SUPATA KEUR SAKADANG CACING

Post on 20-Feb-2023

1 views 0 download

Transcript of SUPATA KEUR SAKADANG CACING

SUPATA KEUR SAKADANG CACING

Kénging Féndy Sy. Citrawarga

Abah Odi gogodeg duméh narima deui iber ti SiDidi cenah si Oléng padangarempug ku babaturanana.Demi alesanana si Oléng téh budak harak, ngajago,teu kaop kauntup ku batur."Sina kadarieu Di, Abah boga dongéng!" saur AbahOdi. Teu kungsi lila barudak geus ngariung, kaasupsi Oléng."Teu meunang harak Léng. Bisi kawas cacing!" saurAbah Odi deui bari neuteup si Oléng nu ngeluk,éraeun."Kawas cacing, Bah?" Barudak raong."Enya, geura daréngékeun dongéngna!""Mangga Bah!" Barudak saridakep rék ngabandungandongéng Abah Odi.

Jaman baheula, saur Abah Odi muka dongéng,cacing téh teu béda jeung oray, awakna gedé jeungpanjang. Aya sungutan, malah aya sihungan sagala.Éta sato téh galak kabina-bina da boga rasa jago,boga sihung, malah boga peurah anu kacida matihnalamun dipaké ngagunasika musuhna téh."Iyy.....!" Si Didi sabalad-balad tingbirigidigngadéngé cacing aya sihungan.

Alatan boga kadigjayaan kitu, Abah Odineruskeun deui hanca dongéngna, sakadang cacingteu kaop kasigeung ku sato séjén, taya hampurasato nu ngaganggu ka manéhna dilawan sakarepna.Sihungna nu seukeut dipaké ngagunasika. Geus kitu,

1 | “ D o n g e n g S u n d a ”

diciduhan ku peurahna nepi ka musuhna téh teumanggapulia.

Kitu petana téh ka sato-sato lemah da ka satonu boga kasaktén babad mah ukur rerenghos, angotka nu saluhureun kasakténna mah sihungna jadimintul.

Sakali mangsa aya anak hayam keur kokoréh dikebon. Asalna mah pitik téh padeukeut jeungindungna, ari pék kalah ngajauhan da jongjonteuing kokoréh. Bubuhan ku indungna pitik téhdiatik sina wekel barangsiar, itikurih, sangkanmun geus gedé teu gumantung ka kolotna.

Na atuh keur jongjon kokoréh manggihkahakanan, jol renghos-renghos datang sakadangcacing.

"Héh pitik, titah saha sia kokoréh di teunaing hah?" sakadang cacing ngawakwak, sungutnacalangap némbongkeun sihungna nu ranggéténg, teruscokorna ngawur-ngawur taneuh.

"Teu titah sasaha kahayang uing wé da ieu mahkebon bogana jelema, teu dicaram deuih da euweuhpepelakan nu ruksak, wéw!"

"Anak hayam calutak siah! Bisi teu nyaho ieukebon téh kakawasaan aing!" Ngomong kituna tehsakadang cacing ngéprét pitik ku buntutna. Puguhwé pitik ngajerit."Emaaa...!"

Ngadéngé anakna ngajerit, indung hayam agé-agé nyampeurkeun. Kasampak si pitik geus dikerekebsakadang cacing.

"Aéh-aéh, na manéh téh cacing telengeskabina-bina, abong ka mahluk laip. Lésotkeun anak

2 | “ D o n g e n g S u n d a ”

aing!" Indung hayam ngagarapak seja nulungananakna tina sungut cacing. Batan lésot mah pitiktéh kalah diseupah, nepi ka tiwasna.

"Duh..Gusti tulungan abdi...dikakaya sakadangcacing," indung hayam jumerit maratan langitngocéak maratan méga neneda ka Nu Kawasa.

Nénjo indung hayam jumerit kitu téh sakadangcacing lain éling, kalah gapruk hayam dirontokbeuheungna dikerekeb nepi ka hayam téh kokoséhan.Ngan barang rék gabres digares ku sihungna, dakdumadak teu teurak. Laju aya sora handaruan tilangit."Eureun, cacing! Lamun henteu manéh nu perlaya!"Sakadang cacing ngalésotkeun sakadang hayam.

"Héh, cacing! Alatan kalakuan andika nudurjana, manéh disupata jadi mahluk nu teu bogakakuatan! Andika moal boga sihung, suku, sungutgedé, jeung peurah! Hirup manéh moal nembrak, tapisalawasna nyumput jero taneuh, na beuteung jelema,sato, jeung papalapahan! Manéh ogé bakaldipikageuleuh ku balaréa. Alatan manéh tégangerekeb pitik nepi ka tiwas, isuk jaganing gétomanéh jeung turunan manéh bakal jadi kahakananhayam sabalad-balad lamun awak manéh témbong!"

Les sora leungit bareng jeung robahna awaksakadang cacing nu gedé jadi leutik, tur haritakénéh mubus kana taneuh sieuneun dihakan hayam.***

LANGGIR JEUNG KUYA

3 | “ D o n g e n g S u n d a ”

Kénging Féndy Sy. Citrawarga

"Si Ujang paraséa jeung Si Asép, Abah!" ceuk Didi,mangadu ka Abah Odo."Paraséa ku naon cenah Di?""Duka atuh Bah.""Cik calukan sina ka darieu!"

Didi nyalukan baturna, Ujang jeung Asép.Sanggeus ngariung, Abah Odo mariksa nu duaan. Enyabaé Ujang jeung Asép téh keur pagétréng. Anaponpasualanana, cenah Si Asép cidra jangji ka SiUjang.

"Ka abdi nyarios rék mayar hutang poé ieu,ari pék ngabohong. Hanas abdi teu mekel artos tirorompok," ceuk Ujang. Ceuk Asép, manéhna lain teurék mayar ngan duitna can dibéré ku kolotna.

"Enya geus nu enggeus mah. Ké deui mah omatulah gampang jangji lamun sakirana rék cidra.Sabab bisi cilaka. Lain baé nu cidra jangjina,tapi duanana, siga dongéng langgir jeung kuya!"saur Abah Odo."Aya dongéngna nya Abah?" tanya Didi."Puguh wé!""Mangga atuh dongéngkeun!" Barudak sumangetngabandungan dongéng Abah Odo.

Sakali mangsa sakadang langgir keur aprak-aprakan balangsiar néangan kahakanan. Sorangan baéinditna téh taya nu maturan da batur-baturna maharembungeun maturan. Pangna kitu, si langgir mahpada mikagimir, ceuk pangrasana manéhna mah saktimandraguna da boga ajian matih nyatana peurah anu

4 | “ D o n g e n g S u n d a ”

lamun diseureudkeun ka awak batur matih kabina-bina, bisa maténi.

Nu matak si langgir mah euweuh kasieun, réknyanghareupan saha baé, sato gedé atawa leutik kumanéhna mah kauntup. Unggal aya nu ngahalangan,manéhna ngalawan, mun jelema mah sahaok kaduagaplok. Tong boro enyaan ngalawan, dalah karékrentang-rentang nénjo nu ngahalangan, buntutnangacung ka hareup, nyingsieunan. Puguh wé nudisingsieunan téh sawan."Préman panginten nya Bah?" tanya barudak."Enya mun jelema mah," saur Abah Odo nyelang heulangajawab pananya barudak.

