak kaluar. PANGERAN ngadawuh deui, "Cik tanggahka langit, itung itu bentang ari bisa mah. Tahturunan maneh teh bakal sakitu lobana."6Abram percanteneun kana dawuhana-Na.Sikep Abram kitu ku PANGERAN kamanahsarta katampi.7PANGERAN ngadawuh deui, "Ieu KamiPANGERAN, anu nginditkeun maneh ti Ur diBabilonia, sangkan maneh narima ieu tanahKami."8Abram ngawangsul, "Nun PANGERAN NuMaha Agung, kumaha abdi nya piterangeun,yen abdi baris ngamilik ieu tanah?"9Dawuhan PANGERAN, "Kamipangnyokotkeun sapi bikang, embebikang, jeung embe jalu anu umur tilu taunanhiji-hiji, tikukur hiji, japati hiji."10Seug sato-sato anu ditataan teh kuAbram dicandak haturkeuneun ka Allah,terus dipeuncit dibeulah-beulah dua.Eta beulahan-beulahan dientep, diatur sinapahareup-hareup jeung pada beubeulahananamasing-masing. Tapi manukna mah teudibeulah.11Ti dinya aya manuk-manuk nu sokngahakan bangke tarurun, tapi ku Abramdigebahan.

  • Kejadian 15.12–18 4012Ari dina wanci surup panonpoe Abramkapulesan tibra naker, di dituna katarajangsieun anu pohara.13Lajeng PANGERAN ngadawuh ka anjeunna,"Kanyahokeun! Turunan maneh baris jaradijalma asing di nagara deungeun, di ditunabakal jaradi jalma anu diereh ku deungeunjeung dikaniaya, 400 taun lilana.14Tapi bangsa anu nganiayana ku Kami barisdihukum. Sanggeus kitu turunan maneh bariskaluar ti eta nagara bari marawa rajabranakacida lobana.15Tapi maneh pribadi mah baris cukupnya umur, maot oge engke ari geus kolotkabina-bina, tur mulang kalawan senang.16Turunan maneh anu baris marulang deuika ieu tanah teh nya eta turunan anu kaopat.Nya harita bangsa Emor teh ku Kami barisdikaluarkeun, diusir, nya eta lamun kajahataneta bangsa enggeus nepi ka jucungna."17Geus kitu, sanggeus panonpoe suruppisan sarta geus poek, ujug-ujug breh ayaparapen, haseupna ngebul, jeung aya oborhurung nyorang ka lebah sato-sato beunangngabeulahan tea.18Dina poe eta PANGERAN ngadamel hijiperjangjian jeung Abram, dawuhana-Na,"Kami jangji, rek mikeun ieu tanah pikeunturunan maneh, legana ti semet wates tanahMesir nepi ka Walungan Eprat,

  • Kejadian 15.19–16.6 4119ngurung tanah-tanah urang Keni, urangKenas, urang Kadmoni,20urang Het, urang Pares, urang Repaim,21urang Emor, urang Kanaan, urang Girgasjeung urang Yebus."

    161Sarai garwa Abram tea, teu kagunganputra bae. Anjeunna kagungan emban,

    hiji wanita urang Mesir ngaran Hajar.2Hiji mangsa Sarai sasauran ka Abram,"Abdi ku PANGERAN teu dikersakeun gaduhanak. Kumaha upami Akang ngarangkepsareng Hajar? Upami bae manehna ngajuru,budakna bade diaku ku abdi." Abram sapukkana usul Sarai.3Tuluy Hajar teh ku Sarai diserenkeun kaAbram sina ditikah. Eta kitu teh sanggeusAbram sapuluh taun ayana di Kanaan.4Abram sapatemon jeung Hajar. Geus kituHajar teh ngandung. Barang ngarasa yenkeur kakandungan, Hajar jadi unggah adat,malah ngahina ka Sarai.5Ari Sarai nempuhkeun ka Abram, saurna,"Mana manehna wantun ngahina ka abdi geAkang nu lepat. Hanas ku abdi diserenkeunka Akang, ari heug nembe oge ngawitankakandungan parantos wantun ngunghakka abdi. Mugia PANGERAN anu jadi hakim,antawis urang duaan saha nu leres."6Ari saur Abram, "Ari kitu mah ku Akangdipulangkeun deui bae ka Nyai. Rek dikitu rekdikieu kumaha Nyai, da tadina oge emban

  • Kejadian 16.7–14 42Nyai." Ti dinya Hajar ku Sarai dikejeman nepika ahirna kabur.7Sanggeus nepi ka hiji cinyusu di gurunkeusik deukeut jalan anu terus ka tanah Sur,Hajar ditepangan ku Malaikat PANGERAN.8Eta Malaikat sasauran kieu, "Hajar, embanSarai, maneh ti mana jeung rek ka mana?"Hajar ngawangsul, "Abdi teh kabur ti juraganSarai."9Saur Malaikat, "Balik deui ka ditu,kumawula deui ka Sarai."10Malaikat ngalahir deui, "Kami barismaparin ka maneh pirang-pirang lobana anakincu, nepi ka moal aya saurang oge anu bisangitung maranehna.11Moal lila deui maneh baris ngalahirkeunbudak lalaki; seug ngaranan Ismail, karanaPANGERAN geus ngadangu panyambatmaneh.12Adat eta budak jagana lir ibaratkalde leuweung, ka saha-saha ngalawan,kitu deui tiap jalma baris ngalawan kamanehna. Hirupna baris mencil ti sakabehbabarayaanana."13Hajar nanya ka dirina, "Kutan ieu teh AnuMaha Tingali?" Seug pajenengan PANGERANanu nembongan teh ku Hajar disebut "El Roi",hartosna "PANGERAN Nu Merhatoskeun".14Ari sumurna pada nyarebut "Sumur LahaiRoy", anu hartina "Cinyusu Anu Jumeneng

  • Kejadian 16.15–17.7 43Anu Ningalieun ka Kuring", ayana di antaraKades jeung Bered.15Geus kitu Hajar ngalahirkeun hiji putrapikeun Abram. Seug ku Abram dijenengananIsmail.16Yuswa Abram harita dalapan puluh geneptaun.

    171Mangsa yuswa Abram salapan puluhsalapan taun, PANGERAN nembongan

    deui sarta ngandika, "Ieu Kami, Allah NuMaha Kawasa. Masing anut ka Kami ulah ayakuciwana.2Kami rek meungkeut perjangjian jeungmaneh. Turunan maneh baris loba."3Bruk Abram sujud nyium taneuh. Allahngadawuh deui,4 "Kieu perjangjian anu rek dibeungkeutjeung maneh teh: Kami jangji, maneh barisjadi karuhun bangsa-bangsa loba pisan.5Ti semet waktu ieu ngaran maneh lainAbram, tapi Ibrahim. Sabab ku Kami barisdijadikeun karuhun bangsa-bangsa lobapisan.6Turunan maneh baris pohara reana,malah aya nu baris jaradi raja. Pohara barisreana turunan maneh teh, nepi ka ngajadibangsa-bangsa.7 Ieu jangji ka maneh saanak incu nubaris gumelar, baris dipageuhan ngajadiperjangjian anu langgeng. Kami baris jadi

  • Kejadian 17.8–15 44Allah maneh jeung Allahna turunan-turunanmaneh.8 Ieu tanah, tempat maneh ayeunangumbara, baris dibikeun ka maneh jeungturunan-turunan maneh. Salegana tanahKanaan baris milik maneh salalawasna, sartaKami Allahna."9PANGERAN ngandika deui, "Sabaliknamaneh saanak incu nu bakal gumelarmasing tuhu kana ieu perjangjian ti Kami,turun-tumurun.10Maneh jeung sakumna turunan manehanu lalaki kudu disunat.11Teu kaiwalkeun jalma-jalma anukarumawula ka maneh, boh anu asal lahir dimaneh, boh anu beunang meuli ti nu sejen,kudu disarunatan.12Ti semet ayeuna, sakur budak lalaki, umurdalapan poe kudu disunatan. Ieu hal pikeunnuduhkeun yen Kami jeung maneh geusnyieun perjangjian.13Masing-masing kudu disunatan, pikeunngajadi tanda dina awak, anu nuduhkeunlanggengna perjangjian Kami ka maneh.14Sakabeh lalaki nu teu disunatan moaldianggap umat Kami, sabab manehna geuscidra kana perjangjian Kami."15Aya deui pangandika Allah ka Ibrahim,"Pamajikan maneh ulah disebut deui Sarai.Ngaranna ayeuna mah Sarah.

