MapagPasanggiri Sekar 2012 SEKARANYAR -...

Post on 23-Mar-2019

266 views 0 download

Transcript of MapagPasanggiri Sekar 2012 SEKARANYAR -...

OSeTasa O$abtu4 520 21

ORabu.K'l1Jli~OJlJinat67 .8 9 10 11

22 23 2425 2612 13 14

27 ..<!!J... 2930 31

O$ep OQktONov ODesOMel • .JlJn OJul QAgs

Mapag Pasanggiri Sekar Anyar 2012

SEKARANYARRambatan Tembang Cianjuran

~

r nu gung-clo, aeh clo-gung sigakuring keur budak, gelarna Sekar

yar meh sarua jeung lahimaJabang Tutuka alias Gatotgaca nu tibarang brol geus nyanghareupan rupa-rupa masalah.Geura bae orok teh tali ari-arina teu

teurak diteukteuk ku pakarang naon bae.Pakarang Arjuna nu maratih kalah rom-pang, kaasup kuku Pancanaka bapanamlley. Atuh matak susah sarerea, da orokteh guwang-gawing mamawa bali. AhimaArjuna sina tatapa di gunung neneda pitu-lung para dewa,Paneda nu gentur tatapa teh didangu

ku Hyang Otipati, lajeng ngutus kabayandewa, Batara Narada, pikeun masrah-keun tumbak Konta nu sarangkana aluspisan ka Arjuna keur neukteuk tali ari-arijabang bayi. Dasar pipanjangeun lalakon,kabayan dewa teh salah mikeun, lain kaAIjuna sokna tapi ka Karna nu raraynasarimbag Arjuna sarua kasepna, Atuh jadiriributan antara Arjuna jeung Kama,tarung bari silih betot parebut pakarang.Hasilna? Kama nu meunang pakarangnangabelesat lumpat ninggalkeun Arjuna nuhareugeueun nyenyekel sarangka Konta.Tapi teu mubadir, sarangkana oge bisa

dipake neukteuk tali ari-ari, malah terusambles kana jero bujal orok teu bisadicabut deui. Catur ki dalang, "Kersaningkang domampara, isuk jaganing geto,senjata Konta Adipati Karna bakal balikmaning dening warangkane mapag patiRaden Gatotgaca.'Teu lila sanggeus rengse neukteuk tali

ari-ari, Kabayan Dewa jol sumping nyan-dak dawuh Batara Guru nambut orokpikeun diatik di Jonggring Salaka, padu-mukan para dewa. Sihoreng nu disebut"diatik" taya lian sina nyoba kasaktenpara dewa, Tapi para dewa taya nu metungayonan orok beureum. Dewa Indrangajengkang dijeblag. Dewa Bayu ngu-dupruk tikusruk ditalapung. Dewa Agninandang wiwirang lantaran seuneu nga-bela-bela pikeun ngahebos orok ditiup ku

38

Ku HD. Bastamanjabang bayi malik ka anjeunna ngadurukseep anggoanana Atuh para dewa tehsami kaisinan unjukan ka Batara Guru teuwasa ngayonan orok. Antukna Narada ku e-Batara Guru dipiwarang ngabalangkeunorok kana Kawah Candradimuka nungagolak panas taya bandingna, Tapibarang gebrus orok teh lain ajur, tapikalah ngageubra genah asa disimbutan kusimbut haneut. Malah teu lila orok tehngajanggelek jadi Gatotgaca, satria gagahperkasa, pahlawan Indraprahasta, alum-nus Universitas Candradimuka nunyangking ijasah asli, urat kawat kulitbeusi, tulangna waja malela, Socana tinakaca atra ka mana-mana, pangdanguparat ka madhab papat. Superman atawaRobocop ayeuna mah.Sekar Anyar ge gelama teu beda ti