Najan kitu, saur Abah Odo saterusna, sajago-jagona mahluk tetep aya kakurangan. Siga silanggir, najan manéhna boga ajian matih turnguntup ngayonan sato garalak, angger wényanghareupan gulidagna cai walungan mah muringisda teu bisaeun ngojay.

Siga harita, sanggeus aprak-aprakan teubeubeunangan téh manéhna kudu ngaraas wahangan.Manéhna tiba cinutrung na gawir wahangan barimikir kumaha carana sangkan bisa meuntas. Nénjosisi walungan aya langgir bangun bingung, sato-sato séjénna lain nyalampeurkeun, kalah nyarumput.Si langgir gé nyahoeun. Manéhna bati kingkin.

Keur kitu, di wahangan aya nu ampul-ampulan.Horéng sakadang kuya keur ngojay. Barang nénjo ayasi langgir, kuya gancang teuleum, sieuneun, tapipecenghul deui siga ngabibita si langgir."Ya, kadieu euy tulungan uing!" si langgirnyalukan.

5 | “ D o n g e n g S u n d a ”

"Embung ah!" témbal kuya."Tulungan uing, pangmeuntaskeun. Ké diburuhan!""Embung ah, manéh mah sok nyeureud!""Moal, piraku nyeureud ka nu nulungan?"

"Heug, tapi jangji nya ulah nyeureud!" ceuksi kuya antukna mah manéhna daék nulungan silanggir da puguh karunyaeun si langgir mah teubisaeun ngojay.

Geus kitu mah si kuya ka sisi wahangan,nyodorkeun tonggongna sina ditumpakan si langgir.Bari surak atoh si langgir tumpak tonggong sikuya. Geuleuyeung wé si kuya ngojay, ngawelah caiku sukuna. Puguh wé si langgir tumaninah, genahtumpak tonggong si kuya.

Dasar si langgir teu tigin kana jangji jeungboga rasa jagoan, di tengah-tengah wahangan,manéhna kabitaeun nénjo beuheung si kuya anu hipu,bangun mirasa lamun diseureud téh. Teungengkékeun deui, ngan jeletot baé beuheung sikuya diseureud, terus disebrot ku peurahna numatih téa. Puguh wé si kuya ngajerit, kapiuhan,antukna les waé paéh. Kerelep ka jero cai. Silanggir gé teu walakaya, gogoakan ménta tulung,taya nu ngawaro, kerelep ti teuleum ka jero cai,palastra."Tah kitu barudak buah tina ingkar jangji téhmatak cilaka," saur Abah Odo mungkas dongéngna.***

SILIH BÉLAAN

6 | “ D o n g e n g S u n d a ”

Kénging Asgari Andalusia

Aya Bogo sosobatan jeung Bajing. Unggal poééta dua sobat téh sok silih geroan silih tanyacageur henteuna.Dina hiji poé, Sakadang Bajing téh katarajanggering, nyeri beuteung. Tuluy ménta tulung kaSakadang Bogo, pangnéangankeun jambu nu asalna tikebon kagungan Raja.

Sakadang bogo tuluy menekung neneda kaPangéran hayang meunang pituduh kumaha akalnasangkan bisa meunang piubareun.Kersaning nu Maha Kawasa ras baé Sakadang Bogo téhinget, yén unggal poé ka talaga téh aya nu ngalacai, piwarangan Kangjeng Raja. Barang éta tukangngala cai datang sarta nyiuk gentong ka jerotalaga, ngan geblus baé Sakadang Bogo abus kanagentong kabawa ka karaton.

Sadatangna ka karaton, cai tina gentong téhdicicikeun kana hiji jamban gedé. Barang reuppeuting sabot di karaton keur meujeuh simpé,Sakadang Bogo mucunghul ti jero cai, rarat-rérétniténan kaayaan sabudeureun jambangan.

Kabeneran teu jauh tina jambangan aya hijibokor perak, eusina jambu anu geus ruhruy arasak.Gancang Sakadang Bogo hanjat, tuluy ngaheungheumjambu hiji, geus kitu gajleng luncat, abus ka jerogentong paranti ngala cai téa, kebeneran eusikénéh, nyangkrung aya cai sésa.

Isukna ginceng deui éta gentong téh dibawa kutukang ngala cai ka sisi talaga. Barang étagentong disiukkeun, Sakadang Bogo gura-giru bijil,

7 | “ D o n g e n g S u n d a ”

terus néangan sobatna, Sakadang Bajing anu keurgering.

Sakadang Bajing rumanggieung turun tina dahancaringin nu ngaroyom kana talaga, mapagkeunSakadang Bogo anu ngirim piubareun. Harita kénéhjambu téh dihuapkeun. Dadak sakala Sakadang Bajingcageur deui sabihari.

Pareng dina hiji waktu, Sakadang Bajing gera-gero ka sobatna. Pohara reuwaseunana lantarankasampak Sakadang Bogo keur aduglajer kokocopokandina liangna.“Tulung! Tulung! Pangnéangkeun ati buaya, kuringtéh teu kuat ieu ati nyanyautan!” pokna.

Sakadang Bajing ngahuleng mikiran paméntasobatna. Ras manéhna inget yén di hiji leuwi ayabuaya anu pohara galakna. Naon waé nu ngaliwat kaéta leuwi tangtu dicaplok. Jelema gé euweuh nuwani ngaliwat ka lebah dinya. Ari di sisi leuwitéh aya tangkal kalapa anu buahna keur meujeuhnameuhpeuy.

Gajleng-gajleng Sakadang Bajing luluncatanmapay-mapay tatangkalan muru tangkal kalapa disisi leuwi. Datang-datang terus baé ngalianganbuahna hiji. Geus molongo bus manéhna abus kajero.

Kalapa nu geus dikorowot téh gubrag baéragrag jeung bajingna ka jero leuwi. Gep disamberku buaya diteureuy buleud.Sanggeus aya di jero beuteung buaya, SakadangBajing bijil tina jero kalapa terus rumpu-rampanéangan ati buaya. Sakadang Buaya ngagoak: “Aduh,ieu jajantung aing nyeriii!”

8 | “ D o n g e n g S u n d a ”

“Alah, ieu bayah aing nyeri pisan!”“Ih, geuning lain atina,” ceuk Sakadang

Bajing. Terus dipapay deui ditéangan. “Aduh, ieuati aing nyeriii!” ceuk buaya basa atina kakoét kubajing.

Ngadéngé kitu, ngan gewewek baé digégél atibuaya téh nepi ka sapat. Buaya sakarat bajingkaluar tina sungut buaya, terus ka daratluluncatan mapay tatangkalan urut tadi. Ati buayadiubarkeun ka sobatna nepi ka cageurna deui.***

CANGKURILEUNG NYOBAT JEUNG AKI-AKI

Kénging H. Usep Romli, HM

Aya hiji manuk cangkurileung. Mindeng hiberka pilemburan. Pangpangna ka deukeut imah leutikpadumukan hiji  aki-aki jeung pamajikanana. Étaaki-aki éstu bageur. Someah. Handap asor. Nyaah kasasama. Kaasup ka sasatoan.

Beda jeung pamajikanana. Nini-nini  gorengbudi. Gawé baketut haseum. Sengar sengor, ambek-ambekan. Teu kaop aya kakurang atawa capé kupagawéan. 