  • Kejadian 17.16–22 4516Kami baris ngaberkahan, manehnabaris ngajuru hiji budak lalaki anu barisdibikeun ku Kami ka maneh. Enya, Kamibaris ngaberkahan Sarah, manehna barisjadi karuhun bangsa-bangsa. Di antaraturunanana baris aya raja-raja."17Bruk Ibrahim sujud nyium taneuh, tapibari gumujeng, sabab ceuk manahna: "Karahjelema geus umur 100 taun rek boga anak?Sarah nu geus 90 taun, karah baris anakan?"18Tapi ari unjukanana mah kieu,"Disuhunkeun, mugi Ismail dipangraksakeunsupados lulus mulus."19Tapi Allah ngandika, "Lain kitu.Sarah pribadi, pamajikan maneh, barisngandung anak maneh, lalaki. Ku manehkudu dingaranan Ishak. Eta budaknakaasup kana perjangjian Kami, kitu deuiturunan-turunanana, keur salalanggengna.20Pamenta maneh ngeunaan Ismail, ku Kamitangtu dimakbul. Ku Kami rek diberkahan.Satuluyna baris anak baranahan loba turunan.Baris jadi karuhun dua welas kapala kaom,ari turunanana ku Kami baris dijadikeun hijibangsa nu gede.21Ngeunaan anak maneh Ishak, anu barislahir ti Sarah taun hareup kira-kira tepungwaktu ieu, perjangjian Kami tetep moalbarobah."22Sanggeus ngandika kitu, lajeng Allahangkat ngantun Ibrahim.

  • Kejadian 17.23–18.5 4623Poe eta keneh, Ibrahim nyepitanputrana, Ismail. Kitu deui jelema-jelema anukarumawula, boh anu asal lahir di dinya, bohanu meunang ngagaleuh, cindekna sakurlalaki kabeh ku anjeunna disarunatan, tumutsatimbalan Allah.24Harita, waktu Ibrahim disepitan, yuswanageus 99 taun,25ari Ismail putrana geus 13 taun.26 Ibrahim disepitanana sapoe reujeungjeung putrana,27 (17-26b) bareng jeung sakabehjelema-jelema anu karumawula ka anjeunna.

    181PANGERAN sumping deui ka Ibrahim,liren di deukeut tatangkalan karamat

    tempat ibadah di Mamre. Harita Ibrahim keurcalik, ngangin di palataran hareupeun pantokemah, kawantu poe keur papanasna.2Ana cengkat, breh katingali di beulahditu aya nu keur ngaradeg tiluan. Anjeunnaterus nepangan mani gura-giru. Sanggeuspajonghok, anjeunna terus sujud kanataneuh,3bari sasauran, "Juragan-juragan mugikersa sindang heula ka rorompok reureuh.Abdi sumeja ngalalayanan.4Saparantos wawasuh sampean, leleson didieu handapeun tangkal.5Samemeh angkat taruang heula supadoskiat salira. Ku margi Juragan-juragansarumping teh ka dieu, tawis mihormat

  • Kejadian 18.6–12 47ka sim abdi, abdi sumeja ngalalayanan."Tamu-tamu ngawaler, "Nuhun, katarimapisan."6 Ibrahim geuwat ka kemah, saurna kaSarah, "Nyai, geuwat nyieun roti buleud.Tipungna anu pangalusna, kira-kirasakantong."7Ti dinya geuwat indit ka tempatingon-ingon, newak anak sapi anu keurmeumeujeuhna tur lintuh, terus dipasrahkeunka bujangna sina buru-buru direcah.8Tamu-tamu dituangkeun, susuguhna:kiju, susu jeung daging. Sabot tamu-tamutaruang, anjeunna ngalalayanan teu jauh titamu, di handapeun tatangkalan tea.9Geus kitu tamu teh mariksakeun Sarah,saurna, "Ari Sarah bojo maneh, aya?" SaurIbrahim, "Aya, di lebet kemah."10Saur tamu nu saurang, "Kami ngajangjian,salapan bulan deui Sarah bakal boga anak.Waktu eta Kami baris ka dieu deui." Etakasauran tamu ku Sarah oge kadangueun, dakeur aya di tukangeun panto.11 Ibrahim jeung Sarah teh geus sarepuhpisan, sarta Sarah geus liren tina adat biasaistri.12Ku sabab kitu Sarah teh gumujengsajeroning batinna, saurna: "Aing anu geuskolot jeung pareot kieu, naha hayang kenehkitu kana kikituan? Salaki oge sarua geuskolot."

  • Kejadian 18.13–20 4813Tapi PANGERAN ngadawuh ka Ibrahim,"Ku naon Sarah nyeungseurikeun, jeungnyebutkeun: Aing nu geus sakieu kolotna,baruk rek boga anak?14Keur PANGERAN mah euweuh nu mustahil.Dina mangsana, salapan bulan deui, Kamibaris ka dieu deui. Tangtu Sarah geus bogaanak, lalaki."15Ku sabab sieun, Sarah mungkir, saurna,"Da abdi mah henteu seuri." Diwaler kuPANGERAN, "Puguh enya, seuri."16Ti dinya tamu teh angkat, ngabujenghiji tempat anu ngemplong awas ka nagaraSadumu, dijajapkeun ku Ibrahim.17PANGERAN ngalahir sajeroning manah:"Kami moal ngarasiahkeun ieu maksud kaIbrahim.18Turunanana pijadieun bangsa anu kuat,sarta sakabeh bangsa di bumi bakal marentaberkah Kami anu geus dibikeun ka Ibrahim.19Manehna ku Kami geus diperih sangkanngadidik anakna jeung turunan saterusna,sina ngestokeun parentah Kami, sangkanbener hirupna. Upama kitu, sangkan anugeus dijangjikeun ku Kami ka manehna bisadilaksanakeun."20Geus kitu Mantenna ngadawuh, "Geuskacida poharana sora-sora anu rarumahuh kukarana nagara Sadumu jeung Gomora. Etanagara geus kacida dorakana.

  • Kejadian 18.21–27 4921Kami rek turun ka dinya, hayang nyaho,naha sakur anu ku Kami kadenge teh enyaatawa henteu. Ku Kami rek disidikkeunheula."22Ti dinya tamu nu dua angkat ka nagaraSadumu. Ari PANGERAN ngantos di dinyajeung Ibrahim.23 Ibrahim nyaketan ka PANGERAN, tumaros,"Leres kitu jalmi anu leres oge ku Gusti badedibasmi, disamikeun sareng anu daroraka?24Upami di eta nagara aya lima puluh uranganu teu aya kalepatanana, naha eta nagarateh cios bae ditumpurkeun sama sakali?Kumaha ku Gusti moal dihapunten tinangemutkeun ka lima puluh jalmi anu tayadosana?25Tangtosna oge jalmi-jalmi anu tayakalepatanana mah ku Gusti moal ngiringdibasmi, moal disamarutkeun sareng nudaroraka. Ceuk raraosan mah mustahil!Tangtosna oge moal dugi ka kitu. Jalaranupami dugi ka kitu teh, atuh anu taya dosanaoge sami bae ditumpurkeun sapertos anujarahat. Piraku! Kapan anu jadi hakim sabumiteh kedah nyepeng hukum adil."26PANGERAN ngawaler, "Upama aya limapuluh urang jalma hade di Sadumu, etanagara hamo dibasmi, lantaran inget ka nulima puluh."27 Ibrahim unjukan deui, "Hapunten, abdikumawantun unjukan deui, Gusti. Rumaos

  • Kejadian 18.28–19.1 50abdi teh ukur manusa, teu wenang nyanggemkitu kieu.28Nanging kumaha upami nu leres mungopat puluh lima, sanes lima puluh, nahaeta nagara teh bade dibasmi bae, dumehkirang lima urang ti lima puluh?" PANGERANngawaler, "Moal tulus, lantaran inget ka opatpuluh lima urang nu bener."29 Ibrahim miunjuk deui, "Kumaha upamimung opat puluh?" Waler-Na, "Moal tulus,lantaran inget ka nu opat puluh urang."30 Ibrahim, "Pamugi teu jadi bendu, Gusti,abdi unjukan deui. Kumaha upami mung ayatilu puluh?" Waler-Na, "Moal tulus najan nganaya tilu puluh oge."31 Ibrahim, "Hapunten, abdi kumawantunkeneh. Kumaha upami mung aya dua puluh?"Waler-Na, "Moal tulus dibasmi eta nagara teh,najan nu benerna ngan dua puluh."32Piunjuk Ibrahim, "Nyanggakeun sewu-sewu bebendu, abdi sumeja nyanggem sakaliieu deui. Kumaha upami mung aya sapuluhurang?" Mantenna ngawaler, "Moal tulusdibasmina, sanajan ngan sapuluh urang."33Sanggeus ngadawuh kitu ka Ibrahim,PANGERAN lajeng jengkar, Ibrahim mulih kakemah.