Gatotgaca mawa bahan pirieuteun.Memeh nyampiung dina PTSC Damas2009 geus nimbulkeun padungdenganngeunaan kawengku henteuna SekarAnyar kana Cianjuran. Der polemik namedia masa. Puncakna padungdengan,sarengsena PTSC, kaluar protes kana teh-nis panyalagaraan pasanggiri jeung ayapernyataan kaabotan Sekar Anyar disa-tatakeun jeung Cianjuran. Antukna lem-baga Pasanggiri Tembang Sunda Cian-juran (PTSC) dibubarkeun ku PangurusDamas Puseur.lronisna, harita teh masih dina suasana

suka bungah ngareuah-reuah 50 taungelama PTSC Damas di lingkunganbudaya Sunda. Teu beda ti pasangan sala-ki & bojo nu kakara kamari sukuran"Kawin Ernas" ari ayeuna ngadadak pipi-sahan. Atuh jadi guyur salelembur aya akijeung nini tatalakan teu mirosea pa-nyaram baraya tur teu nimbang kapenti-ngan rundayan ka hareup. Mutuh tambahrarne, Mangle jeung koran-koran Ban-dung euyeub ku tulisan ngeunaanmasalah Sekar Anyar vs Sekar Lawas.Malah bejana aya anggota kelompok anupro jeung nu anti Sekar Anyar meh silihpecat, kaasup komposerna beak pada

Kllplng Humas Unpad 2012

nyarekan. Para panembang milu kaba-rerang.Tapi pacengkadan antar seniman mah

masing sakumaha emcsionalna ogebiasana tara lila, Manjing babasan lir"motahna samudra dina ...gelas" sok gan-cang alakur deui silih hampura silihkanyahokeun lantaran disimpay solidari-tas sasama insan seni. Buktina, sanggeusdua taun gunjlang-ganjling situasina lila-

. lila leler. Sekar Anyar katitenan beuki lobanu mikaresep utamana ti para nonoman.Malah salila eta geus kaluar tilu album:"Sekar Anyar: Katresnan kana Cianjuran"(rekaman Album Emas 50 tahun PTSCDamas 2009), "Regas - LungkawingLamping" (Dasentra - Unpad 2011)jeung"Patelak Rasa Laras Waas" (StudioRekam STSI Bandung 2011).Atuh ayanaPasanggiri Sekar Anyar bulan Juni 2012estu ngantebkeun eksistensina,

Naon atuh Sekar Anyar teh?Sekar Anyar nu matak geunjleung teh

sabenema mah "saukur" wanda anyar nungindung sinambung tur masih ka-wengku ku Cianjuran, tapi mibanda motifgalindeng jeung wanda husus nu beda tiwanda-wanda nu geus nyampak: papan-tunan, jejemplangan, dedegungan, raran-cagan jeung kakawen, Struktur pidanganlagu-laguna sarua jeung Cianjuran,dimimitian ku lagu mamaos diteruskeunkana panambah. Kitu deui waditranastandar Cianjuran: kacapi, rincik, sulingjeung rebab.Sarua deuih endahna dina harti miban-

da kaendahan -sewang-sewangan, Sana-jan aya motif galindeng jeung dongkarianyar, Sekar Anyar tetep make rupa-rupadongkari nu aya dina mamaos sanajan teureunceum kawas dina Cianjuran.Paniatan nu nyiptana taya lian milu

ngeuyeuban, mekarkeun jeung ngawa-nohkeun kreasi anyar nu rada beda tiwanda lagu-lagu Cianjuran. Naon atuhbedana?Sekar Anyar salaku wanda kreasi anyar

Mangle No. 2380

mibanda melodi-dasar jeung pola/motifgalindeng sarta pirigan husus nu matak"pangling" sabab teu nyampak din amamaos Cianjuran. Salian ti eta rum-pakana lain dangding atawa sisindir-an/wawangsalan siga dina Cianjuran, tapisajak bebas nu ngaguar pangalaman galu-ra batin manusa kiwari. "Existential expe-riences" legegna mah. Upamana bae: ngu-niangnajiwa kaom wanita enggoning nga-hontal karya jeung nanjeurkeun harga diri(Srikandi Kiwari) , cinta lemah cai(Mustika Katulistiwa), napakuran diri(Nyawang Tangtungan), nyaksi agungjeung asihna Pangeran bari sadar diri tehloba ingkarna (Amanah), kabengbat kupangbibita jeung karempan mapag ahirhirup (Wegah, Gupay Samoja), maluruhjati diri (Sang Kuring), konflik batin nunimbulkeun bangbaluh hate (Padung-dengan - Patelak Rasa). Da ari endahnaasih jeung panineungan manjang("Sagara - Katresna;"Laras Waas"), pasi-ni teu ngajadi (SilihAsih), asih nu disidem(Nganteng) jeung kasono nu nyosok jero(Lara Kangen - Kula Kelingan) mangrupaconto-conto tema abadi nu pangdipiresepdina Cianjuran.