Atuh cangkurikeung resepeun pisan ka aki-aki.Komo unggal datang, sok dibagéakeun dihiap-hiap.Disuguhan saaya-aya. Gedang atawa cau. Terus duaanmacangkrama. Cangkurileung ucla-aclé dina dahanbari bacéo. Aki-aki  jongjon kaprak-keprekbaranggawé. Nganyam bilik atawa nganyam parabotdapur bangsaning ayakan, boboko, hihid, jeungsajabana. Jualeun ka nu butuheun.9 | “ D o n g e n g S u n d a ”

Wanci burit, cangkurileung ge gancang mulangka padumukanana di leuweung.

Hiji poé, kawas sasari, cangkurileung datangka imah aki-aki. Tapi taya nu ngabagéakeun.Kawasna aki-aki keur iang ka nu rada jauh.

Barang clé kana gantar pamoean, ujug-ujughabek aya nu neunggeul. Sihoréng nini-ninitelenges geus ti tadi ngadodoho. “Beunang siah, manuk bangkawarah téh !”nini-nininapsu pisan. Pamatuk cangkurileung dipaksadicekahkeun. Sret létahna diteukteuk ku péso nugeus dibabawa ti tadi. Lung dialungkeun ka luareunpager.”Jor siah mantog. Awas mun datang-datangdeui ka dieu !”

Keur mah reuwas jeung nyeri, cangkurileunglenglengan kapaéhan. Untung gancang eling. Geleberhiber lalaunan. Sajajalan ceurik. Teu nyangkabakal manggih nasib sial. Kaleungitan létahsapotong. Atuh lapur teu bisa bacéo.

Meunang saminggu, cangkurileung nyirekem dinasayangna. Teu bisa kamamana. Ngadagoan létahcageur.  Baranghakan  kapaksa ku lapar.

Aki-aki ngarasa kaleungitan. Biasana aridatang ti panyabaan,cangkurileung sok mapagkeun.Nyéngclé dina pager atawa dina dahan tangkal diburuan.

“Ninina, teu nénjo cangkurileung datangtadi?”aki-aki nanya ka pamajikanana, suganapaleun.

“Nyao !”jawab nini-nini judes.”Bororaahngurus nu kitu patut. Ngurus pagawéan gé teuanggeus-anggeus.

10 | “ D o n g e n g S u n d a ”

Lantaran ambleng, aki-aki kapaksa indit  kaleuweung. Rék neangan sobat. Sajajalan gegeroan : “Cangkurileung, cangkurileungKa mana geuningan  anjeunAmpleng-amplengan teu datangIeu aki kaleungitan.” Kitu jeung kitu, ti isuk nepi ka soré. Isukna,indit deui.Kabeneran cangkurileung geus cageur. Geus bisadisada deui. Ngadéngé sora aki-aki, gancangditembalan : Aduh aki, watir teuingLeumpang jauh mani ripuhBakat ku sono ka kuringUntung geus nyampak susuguh 

Handapeun kiara badag, tempat cangkurileungnyayang, aki-aki ngalungsar.  Ngararasakeun angintiis ngahiliwir. Ngararasakeun kabungah  panggihjeung sobat.  Ka aki-aki, cangkurileung teu betusperkara kalakuan nini-nini. Cukup ku bebejagering.

Enyaan aki-aki disuguhan sagala rupa.Bungbuahan nu aramis jeung parelem. Bongborosan nungepros ngeunah. Malah basa rék mulang, dititahmilih hadiah nu geus ngahaja disayagikeun  titadi. Mangrupa dua barang ahéng. Nu hiji cepukleutik camperenik. Nu hiji deui, peti badag dihiasdialus-alus.

11 | “ D o n g e n g S u n d a ”

“Ah, nu leutik wé. Hampang mawana. Ongkoh kadieu sotéh lain rék néangan hadiah. Bakat kumelang wé ka anjeun, cangkurileung,”cék aki-aki saméméh indit, bari omat-omatan, sangkancangkurileung nganjang deui unggal poé kawassasari.

Barang nepi ka imah, cepuk dibuka hareupeunnini-nini. Eusina bangsa inten berlian, nu murubmubyar cahayaan.

“Aya kénéh hadiah séjén di padumukancangkurileung téh, aki?” nini-nini ngadak-ngadakmarahmay.

“Aya. Peti badag. Ngan moal kauntup mawana.Matak milih ieu wé nu leutik,”jawab aki-aki.

Sapeueuting, nini-nini ngageremet. Nyalahleunaki-aki, naha bet milih cepuk. Lain peti. Meureuneusina leuwih réa.

Rebun-rebun, kalawan rerencepan, nini-niniindit ngajugjug panonoban cangkurileung nu lebah-lebahna geus dicaritakeun ku aki-aki. Anjog kadinya, wanci haneut moyan. Dibagéakeun kucangkurileung nu taya riuk-riuk keuheul. Disuguhansagala rupa. Atuh balikna ditawaran bisi hayangmeunang hadiah, rék cepuk atawa peti.“Peti wé dieukeun,”cek nini-nini mani nyorongot.

Ti leuweung ka lembur, mawa peti badag. Atuhripuh pisan. Mindeng ti gubrag. Mindeng labuh. Datang wanci sareupna, nini-nini ngajongkeng diburuan. Nangkub kana peti.

Teu maliré capé, bari rarampéolan, gancangnyokot linggis keur nyungkal turub peti. Kajurungku hayang geura nénjo eusina. Pasti mutiara

12 | “ D o n g e n g S u n d a ”

barakbak, leuwih alus jeung leuwih réa ti bataneusi cepuk aki aki.

Barang bray, ukur batu karikil, keusik jeungtaneuh. Malah aya oray tinglaleor, jeung langgirtingkodomang. Puguh baé nini-nini reuwas. Nepi katijengkang kana kamalir. Ngajehjer kapaéhan ddinya. Éling éling isukna.Kageuingkeun ku sorabacéo cangkurileung nu rék nganjang deui ka aki-aki. ***

SANGGEUS DUA BULAN

Kénging H. Usep Romli, HM Sakadang Ajag, katarajang gering. Ripuh

pisan. Ampir-ampiran teu  menyat deui. Untungdipanjangkeun umur. Neutneutan cageur. Ngan canwalagri pisan. Leumpang gé rarampéolan kénéh.  Maju ka mamayu, teu boga dahareun sahuapeunsahuapeun acan. Ma’lum tacan aya tanaga keur néwakmamangsan. Dipangejatkeun ku anak cangéhgar gé teubisa ngudag. Ngadon rénghap ranjug nyangsaya dinarungkun.  Keur ngalangeu nahan beuteung lapar, larSakadang Careuh ngagondol hayam badag tur lintuh.Pantes girinyih. Sakadang Ajag mani ngelay bakatku kabita. Tapi kumaha carana?  Lahlahan manéhna nyarita. Humalengis, méntadipikarunya :  “Sakadang Careuh…..cing uing tulungan…..”  “Tulungan naon?”jawab Sakadang Careuh barineuteup ka Sakadang Ajag nu begang rengkung.Beungeut sepa konéas.13 | “ D o n g e n g S u n d a ”

  “Uing téh gering parna mangbulan-bulan.Ayeuna karék eungkeut-eungkeut bisa hudang. Tapitacan bisa barangsiar. Nepi ka langlayeuseun kieubakat ku lapar. Cing da anjeun mah jagjagwaringkas. Kaduga néwak hayam geuning étah. Kumahalamun ku uing dianjuk. Ieu peujit mani geus peurihkieu…”  “Dianjuk kumaha?”Sakadang Careuh tadina mahembung ngaladénan. Tapi ningal waruga SakadangAjag jiga kitu, bet timbul  rasa watir.  “Enya hayam nu ku anjeun dibawa, ku uingdianjuk. Ké geus dua bulan, ku uing dibayar ku duahayam nu sarua gedéna…”

Sakadang Careuh ngahuleng. Haténa rada mandegmayong, da sarua manéhna ge acan mumuluk. Ngankajurung ku rasa watir téa, teu burung merhatikeunkana pamenta jeung jangji Sakadang Ajag.  “Jadi ieu hayam uing rék dianjuk?”SakadangCareuh nanya.“Enya, dianjuk. Piraku anjeun téga kauing….”Sakadang Ajag rada bungangang nenjo sikepSakadang Careuh semu-semu rék léah.“Geus dua bulan rék mayar ku hayam dua?”  “Tah kitu pisan !”  “Moal cidra?”