    191Wanci sareupna, dua malaikat teageus sarumping ka Sadumu. Waktu eta

    Elut keur calik-calik di gapura nagara, tempatnu lalar liwat. Ningali aya nu sumping teh

  • Kejadian 19.2–9 51geuwat cengkat tuluy mapagkeun. Anjeunnasujud payuneun tamu,2 tuluy miunjuk, "Juragan-juragan, mugisindang ka rorompok, sim kuring sumejangalalayanan. Wengi ieu sae karulem di abdibae, cai kanggo wawasuh sampean mahsayagi. Enjing nembe lajeng deui." Walertamu, "Nuhun, kami mah rek meuting dialun-alun bae."3Tapi bawaning ku dikeukeuhan, aranjeunnaterus ngariring ka bumi Elut. Terusdituangkeun, katuanganana bangsa anuraraos.4Barang tamu-tamu rek karulem, burubulurang Sadumu dararatang ngepung bumiElut, mani pinuh, boh nu kolot boh nu ngora.5Breng tinggorowok ka Elut, "Mana etajelema-jelema anu keur meuting di dinya?Kaluarkeun, arek dijima ku kabehan!"6Elut kaluar, panto ditutupkeun.7 "Dulur-dulur!" saurna. "Ulah kitu katatamu, teu hade.8Kieu bae. Kuring boga anak awewe dua,parawan keneh. Pek bae rek dikitu rek dikieuoge, asal ulah ka tatamu. Tamu kuring etateh, wajib ku kuring dibelaan."9 "Halik silaing, urang deungeun! Jadi naondi dinya teh wani-wani mamagahan ka kami?Halik, bisi beak disasaak!" ceuk maranehnabari ngadorong Elut, rek ngaruksak panto.

  • Kejadian 19.10–17 5210Geuwat Elut ku tamuna dibedol ka jero,pantona terus ditulakan.11Ari jelema-jelema nu di laluar kuaranjeunna dijieun lalolong, sina talag-tologteu bisa neangan panto.12Saur tamu ka Elut, "Maneh boga baraya didieu? Maneh kudu kaluar ti ieu nagara. Anakminantu, kitu deui baraya nu sejen-sejennaarajak.13 Ieu nagara sakeudeung deui barisdibasmi ku kami. Rumahuhna jelema-jelemaku karana ieu nagara geus kadangu kuPANGERAN, sarta kami diutus ku Mantennakudu ngabasmi ieu nagara."14Ti dinya Elut nepangan pimantueunananu duaan, saurna, "Ujang, buru-buru urangkalaluar ti dieu, sabab ieu nagara sakeudeungdeui rek dibasmi ku PANGERAN." Tapi ceukpamikir pimantueunana tangtuna oge etamah ukur lulucon.15Wanci subuh, malaikat ngageugeuwat kaElut, saurna, "Buru-buru! Anak pamajikanbawa kaluar ti dieu, gancang, bisi kabawacilaka jeung ieu nagara."16Tapi Elut kaleked pisan, tungtungnaanjeunna saputra garwa dikekenyangdicandak kaluar ti jero nagara, bawaningku watir-watirna PANGERAN ka anjeunna.Sanggeus aya di luareun nagara, terus ditilar.17Saur malaikat nu saurang ka Elut,samemeh nilarkeun, "Gancang ka ditu

  • Kejadian 19.18–25 53lumpat, supaya salamet. Ulah nyoreang katukang, jeung ulah eureun di lebak. Kuduterus ka pagunungan, supaya teu milumusna."18Tapi saur Elut, "Sanes kitu, Juragan!19Leres Juragan teh sakitu mikarunyaka abdi. Juragan kalintang saena, kersanyalametkeun ka abdi. Nanging pagununganteh sakitu tebihna. Samemeh tepi ka ditu ogetangtos abdi-abdi paeh manten kaudag kueta kacilakaan.20Kumaha upami ka kota nu itu bae, kotaleutik? Ka dinya mah tangtos kabujeng da teusabaraha tebihna. Ku Juragan ge katingalikotana alit. Widian ka dinya bae, supadosabdi-abdi salamet."21Walerna, "Heug. Eta kota ku kami moalmilu dibasmi.22Geuwat, lumpat sing tarik! Kami moalwaka bisa nanaon samemeh maneh nepi kadinya." Ku sabab ku Elut disebut leutik, etakota dingaranan Soar.23Wanci meletek panonpoe, Elut geus dugika Soar.24Ti dinya PANGERAN ngaragragkeun hujanwalirang hurung ti langit, ka nagara Sadumujeung Gomora.25Eta dua nagara katut salegana lebak kuPANGERAN dibasmi. Jelema-jelemana kitudeui sagala tutuwuhan di eta nagara katutdaerahna beak teu aya nu ngari.

  • Kejadian 19.26–33 5426Ari istri Elut anggur ngalieuk ka tukang,sarta harita keneh jleg bae ngajadi tihanguyah.27Poe isukna, poek keneh, Ibrahimgagancangan muru ka tempat kamarisasarengan jeung PANGERAN tea,28 seja nempo Sadumu jeung Gomora kitudeui lebak. Ana breh teh salegana tanah manimulek ku haseup, tingpeledug lir bijil tinaliang pameuleuman anu pohara gedena.29Sajeroning Allah ngabasmi eta dua nagarakatut tanah lebak lemparna, manahna tetepmikaemut ka Ibrahim, sarta ku karana etaMantenna ngawidian Elut salamet kaluar tidinya.30Ku sabab teu wantun cicing di Soar, Elutngalih ka pagunungan jeung dua putrana,ngadon matuh di hiji guha.31Hiji poe, ceuk putra nu kolot ka raina,"Ama geus sepuh. Heug di dieu taya pisanlalaki. Atuh urang teh moal aya anu ngawincara galibna di dunya supaya boga anak.32Urang kieu bae: Ama urang sina mabok,sina ngagaulan ka urang, supaya ti Ama bogaanak."33Peuting eta Elut ku putra-putranadihaturanan leueuteun anggur nepi kamabok, tuluy pagaul jeung putrana nucikal. Tapi teu uningaeun yen kikituan jeungputrana, kawantu mabokna pohara.

  • Kejadian 19.34–20.4 5534Poe isukna, ceuk nu cikal ka adina, "Tadipeuting, aceuk anu digarap ku Ama. Peutingengke giliran nyai. Amana urang sina mabokdeui. Supaya urang pada-pada boga anak tiAma."35Tuluy ramana dimabokan deui, sartapeutingna Elut pagaul jeung putrana nukadua. Tapi teu uningaeun yen kikituan,lantaran mabokna pohara deui bae.36Ti dinya putrana duanana ngarandung tiramana keneh.37Anu cikal, anakna lalaki, dingaranan Moab,anu engkena jadi karuhun bangsa Moabkiwari.38Ari adina, anakna sarua lalaki, dingarananBen Ami, anu engkena jadi karuhun bangsaAmon.