Saterusna dina Sekar Anyar lagu/rumpaka mamaos jeung panambahna di-simpay pageuh ku tema rumpaka jeungmotiflagu nu sajalan tur sinambung. Bedajeung Cianjuran nu rumpaka mamaosjeung panambahna disimpay ku iramajeung nada, lain ku tema rumpaka.Contona bae lagu "Kalindih" nyambungkana panambah "Ilang" nu temana saruanyaeta hanjakal ngumbar kahayang nu teumerenah. Kitu deui "Bentang Kuring"kawas nu dipatok (kudu) nyambung kanalagu panambah "Ukur· Cirnata" nungebrehkeun rasa hariwang jeungnalangsa,

Ngajiwaan laguSajak/rumpaka Sekar Anyar nu miban-

da tema, ma'na jeung eusi merelolongkrang ka panembang pikeun ngaji-waan lagu numutkeun interpretasisewang-sewangan, Beda pisan ti rumpakacangkang sisindiran nu sering panem-bangna oge teu terangeun eusina. Contona"Bungbulang dina kelewih, pacar serehkaanginan ..." apan eusina mah "dunun-gan teu geura mulih, bilih terehkauninga ..." moal henteu aya patalinajeung bibit panyerewedan. Eusina mahmatak isin nembangkeunana.

Ngajiwaan lagu kacida pentingna,malah sok disebut 'roh'-na seni galindeng.Teu gampang sabab kudu dibarengan kupenghayatan nu jero dumasar lemesnarasa bari dirojong ku pangalaman nga-galindeng. Sakumaha mulusna sora,luhutna tehnik jeung wirahmana pirigan,

Mangle No. 2380

ari haleuangna teu dijiwaan mah karasanaalusna teh ukur ku ceuli lahir, moal bisanamper dina rasa pangjerona, jajauheunmatak reumbay cimata mah. Aya dalildina seni galindeng, kieu: "Panembangpamohalan bisa nepikeunjeung nepakeunendahna lagu ka nu ngabandungan munpanembang sorangan teu ngajiwaan lagunu digalindengkeunana". Kaistirnewaanhiji panembang taya sanes tiasangebrehkeun kaendahan lagu nu diji-waanana dugi ka karaos ku nu ngada-rangukeun. Aya diva tembang nyarios-keun pangalamanana waktos minton dimancanagara nyaksian ku anjeun teusaeutik audience urang asing nu reumbaycisoca ngabandungan mamaos nu samasakali teu ngartoseun rumpaka basana,Rasiahna? Aya dina ngebrehkeun endah-na galindeng nu jero dijiwaanana.

Pikeun conto urang tala'ah tema jeungeusi rumpaka "Lam Kangen - KulaKelinqan" jeung "Suwung - Nuunqsi",lagu-lagu nu di antawisna dianggo dinaPasanggiri Sekar Anyar 2012.

Lara Kangen - Kula Kelinqan (Rum-paka: Dian Hendrayana; Lagu: Ubun RKubarsah).

Dina "Iara Kanqen - Kula Kelinqan"nu rumpakana luyu pisan jeung estetikalaguna digambarkeun kurnaha marojeng-ja hate hiii mojang nahan kasono, lieukbeuheung sosonggeteun nganti-ngantibuah hate nu balayar can mulang-mulang,Kasonona tambah nyosok jero basangalantung sisi basisir neuteup endahnalayung ngempur mulas angkasa parat kalebah tepungna tungtung langit jeungbeungeut laut. Kebek ku kasono, ngageuri-na ge "...lawas teuing sira miang, laratemen kula kangen ... duh Mas Mirah kuteu geura-geura mulih ..." harewosnadumareuda.