“Hih piraku cidra ka nu haat nulungan. Tahayeuna apan keur caang bulan. Ngaliwat caang bulandeui sakali, hartina geus jejeg dua bulan. Tahuing mayar ka anjeun ku hayam dua.”

Geus guntreng kitu, papada panuju, sok wéSakadang Careuh mikeun hayam. Gancang ditampananku Sakadang Ajag bari ngucapkeun ijab :

14 | “ D o n g e n g S u n d a ”

   “Geus dua bulan, uing mayar ieu hutang.”“Heug, mugi disakséni ku Nu Maha

Agung,”Sakadang Careuh ngucapkeun kobul.  Béak ngahékak  hayam sahiji, tanaga SakadangAjag mimiti rada pulih. Bisa liar rada jauh.Mampuh néangan dahareun séjén, susa sésa nukapanggih sajajalan. Malah isukna mah geus bisanéwak kasintu. Ray poé ray Sakadang Ajag balikdeui ka asal. Sato galak tur tangginas. Manuk,kelenci, jeung sabangsana, geus réa nu jadi korbandikerekeb Sakadang Ajag nu keur makmak-mekmeksabada lila gering.

Nepi ka jejeg dua bulan. Sakadang Careuhdatang nagih. Lapur ngabulasin. Sabab SakadangAjag hélah, acan dua bulan.

“Geura ténjo ka langit tuh. Bulan masih kénéhhiji, acan dua,”jawabna unggal-unggal ditagih kuSakadang Careuh.

Lantaran asa diulinkeun, Sakadang Careuhngadu ka Raja Leuweung Ganggong Simagonggong,Singa Jambrong. Barabat medar masalah. SakadangAjag dijagragkeun. Ditanya ku Kangjeng Raja, ngakusatarabasna geus nganjuk hayam ka Sakadang Careuh,tur jangji baris mayar mun geus dua bulan.

“Naha atuh anjeun can mayar kénéh?!”RajaLeuweung nyengor. “Pan ti harita nepi ka ayeunageus dua bulan. Malah leuwih !”

“Kangjeng Paduka Raja, cobi tingali ka langitengké wengi. Bulan masih kénéh hiji. Teu acan dua.Janten abdi teu acan kedah mayar hutang hayam kaSakadang Careuh,”jawab Sakadang Ajag, tatag pisan.

15 | “ D o n g e n g S u n d a ”

Raja Leuweung ngahuleng. Untung PanaséhatKarajaan Sakadang Peucang, rikat megat saméméhKangjeng Raja nakolkeun palu mangmeunangkeunSakadang Ajag :

“Langkung saé, engké wengi, urang buktoskeun,naha bulan masih kénéh hiji atawa geus dua. Upamihiji, Sakadang Ajag tiasa diputus teu acan kedahmayar hutang. Upami bulan aya dua, Sakadang Ajagkudu mayar hutang katut paleuleuwihna, ditambahanhukuman diusir ti ieu leuweung.”

Usul Sakadang peucang disaluyuan ku sidangkarajaan.Peutingna saréréa kumpul deui. Ku Sakadang Peucangdibawa ka sisi talaga nu aya di taman karajaan.Pokmanéhna nyarita :  “Bulan geus aya dua. Tuh, hiji di langit……”  Kabeh nu hadir taranggah.  “Hiji deui, tah di jero talaga !”

Saréréa rikat tarungkul. Katembong kalangkangbulan. Sarua moncorong kawas nu di langit.

“Ku kituna, Sakadang Ajag, geus waktuna mayarhutang hayam ka Sakadang Careuh !”cék SakadangPeucang. Disambut ku surak tanda satuju tisarerea.

Kangjeng Raja nakolkeun palu tanda vonisragrag ka Sakadang Ajag. Harita kénéh kudu mayarhayam dua ka Sakadang Careuh. Geus bérés, terusditundung. Sina nyingkah ti Karajaan LeuweungGanggong Simagonggong, nu pangeusina wajib jujurjeung tigin kana jangji. Ulah linyok bohong jalirjangji kawas Sakadang Ajag.***

16 | “ D o n g e n g S u n d a ”

AKAL-AKALAN SAKADANG PEUCANG

Kénging Féndy Sy. Citrawarga

Caturkeun sakadang peucang keur arulin jeungbaturna, kayaning sakadang monyét, bagong, jeungmaung. Arulinna sisi leuweung nu deukeut ka humanu pepelakanana keur dipanén.

''Cing saha nu wani nyampeurkeun manusa?''ceuk sakadang peucang ka batur-baturna.

''Uing lah!'' Sakadang monyét pangheulanangacung bari runyah-renyoh gedé kawani.''Tapi,'' ceuk sakadang peucang méré tanjakan.''Tapi naon Cang?'' Monyét kerung.

''Balikna kudu mawa kahakanan boga patani.Rék kacang rék jagong, rék roay, jeung rék naonbaé nu sakirana bisa didahar ku urang-urang.''

''Alaaah...céték nu kitu mah. Purahna uingmah puak-paok bogana jelema mah!'' ceuk monyétgedé haté.''Heug, cig atuh!'' ceuk batur-baturna saur manuk.

''Hadé, tingalikeun!'' ceuk sakadang monyétkituna téh langgéor indit, laju ajleng-ajlengantina tangkal kana tangkal ngajugjug huma nupangdeukeutna.

Huma bogana bapa jeung ambu tani téh enyaanbaé mani neba ku pepelakan panéneun, kayaning

17 | “ D o n g e n g S u n d a ”

jagong, kacang panjang, waluh, geus puguh deuiparé mah. Si Onyét maksud mah rék ngarawél kacangpanjang bangun nu rangu. Manéhna yakin moal héséngarawél kacang téh, teu engeuh kadatanganana ayanu nalingakeun nyatana budak patani nu dipapadonanngajaga pepelakan bisi diranjah ku urang leuweung.Barang Si Onyét rék ngarawél kacang, dibétahkeunku budak patani.

''Hus, monyét, monyét, téwak, téwak,téwaaaaak....!'' ceuk budak patani bari ngulang-ngulang awi tuturus. Puguh wé sakadang monyétgeumpeur, ngan beretek wé manéhna lumpatsakalumpat-sakalampét, nyampeurkeun babaturanana.''Mana hakaneunana euy?'' tanya sakadang peucang.''Katohyan euy, dibetahkeun ku anak patani uingrék diteunggeul!''''Kalah wé renyoh diheulakeun!'' ceuk sakadangpeucang bari pokna deui, ''Jung manéh Gong!''''Siap lah,'' témbal bagong, enyaan teuneung.''Ngaranjah pepelakan manusa mah pagawéan uing,tingalikeun!''Belecet Si Agong lumpat mani mengpeng teu pungkal-péngkol da nya kitu manéhna mah teu bisaeunngalieuk.