    201Ti Mamre Ibrahim ngalih ka daerahKanaan beulah kidul, ngababakan

    antara Kades jeung Sur. Waktu anjeunnamukim di daerah Gerar,2Sarah geureuhana ku anjeunna diangkenyen raina. Atuh Sarah diboyong ka karaton kuAbimelek, raja tanah Gerar.3Peutingna Allah nembongan ka eta rajadina impenan, sarta ngadawuh, "Maneh bakalpaeh, sabab Sarah teh awewe boga salaki."4Tapi harita Sarah teh ku raja acan dideukeutan. Anjeunna ngawaler kieu, "Naonmargina abdi sareng bangsa abdi kedahbinasa, da teu gaduh kalepatan naon-naon?

  • Kejadian 20.5–13 565Saur Ibrahim eta teh raina. Sanggem Sarahnya kitu, majar Ibrahim teh rakana. Niat abdiestu beresih, jadi asa teu aya lepatna."6Allah ngawaler, "Enya Kami ge nyaho niatmaneh teh beresih; pang ku Kami dicegahulah ngaganggu Sarah oge supaya manehulah nepi ka nyieun dosa ka Kami.7Pulangkeun deui ka salakina. Salakinateh nabi, tangtu baris mangnedakeunhampura pikeun maneh, supaya ulah tuluspaeh. Lamun henteu dipulangkeun, manehsakulawedet tangtu paeh."8 Isukna isuk-isuk pisan Abimelekngempelkeun para ponggawa, nyarioskeunhal eta. Maranehna kacida sarieuneunana.9Ti dinya Abimelek nyaur Ibrahim, sartasaurna, "Ku naon anjeun mana kitu? Lepatnaon sim kuring ka salira, nepi ka sim kuringkatut rahayat sanagara nandangan musibat?Nu sanes mah moal aya nu wantun kitu kasim kuring, sapertos salira.10Cobi, naon margina?"11Waler Ibrahim, "Lantaran panyangka simkuring teh sieun di dieu mah taya nu sieun kaAllah, ana heug urang dieu harayangeun kapun bojo, heug bae sim kuring pada maehan.12Nanging leres pun bojo teh adi, sabapamung misah indung, nu matak ku sim kuringditikah.13Kitu nu mawi, waktos Allah nimbalan simkuring kedah ngantunkeun babakan pun

  • Kejadian 20.14–21.2 57bapa ngumbara ka nagri sanes, pun bojo tehku sim kuring sok dipesen kieu, Nyai singbela ka Akang, di mana bae oge Nyai kudunyebutkeun yen Akang teh lanceuk."14Ti dinya Sarah ku Abimelek dipulangkeunka Ibrahim, malah bari ditambahan kudomba, sapi jeung jelema-jelema purahkumawula.15Saurna ka Ibrahim, "Saena mah tetep-tetep bae sareng urang dieu. Tanah mahkantun milih nu mana copna, da sugri nukatingali ku salira teh sadayana oge tanahgagaduhan."16Ari saurna ka Sarah, "Sim kuringngahaturanan ka tuang raka sarebu uangperak, kanggo panyecep ka sugri anureureujeungan sareng Nyai, sina nyakseniyen salira taya kuciwa."17Geus kitu Ibrahim mangnedakeunAbimelek ka Allah. Seug Abimelek jeunggeureuhana ku Allah dicageurkeun, sina iasapuputra sakumaha mistina.18Satadina PANGERAN geus mepetkandungan wanita-wanita saeusi bumiAbimelek dumeh Abimelek midamel kitu kaSarah geureuhana Ibrahim.

    211PANGERAN netepan jangji-Na kaSarah.

    2Sarah bobot terus ngababarkeun putrapameget ti Ibrahim, waktu Ibrahim geus

  • Kejadian 21.3–12 58sepuh pisan. Ari dilahirkeunana cocog dinawaktu anu geus didawuhkeun ku Allah.3Ku Ibrahim dijenenganan Ishak.4Sanggeus yuswa dalapan poe, murangkalihku Ibrahim disepitan numutkeun timbalanAllah tea.5Yuswa Ibrahim waktu Ishak lahir saratustaun.6Sarah sasauran sorangan, "Aing ku Allahdipaparin kabungahan, tapi pikaseurieun.Sarerea oge mun ngadenge ieu kajadiantangtu sareuri kawas aing."7Saurna deui, "Bareto mah saha nu rekamang-omong ka Ibrahim yen Sarah bakalnyusuan anak sorangan? Tapi ayeuna, waktuIbrahim geus sakitu sepuhna, geuning aingbisa boga anak, heug budak teh lalaki deuih."8Murangkalih beuki ageung. Sanggeuswaktuna disapih, ku Ibrahim dipestakeun,hajat gede.9Dina hiji poe, Ismail putra ti Hajar urangMesir, ameng jeung Ishak putra ti Sarah.10Ana katingali ku Sarah, seug Sarahsasauran ka Ibrahim, "Hajar teh sarenganakna tundung bae. Anakna ulah dipasihanwarisan naon-naon. Ka anak abdikeunsadayana, warisan mah."11Atuh Ibrahim pohara ngungun manahna,kawantu Ismail oge putra.12Tapi aya pangandika Allah ka Ibrahim,"Hajar jeung anakna teu kudu dipake

  • Kejadian 21.13–19 59susah. Pamenta Sarah turutkeun bae.Sabab memangna oge nya Ishak anu barisngarundaykeun turunan anu ku Kami disebutdina perjangjian Kami teh.13Tapi budak anu ti Hajar oge ku Kamitangtu dibere turunan nu rendey, malah barisjadi hiji bangsa, da eta oge anak maneh."14 Isukna isuk-isuk keneh Ibrahimnyayagikeun roti jeung cai sakimpuldipaparinkeun ka Hajar. Ismail ku anjeunnadipangkon tuluy disina dipunggu ku Hajarsarta Hajar dijurung laku. Hajar miang,satuluyna kasasar di tanah gurun Bersyeba.15Barang cai bekelna geus beak pisan, sotHajar ngecagkeun Ismail di handapeun hijirungkun, tuluy leumpang ngajauhan.16Sanggeus jauhna kira-kira sapamaledog,brek bae diuk bari ngomong sajeroningbatinna: "Aing moal kuat nenjo anak paeh."Segruk bae Hajar teh ceurik.17Eta budak teh ceurik sarta kadangu kuAllah. Lajeng malaikat PANGERAN ti langitngagentraan ka Hajar, saurna, "Ku naonHajar nalangsa? Ulah susah-susah. Allah geusngadangu ceurikna eta budak.18Geura cengkat, pangku budak teh, combo.Eta budak rek dijadikeun hiji bangsa gede."19Ku karana Allah, bray panon Hajarjadi awas, breh ningal aya hiji cinyusu.Geuwat Hajar nyiuk cai kana kimpul, terusmurangkalih teh diinuman.

  • Kejadian 21.20–28 6020Eta murangkalih ditangtayungan ku Allahnepi ka sawawa, hirup matuh di tanah gurunParan, jadi paninggaran anu ahli.21Ku ibuna dijodokeun ka hiji mojang tiMesir.22Geus kitu Abimelek nepangan ka Ibrahim,disarengan ku Pikol, panglima angkatanperangna, seug sasauran ka Ibrahim, "Sugrianu dipidamel ku salira, kenging berkah tiAllah.23Kitu nu mawi, disuhunkeun supados salirajangji kalayan sumpah demi Allah yen moalmidamel curang ka sim kuring, ka anak-anaksareng incu buyut sim kuring. Sim kuringparantos nawiskeun persetya ka salira. Saliraoge mugi nawiskeun persetya ka sim kuringsareng ka ieu tanah tempat salira ngumbara."24Seug Ibrahim sumpah, "Sim kuringjangji."25Geus kitu Ibrahim ngagugat perkara hijisumur anu direbut ku ponggawa-ponggawaAbimelek.26Waler Abimelek, "Sim kuring teu terangyen aya perkawis kitu. Nembe ngupingayeuna da tadi-tadina henteu wawartos."27Ti dinya Ibrahim nyandak domba jeungsapi sababaraha sele, diserenkeun kaAbimelek. Terus aranjeunna meungkeut hijiperjangjian.28 Ibrahim misahkeun deui tujuh sele dombakagunganana.