Suwung - Nyungsi ( Rumpaka: DianHendrayana; Lagu: Ubun R Kubarsah)."Suwung" (mamaos) jeung "Nyungsi"(panambah) temananyambung nyaetanyoreang perjalanan hirup nu geus jauhkaliwat jeung nyawang jalan hirup so-rangeun. Ibarat reureuh sakeudeung ditengah perjalanan ka puncak gunung, retka tukang tembong lamping lungkawingnu geus disorang, ret ka hareup nga-dingding tanjakan tarahal sorangeun. Rekmulang kapalang, rek miang honcewangbiheung nepi biheung moal. Situasi "pointof no return" nu matak marojengja, daekteu daek kudu disorang pikeun ngahontaludagan hirup.

Tema nu dipedar teh estu tapsiran pri-badi sim kuring nu tiasa jadi teu luyusareng terna nu dimaksad ku penciptasajakna. Sanaos kitu maksad mah ngernu-tan kumaha pentingna ngajiwaan lagu

salaku roh-na seni galindeng. Saparantoskauninga tema rumpakana, panembangtiasa ngira-ngira kurnaha ngajiwaananabari nyaluyukeun tehnik galindeng sarengdinamika laguna,

RAMBATAN: Wanda anyar TembangCianjuran

Soal Sekar Anyar teu kaasup kanawanda "papanderan" (Papantunan,Jejemplangan, Dedegungan, Rarancagan)lantaran aya pola galindeng nu bedati nugeus nyampak, apan ayeuna mah geusboga ngaran wanda sorangan nyaeta'Rambatan'. Ku kituna Rarnbatan tehmangrupa wanda anyar Cianjuran sagi-gireun wanda-wanda nu geus nyampak.Sdrk. Dian Hendrayana nu mimitingawanohkeun istilahna teh dina MangleNo. 2291. Urang antosan bae uleman tianjeunna dina hajat "ngabubur beureum,ngabubur bodas" minangka pangantebngaran "Rambatan",

Di lembur kuring mah mun merengaran budak bari teu hajat buburbeureurn bubur bodas nu mere ngaran,aeh budakna .. sok cacingeun. Tina kecap"rambat" atawa "ngarambat" cenah asalnateh nu netelakeun Cianjuran henteu statis,tapi terus mekar ti waktu ka waktu luyujeung pameredih jarnan nu diresponsacara estetik ku para komposer kreatifEta pisan adiluhungna Cianjuran tehnyaeta ngailhaman jeung jadi panginditankarya-karya cipta dina wandajeung genreanyar saperti Type Baru (Barmara),Katem (Nano), Sekar Anyar jeungTembang Bandungan (Ubun). Ku kitunaSekar Anyar sakedahna dibageakeunkalayan someah tur jembar manah dinararaga ngabeungharan khazanah senigalindeng Sunda tradisi. Malah kupinarengNa mah teu mustahil SekarAnyar dina hiji waktos tiasa mandirisalaku genre anyar di lingkunganTembang Sunda, sanes sakadar wanda,

Salajengna, uparni aya kasapukan kalin-tang saena uparni "Rambatan" saterasnadianggo istilah pikeun wanda anyar dinaCianjuran sagedengeun wanda-wanda"papanderan" sareng kakawen nu tosnyampak. Urang sami manahan sing telebtur ihlas sangkan lungsur langsar teu.matak pajauh huma. Pamungkas, SekarAnyar kudu terus nanjeur nepi bener-bener "jadi Gatotgaca". Tong daek rugi,sabab "SPP"na leuwih mahal batan beaya50 pamilon program doktor di UNPAD,UPI, !TB, tn, USU, UNAlRjeung UGMdihijikeun, nyaeta bubarna lembaga PTSCDarnas nu geus lumangsung satengahabad tur geus ngahasilkeun pirang-pirangkampiun mamaos. Sok ah padungdung!

Ciputat, 21 April eoio

39