Tepi ka sisi huma, sakadang bagong taki-takirék ngarabut tangkal jagong nu buahna keurmeumeujeuhna umamis. Orokaya, karék gé lolbabangusna moncoran pager, katohyan mantén ku nukeur tarunggu, anak-anakna pa tani téa.''Bagong, bagong, bagong, cokot pacul téwak,podaran!''

18 | “ D o n g e n g S u n d a ”

Ngadéngé kitu sakadang bagong kacida soakna.Atuh boro-boro meunang jagong, nyalametkeun diriogé karasa ripuh da harita kénéh gé nu tarungguhuma téh ngaberik manéhna, malah ngencarkeunsakadang anjing sagala.

Lénghoy, lénghoy, lénghoy sakadang bagongnyampeurkeun babaturanana.''Geuning lengoh deui baé Gong?'' sakadang peucangnyeuneu.''Cilaka, uing padamoro, rék dipaéhan,'' tembalsakadang bagong. Blek cimekblek taya daya.

''Hencig Ung giliran manéh ka ditu!'' Ceuksakadang peucang ka sakadang maung.

Gaur maung némbongkeun sima. Kuniang lugayseja ka huma. Teu sawatara lila manéhna geusanjog ka sisi huma. Tadina rék rerencepan maokhakaneun keur babaturanana téh, tapi lat poho,kalah der deui ngagaur. Atuh puguh jelemageumpeur.

''Maung, maung, mauuung...hayu baralik!''ceuk manusa bari pahibut ka ditu ka dieu sieundikerekeb maung. Ari sakadang maung bubuhan anaknakénëh, nénjo jelema pahibut kitu téh disangkanarék ngepung manéhna, angot basa kadéngé aya nungabekaskeun bedil mah, manéhna gancang jicirnepungan balad-baladna.

Lénghoy, lénghoy, lénghoy, maung batikulumas-kélémés ngarasa éra.

''Teu beubeunangan deui nyah? Mani euweuh nusahulueun, halik ku aing!'' ceuk sakadang peucangbari gejlig indit.

19 | “ D o n g e n g S u n d a ”

Teu kungsi lila, manéhna mah geus balik deuimani angkaribung. Pipina ramihpil ku réméh kéjohuma, biwirna kutap-kétap, bari udud roko bodas.Dina huluna nyongclo kopéah.

''Barodo ilalaing mah. Tënjo uing, sakieubageurna manusa ka uing mah. Hayang dahar, mérédahar yeuh buktina réméh dina pipi. Hayangngagaya, yeuh dibéré kopéah, hayang udud nya kitukénéh. Tah keur maranéh!'' ceuk sakadang peucangbari mikeun tolol jagong.

''Embung teuing tololna mah teu ngeunah!''ceuk monyét.

''Ari hayang sikina mah nya kudu digawé singbener siga uing, lain ngaheulakeun ngomong!'' ceuksakadang peucang siga nu heueuh. Padahal mah lainduméh jelema bageur, tapi basa manéhna asup kahuma, jelema geus barirat kabéh da sieuneun maung.Puguh wé peucang laluasa baranghakan sakahayangkeur sorangan. Aya kopéah tinggaleun, rap dipaké,aya réméh ditapelkeun kana pipina, aya kuntungdipulung!***

BIRUANG JADI GALAK

Kénging Tika Yuanita

Aya hiji juru tani boga sawah di sisileuweung, sarta sosobatan jeung Si Ontohod atawabiruang téa. Basa sawahna dipelakan paré, unggalpeuting sok dijaga ku Sakadang Biruang. Atuh

20 | “ D o n g e n g S u n d a ”

senang  wé juru tani téh, datang ka sawahna ngansaukur ku biruang.

Kacaritakeun waktu dibuat, buru-buru JuruTani ngakut paré ka lemburna, dibunikeun kaimahna. Di sawahna téh, teu ditinggalkeunsaranggeuy-ranggeuy acan. Barang biruang datang kasawah, atuh kacida kagéteun nénjo paré karijaramina hungkul. Gancang baé biruang téh datangka juru tani nanyakeun paré bagéanna. Ku juru tanidijawab yén bagéan biruang mah nya éta anuhandapna, ari luhurna mah geus béak kabéh didaharku juru tani saanak pamajikanna.         Biruangasa ditipu, lantaran pangna daékeun mangjagakeunéta sawah gé, nya éta ngarah kabagéan paréna nusok biasa didahar ku jelema.

Omong biruang, “Lamun nyaho sampéan rékmuruhan ku jarami mah, tangtu kaula moal daékmangjagakeun éta paré, ka capé-capé aing mah!”Walon juru tani  “Ménta dihampura baé atuhSakadang Biruang. Kaula teu bisa méré parélantaran geus béak. Taun hareup  wé lah, heugpangjagakeun deui. Moal, engké mah moal diburuhanhandapna. Keunlah, nu handapna mah keur kaula, arianu luhurna mah kop baé keur sampéan!” “Hadé baéari kitu mah, ngan kahadé ulah cidra!”   ceukbiruang .  “Moal, moal rék jalir kaula mah.”

Taun hareupna,  Juru Tani téh di sawahnamelak kumeli lain melak paré. Biruang wantuningsato, teu nyahoeun bédana paré jeung kumeli.Samarukna mah kumeli gé sok buahan kawas paré.Atuh soson-soson pisan biruang téh ngajagana.            Hiji peuting, basa  manéhna keur

21 | “ D o n g e n g S u n d a ”

ngajaga éta kumeli, bring waé éta beuritlalumpatan silih sigeung paheula-heula baridisarada….Teu kungsi lila téh, biruang  seseggrokngadeukeutan éta beurit. Ngadéngé sora beurit anugarandéng paheula-heula ka pepelakan juru tani,biruang teu tata pasini deui indit baé,  manéhnatéh ngadeukeutan éta sora bari keketeyepan.Keteyep…keteyep…keteyep…” Horda …! Hag siah,beunang maranéh tah. Rék lumpat ka mana siah hahh?Na ari sia, teu kapok papanggih jeung aing? Sieuh…sieuhh…!” geus kitu mah, gék baé  manéhna téh diukdina galengan, henang-hening bari ngahariring.Sedeng beurit lalumpatan sieuneun ku biruang.

  Kacaritakeun, kumeli téh geus kolot. JuruTani saanak pamajikanna malah mawa tatanggana,gesat-gesut ngarali kumeli diwadahan kana bongsangbeunang ngahaja marawa ti imah. Méméh magrib, geusteu aya satangkal-tangkal acan kumeli nu nangtungkénéh.

Biruang datang ka sawah, kumeli téh nyampakngan kari tangkal jeung daunna ditumpuk-tumpuk.Kakara  manéhna ngarti yén kumeli mah nu ngeunahnatéh nu handapna nya éta nu geus diringkid ku jurutani ka lemburna.

Ayeuna biruang yakin yén juru tani téh teubeunang dipercaya, teu beunang dipisobat.  Manéhnangomong na jero hatena, “Aing sumpah nepi katurun-tumurun rék jadi musuh jeung jelema. Mun ayajelema nu datang ka leuweung, rék sina ngarasapamales sobat anu geus ditipu.” Tah, ti harita tugnepi ka kiwari biruang téh jadi sato galak.