  • Kejadian 21.29–22.3 6129Ku Abimelek ditaros, "Dupi eta kanggonaon?"30Waler Ibrahim, "Ieu anak domba tujuhsele mugi ditampi ku salira, kanggo tawis yensalira teu kaabotan ku perkawis eta sumur,yen sim kuring anu ngalina."31Ku kituna eta sumur pada nyarebutBersyeba, dumeh eta dua jalmi padameungkeut sumpah di dinya.32Sanggeus mareungkeut perjangjian diBersyeba, Abimelek jeung Pikol panglimaangkatan perangna marulih deui ka tanahPelisti.33Ari Ibrahim di Bersyeba ceb melakhiji tangkal korma, nya ti mangsa harita,eta tempat dipake nyambat pajenenganPANGERAN, Allah Nu Maha Langgeng.34 Ibrahim lila pisan matuhna di eta tanahPelisti.

    221Hiji mangsa Allah nguji ka Ibrahim,timbalana-Na, "Ibrahim!" Ibrahim

    ngawaler, "Nun, aya pikersaeun naon?"2Timbalan Allah, "Anak kadeudeuh manehanu ngan hiji-hijina, Ishak, bawa ka tanahMoria. Kurbankeun ku maneh ka ditu, duruk dihiji gunung anu ku Kami baris dituduhkeun."3 Isukna, isuk-isuk pisan Ibrahim nyelaankalde, meulahan suluh keur engke ngadurukkurban. Bral angkat, nyandak Ishak jeungbadega duaan, ngajugjug tempat anudimaksad ku PANGERAN.

  • Kejadian 22.4–12 624Nincak kana poe katiluna, tempat anudijugjug teh geus tembong celak-celak.5 Ibrahim ngalahir ka badegana, "Maranehmah ngadaragoan di dieu bae, tungguankalde. Kami jeung si Encep rek terus ka ditu,rek ngalampahkeun ibadah. Engke ge balikdeui ka dieu."6 Ishak ku anjeunna dipiwarang manggulsuluh nu rek dipake ngaduruk kurban.Ibrahim ku anjeun ngajingjing gobang jeungareng ruhay, bral deui arangkat paduduaan.7Teu lila pok Ishak unjukan, "Ama!"Diwaler, "Naon Ujang?" Ishak, "Suluhnyandak, seuneu nyandak, dupi dombapikurbaneunana mana?"8 Ibrahim ngawaler, "Enung, eta engkedisayagikeun ku Allah ku manten." Ketrukarangkat deui paduduaan.9Sumping ka tempat anu dimaksad kuPANGERAN, Ibrahim ngadegkeun altar, terussuluhna ditumpukkeun di dinya. Reketekputrana diborogod, sok digolerkeun dinatumpukan suluh luhureun altar.10Kek Ibrahim kana gobang, seja meuncitputrana.11Sabot kitu, ngeng aya gentra malaikatPANGERAN ti langit, "Ibrahim, Ibrahim!"Anjeunna ngawaler, "Nun, ieu abdi!"12Gentra, "Ulah dipaehan budak teh,ulah digunasika! Ayeuna Kami nyaho,maneh sakitu nurutna ka Allah. Anak ngan

  • Kejadian 22.13–20 63sasiki-sikina dipenta ku Kami, ku maneh teudikoretkeun."13Barang Ibrahim ngareret ka gigir, betningali aya domba jalu, tandukna kagubed kuareuy-areuyan. Tuluy ditewak, dipeuncit sartadiduruk dijieun kurban, gaganti putrana.14Ti dinya eta tempat ku Ibrahim disebut"PANGERAN Nu Nyayagikeun". Nepi ka kiwarioge disarebutna teh "Di Gunung PANGERANMantenna Nyayagikeun".15Malaikat PANGERAN ti langit ngagentraandeui ka Ibrahim,16 "Kieu timbalan PANGERAN: Ku sababmaneh geus sakitu nurutna, nepi ka teungoretkeun anak anu ngan sasiki-sikinadipenta ku Kami,17Kami jangji, Kami seja mere berkahtanpa wilangan. Seja ngarundaykeun turunanmaneh, lobana lir bentang-bentang di langit,lir keusik di basisir. Turunan maneh barismampuh nundung musuh-musuh.18Bangsa-bangsa saalam dunya barismareunang berkah ku lantaran turunanmaneh, sabab maneh tuhu kana parentahKami."19Geus kitu Ibrahim nepangan badegana,tuluy bareng mulih ka babakanana diBersyeba.20Hiji mangsa sanggeus kajadian di GunungMoria tea, Ibrahim kenging wartos, yen

  • Kejadian 22.21–23.7 64Nahor, raina kagungan putra dalapan urang tiMilka, garwana.21Us cikalna, terus nungturun: Bus, Kemuelbapana Aram,22Kesed, Haso, Pildas, Yidlap jeung Betuel,23 ramana Rabeka tea. Milka ngowokeunputra-putra dalapan urang lalaki ti Nahorcarogena, saderekna Ibrahim.24Ari putra-putra ti garwa anu kadua, Ruma,nya eta: Tebah, Gaham, Tahas jeung Maaka.

    231Sanggeus Sarah yuswana 127 taun,2Sarah pupus di Hebron di tanah

    Kanaan. Ibrahim anu dikantun, midangdamtaya hinggana, lajeng sasayagian keurngurebkeun.3Layon ku anjeunna dikantun nepanganheula urang Het anu maratuh di dinya.Saurna,4 "Dulur-dulur, sim kuring teh kawantu anungumbara, padumukan oge teu acan jinek.Ayeuna butuh lahan keur nguburkeun punbojo. Kumaha upami meser ti dulur-dulur?"5 Jawab maranehna,6 "Kieu eta mah, Juragan! Juragan teh kapalaanu kawasa di dieu. Atuh sumangga tuanggeureuha teh kurebkeun di salah sawiosmakam milik anu utami di dieu. Saurangge moal aya nu kaabotan makam miliknadianggo keur ngurebkeun tuang geureuha."7 Ibrahim dongko hormat ka maranehanana

  • Kejadian 23.8–15 658 sarta ngalahir, "Upami leres rarido simkuring nguburkeun pun bojo di dieu,pangmundutkeun ka Epron, putra Sohar,9 supados Guha Makpela kagunganana anudi sisi humana tea diical ka sim kuring. Badedipeser sapangaosna kalayan disaksian kuaranjeun, supados eta pamakaman teh sahkagaduhanana ku sim kuring."10Ari Epron harita keur ngariung jeungurang Het di gapura kota. Pok Epron nyaritaka Ibrahim, kadenge ku sakur anu araya didinya,11 "Kaom sim kuring jaradi saksi yeneta huma katut guhana, ku sim kuringdisanggakeun sangkan Juragan tiasangurebkeun tuang bojo."12 Ibrahim dongko ka hareupeun urangdinya,13pok ngawaler ka Epron, kadarengeku sarerea, saurna, "Hatur nuhun kanakasaean Saderek. Nanging ku sim kuringtetep bade dipeser, sadayana. Pun bojobade dikuburkeun di dinya. Mangga ieupameseranana ditampi."14Walon Epron,15 "Kitu oge sae. Nanging da tanah mungsacangkewok, sayaktosna kanggo urangnaon hartosna. Mangga tuang geureuha tehkurebkeun di dinya. Dupi pangaosna mah 400uang perak."

  • Kejadian 23.16–24.4 6616 Ibrahim rujuk. Bari disaksian ku bani Hetanu araya di dinya, perak keur mayarna terusditimbang ku timbangan anu sah diparakeku para sudagar, jumlahna 400 uang peraksakumaha pamenta Epron.17Ti dinya, eta lahan Epron anu diMakpela wetaneun Mamre teh geus sah jadimilik Ibrahim katut guhana, malah katuttatangkalanana, nepi ka tungtung-tungtungwawatesanana.18Ku bani Het geus diaraku kalawan sah,yen eta lahan teh geus jadi milik Ibrahim.19Ti dinya Ibrahim ngurebkeun Sarahgeureuhana di eta guha di tanah Kanaan.20 Jadi eta tanah anu tadina milik urang Het,ayeuna geus sah jadi milik Ibrahim, dianggotanah makam.