22 | “ D o n g e n g S u n d a ”

Lutung Leuwih Saeutik Tibatan Monyét

Kénging Kang Cecep Hermawan

Kacaturkeun di hiji leuweung geledegan ayahiji walungan anu caina canémbrang hérang. Étawalungan téh jadi sumber kahirupan sakumnapangeusi leuweung  pikeun kaperluan nginum, guyangjeung sajabana.

Unggal sasatoan  boh nu dina taneuh, dinatangkal, boh nu di cai, ngawangun hiji kumpulan.Bangsaning mencek, uncal, bagong, badak, nepi ka manuk, kukupu, odéng, nyiruan, jeung sireum, padaboga daérah atawa wewengkon turta ngumpul kalawanmibanda pingpinan séwang-séwangan. Teu tinggaleunogé sato bangsaning monyét, lutung, oa, jeungsurili,  anu umumna tangkal kai anu badag minangkapanonobanana, sarta ngawangun kumpulan-kupulankalawan hiji pingpinan atawa mandah nu ngawasa turjadi pangimpungan sakabéh bangsana.

Tina sakabéh pingpinan-pingpinan éta téh ayapingpinan anu leuwih luhur anu ngawasa sapangeusileuweung, taya lian nyatana Sakadang Maung. Sangraja leuweung unggal waktu ménta séba nu mangruparaga jeung nyawa ti saban rahayatna.

Ari sébana parapangeusi leuweung téh sacarabagilir, lamun poé ieu giliran bangsa mencek anuséba, isuk atawa pagétona giliran bagong, isuk-

23 | “ D o n g e n g S u n d a ”

pagétona deui giliran uncal, peusing, landak,kelenci, embé, munding, jeung saterusna teukaliwat ogé monyét jeung lutung. Ka bangsa monyétjeung lutung, sakadang maung datang ménta sébanatéh unggal peuting mangsa bulan purnama.

Pareng dina hiji peuting panceg bulan purnamatéa, bangsa monyét jeung lutung geus boga wirasatyén balai ti sakadang maung baris datang. Duapingpinan monyét jeung lutung keur patugeng-tugeng, duanana pada embung nyébakeun anggotakulawargana. Ceuk raja monyét ayeuna téh giliranraja lutung nu séba. Raja lutung kalah nyanggéréngteu narima da ceuk pangrasana ayeuna mah giliransébana sang raja monyét.

Keur patugeng-tugeng kitu, kurunyung manténnu ku maranéhna dipikasieun téa, sakadang maung.Kalawan sora anu gentem pikakeueungeun, sang rajaleuweung nyarita, “Hé ki mandah, mana séba keurkula? Gancang ka dieukeun!” cenah, kituna téh baritanggah sarta tetep mamérkeun sihungna nusareukeut pikapaureun.   “Buru atuh ki monyét, pan giliran di dinya!”ceuk sakadang lutung.   “Aéh-aéh, sidik ayeuna mah giliran ki lutung.”ceuk sakadang monyét embung éléh.   “Giliran ki monyét!”   “Ki lutung!”   “Ki monyét!”   “Ki lutung!”

“Menggeus!” ceuk sakadang maung awahing kuambek. “Ayeuna mah kieu, sangkan adil, di antaraaranjeun duaan, ti mimiti ayeuna mah kudu kabagéan

24 | “ D o n g e n g S u n d a ”

giliran séba kalawan waktu anu tangtu,  sok milihnaha rék tun-ji tun-ji tunji, atawa laaaan-ji……,laaaan-ji….. laaan-ji……..?”

Palebah nyebutkeun lan-ji, sakadang maungmeni antaré pisan. Atuh disangkana ku sakadangmonyét jeung lutung mah meureun éta anu kaitungpanglilana atawa pangcarangna téh. Nu matakduanana méh bareng ngacungkeun curukna. Tapi nukagiliran pangheulana milih téh nyatana sakadanglutung, da mémang manéhna nu katitén leuwih tiheula ngacungna.

“Sok kadinya ki lutung, geura sebutkeunpamilih andika!” ceuk sakadang maung.

   “Muhun juragan, abdi gusti mah seja milihnu lan-ji….., lan-ji…. wé nun.” Ceuk sakadanglutung asa meunang.

“Heug, alus. Ngandung harti nu tun-ji tun-jibagéan ki monyét.” Ceuk sakadang maung baringarérét ka raja monyét. Nu dirérét ukur unggeuk.

“Tapi kéla, ari aranjeun ngarti naon nudimaksud tun-ji jeung lan-ji?” ceuk sakadangmaung. Nu ditanyana kalah gigideug, maranéhnakarék sadar yén sama sakali teu ngarti kana naonanu cikénéh diparilihna.

“Aéh-aéh, ari sugan téh ngarti. Yeuh bisi teuapal, tun-ji téh masudna sataun hiji ari lan-jiéta téh sabulan hiji. Jadi aranjeun séba ka kulatéh aya nu sataun hiji aya nu sabulan hiji. Kumahangarti, sakumaha lilana sabulan jeung sataun?”ceuk sakadang maung rada panjang lébar. Ari nuditanya kalah garideug deui baé, kawantu

25 | “ D o n g e n g S u n d a ”

maranéhna  can apal sakumaha lilana sabulan jeungsataun.

“Yeuh bandungan” ceuk sakadang maung deui.“Ari sabulan téh nyatana saban panggih jeungmangsana bulan purnama. Jadi, lamun peuting tadibulan purnama, sabulan téh nyatana ti peuting tadinepi ka panggih jeung bulan purnama deui. Arisataun, lilana téh duawelas kali bulan purnama.Kumaha kaharti?” ceuk sakadang maung bari radangaléjég duméh asa pangnyahona.

Sanggeus ditétélakeun kitu mah duanana ogépapada unggut-unggutan tandaning paham kana naonanu diucapkeun ku sakadang maung. Ngan tinapamahaman éta téh pikeun duanana jadi nimbulkeunrobahna paroman. Raja monyét unggut-unggutan bariterus nyéréngéh, ari raja lutung ngaheruk semunalangsa. Alatan kasalahan manéhna, kulawargakatut rahayatna anu jadi katempuhan. Teu bisamungpang, unggal bulan kudu nyébakeun rahayatna kasang raja leuweung.Raja lutung ukur bisa ngaheruk pinuh kasedih Ampun teuing rumasa salah pamilihSamar titingalanAntukna jadi balaiMawa lara jeung tunggara Ati peurih ras inget ka lampah diri Alatan soranganTeu taliti ati-atiRéa anu katempuhan 

26 | “ D o n g e n g S u n d a ”

Teu bisa kukumaha, meureun geus kitu titistulisna. Ku lantaran kudu séba unggal bulan téanepi ka ayeuna bangsa lutung leuwih saeutik tibatan bangsa monyét. Pieunteungeun pikeun urangkudu apik jeung taliti saméméh nyokot hijikaputusan.***

ANAK BAJING NU SARAKAH

Kénging Nina Rahayu Nadéa

Kacaritakakeun aya tilu bajing. Sebut wéhanak nu ka hiji si Ceuli Rebing, nu kadua siBuntut Panjang jeung nu pangleutikna si HuntuGedé. Maranéhna téh keur meumeujeuhna resepheureuy. Tur hésé pisan diurusna.  Indungna geusbéak déngkak mamatahan anakna sangkan alakur. Tapiangger wé teu diwaro. Kawantu anakna keurmeujeuhna balangor jeung hésé pisan dipapatahanna

 Keur nyumponan pangabutuh sapopoé indungbajing kudu bener-bener pisan néanganna. Teusirikna hulu dijieun suku, suku dijieun hulu téhlain bohong. Nu dipiharep sangkan anakna teukakurangan dahareun. Kawantu manéhna hirupna ngannyabeulah. Tisaprak salakina ningalkeun, manéhna

27 | “ D o n g e n g S u n d a ”

jadi “single parents” anu kudu bener-bener bisangabayuan sakabéh pangabutuh  jeung namplokeunkanyaah ka budakna.

Dina hiji poé indung bajing keur ihtiarnéangan kadaharan keur anakna. Ari anakna maharanteng di imah, hareureuy teu eureun-eureun. Teuanéh lamun diantara nu tiluan téh aya nu ceuriklantaran diheureuyan. Ari nu disebut imah, nyaétahiji tatangkalan gedé, anu pernahna luhureun walungan. Anu ceuk béja, lebah walungan éta téhnganjrek hiji buhaya gedé.

Kulantaran carita anu geus sumebar éta.Tinangtu nyababkeun indung bajing kacida talaténsarta teu eureun-eureun peupeujeuh ka barudaknasangkan tarapti, caringcing pageuh kancing dinanyanghareupan carita ngeunaan sakadang buhaya.

Tapi teu pati dipaliré ku barudakna. Berkah,ti saprak maranéhna cicing di imah anyar téh, cankungsi kawénéhan panggih jeung mahluk anu disebutbuhaya téa. Atuh maranéhna anténg wé arulin.Kalan-kalan awakna pating gulantung dina régangtangkal, méh waé awakna antel kana cai walungan.Euweuh pisan kahariwang, sakadang buhaya nyerekmanéhna.

“Yeuh barudak bagikeun daharan téh, omat kuduwalatra,” indung bajing cumarita ka anak-anaknabari jeung mikeun jambu aér nu gedé tur meujeuhnaasak pikabitaeun.“Horéé!” barudak atoh pisan ningali éta jambu.

Tapi mungguhing barudak nu keur meujeuhnatéa. Papatah indungna sangkan ngabagi jambu anuwalatra téh teu didengékeun. Maranéhna hayang

28 | “ D o n g e n g S u n d a ”

ngadahar jambu éta sorangan, embung dibagi-bagikeun. Antukna éta jambu téh jadi bahanpipaséaeun. Silih rebut. Kekecapan indungna teudidéngékeun, indungna gé nepi ka taaknyanghareupan budakna anu angger ngudag éta jambu.Bakat ku keuheul mah tungtungna diantepkeun baé. 

Mimiti éta jambu aér téh aya dina leungeun Buntut Panjang, terus diberik ku Huntu Gedé jeung  Ceuli Rebing. Antukna  Buntut Panjang bisangarebut éta jambu aér, tapi Ceuli Rebing teucicingeun. Merik. Hojah. Nepi ka éta jambu aér téhaya dina Ceuli Rebing. Atoh pisan manéhna,ngabogaan éta jambu. 

 Katingali maranéhna geus capéeun. Tapiangger we silih udag.  Hiji waktu jambu aya dinaleungeun Ceuli Rebing,  nu lain rikat merik réknyokot éta jambu. Tapi na atuh cleng jambu téhmurag ka walungan.

 Kabéh tiluan ngahuleng ningalikeun jambu anungambang dina cai. Warnana uruy pikabitaeun.Lantaran hayang éta jambu, tilu anak bajing téhtarurun tina tangkal, ngagurawil kana régang sejanyokot  jambu. Tapi paniatanna teu tulus waktu caitina walungan siga anu ka luhur nyurungkuy.Maranéhna geuwat naék deui kana tangkal. Barangbréh Buhaya badag. Calangap. Atuh jambu téhlangsung asup kana sungut éta buhaya. Tinggal anakbacing nu olohok ngembang kadu nyaksian étakajadian.

 Maranéhna hanjelu. Teu jadi ngadahar  jambuanu kacida uruyna, jaba beuteung geus kukurubukan.

29 | “ D o n g e n g S u n d a ”

Tapi maranéhna sukuran, teu jadi dicaplok kubuhaya anu lapar.***

RAJA JEUNG DORAN PACUL

Kénging Tika Yuanita  

Jaman baheula, aya hiji raja nandanganpanyakit teu raos tuang. Rupa-rupa ubar geusdicobaan, tapi taya nu mental. Ray poé, ray poé,salira raja anu lintuh bayuhyuh téh katémbongbeuki ngorotan, ngoplok kawas karung kosong baé.

Dukun-dukun ti suklak-sikluk pilemburan terusdikelun, ajar ti saban patapaan taya nu kaliwatdikemat, sagala rupa pituduhna teu weléhdilaksanakeun. Ceuk ieu kudu ku pais piritandituang haneut-haneut batan teurak, anggur malikmurel. Ceuk itu, kudu ku beuleum peda dikucuranjeruk purut jeung minyak keletik dicocol ku sangupulen teu ngajodo kénéh baé.

Barang sakabéh nu di péntaan tulung, geusngarasa taak, torojol aya nini-nini. Tokroh-tokrohsumolondo ka karaton.

"Unjuk pangabaktos, Nun. Nini seja ngiringnyobi-nyobi ngalandongan panyawat Kangjeng Raja".Nini-nini cedok nyembah.

"Sanggup kira-kirana, kitu nyagérkeunpanyakit kaula?" Raja mencrong, nembongkeun semucangcaya.

"Nu tiasa nyageurkeun anging Nu Maha Kawasa.Nini mah sakadar ikhtiar," walon nini-nini.

30 | “ D o n g e n g S u n d a ”

"Heug atuh. Tapi lamun gagal, lamun panyakitkaula teu cageur-cageur, anjeun ulah sambatkaniaya!"

"Sadaya-daya. Nini dongkap sanés badémilarian hukuman, nanging badé metakeun akaltarékah ngalandongan panyawat.""Heueuh, gera prak. Naon nu dipikabutuh?""Doran Kaulanun!""Doran?”      

Gancang gulang-gulang sina néangan doran.Henteu hésé. Ma'lum di karaton, sagala nyampak.Sok dibikeun ka nini-nini.

"Ieu doran, supados dicepeng ku pananganduanana. Sing pageuh!" ceuk nini-nini.

Raja ngagugu. Kek nyepeng doran, kumaha petanu rék macul.

"Unggal waktos kedah diulang ka luhur kahandap. Ngawitan ti barang gugah kulem. Teukénging waka lirén upami teu acan kaluarcikaringét,"

Papagah nini-nini di turut. Unggal poé Rajangulang-ngulang doran aya ratus kalina teu wakaliren lamun késang can ngagarajag saluar awak.

“Upami atos kiat ngulang-ngulang doran baricalik, cobian bari ngadeg," ceuk nini-ninisanggeus kanyahoan Raja ngalaksanakeun sakurpituduhna.

Raja ngagugu deui. Ayeuna mah ngulang-ngulangdoranna téh bari nangtung. Tempatna masih kénéh dijero karaton.Ti dinya, ngulang-ngulang doranpindah ka buruan tukang, leuwih lila jeung leuwih

31 | “ D o n g e n g S u n d a ”

segut. Terus diganti ku doran maké pacul.Dicekrukkeun kana taneuh. Raja macul.