    241 Ibrahim geus kacida sepuhna. Sagalalampah hirupna ku Allah diberkahan.

    2Dina hiji poe ngalahir ka badegapangkolotna, purah ngurus kakayaananjeunna, "Pernahkeun leungeun maneh kaantara tetepokan kami.3Kudu sumpah demi PANGERAN, Allahnu kagungan langit jeung bumi, yen keurpijodoeun anak kami maneh moal neanganawewe urang dieu, urang Kanaan.4Teangan pijodoeun anak kami Ishak tilebah babarayaan kami di tanah asal kami.Jadi maneh kudu ka ditu."

  • Kejadian 24.5–12 675Badega ngawangsul, "Kumaha upamipiistrieunana teu kersaeun dicandak,hoyongeun tetep di ditu? Naha tuang putrakedah ka ditu ka tanah asal Juragan?"6Waler Ibrahim, "Ulah! Kahade, anak kamiulah dibawa ka ditu!7PANGERAN, Allah nu kagungan langit,nginditkeun kami ti lingkungan bapa jeungbaraya. Mantenna geus jangji ka kaminganggo sumpah, baris masrahkeun ieutanah keur turunan kami. Mantenna barisngutus malaikat-Na nuyun ka maneh,sangkan hasil meunangkeun pijodoeun anakkami.8Saupama pijodoeunana embungeun milu,maneh geus henteu kabeungkeut ku jangji.Pokona mah anak kami ulah nepi ka kudu kaditu."9Seug badega teh mernahkeun leungeunnaka antara tetepokan Ibrahim dununganana,tuluy sumpah seja tuhu kana pamundut.10Ti dinya nyadiakeun onta sapuluh anudununganana, kitu deui barang-barang nuaralus. Bral miang ka nagara tempat Nahorjenatna di Mesopotami.11Sanggeus nepi ka nu dijugjug, seugngareureuh deukeut hiji sumur luareunkota. Pasosore awewe urang dinya rabul rekngarala cai.12Badega teh seug neneda, "NunPANGERAN, Allah juragan Ibrahim. Mugi

  • Kejadian 24.13–20 68abdi dinten ieu ditepangkeun sareng anunuju dipilari. Mugi Gusti emut kana jangji kadunungan abdi.13Abdi sumeja ngantos dongkapna barudakawewe ti kota ngarala cai ka dieu,14bade nyanggem ka salah saurang: Ciknyuhunkeun caina, Bapa halabhab. Upamiwangsulanana: Mangga, malah onta-onta ogeurang inuman, nya manehna anu ku Gustikamanah baris pijodoeun juragan Ishak. Etajadi tawis pikeun abdi, yen jangji Gusti kadunungan abdi tetep pageuh."15Sabot manehna neneda keneh, jol ayahiji mojang nyuhun buyung wadah cai. Etamojang teh Rabeka putra Betuel, putunaMilka garwa Nahor raina Ibrahim.16Rupana teuing ku geulis jeung parawankeneh. Jut turun ka sisi sumur ngeusianbuyung, cat unggah deui.17Badega nyampeurkeun, pok ngomong,"Cik nyuhunkeun caina, Bapa halabhab."18Ari wangsulanana, "Mangga badengaleueut mah," bari buru-buru nyangkehbuyung di dengdekkeun. Regot manehnanginum.19Geus kitu eta mojang teh ngomong,"Onta-onta oge sae urang inuman. Keuncaina ku abdi dipangalakeun."20Cai tina buyung dicicikeun kanapanginuman nepi ka kosong, terus lumpat

  • Kejadian 24.21–29 69ngeusian deui. Kitu jeung kitu bae, nepi kaonta-onta kabeh ngarinum.21Manehna bati bengong, ngawaskeunbarina repeh, hayang nyaho, nahapamaksudanana teh baris diluluskeun kuPANGERAN atawa moal.22Geus kitu manehna ngaluarkeun antingemas jeung geulang emas sapasang, seugditerapkeun ka nyi mojang.23Pok nanya, "Eulis putra saha? Bapa hayangterang. Kumaha kinten-kintenna tuang ramakersaeun nampi Bapa sabatur-batur ngadonmondok barang sawengi?"24Ari wangsulanana, "Abdi putra Betuel,putu Eyang Nahor sareng Eyang Milka.25Kantenan di rorompok aya tempat. Jaramisareng parab onta oge sayagi."26Badega teh terus sujud, muji sukur kaPANGERAN.27Ari kedalna, "Sagala puji kagunganPANGERAN, Allah panutanana juraganIbrahim. Mantenna satia nyepeng jangji-Naka dunungan sim abdi. PANGERAN parantosnuyun sim abdi, nuduhkeun jalan ka bumisaderekna dunungan sim abdi."28Ari nyi mojang lumpat ka bumi, seugwawartos ka ibuna.29 (24:29-30) Cacariosna kadangu ku raina,Laban, malah katingalieun yen nganggoanting emas jeung geulang emas, raina teruslumpat, seja neang jelema anu dicarioskeun

  • Kejadian 24.30–37 70tea. Kasampak keur nangtung deukeutonta-onta sisi sumur.30 (24:29)31Saur Laban, "Haturan Bapa, nu diberkahanku PANGERAN! Ku naon linggih di dieu bae,sanes teras ka ditu. Mangga urang sareng karorompok, tempat parantos sayagi, kanggeonta oge aya."32Badega teh terus milu. Sanggeus tepionta-onta ku Laban dicuculan, dibereanjarami jeung parab. Geus kitu disadiakeuncai keur eta badega Ibrahim sabatur-baturkukumbah suku.33Barang disina dalahar, manehna unjukan,"Nyuhunkeun widi, sateuacanna neda badeaya pisanggemeun heula." Saur Laban,"Mangga saurkeun bae."34 "Sim kuring teh badegana juraganIbrahim," pokna.35 "Anjeunna ku PANGERAN dikersakeunkalintang beungharna sareng mulyana.Ingon-ingonna teu kinten seueurna, domba,embe, sapi, onta, kalde, kitu deui emas peraksareng badega-badega awewe lalaki.36Ti geureuhana, juragan Sarah tea,kenging putra pameget hiji. Dibabarkeunanasaparantos juragan istri kalintang sepuhna.Ku ramana dipukpruk-pukpruk, sagaladipasihan.37Sim kuring ku juragan pameget diperihkedah milarian pijodoeun putrana. Saurna:

  • Kejadian 24.38–44 71Maneh kudu sumpah heula yen moal neanganparawan urang Kanaan.38Anak kami kudu dipangneangankeun jodoti rerehan bapa kami, ti lebah baraya-barayakami di tanah asal kami. Upama lain ti ditu,maneh sing ulah jamuga.39Sanggem sim kuring, Kumaha upamipiistrieunana teu kersaeun ngiring?40Waler juragan: PANGERAN, anu dibakti kukami, baris ngutus malaikat-Na nuyun jeungnulung ka maneh, sangkan gawe manehhasil. Tangtu maneh bakal manggih etapijodoeun anak kami ti rerehan bapa kami, tilebah wargi-wargina.41Upama ieu pamenta kami diestokeun,maneh moal tulus keuna ku supata kami. Kitudeui upama usaha maneh ku baraya kami teuditarima, maneh bebas tina eta supata.42Tadi sadongkapna ka sisi sumur, simkuring neneda kieu, Nun PANGERAN,Allah Ibrahim dunungan abdi, mugi kersangalaksanakeun ieu ihtiar.43Abdi sumeja ngantos di dieu di sisi sumur.Upami aya mojang anu dongkap rek ngalacai, abdi bade nyuhunkeun nginum tinabuyungna.44Upami masihan, sarta ka onta-onta ogemangbantunkeun cai, mugi nya eta tawisnaanu ku Gusti dipilih kangge pijodoeun putradunungan sim abdi.