Saeutik-saeutik, napsu tuang Kangjeng Rajamimiti pulih. Unggal reureuh tas ngulang-ngulangdoran, kudu baé rampus barang tuang. Sangkilangréncangna ukur uyah jeung céngék guluntungan.

"Jadi ana kitu, panyakit kami téh tina akibatkurang gerak, meureun, nya?" saur Raja ka nini-nini."Leres pisan, kaulanun."

Teu mangkuk dua bulan, ti barang ngamimitiannyekel doran, panyawat Raja bener-bener sirna.Raja jagjag belejag kawas bihara-bihari. Malahjadi leuwih seseg ayeuna mah. Dada ngarubakan,sepir maleungkeuran. Patuangan dayut jeung pipicibuy ilang musna. Kalangenan pésta jeung curak-curak di karaton, kasilih ku kalangenan anyar,puncang pancong kana taneuh. Melak kekembanganngurus patamanan ku anjeuna nyalira.

Dina hiji poé, Raja ngayakeun gempungan agungdi alun-alun, sakabéh rahayat pangeusi nagaradikeprak sina kumpul. Lajeng raja biantara, "He...sakumna pangeusi nagri, boh para gegedén, boh parasomah. Bandungan caritaan kami getol digawé téhmatak séhat kana awak, matak jauh tina panyakit.Ku kituna, kami umajak. Hayu urang digarawe masinggetol. Lantaran karéréana di urang bangsa patani.Hayu urang getol ngulangkeun doran urang soson-soson, mencug jeung macul ngagarap sawah jeungkebon. Lamun urang getol macul tinangtu urang moalkakurangan dahareun, jeung dahareun nu nyampak

32 | “ D o n g e n g S u n d a ”

ladang késang urang sorangan tinangtu bakal leuwihni'mat didaharna.

Ceuk ujaring carita, éta karajaan jadi suburma'mur gemah ripah loh jinawi, raweuy beuweungeun,rambay alaeun. Lantaran Raja jeung rahayatnasamiuk sabilulungan garetol ngulangkeun doranngolah tanah ngurus tatanén.***

GAJAH JEUNG MANUK CIUNG

Kénging Akub Sumarna

Jaman baheula aya gajah dibibira ku nu moro.Atuh tuluyna téh gawéna ngan ngasruk leuweung baébari amuk-amukan. Totorobosan ngadupakan sagala nukaliwatan. Sirikna tunggul dirarud catangdirumpak. Aya hiji tangkal kai anu pangbadagna anukadupak ku gajah téh, rungkad. Kabeneran dina étatangkal kai téh aya manuk ciung sajodo, bikangnasajaba nyayang téh keur nyileungleuman endognadeui. Sayang ciung kabawa rubuh endognakatidindihan ku dahan kai anu séjénna nepi kapareupeus teu bisa kapuluk sasiki-siki acan. Ciungbikangna nyarita ngalengis bari cumalimba, “Na,ieu mah mimilikan nepi ka kieu. Éta deui nu bogatalajak bangun nu taya rasrasan, abong ka nuhéngkér, manéhna boga awak badag tanaga rosa ka nuteu tuah teu dosa téh bet ngabarérang. Boro angen-33 | “ D o n g e n g S u n d a ”

angen hayang buru-buru boga anak téh ari kieukaayaanana mah, endog euweuh nu bisa kapuluk, nyamoal téréh-téréh laksana boga turunan… éta meureunangkuh sakadang gajah mah, nyapirakeun kabangsaning sato leutik. Da cacakan lamun saruaboga pangawakan badag jeung rosa tanaga mah pirakuku aing henteu dilawan. Kanyeri  haté aing tayawiwilanganana, saha nu kira-kira bisa mangmaleskeun…,” manuk ciung bikangna ngalengisna téhrada lila.

Sato-sato anu séjénna anu kabeneran nyahokana kasedih manuk ciung kabéh nyalampeurkeun maningaronyok nandakeun milu prihatin. Aya manukcaladi, waliwis, gagak, malah aya laleur gedéjeung bangkong héjo.

Éta kabéh anu nyalampeurkeun téh ngaromongsabisa-bisa itung-itung ngalilipur ka nu keurnandangan kapeurih atina.

Pok manuk gagak ngomong pangheulana, “Geusbaé sakadang ciung, tong teuing jadi kasusahkabungung. Sugan baé engké endog mah aya gantina.Jeung upama rék males kanyeri ka sakadang gajah,urang pada-pada néangan akal waé. Kuring jeungsabatur-batur rék sabudi-akal, néangan cara,sabisa-bisa arék nulungan.”

Sakadang bangkong nyambung, “Bener kitusakadang ciung. Urang kudu pada mikir, panajan nubedas tapi bodor piraku teu éléh ku nu héngkértapi pinter. Sakali deui geus tong dipaké kasedih,da loba soba nu rék narulungan. Sanajan pangawakanurang laleutik ogé ari ku jalan guyub pada

34 | “ D o n g e n g S u n d a ”

paheuyeuk-heuyeuk leungeun mah tangtu bisangéléhkeun anu rohaka.”

Jep bangkong nyaritana jempé, pok disambungku caladi ngedalkeun eusi haténa, “ari urang arékkumaha atuh carana hayang nulungan sakdang ciungtéh?”

Gagak gentak ngawalon. “Éta gajah anu angkuhtéh ku urang kudu dihurup. Ku kami rék didodohoheula. Da sok aya melangna sok aya ngolérna.Panonna anu sok pépélététan téh rék dipacokan.Puguh waé manéhna jadi tanpadaksa teu bisaningali.”

Caladi gentak mairan asa kahudang pikirna,“Heueuh, keun huluna rék ditoktrokan ku kuring!”

Laleur siga embung kaéléhkeun ku ketakbaturna, terus milu nyarita bari ngahiengkeunjang-jangna kekeleperan, sorana matak ngajelengengkana jero ceuli nu ngadéngékeunana, nangtangbangun dangah naker, “Keun bagéan kaula arékngotoran borokna sangkan leuwih enyut kubilatungna tah nu bangkawarah téh!”

Ari pok téh deui ceuk sakadang bangkong teuéléh carita ku nu lianna bari tanggah kanu awaknajarangkung batan manéhna, “Uing mah rék hantem-hanteman disada wé dina jero liang di sisi jurang.Atawa di jero leuwih. Sugan waé mun manéhnabalangah bisa-bisa tikoséwad, awaka tigebrus kanajurang anu lewang. Kitu sotéh susuganan arimanéhna hayang nginum ngalelebah dimana nu aya cainya meureun ngileng-ngileng dinu kadéngé aya sorauing ngongkong siga anu ngabéjaan, dieu, dieu,dieu , di dieu… kitu minangka sora uing téh…”

35 | “ D o n g e n g S u n d a ”

“Enya nya, mun nepi ka tigebrus kana juranganu lewang téh moal manggapulia tah si gajah téh…”cék anu séjénna bari arunggut-unggutan sigangaenyakeun kana caritaan sakadang bangkong.

Barang geus deukeut kana waktuna breg waégajah téh pada ngadeukeutan pada ngahurupsasanggupna sasanggupna tadi téa. Taya mencognagajah téh cilaka teu bisa daya nepi ka palastra kukaguyuban sobat-sobatna manuk ciung dina metakeunakalna.***

36 | “ D o n g e n g S u n d a ”