  • Kejadian 24.45–51 7245Sabot sim kuring neneda jeroning ati, euisRabeka sumping bari munggu buyung, teraska sisi sumur ngala cai. Sanggem sim kuringka anjeunna: Cik Bapa pasihan caina.46Anjeunna enggal nurunkeun buyung,sarta saurna: Mangga bade ngaleueut mah,malah onta-onta ge urang inuman. Rot simkuring nginum, ari anjeunna teras nginumanonta-onta.47Sanggem sim kuring: Euis putra saha?Walerna: Abdi putra Betuel, putu eyang Nahorsareng eyang Milka. Ti dinya sim kuringngabantun anting emas sareng geulangemas, dianggokeun ka anjeunna.48Saparantos kitu sim kuring sidekumuji sukur ka PANGERAN, Allahna juraganIbrahim, wireh Mantenna parantos kersamaparin jalan pitepangeun sareng sadereknajuragan Ibrahim, ditepangkeun sarengputrana nu istri, keur pigarwaeun putrana.49Ku margi kitu, sim kuring nyuhunkeunkatangtosan. Upami eta kapalay juragan simkuring karujukan, atuh sumangga saurkeun.Henteu bae karujukan, saurkeun keneh,supados puguh cekeleun sim kuring."50Waler Laban jeung Betuel, "Ku margiieu teh pangersa PANGERAN, piraku kedahditolak.51Mangga Rabeka candak ka ditu, tikahkeunka putra dunungan anjeun, sakumahatimbalan PANGERAN tea."

  • Kejadian 24.52–60 7352Sanggeus aya ikrar kitu ti pribumi, brekbadega Ibrahim teh sujud, sumembah kaPANGERAN.53Geus kitu ngaluar-luarkeun perhiasan tinaemas jeung perak jeung anggoan-anggoan,keur Rabeka. Saderekna jeung ibunakarenging tawis kagegelan.54Sanggeus kitu kakara eta badega sabatur-batur teh dalahar nginum. Terus marondok.Isukna sanggeus harudang, manehna mentaamit ka pribumi yen: "Bade wangsul ayeuna."55Walon ibu jeung saderekna Rabeka, "Ulahwaka ayeuna. Engke bae saminggu deuiatanapi sapuluh dinten, nembe pun anakcandak ka ditu."56Ari jawabna, "Moal tiasa. PANGERANparantos ngaberkahan perjalanan sim kuringdugi ka hasil anu diseja. Jadi ayeuna kedahenggal-enggal ngadeuheus ka dunungan."57Ceuk pribumi, "Urang saur heula baeRabekana. Keun kumaha manehna."58Rabeka disaur seug dipariksa, "Daekngiring ka ditu?" Wangsulanana, "Ngiringan."59Karujukan ku saderek-saderekna, Rabekadijurungkeun, dibarengan ku pangasuhna,sina dibawa ku eta badega sabatur-batur,60bari pada ngadoakeun kieu, "Didoakeunsing jadi ibu ti mangrebu-rebu! Turunananasing bisa ngarebut nagara musuh-musuhna!"

  • Kejadian 24.61–25.3 7461Sanggeus sagala tarapti, Rabeka jeungpara inangna dicandak kana onta, terusngiring ka ditu ngantunkeun lembur.62 Ishak anyar sumping ka lebah SumurLahai-Roy, anu hartina "Cinyusu AnuJumeneng Anu Ningalieun ka Kuring".63 Isuk-isuk keneh pisan, waktu keurngalanglangan huma, anjeunna ningalialeutan onta.64Rabeka oge geus awaseun ka Ishak, tuluyturun tina onta,65 sarta mariksakeun ka badega, "Sahaitu pameget anu nuju ka dieukeun?" Ceukbadega, "Juragan anom." Top Rabeka kanatiungna terus dicindungkeun.66Ti dinya badega teh ngunjukkeun sagalalalakonna ka Ishak.67Rabeka ku anjeunna dicandak ka kemah,satuluyna ditikah, kacida dipikacintana. Kukituna Ishak teh manahna kabangbalerkeun,henteu cumantel teuing ka ibuna nu geus teuaya.

    251Ari Ibrahim nikah deui. Garwa nuayeuna Keturah.

    2Ngababarkeun: Simran, Yoksan, Medan,Midian, Isbak jeung Suah.3Yoksan puputra Syeba jeung Dedan. Ariputra-putra Dedan nya eta: urang Asur, urangLetus jeung urang Leum.

  • Kejadian 25.4–16 754Midian puputra Epa, Eper, Hanok, Habidajeung Eldaa. Sakitu turunan anjeunna tiKeturah.5 Ibrahim ngahibahkeun sagala kakayaananaka Ishak.6Tapi samemeh anjeunna pupus, putra-putrati garwa nu lianna oge dipaparin bagian.Sanggeus mareunang bagian ku anjeunnadijarurung laku ka tanah wetan, sina jarauh tiIshak.7 Ibrahim yuswana nepi ka 175 taun.8 Jadi pupusna teh sanggeus sepuh pisan.9Ku Ishak jeung Ismail dikurebkeun di GuhaMakpela, anu pernahna di hiji lahan wetaneunMamre, bogana Epron bin Sohar, urang Het.10Eta lahan ku Ibrahim geus digaleuhti urang Het. Nya di dinya anjeunnadikurebkeunana. Sarah oge, geureuhana,dikurebkeunana teh di dinya.11Sadikantunna ku Ibrahim, Ishakdiberkahan ku Allah, matuhna deukeut SumurLahai Roy.12Ari Ismail, putra Ibrahim ti Hajar urangMesir, embanna Sarah tea,13kagungan sababaraha putra lalaki.Ieu ngaran-ngaranna, nurutkeun pareleanumurna: Nebayot, Kedar, Adbel, Mibsam,14Misma, Duma, Masa,15Hadad, Tema, Yetur, Napis jeung Kedma.16Aranjeunna jaradi karuhun ti dua belaskaom, sarta ngaran-ngaranna diparake

  • Kejadian 25.17–25 76ngaran-ngaran pakampungan-pakampunganjeung tempat-tempat pakemahanana.17Ari Ismail yuswana 137 taun, tuluy pupus.18Turunan anjeunna hirupna di wewengkonantara Hawila jeung Sur, wetaneun Mesir,sapanjang jalan anu brasna ka tanah Asur.Harirupna misah ti nu jadi dulur.19 Ieu lalakon Ishak putra Ibrahim.20Nikahna dina yuswa opat puluh taun,ka Rabeka putra Betuel urang Aram tiMesopotami, saderekna Laban.21Ku sabab garwana henteu bae kagunganputra, ku anjeunna dipangnedakeun kaPANGERAN. Panedana dikabul, Rabeka bobot,22bobotna kembar. Waktu keur dikandungnakeneh, eta dua sakembaran teh papaduk-paduk. Saur Rabeka, "Ku naon aing teh nepika nyorang nu siga kieu?" Seug anjeunnaneneda ka PANGERAN, neda bongbolongan.23Ku PANGERAN diwaler, lahirana-Na, "Dijero kandungan maneh aya dua bangsa. Dimana gumelar, baris jadi dua kaom anu silihlawan. Nu hiji leuwih kuat batan nu sejen,sarta cikalna baris ngawula ka adina."24Nepi ka waktuna, Rabeka babar, putranakembar.25Anu kaluarna ti heula kulitna beureumjeung pinuh ku bulu, nu matak dingarananEsau.

  • Kejadian 25.26–26.1 7726Anu kaluar pandeuri, leungeunna ngeupeulpageuh kana keuneung Esau, nya dingarananYakub. Harita, yuswa Ishak geus 60 taun.27Sanggeus sawawa, Esau jadi paninggarananu ahli, purah ngencar ti imah, ari Yakubadatna cicingan, karesepna di imah.28 Ishak resep ka Esau, da sedep dagingbeubeunangan Esau moro. Sabalikna Rabekaresep ka Yakub.29Dina hiji poe waktu Yakub keur popolah,jol Esau balik tas moro. Ku sabab lapar,30pok ngomong ka Yakub, "Cik Akangmenta eta anu beureum-beureum, lapar manileuleus." (Nya ti harita Esau teh meunanglalandian Edom.)31Ari tembal Yakub, "Mangga. Tapi kududitukeuran ku hak cikal Akang."32Ceuk Esau, "Heug! Akang mah dareukeutkana paeh ieuh; jadi naon untungna keurAkang hak kacikalan teh?"33 Jawab Yakub, "Sumpah heula yen rekmikeun hak cikal Akang." Seug Esau sumpah,terus hak cikalna dijual ka Yakub.34Geus kitu ku Yakub diberean roti jeungkaolahan kacang beureum tea. Beres daharnginum, Esau cengkat terus indit. Kitu Esaumah, luas miceun hak cikalna.

    261Hiji mangsa eta tanah katarajangdeui paceklik, saperti bareto keur

    jaman Ibrahim. Ishak angkat ka Gerarnepangan Abimelek raja urang Pelisti.

  • Kejadian 26.2–9 782PANGERAN nembongan ka Ishak sartangandika, "Maneh ulah ka Mesir. Cicing bae ditanah anu geus dituduhkeun ku Kami.3Saheulaanan di dieu bae, ku Kamidibarengan jeung bakal diberkahan. Sababieu tanah ku Kami bakal dibikeun ka manehjeung turunan maneh. Kami tetep mageuhanjangji ka bapa maneh.4Maneh rek dibere turunan anu lobana lirbentang di langit, sarta maranehanana kuKami bakal diserenan tanah sawewengkonieu. Bangsa-bangsa kabeh bakal marentadiberkahan ku Kami cara ngaberkahan katurunan maneh.5Kami bakal ngaberkahan ka maneh,lantaran Ibrahim geus nurut jeungngestokeun parentah-parentah Kami."6Tuluy Ishak matuh di Gerar.7Urang dinya naranyakeun hal garwana. Kuanjeunna diwaler yen: "Eta teh pun adi." Teuwantuneun ngangken yen garwana, sieundipaehan ku urang dinya, kawantu garwanageulis kabina-bina.8Hiji mangsa, anjeunna katingali tinajandela ku Abimelek raja tanah Gerar, keurnyacapkeun kasono jeung Rabeka.9 Ishak ku anjeunna disaur, dipariksa, "Moallepat deui, eta istri teh tangtos garwa salira!Naon margina diangkenkeun rai?" WalerIshak, "Ku emutan, upami disebatkeun punbojo, tangtos sim kuring aya nu maehan."

  • Kejadian 26.10–18 7910Abimelek, "Teu sae kitu. Da saupamikitu mah gampil bae tuang geureuha tehdigunasika ku salah saurang rahayat simkuring, matak lepat ka sadaya urang dieu."11Ti dinya Abimelek marentahkeun karahayatna, "Ieu juragan reujeung garwana,ulah aya anu ngaganggu. Sing saha nukumawani, tanwande dihukum pati."12Di eta tanah Ishak teh ngahuma. Barangdipanenan, hasilna saratus kalieun, kawantudiberkahan ku PANGERAN.13Anjeunna jadi kacida beungharna, sababusahana beuki maju, beuki maju.14Barang urang Pelisti nyarahoeun yen Ishakkagungan ingon-ingon embe, domba, kitudeui badega-badega sakitu lobana, seug jadimalik sirik.15Heug bae sumur-sumur anu baretobeunang ngali badega-badega Ibrahimramana teh ku maranehanana diarurugan.16Saur Abimelek ka Ishak, "Ku margi ayeunamah salira jadi leuwih kuat ti batan urangdieuna, sae ngalih bae ti dieu."17 Ishak terus ngalih, ngababakan di hijilengkob di Gerar, ngendek di dinya meunangsawatara lila.18Sumur-sumur anu dikali di jaman ramana,anu diarurugan ku urang Pelisti sanggeusramana pupus, ku anjeunna dikaliandeui, malah dingaranan deui numutkeunngaran-ngaran ti ramana.

  • Kejadian 26.19–26 8019Hiji mangsa badega-badega Ishak ngalihiji sumur di eta lengkob, cinyusuna manibuburialan.20Tapi tukang-tukang angon urang Gerarngajak cekcok ka tukang-tukang angonIshak. Aromongna, "Ieu sumur anu kami!"Seug eta sumur teh ku Ishak dingaranan"Esek", anu hartina cekcok.21Badega-badega Ishak ngali deui sumursejenna. Ieu oge jadi pacekcokan. Nya kuanjeunna dingaranan "Sitna" anu hartinamumusuhan.22 Ishak ngalih deui jauh ti dinya, jeung ngalideui hiji sumur. Ieu mah berekah henteu jadipacekcokan. Seug ku anjeunna dingarananRehobot, hartina "Kaluginaan". Saurna,"Nya di dieu urang ku PANGERAN dipaparinkaluginaan. Di dieu urang baris jadi makmur."23Hiji mangsa Ishak angkat ka Bersyeba.24Peutingna PANGERAN nembongan sartangandika, "Kami, Allah panutan bapa manehIbrahim. Ulah sieun Kami aya jeung maneh.Maneh bakal diberkahan, dibere loba turunan,ku karana abdi Kami Ibrahim."25 Ishak ngadegkeun altar, seug ngabaktika PANGERAN. Geus kitu masang kemah,badega-badegana ngarali sumur.26Abimelek sumping ka Ishak ti Gerar,disarengan ku Ahusat juru nasehatna jeungPikol, panglima balatantara.

  • Kejadian 26.27–34 8127Saur Ishak ka anjeunna, "Aya pikersaeunka sim kuring? Kapan kapungkur mah sakituhenteu saena ka sim kuring, dugi ka ngusir!"28Walerna, "Ayeuna mah parantos terang,salira disarengan ku Allah. Ku emutan, urangkedah meungkeut hiji perjangjian anu kiat.Salira kedah jangji29yen moal ganggu ka pihak sim kuring.Sim kuring oge kitu moal ngaganggu ka pihaksalira. Geuning kapungkur oge sim kuring teukieu-kieu ka salira. Nalika angkat ti ditu salirahenteu disisikudi. Geuning ayeuna saliradiberkahan keneh ku PANGERAN."30Ti dinya Ishak sasayagian seja nyukakeuntamuna, brak taruang leueut.31 Isukna isuk-isuk keneh, aranjeunnamasing-masing ngikrarkeun jangjina kalawansumpah. Sanggeus beres, tamu-tamudijurung marulih. Dina paturay tineungna,aranjeunna geus pada silih mimitran.32Poe eta badega-badega Ishak daratang,bebeja ka anjeunna perkara ngali sumur tea,pokna, "Caina parantos kapendak."33Eta sumur ku anjeunna dingaranan"Syeba". Ku sabab eta, eta tempat teh tetepdingaranan Bersyeba.34Ari Esau sanggeus yuswa opat puluh taunnikah ka Yudit, anak Beri urang Het. Jaba tieta nikahna teh ka Basmat, anak Elon, urangHet keneh.

  • Kejadian 26.35–27.10 8235 Ishak jeung Rabeka bati susah sajeroningmanah.

    271 Ishak kacida sepuhna, socana geusteu ningali. Hiji mangsa nyaur Esau,

    putra cikal, sarta saurna, "Ujang!" "Kulan!"wangsulanana.2 Ishak, "Ama teh geus kolot, geus terehmaot.3Mana pakarang Ujang, gondewa jeungpanah, Ama pangmorokeun.4Terus olahkeun ku Ujang, jieun kaolahankasedep Ama, seug bawa ka dieu. Engkeku Ama didahar. Memeh Ama sah ti dunya,hayang ngaberkahan heula ka Ujang."5Kasauran Ishak ka Esau kadangueun kuRabeka. Sanggeus Esau indit moro jangramana,6Rabeka sasauran ka Yakub, "Bieu Ibungadenge Ama sasauran ka Esau, saurna:7Ama pangmorokeun, terus olahkeun jangAma. Engke ku Ama didahar. Memeh Ama sahti dunya, hayang ngaberkahan Ujang heula dipayuneun PANGERAN.8Ayeuna kieu kasep, turutkeun omonganIbu.9 Jung ayeuna newak embe dua anu ngora,urang olahkeun, jieun rupa-rupa kaolahankasedep Ama.10Sanggakeun ku Ujang, sina dituang kuAma, engke Ujang ku Ama diberkahan,samemeh Ama pupus."

  • Kejadian 27.11–19 8311Wa